Bagikeun ka Lapak Facebook

Sastra SundaCarita PondokKemis, 12 Juli 2012 19:52

Aki Sanuhri

Ku Dadan Sutisna

Carita Pondok Dadan Sutisna 

Indonésia tanah airku

Tanah tumpah darahku

Lagu Indonésia Raya geus mimiti kadéngé. Nu ngahariringna, barudak rumaja gareulis, maké saragam bodas. Alun-alun sepi jempling. Padahal di dinya téh aya rébuan jalma nu keur milu upacara jeung jalma-jalma nu rék lalajo arak-arakan. Mobil nu ngaliwat ka jalan raya, ngahaja dieureunkeun heula ku pulisi. Mesinna sina dipaéhan. Nu milu upacara, ti mimiti camat nepi ka érté, ngahormat marengan bandéra nu naék lalaunan.

Aki Sanuhri ogé milu ngahormat. Padahal bieu téh aya budak ceurik hayang balon. Henteu diladangan. Teu rérét-rérét acan, da puguh keur husu téa. Sataun sakali mah, meujeuhna manéhna ngahormat bandéra. Sok sanajan cicingna di luareun pager alun-alun. Henteu wani asup ka jero, aréra teuing kudu ngaréndéng jeung gegedén. Nilik diri manéhna ogé. Batur mah maké saragam luyu jeung pangkatna, ari manéhna, baju ogé kucel-kucel acan. Kuriak teuing dibuburak ku pulisi nu rajeg di lawang alun-alun.

Ngahaja poé ieu mah mawa balon téh dua rupa, beureum jeung bodas. Lain teu apal kana warna héjo atawa bulao, ngan apan ayeuna téh poé proklamasi. Poé kamerdikaan. Ongkoh geus dipesenan deuih ku Pa Kuwu. Kamari, Aki Sanuhri dicalukan ka balé désa.

"Ki, kuring pesen balon gas keur arak-arakan!" kitu ceuk Pa Kuwu.

"Mangga, Agan. Badé sabaraha hiji?"

"Lima puluh tujuh. Apan ambéh sarua jeung tepung taun nagara urang. Ngan kudu dua rupa, beureum jeung bodas,"

"Mangga,"

"Kadé ulah poho. Ieu mah urusan dines. Keur kamajuan desa urang, sangkan meunang panghargaan dina arak-arakan,"

"Énjing-énjing atuh ku Aki disanggakeun ka dieu!"

"His, ari taeun téh. Éra atuh kuring kudu mamawa balon mah. Dika manakeun harkat kuwu. Bawa wé ku Aki, engké panggih di alun-alun!"

"Mangga kitu ogé!"

"Duitna mah engké wé nya, geus bérés arak-arakan!"

"Teu langkung ...!"

Proyék badag keur Aki Sanuhri mah. Da tadina ogé, poé Agustusan mah moal dagang balon, rék lalajo arak-arakan. Komo ieu pesenna nepi ka 57 siki. Nu matak, rebun-rebun kénéh ogé Aki Sanuhri indit ka pasar, nepungan anakna nu sok dagang cocooan barudak.

"Jang, pangnyadiakeun balon 57 siki!"

"Loba-loba teuing, Pa?"

"Aya nu pesen. Tapi kudu beureum jeung bodas,"

"Wah, hésé atuh, Pa. Lain ti kamari nyariosna!"

"Puguh ogé ngadadak. Wayahna, Jang. Mun henteu mawa, Bapa aya bahan dihukum ku Pa Kuwu!"

*

Bandéra beuki luhur. Aki Sanuhri masih kénéh ngahormat. Nu ngahariring Indonésia Raya beuki melas-melis baé. Teuing kumaha mimiti, tina mencrong bandéra téh, Aki Sanuhri bet ngarérét ka beulah handap. Bréh, riuangan jalma-jalma nu ditiungan ku papayon. Bangun ngahaja dipupujuhkeun. Aki-aki jeung nini-nini wungkul. Umurna, moal pati géséh jeung manéhna mah.

"Deuleun ituh, aya Si Juminta. Si Dahri, Si Enoh, Si Duhria, ngadon nanahaon maké ngiuhan di dinya. Naha henteu dicarékan ku pulisi?" Aki Sanuhri gegerendengan sorangan. Ras inget kana pidato Pa Camat, saméméh upacara.

"Urang bisa merdika téh lantaran jasa kolot urang baheula. Nu matak, maranéhna perlu meunang panghargaan, perlu diajénan ku urang saréréa!"

Boa-boa, ceuk gerentes Aki Sanuhri, nu ngariung diiuhan papayon téh, anu perlu diajénan téa. Kaasup Si Juminta jeung Si Dahri. Béjana, anu dihargaan mah sok meunang gajih saban bulan. Sapopoéna hirup ngahenang-ngahening, bagja ka kolotkeun. Moal ngalaman dagang balon kawas manéhna.

Si Juminta ogé apan meunang gajih. Unggal bulan sok katémbong ngantri di Kantor Pos. Teuing kumaha mimiti, bet bisa kitu. Da éta wé, saprak meunang gajih, hirupna katémbong senang. Teu weléh maké baju ginding. Malah, Si Juminta mah maké kabiruyungan nyandung ka randa kolot urang Cihaur.

"Hadé milik sia mah, Juminta!" Aki Sanuhri ngagerendeng deui. Leungeunna masih kénéh ngahormat.

Inget kénéh, sawatara taun katukang, manéhna kungsi dibawa ka kantor kacamatan. Si Juminta nu ngajakna téh.

"Mun ditanya, kudu ngajawab sumuhun. Engké ku déwék dibéré padudan jeung baju anyar,"

"Ditanya naon kitu?"

"Alah, kumaha engké wé atuh!"

Enya baé, di kantor kacamatan téh, manéhna diperekpek ku pertanyaan. Teuing saha nu nanyakeunana ogé. Teu kungsi apal.

"Bener Bapa Juminta kungsi miluan Pertempuran Pasir Kérétég?"

"Sumuhun!"

"Bener Bapa Juminta kungsi ditéwak Walanda, lantaran buméla ka nagara urang?"

"Sumuhun!"

Kitu wé, unggal ditanya, manéhna ukur ngajawab sumuhun. Da inget kana padudan jeung baju weuteuh. Teu kungsi apal naon maksudna. Éta ogé, pernah naléngténg ka Si Juminta. Ari jawabna téh : "Apan déwék téh rek jadi viteran. Béak dua juta euy, keur sugak-sogokna ogé!"

Aki Sanuhri tibang kerung. Teu ngarti. Komo basa ngadéngé duit dua juta mah. Maké jeung ngadadak muringkak bulu punduk. Kacipta lamun manéhna kudu nyadiakeun duit sakitu lobana.

Sanggeus Si Juminta, Si Dahri jeung Si Duhria ogé kungsi nepungan. Maksudna sarua, kudu nyebut sumuhun di kacamatan. Buruhna rada onjoy deuih, da Si Duhria mah maké jeung mangmeulikeun domba sagala rupa. Harita mah rada ngarep-ngarep aya nu nitah nyebut sumuhun di kacamatan téh.

Bandéra terus nyérélék ka luhur. Geus leuwih ti tengahna. Nu ngahariring lagu Indonésia Raya beuki melas-melis baé. Keur kitu, Aki Sanuhri ujug-ujug ngadéngé sora bedil ngabérébét dina ceulina. Bréh, kajadian di Pasir Kérétég taun 1940 katémbong deui. Harita, Aki Sanuhri kapapancénan kudu nyérangkeun jalan ka lembur, bisa aya musuh ngaliwat. Mangkaning tentara keur araya di lembur, ngadon ngungsi heula di Cihaur, sabada kamari aya perang rongkah di Pasir Kérétég.

"Juminta, Dahri, hayu ah, urang nyérangkeun ti kajauhan we urang mah!" pokna ka Si Juminta.

"Sarua jeung sosoroh kojor atuh, euy!"

"Na ari silaing, kawas lain lalaki baé?"

Najan semu kapaksa, Si Juminta jeung Si Dahri teu burung daék. Terus nyarumput dina rungkun. Ngan basa rentang-rentang katémbong aya mobil Walanda, Si Juminta mah kalahka ngayekyek. Rét ka Si Dahri.

"Dahri, urang nyumput euy. Soak aing mah!" bari berengbeng duanana lumpat, ninggalkeun Aki Sanuhri nu colohok bengong.

Aki Sanuhri inget kénéh, harita manéhna terus lumpat ka jalan. Regeyeng, manggul catang, dipalangkeun dina jajalaneun. Terus dibugbrugan ku runtah, maksudna mah sangkan mobil henteu bisa laju. Tapi can ogé anggeus, teu kanyahoan teuing ti mana datangna, aya soldadu Walanda ngadengkék beuheungna. Untung manéhna bisa kénéh meta, hulu angen soldadu disiku sahabekna, nepi ka ngabangkieung. Berebet lumpat. Katémbong puluhan soldadu ngudag manéhna. Tah, harita kajadian nu pangketirna mah. Manéhna lulumpatan mapay sawah, gogorowokan ngabéjaan nu di lembur, bari jeung diudag ku pelor nu rabeng luhureun sirah. Enya, katémbak Aki Sanuhri téh, lebah walikatna. Untung baé bisa kénéh nepi ka lembur, kaburu ditarulungan.

Bandéra geus ampir nepi ka tungtung luhur. Ngadadak aya nu merebey dina pipina. Teuing ku naon, bet cua kacida nénjo beungeut Si Juminta. Nénjo beungeut Si Dahri. Sabada merdika téh, manéhna hirup ripuh sarta masih kénéh nyorang bancang pakéwuh. Jaman gorombolan téa, jaman komunis téa. Ayeuna, manéhna ukur bisa dagang leuleutikan, marengan umur nu tunggang gunung. Ari Si Juminta?

Tina tarik teuing ngalamun, teu ingeteun upama manéhna téh keur nyekelan balon. Sadar sotéh, basa balon geus hiber luhureun sirahna.

"Deuleun ituh, balon aing hiber!" pokna. Teu inget keur upacara, berengbeng bae ngudag balon. Teu ku hanteu deuih, hiberna téh ka lebah bandéra nu keur ngirab. Aki Sanuhri lulumpatan di antara nu keur ngahormat bandéra. Taya nu nyarék, taya nu ngageuhgeuykeun, da puguh keur meujeuhna harusu ngahormat bandéra. Balon téh nyangked heula sakeudeung dina tihang bandéra. Terus bae hiber ka awang-awang, kawas rék maturan méga nu ayang-ayangan.

"Cilaka, aing aya bahan dicarékan ku Pa Kuwu,"

Berengbeng deui lumpat, maksudna mah rek nepungan anakna di pasar, sina nyieun deui balon. Aki Sanuhri seseleké di antara jalma-jalma nu rék lalajo arak-arakan. Hawar-hawar, kadéngé kénéh rumpaka panungtung lagu Indonesia Raya.

Indonésia Raya, merdéka, merdéka

Hiduplah Indonésia Raya ...

Saung Pangreureuhan, Agustus 2002 (bari milu inget ka Aki Karta almarhum,pahlawan lembur nu pada mopohokeun)

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...