Bagikeun ka Lapak Facebook

Sastra SundaÉséyKemis, 12 Juli 2012 19:42

Mimiti Diajar Ngarang

Ku Dadan Sutisna

Kuring mah teu boga cita-cita kana ngarang. Éta gé, ari kana maca mah resep, malah beunang disebutkeun nyandu. Pangpangna bacaan basa Sunda. Kana dongéng deuih, resep pisan téh, dongéng Sunda dina radio. Da éta wé, radio nini kuring nu sorana geus ngajorosjos téh, satengah dikeukeupan. Tah, tina maca buku Sunda jeung ngadéngékeun dongéng téa, kuring bet terus hayang nyatet-nyatetkeun kecap-kecap dina basa Sunda nu henteu kaharti. Sok terus ditanyakeun ka kolot, atawa ka saha baé.

Puguh baé, basa keur SD, peunteun basa Sunda sok lumayan. Malah kungsi meunang pamuji ti guru téh, pedah kuring apal kana pupuh nu 17, jeung cara ngahaleuangkeunana (berekah, ayeuna mah réa nu poho deui). Ari diajar pupuh mah, sok ti nini kuring, da kabeneran pisan tukang beluk. Awahing ku nyandu kana maca (basa Sunda), keur SD, kuring bélaan nginjeum ka kepala sakola. Da apan ka sakola téh sok datang buku Inprés, loba carita dina basa Sunda.

Kepala sakola atoheun pisan diinjeuman téh. Lain ukur buku bacaan nu diinjeumkeun téh, kaasup kamus basa Sunda jeung majalah Suara Daérah nu sok datang ka sakola.

Tina maca, kuring jadi apan kana ngaran sawatara pangarang. Kuring resep naker kana tokoh Aman, Isah jeung Adé dina buku Taman Pamekar beunang A. Sanusi-Samsudi. Kuring gé jadi wanoh ka Holisoh MÉ nu mindeng ngarang dina Suara Daérah.

Ka Akub Sumarna nu sok nulis carita barudak, jeung pangarang-pangarang séjénna. Tapi papadaning kitu, henteu kungsi hayang  nyobaan  ngarang mah. Sok sanajan kungsi meunang pamuji ti guru di SD, cenah kuring naya bakat kana ngarang, da ari dibéré tugas ngarang téh sok pangaalusna baé.

Asup ka SMP, beuki resep bae kana basa Sunda téh. Teuing mun bari pupujieun ongkoh mah, malum keur budak. Ibu Entin, guru basa Sunda kuring, mani reueuseueun naker pédah kuring bisa pupuh nu tujuh belas téa. Lamun aya pangajaran dangding, méméh ka sasaha téh, sok kuring heula nu dititah ngahaleuang. Dijieun conto ti dituna mah.

Nincak ka kelas SMP harita téh. Hiji poé, kuring ngadon ulin di kebon awi, lebakeun imah. Tariking cilaka, kuring tisolédat di nu leueur, labuh. Leungeun kénca misalah. Meunang  sababaraha minggu mah rengkeng hésé diobahkeun. Enya éta ogé, pagawéan ngarit jadi pangsiun. Tapi karasana cangkeul pisan. Papadaning kitu, ari sakola mah maksakeun baé. Najan leungeun kénca diaais gé.

Tina awahing kesel, sajaba ti maca téh kuring  pirajeunan kutrat-kotrét. Rada kagugu, ku lantaran embung kaluar modal, keretasna jeung pulpénna beunang mulungan ti babaturan. Ti saurang ménta keretas salambar, rupa-rupa. Terus dijilid jadi buku. Ngarang téh boro-boro diketik, eukeur mah teu bisa, katurug-turug euweuh mesin tikna. Ngadeluk wé di imah meunang sababaraha peuting mah. Ngarangna gé éstuning sakaparan-paran. Judulna téh Ngipri. Teuing kaasup carpon, novél, atawa carita panjang. Nu puguh mah, ngarang téh nepi ka ratusan lambar. Da éta atuda, caritana teu anggeus-anggeus. Pilakadar nyaritakeun jelema sangsara anu hayang beunghar, terus munjung ka siluman oray. Sidik, sidik pisan ayeuna mah, karangan kuring téh kapangaruhan ku dongéng. Resep wéh ti harita mah kana tulas-tulis téh, najan teu puguh udaganana gé. Lantaran karangan kuring ukur diteundeun kitu baé, henteu boga niat dipublikasikeun. Minangka meunang kasugemaan téh kieu: karangan kuring sok dibacakeun hareupeun babaturan di kelas, atawa hareupeun babaturan di lembur. Dibacana téh tara nepi ka anggeus, da puguh ngarangna gé ditungtut. Tungtungna mah bet kawas tukang maca carita nyambung. Saban poé ngagalantang di kelas atawa di lembur. Nu ngabandunganana teu burung pogot, malah loba nu panasaran hayang apal sambunganana. Tah, minangka buruh ti nu ngadéngékeun téh, kuring sok dibéré keretas atawa pulpén keur ngarangna.

Kuring kacida nganuhunkeunana ka Yuyum Yumianisari. Nya manéhna pisan nu nyumangetan kuring dina ngarang téh. Sok sanajan tacan kungsi nyarita langsung, tapi sidik ngarojong pisan. Buktina, karangan kuring nu satadina ukur ditulis dina keretas lambaran téh, haat dipangetikkeun. Dibawaan ka imahna salambar-salambar. Padahal, ceuk taksiran kuring harita, loba kénéh pagawéan Yuyum nu leuwih penting ti batan ngetikan karangan kuring.

Kabeneran di sakola téh aya pangajaran ngetik. Da puguh hayang bisa, kuring gé miluan kursus. Nu ngajarna téh Ibu Anih. Tah sanggeus bisa ngetik mah, bet terus merenyeng hayang boga mesin tik. Éta ogé, kaparengan kuring diwanohkeun jeung Donny Fahmi Muhammad, nya manéhna pisan nu sok méré nginjeum mesin tik téh, kadangkala nepi ka sabulan diinjeumna téh.

Ngarang téh beuki soson-soson bae, nepi ka meunang sababaraha jilid. Terus diinjeum-injeumkeun, nepi ka aya guru PMP (ayeuna PPKN) anu katajieun. Ibu Tétty ngaranna téh. Karangan kuring sok diinjeuman, dibacaan di bumina.

Ngumpul-ngumpul duit hayang boga mesin tik, da mani asa lila naker atuh. Éta wé, mimiti nabung téh kelas 2 SMP, kakara kabeulina mah kelas hiji SMU. Atoh naker atuh, saban peuting nérékték ngetik. Éta ogé sok rada digelendeng ku kolot. Magarkeun téh ngagandéngan, jeung keur nanahaon da moal jadi duit. Nincak SMU, kuring sok nginjeuman Manglé ka Si Aneu, da kabeneran bapana langganan. Tina macaan Manglé, jorojoy hayang ngarang carita pondok. Dekul wé, bari sabada dibaca ayeuna mah, carpon téh asa henteu ka ditu henteu ka dieu.

Mimitina mah nyobaan ngirimkeun barakatak ka Manglé. Na eta mah, da mani asa meunang naon mah, basa karangan kuring dimuat téh. Puguh we dipaké agul ka babaturan, reueus naker cacakan ukur ngarang carita heureuy mah. Ku lantaran kuring mindeng ka Bandung, nyokot koran téa, nganteurkeun karangan téh sok diingkig langsung, nepi ka wanoh jeung Tétty Suharti (Ambu Tetty) nu saterusna nyumangetan kuring pikeun ngarang.

Berekah, keur SMU mah kuring téh sok boga baé duit, tina ladang karangan téa. Komo da nulis téh lain ukur di Manglé wungkul, tapi sok ngeusian "Mupu Kembang" dina Galura jeung dina koran Kudjang.

Éta gé, kungsi nyobaan ngirimkeun carpon déwasa. Ngirimkeun sapuluh judul, langsung dibikeun ka Bah Duduh Durahman. Tapi nu dimuatna mah ukur sajudul. Sakitu gé kurang kumaha bagja. Da sanggeus ayeuna dibaca deui, geuning karangan kuring nu dimuat téh, asa henteu ngaharib-harib kana carpon. Malah asa kalahka ngadongéng.

Basa aya pasanggiri ngarang di Paguyuban Pasundan (harita masih kénéh di SMU), kuring nyoba-nyoba miluan. Susuganan tadina gé. Ari hég bet kaparengan meunang, najan ukur jadi harepan gé. Tapi da bagja nu luar biasa ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...