Bagikeun ka Lapak Facebook

Sastra SundaÉséyKemis, 12 Juli 2012 19:44

Mawakeun jeung Perétan dina Bulan Puasa

Ku Dadan Sutisna

Dina kamus LBSS mah, weleh henteu kapanggih, naon hartina peretan (e nu kadua make kekenteng) teh. Teuing kurang imeut neanganana, atawa enya-enya euweuh. Bisa jadi deuih, peretan teh kaasup basa wewengkon anu can kaasupkeun entrina dina kamus.
Basa nanyakeun ka urang lembur oge, tempat lahirna eta budaya, henteu bisa nerangkeun kalayan eces. Cenah nu disebut peretan teh silih bere ka nu butuh. Engke lamun pareng urang keur butuh, nu kungsi dibere teh asa kahutangan budi, malah antukna mah jadi hutang anu kudu dibayar. Mun dina kahirupan moderen mah, asa ngaharib-harib kana arisan.

Mimiti hayang nalungtik peretan teh, sabada maca makalah H.Unus Suriawiria dina Konferensi Internasional Budaya Sunda (KIBS), perkara kadaharan urang Sunda. Dina eta makalah, H.Unus imeut pisan nataan kadaharan urang Sunda, anu meh kabeh nyampak di lembur mah. Malah sabagean dahareun mah, kawas leumeung, tangtang angin, reuceuh, jeung sajabana ukur kari waasna bae.

Hajat di Lembur
Budaya peretan, loba patalina jeung kadaharan urang lembur. Malah bisa jadi, mimitina mah, peretan teh dihususkeun keur dahareun.

Sakumaha kabiasaan di lembur kuring, arang-langka aya nu hajat bari ukur siduru isuk teh. Boh ngawinkeun, boh nyunatan, kudu bae raramean. Malah upama aya nu hajat,, sakabeh tatangga milu aub. Lain rek ngadeupaan lincar, ieu mah enya-enya digawe. Malah ti samemehna oge, nu rek hajat geus ngararampe. Istilah ngararampe, babandinganana teh jeung ngahiras atawa minangsaraya. Nu rek hajat ngirim dahareun ka tatanggana, minangka bukti upama manehna hayang dibantuan dina waktuna hajat. Cindekna, kabeh jelema anu mantuan hajat teh, samemehna dirarampe heula, kajaba dulur-dulurna.
Wiwirang kasebutna, matak era ku tatangga, lamun hajat ukur numpeng teh. Boro-boro jelema aya, dalah anu hirup seuseut oge sok maksakeun bae. Belaan jual-jaar, atawa ngurudan naon nu aya. Anu boga tanah atawa sawah, keur nu ngaranna hajat mah, tara lebar digadekeun atawa nepi ka dijualna pisan. Anu penting mah sugema dina waktuna jadi raja sapoe.

Ari hajat di pasisian, apan kurang apdol lamun henteu lubak-libuk ku dahareun teh. Leuwih loba dahareun, beuki disebut "hajat rongkah". Malah upama diitung-itung, dahareun anu kudu aya teh nepi ka 40 rupa. Geura we, lamun pareng aya nu ngawinkeun, di patengahan teh sok aya pasang-panggung. Rupa-rupa dahareun nyampak di dinya, ti mimiti beubeutian nepi ka bungbuahan, ti mimiti dahareun lembur nepi ka rupaning kueh. Nu matak aneh teh, dahareun anu dipajang dina pasang-panggung mah henteu meunang didahar samemeh hajat lekasan. Da apan dina emprona mah, ukur dilalajoan bae.
Tah, ku kira-kira mah lantaran hajat di lembur perlu loba dahareun, nepi ka lahir budaya peretan teh. Budaya anu taya bedana jeung arisan, tapi husus pikeun dahareun. Ngan nu eces mah, minangka bukti tina sikep urang lembur gotong-royong jeung anti individualisme.

Mangsa Ngajaringjing Rantang
Aya deui budaya lembur nu aya patalina jeung dahareun teh. Biasana, marengna teh jeung bulan puasa. Tradisi mawakeun disebutna teh. Najan ayeuna mah, tinggal sababaraha urang bae anu katembong ngajingjing rantang saban bulan puasa teh.

Sapuluh taun ka tukang, di wewengkon pilemburan Tanjungsari, nu ngajaringjing rantang saban bulan puasa teh masih keneh balawiri. Ieu oge kawas geus jadi "kawajiban" saban bulan puasa. Henteu kauger ku status ekonomi deuih, rek nu boga, rek nu walurat, kudu bae ari ngirim dahareun mah. Malah upama sanggeus lebaran, henteu kungsi mawakeun, kawas aya nu kurang dina bulan puasa teh.

Memang aya alusna tradisi mawakeun teh. Da ari enas-enasna mah apan silaturahmi tea, lain saukur barangbere. Nepungan dulur anu geus lila henteu jonghok, neang baraya anu tara dipanggihan dina bulan-bulan sejenna. Ari saukur ngalongok bari jeung lengoh mah, kawasna teh kurang apdol. Boa bakal ngarasa era ari henteu barangbawa mah. Ngan palebah ngayakeun dahareunana, behna mah tari mikirkeun aya-euweuhna. Kumaha bae carana, anu penting barang kirim. Komo ka jelema anu dianggap deukeut mah, era teuing upama panggih lamun henteu mawakeun teh. Tapi mawakeun oge lir hutang anu kudu dibayar.

Hiji mojang anu geus papacangan, biasa sok ngajingjing rantang ka calon salakina. Dina henteuna teh, apan ku kolot lalaki sok diterus diomongkeun. Leuheung lamun ukur di lingkungan kulawarga, narajangkeun terus diambeng ka tatangga. Matak wirang kolot awewe. Nu matak, sakur awewe di lembur anu geus boga bebene, dina bulan puasa mah "wajib"ngajingjing rantang. Ongkoh kolot awewena oge sok hariwangeun naker. Apan aya kajadian, nu papacangan nepi ka lekasanana alatan dina bulan puasa henteu ngajingjing rantang. Masalah anu henteu pira sabenerna mah.

Ngan nyakitu, kolot lalaki oge sok leuwih karoroncodan. Pasualanana mah, asa matak kagugu. Nya eta, kawas nu geus jadi kawajiban deui bae, sakur anu barangkirim, balikna teh kudu dibahanan. Upama Nyi Mojang ngirim rantang, tah balikna teh sok kudu dikeupeulan duit. Upama henteu dikeupeulan, bagean kolot awewe (atawa Nyi Mojangna sorangan) anu jamedud teh. Ninggang ka nu ijiran, ngeupeulan teh sok diluyukeun jeung kikiriman awewe. Upama Nyi Mojang ngirim sangu jeung daging hayam, ngeupeulan oge sok sahargaeun kikirimanana.

Henteu heran, ti heula mah saban bulan puasa teh balawiri ku nu ngajingjing rantang. Pabuis ka hilir ka girang. Nu nepungan kolot. Nu nepungan dulur. Nu nepungan bebene. Ceuk sakaol, kungsi aya anu rek silih anjangan, ari heg kalah patepung di jalan, papada ngajingjing rantang. Bingung meureun duanana oge, kudu ngobrol di imah saha heula. Tungtungna, ngawangkong teh di jajalaneun bari sakalian nukeurkeun rantang.
Rantang teh masalah anu teu pira. Tapi bisa jadi matak rame. Kungsi aya mitoha anu kalahka baeud ka minantu dina poe lebaran, pedah dina bulan puasa henteu dikirim rantang. Nu matak, najan kumaha bae oge, belaan anjuk ngahutang keur minuhan eusi rantang teh.

Aya deui nu disebut "ngirim piring". Ieu mah hubunganana teh jeung tatangga nu deukeut. Kabiasaan di lembur (malah di kota oge) dina nyanghareupan lebaran teh, ngumpul-ngumpul dahareun. Ari lembur mah, nya dahareun produksi lembur bae saperti opak, ranginang, wajit, angleng, ulen, borondong, jeung sajabana. Najan ayeuna mah katambahan ku sabangsaning kueh. Upama dina poe lebaran euweuh opak, sigana teh kurang apdol keneh.

Dina tradisi ngirim piring, anu diwadahanana teh kaolahan jieunan anu ngirimna. Upama hiji imah nyieun opak jeung wajit, nya eta anu dikirimkeunanana oge. Lamun dipokkeun mah meureun, bilih bade ngiring ngaraosan. Puguh bae, saban burit teh piring oge milu balawiri. Malah bakating ku pabuis, kadangkala anu diiderkeun dahareun eta-eta keneh. Nu matak, ceuk heureuyna mah, sok aya dahareun anu dikirimkeun balik deui ka nu ngirimna. Da puguh muter tea ti imah ka imah.

Dina seuhseuhanana mah, tradisi ngirim rantang jeung ngirim piring teh ngaraketkeun silaturahmi. Apan bulan puasa mah bulan nu pinuh rahmat. Kahadean teh bisa jadi manglipet-lipet ganjaranana. Najan dina prakprakanana mah, sakapeung tradisi mawakeun jeung ngirim piring teh sok matak kagugu.

Aya deui anu disebut mitrahan. Ieu mah biasana mangrupa duit. Hiji budak mere duit ka kolotna. Ceuk kolotna : "Alhamdulillah, geuning budak teh geus mitrahan!"

Ngariung Tumpeng
Puasa geus lekasan. Datang lebaran, mangsa suka-bungah nu taramat puasa. Peutingna, barudak ngaliud di tajug bari narokalan dulag. Nyolendang sarung, di kopeah dengdek. Kolotna ngariung di jero tajug bari takbiran. Kolot awewena, ungkrah-angkrih nyiar dahareun. Bro ditunda dina nyiru, diriung di jero tajug. Beledag pepetasan ti jauhna. Pagawean barudak bangor nu ngadon ngagandengan.

Kolot mah biasana parat nepi ka isuk, tara sare. Ari barudak, gandengna teh ukur nepi ka tengah peuting. Ka dituna mah ngajaloprak di tepas tajug kamerkaan ku dahareun.
Isukna, barudak hudang pasubuh-subuh. Nu tara mandi oge maksakeun dina poe lebaran mah.Ongkoh sok dipaksa deuih ku kolotna. Rap make baju weuteuh. Terus ngabring ka lapang pikeun solat Idul Fitri.

Beres solat, bur-ber nepungan dulur-dulur. Sungsong salaman, silih lubarkeun dosa. Nu ceurik ngagukguk. Nu ukur reumbay cimata.
Aya oge nu nyelang geus ka makam, ngadon nadran. Beledag, di makam teh barudak bangor nyeungeut pepetasan. Sakapeung sok disentak ku kolot anu keur husu ngadunga.
Ngariung tumpeng, kabiasaan anu maneuh saban poe lebaran. Unggal imah papada nyieun tumpeng. Terus diriungkeun di hiji imah. Balik solat id, atawa balik ti makam, milu heula "hamin" bari ngariung tumpeng.***(Dadan Sutisna)

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...