Bagikeun ka Lapak Facebook

Sastra SundaÉséyKemis, 12 Juli 2012 19:44

Ajun Mahrudin

Ku Dadan Sutisna

KEUR diajar géometri harita téh, awal taun 1994. Ibu Wiwin, guru matématika, keur anteng ngagutrut dina papan tulis. Nuliskeun soal latihan. Barudak loba nu lelenggutan, da puguh keur meujeuhna tengah poé éréng-éréngan. Hawa saab minuhan kelas, nepi ka Si Nunuy mah katémbong kikiplik ku buku tulis. Tapi teu burung calénghar deui basa Ibu Wiwin eureun nulis mah. Eukeur mah Ibu Wiwin téh wali kelas, katurug-turug apan pangajaran matématika mah lain pangajaran nu matak tunduh. Béda jeung sajarah atawa basa Indonésia.

Keur anteng migawé soal, panto kelas aya nu ngetrokan. Lol sirah Pa Maman, pagawé Tata Usaha. Nu can mayar SPP mah katémbong parias, sieun terus dipanggil ku Tata Usaha, wirang temen, mangkaning keur loba batur. Tapi, ngageroanana téh bet ... kuring.

"Dadan, aya tamu!" cenah.

Kuring cengkat, ngaléos sabada bébéja heula ka Bu Wiwin.

"Kadé Dan, tong telus ngeleles!" ceuk Bu Wiwin nu rada héséeun nyebut hurup "r".

Enya baé, di rohangan Tata Usaha geus aya nu ngadagoan.

Mutuh matak kagét pikeun kuring mah. Lantaran nu rék nepungan téh jalma anyar pinanggih. Kuring can apal saméméhna. Kawas nu ngarti kuring keur kagét, manéhna gancang nyolongkrong ngajak sasalaman.

"Ajun Mahrudin!" pokna.

"Dadan Sutisna!" kuring manggut.

"Lila kénéh Dan ka waktuna balik?"

"Sakedap deui, paling lima menitan," ceuk kuring bari ngarérét jam tangan.

"Enya, sok atuh diajar heula, ku Akang didagoan di dieu!"

Kuring mah ngaléos deui ka kelas 2-1. Kasampak Si Adang keur hulang-huleng deukeut papan tulis.

"Pilaku Adang, nu kitu bae teu bisa. Apan geus ditelangkeun!" kadéngé sora Bu Wiwin.

*

Balikna, kuring bareng jeung Kang Ajun. Sarta sanggeus wawanohan mah, béhna kanyahoan, geuning Kang Ajun teh wartawan koran Kudjang. Pangna datang nepungan kuring, cenah mah kajurungan ku Ibu Éti, guru basa Sunda SMP 2 Tanjungsari. Padahal kuring mah harita can sabaraha wanoh jeung Ibu Éti téh. Henteu kungsi diajar ku anjeunna. Ceuk Kang Ajun, Ibu Éti apaleun kuring téh sok ngarang.

"Akang téh kapancénan ku Ibu Éti, pangmerjoangkeun Dadan cenah, sabab Dadan mah aya bakat dina ngarang!"

"Ah, ukur reresepan baé, Kang!"

"Reresepan gé kudu jadi duit!"

Poé éta kuring dibawa ulin ka imahna, di wewengkon Kebonhui, Tanjungsari. Der ngobrol ngalér ngidul, Kang Ajun nyaritakeun pangalaman basa rék jadi wartawan. Kuring ukur bati ngabandungan baé. Eukeur mah can sabaraha wanoh, atuh henteu bisa loba némbrong.

Burit balik téh. Sarta Kang Ajun ngajangjian, isukan cenah urang ulin ka koran Kudjang. Sakalian bawa hasil karangan kuring, urang bikeun ka ditu.

Enya baé, isukna balik sakola, Kang Ajun geus ngadagoan di panto gerbang sakola. Sarta terus baé tumpak mobil, indit ka Bandung. Ari kuring, apan beunang disebutkeun langka ulin ka kota, da puguh tara aya kapentingan téa. Puguh baé olohokna mah, lir urang dusun nu kakara nganjang ka kota. Ngan henteu sagala ditanyakeun wungkul ka Kang Ajun téh. Tapi manéhna terus nyarita, kuring kudu ngapal-ngapal jalan cenah, ambéh engké lamun dititah ka koran Kudjang henteu nyasab.

Di kantor Kudjang, Jl, Buahbatu No. 3, kuring diwanohkeun jeung Aat Suwangsa katut Rukman Dédé (dina koran mah sok disebut Dederuk). Aranjeunna téh redaktur Kudjang, Rukman Dédé jadi koordinator wartawan, ari Aat Suwangsa purah ngasuh rubrik fiksi. Bari jeung saban minggu téh, ukur medal sababaraha rubrik baé, di antarana carpon sajudul jeung carita nyambung.

Mun henteu salah, aya sakérésékna kuring mawa karangan téh. Da mani ngahuhunyud atuh. Song dibikeun ka Pa Aat. Anjeunna sarta diwawadianan sangkan kuring leuwih getol ngarang.

Puguh wé ngadégdégna mah, diwanohkeun ka lingkungan nu kitu téh. Da apan tara biasa ti sasarina téa. Malah beunang disebutkeun, kuring mah gaul téh ukur jeung babaturan sapantar baé. Atuh basa pareng ditanya, ngajawabna gé dapon ku unggeuk atawa gideug, da puguh éra téa.

Balikna, kuring ngéndong di imah Kang Ajun. Manéhna némbongkeun klipingan koran, berita nu ditulisna nu geus dimuat. Terus ngagelendut mapagahan, kuring téh kudu kitu, kudu kieu.

Kang Ajun téh bubujangan harita mah. Umurna dalapan taun saluhureun kuring. Ti keur budak, hirupna pinuh ku kapeurih. Da puguh geus ditinggalkeun maot ku indungna. Sakolana ukur nepi ka SMA, sarta ka dituna mah ngaligeuh teu puguh cabak.

Kungsi kuli purah nyieunan sumpit, atu jadi pangamén ngalaman deuih ngalaman. Basa keur nganggur teh, Kang Ajun sok milu-milu ka grup kasenian nu ngadon pentas. Beunang disebutkeun deukeut jeung dunya seni mah. Ti mimiti calung nepi ka degung.

Diparengkeun, keur ngaligeuh téh, Kang Ajun wawanohan jeung Drs. Maman Ma'ruf (alm). Pa Maman teh guru MTs Tanjungsari, sarta sok resep ngarang. Saterusna Kang Ajun dibawa ka Kudjang, diwanohkeun jeung urang Kudjang. Tah, ti harita Kang Ajun mimiti jadi tukang ngawawancara téh.

Anéhna, di Kudjang mah nu ngaranna wartawan téh henteu digajih. Ukur dibekelan kartu identitas baé. Kumaha atuh ari hirup? Sakumaha nu kanyahoan ku kuring, tina ladang jadi wartawan téh, Kang Ajun ukur bisa dahar jeung udud, ceuk paribasana. Da puguh sasat ngadagoan kalangkang heula, meunang duit téh ukur tina honor tulisan dimuat. Minangka paleuleuwihna, Kang Ajun boga langganan koran sababaraha puluh urang. Kitu gé henteu bisa diandelkeun, da puguh sabulanna téh henteu nitih meunang saratus rébu.

Hiji mangsa, Kang Ajun boga niat, hayang ngalalana ka Majalengka. Saméméhna, Kang Ajun néangan berita téh di wewengkon Sumedang. Nyaritakeun kapeurihna salila indit ka Majalengka, éstuning matak merebey cimata. Da puguh datang ka ditu téh teu apal nanaon, teu nyaho kudu ka mana. Saré gé ceuk paribasana di mana baé dugna. Meunang sabulan cenah aprak-aprakan, teu puguh laku. Tapi piwelas Gusti mah henteu dihiri-hiri, ahirna mah Kang Ajun bisa hirup di Majalengka, najan panghasilan henteu nyukupan gé.

Salila di Majalengka, nu ngurus langganan koran di Sumedang teh kuring. Harita (keur kelas II SMU) kuring dibéré pancén ku Kang Ajun kudu ka Bandung (ka koran Kudjang téa) saban poé Rebo, nyokot koran. Isukna, poé Kemis, kudu dibagikeun ka langganan. Aya meureun sataun mah kuring jadi loper koran téh. Najan panghasilan teu puguh, tapi da itung-itung pangalaman. Capéna mah nataku, da puguh nganteur-nganteurkeun koran teh bari leumpang baé, henteu kana kandaraan. Kadangkala nepi ka peuting. Teu ngingetkeun hujan jeung panas.

Salila nyokotan koran ka Bandung, karangan kuring loba nu dimuat. Ti mimiti carpon nepi ka carita nyambung.

Berekah ari honorna mah, teu leuwih ti Rp. 2.500,- sajudul. Teu mahi keur ongkos-ongkos acan. Tapi harepan kuring harita, nu penting mah boga heula pangalaman. Kuring yakin nu ngatur rejeki mah anging Pangeran, lain honor tulisan. Ti Majalengka, Kang Ajun pindah ka Kuningan. Kuring langka tepung jeung manéhna, ukur sabulan sakali, kitu gé tara bisa lila ngobrol, da puguh kang Ajun bangun anu rarusuh bae. Papadaning kitu, ari nyumangetan kuring mah teu eureun-eureun.

Dina urusan awéwé, keur bubujangan Kang Ajun mah beunang disebutkeun "rada cunihin", sakanyaho. Éta wé, da kawawuhanana téh loba naker. Malah, cenah, ngaheureuyan Nining Sariningsih gé kungsi. Sakapeung, kuring jeung manéhna sok leuleumpangan ngurulingan sawatara lembur. Naha atuh, da di unggal lembur téh apaleun, di mana lebah-lebahna nu aya randa mencrang.

Tapi dina waktuna boga pamajikan mah, bet matak héran. Kawinna téh ka urang Indramayu. Panggihna di beus jurusan Kuningan. Saminggu wawanohan, langsung wé ... nikah. Alhamdulillah, geus nikah mah, satia pisan Kang Ajun téh ka pamajikanana.

Kuring gé kungsi sababaraha kali dibawa ka Kuningan. Diajak ider-ideran di ditu. Imahna ngontrak di wewengkon Cilimus, tapi kungsi sababaraha kali pindah. Ka dieunakeun geus macakal boga imah sorangan. Basa panungtung ditepungan téh, Kang Ajun geus boga budak 2.

Sacara teu langsung, nya Kang Ajun pisan nu mimiti nyumangetan kuring téh. Nu méré jalanna. Najan ka dituna mah, nya kuring baé nu ihtiarna. Kang Ajun geus ngawanohkeun kuring kana kahirupan pérs sarta nepungkeun kuring jeung kota Bandung. Kuring sorangan henteu lila "mondok-moék" di Kudjang téh. Terus baé ulin ka Manglé, nu ahirna jadi wartawan/redaktur Manglé.

Cag heula!

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...