Bagikeun ka Lapak Facebook

Sastra SundaÉséyKemis, 12 Juli 2012 19:43

Diajar Balantik

Ku Dadan Sutisna

Ti méméh sakola gé geus diwarah kumaha carana ngarit, ngala suluh, ngurus ingon-ingon. Ari pagawéan matuh saban soré, ngala cai beresih ka legok. Nanggung kompan lima léter, nikreuh nyorang tanjakan nu sakitu netekna. Awéwé loba nu ngélék buyung (wadah cai tina kuningan), lalakina aya nu nanggung émbér, kompan; atawa nu can kabeuli nu kararitu, kapaksa nanggung lodong. Ngaliwatan kebon awi, mapay solokan. Werit cai di lembur téh harita mah.

Ngala suluh jadi pacabakan matuh. Ngaroroték di kebon awi, atawa mangpung di kebon kai. Balikna ngebengkot. Geus rada gedé mah, sok rajeun indit ka leuweung, manggul carangka, ngala dahan pines.

Lantaran ngala suluh keur kolot mah henteu puguh buruhna, ukur dibéré dahar saban isuk jeung sore, tara kacaritakeun dibéré duit keur jajan. Nya kuring deui baé nu harita boga idé téh. Cékéng ka babaturan, kumaha lamun beubeunangan ngala suluh téh ulah dibawa kabéh ka imah, gundukeun sawaréh di saung Si Dani.

"Terus dikumahakeun?" ceuk Si Dani.

"Tah, lamun geus loba, urang jual. Loba nu butuheun ku suluh mah. Duitna paké jajan!"

"Bener tah!" saréréa sapuk. Basa suluh geus ngagunuk, gancang diiderkeun, ditanggung ditatawarkeun. Ngan Si Adang kalahka ngaruksak rencana. Hayoh suluh téh kalahka ditawarkeun ka indung kuring.

"Mih Dadan, badé ngagaleuh suluh?" kitu ku kira-kira, ngomongna téh.

"Suluh, naha bet dijual, lain ampihkeun di kolong imah manéh. Butuheun meureun indung Adang ogé!"

"Da ieu mah sanés suluh Adang. Suluh saréréa, kénging ngagundukeun di saung. Saur Dadan, suluh téh teu kenging dicandak kabéh ka bumi, kedah dikempelkeun di saung. Engké pami tos seueur kedah dijual, artosna kanggo jajan!" kitu pokna téh, da Si Éta mah ngomong lemes baé ka sasaha téh. Puguh baé, saréréa gé taya nu henteu keuheul. Angot ari kuring mah, da nepi ka dicarékan ku indung téh (Si Adang téh ayeuna mah geus jadi "ajengan", purah ngurus barudak nu ngaji di masjid).

Ari kuring, ti leuleutik gé boga pangaresep kana utang-itung. Méméh sakola gé, geus katalar ari tambah jeung kurang mah. Da éta wé, unggal panggih jeung kolot téh, atawa saha baé, nu ditanyakeun téh tambah jeung kurang. Aya hadéna resep ngitung téh, da kuring kungsi jadi "juru itung" di warung Nini Turinah. Ari Nini Turinah téh (ayeuna mah anjeunna aya di pulo Sumatra, da taun 1987 indit transmigrasi), ngawarung leuleutikan, imahna nu kudu ngaliwatan kebon kopi téa. Nyadiakeun pangabutuh sapopoé, ti mimiti asin, minyak, sambeleun, jeung sajabana. Isuk-isuk kuring sok geus ngadangong di warungna. Dititah ngitung, da Nini Turinah mah sok remen kérok ngitungna téh.

"Meuli tarasi salawéeun, duitna saratus, pulangna tujuh lima. Bener henteu, Jang?" ceuk Nini Turinah basa aya nu balanja. Kuring paciweuh ngitung ramo.

"Leres, Nini!"

Golosor Nini Turinah mikeun pamulangan. Kitu jeung kitu wé. Da nu balanjana gé tara gedé, jadi rada babari ngitungna téh. Lumayan, tina buruh ngitung téh, kuring sok diburuhan. Aya duit, aya jajanan.

Ari pagawéan Bapa mah henteu matuh. Najan pagawéan pokona mah tatanén, ngurus sawah jeung kebon, sakapeung melak bako, tapi keur nambah-nambah panghasilan sok rajeun dagang leuleutikan. Aya ngiangkeun boboko jeung nyiru, ngiangkeun sayuran, atawa naon baé anu kadada-kaduga. Saban peuting, kolot kuring mapagahan; cenah kuring mah ulah ripuh kawas kolot, kudu bisa digawé bari jeung senang. Sok rada horéam ari geus dipapagahan téh, da geuning gegedéna mah nyarékan kalakuan kuring ti beurang. Tungtungna kuring mindeng ngéndong di imah nini, di sisi sawah. Resep ngadéngé sora bangkong, bancét, jeung sato-sato peuting lianna. Imah nini téh nenggang di batur. Henteu hésé cai deuih, nepi ka di buruan gé aya balong. Asa dipépéndé deui ku dongéng nini, najan caritana mah éta-éta kénéh. Nini kuring ahlina ari ngadongéng mah, ongkoh sok rajeun miluan maos wawacan, nepi ka kungsi ngadongéng lalakon Purnama Alam sagala rupa.

Aya basana, nini mah sok ngogo ka incu téh. Da jeung enyana atuh. Nepi ka sakapeung mah asa betah kénéh cicing di imah nini ti batan di imah kolot téh. Hanjakal Abah sok tutah-titah baé. Geura wé, tacan gé sakola, geus diajak macul di sawah. Ari macul téa, apan kudu gedé tanaga. Sedeng awak kuring sakitu leutikna, bari kasohor kurang tanaga. Puguh wé, Abah mindeng nyarita: "Ari manéh geus gedé rék jadi naon, macul baé euweuh kabecus!" pokna.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...