Bagikeun ka Lapak Facebook

Sastra SundaÉséyKemis, 12 Juli 2012 19:42

Saung Lisung

Ku Dadan Sutisna

Ku Dadan Sutisna

TONGGOHEUN imah, kahalangan ku dua suhunan, aya saung lisung. Henteu ari gedé mah, da tempatna ogé sasuhunan jeung kandang domba. Gigireunana imah Nini Ésih, nu boga saung lisung. Isuk-isuk atawa pasosoré, saung lisung téh sok ramé baé. Sora awéwé patingcikikik pabaur jeung sora halu diadu jeung lisung.

Kuring kakara kelas 2 SD, basa sok maturan Ema di saung lisung téh. Ema ngélék boboko nu geus dieusian bangsal atawa paré geugeusan, kuring ditiung ku nyiru. Terus nagog deukeut tatapakan, bari ngamandoran nu keur ngulangkeun halu. Mun bangsal geus lembut, bagéan kuring anu ngerukna tina jubleg. Sok kana nyiru. Ku Ema terus ditapikeun, sérahna dipilihan, ditutu deui. Mun aya hayam nu macokan béas, bagéan kuring nu ngabuburakna téh.

"Kadé hayam aing mah tong dibuburak!" Nini Ésih nyelengkeung ti dapur.

Ari nu ngadon nutu di dinya, lolobana mah parawan, titahan kolotna. Maké kabaya, disamping jangkung, ditiung ku karémbong. Nya kitu, sok kadéngé ngobrolkeun beubeureuh, bari patingirihil jeung pada baturna. Ari bahan wangkongan nu geus rimbitan, kaasup Ema kuring, euweuh deui iwal ti salaki; pangedulanana, kadaékna, nepi ka wangkongan nu cawokah. Tapi henteu ngobrol wungkul kétang. Séjén waktu mah sok aya ogé nu paséa. Silih awuran ku béas, ngan henteu wé nepi ka silih teunggeul ku halu mah. Barudak awéwé anu mindeng paséa téh. Teu pira, ukur parebut jubleg. Mun geus kadéngé nu hog-hag kitu, Nini Ésih sok kaluar ti imah, tokroh-tokroh kundang iteuk.

"Na ari sia kalahka paraséa. Jubleg nu aing, lisung nu aing!" pokna, biwirna ngabulaéh pinuh ku luah. Geus kitu mah kakara émpéh.

Can kaharti harita mah, naon sababna unggal aya nu nutu, barudak bujang sok ngariung di imah Nini Ésih. Meureun maturan Nini Ésih anu geus sakitu kakolotanana. Kungsi hiji mangsa mah unggah ka imah, hayang milu ngariung bari ménta kukurud gula kawung. Horéng bujang-bujang téh keur naroong tina sela-sela bilik. Noong naon deui, upama lain anu keur nutu.

"Ténjo euy, Si Idas nu pangeundeurna mah!"

"Beulah ditu atuh, déwék teu kabagéan liang bilik!"

Berebet kuring kaluar, ngabéjaan Ema yén di imah aya nu noong. Puguh atuh jadi guyur sa-saung lisung. Barudak bujang dibuburak. Barudak awéwé patingjarerit bari memener kabaya, bisa aya bagéan awak nu henteu katutupan.

Nepi ka sababaraha taun mah, Téh Idas, anu upama nutu sok némbongkeun bitis, dilandi Si Eundeur.

Saung lisung mimiti tiiseun, basa di lembur aya nu ngadegkeun héleran. Haji Undu nu bogana téh. Nu rék nutu ngabring ka héleran. Teu kudu hararésé, asal aya keur buruhna. Ema mah can kungsi ngahéler, da sok nitah kuring. Di éta tempat kuring nyaksian mesin nu muih, sorana nu matak katorékan, jeung kekebulna nu ngabring ka langit. Euweuh nu galécok di dinya mah. Jalma-jalma bet ngadadak siga nu pireu. Rék bisa ngobrol kumaha, ari lain gogorowokan mah. Da puguh geteran mesin héler sakitu tarikna, matak eundeur saawak-awak.

Enya ari ngareunahna mah. Mun paré sakarung ditutu dina jubleg, biheung anggeus sapuluh poé. Ieu apan kari mahékeun, ditandéan deui geus jadi béas. Tapi galécokna nu keur nutu béda jeung di saung lisung.

***

AYEUNA, saung lisung téh geus kamana boa. Nini Ésih geus maot. Téh Idas geus boga budak dua. Tong boro nu ngadon nutu, dalah lisung jeung jublegna ogé geus tumpur. Saung lisung anu sakapeung mah sok dipaké paséa jeung ngomongkeun batur, ukur jadi kawaas nu biheung aya deui.

Ana dipikir deui, saha atuh anu rugi, lamun di lembur taya saung lisung? Nini Ésih, da tara nyéwakeun jubleg manéhna mah. Atoh wé meureun, euweuh nu ngagandéngan. Nu sok nutu, puguhing leuwih ngeunah, da ayeuna mah nutu téh henteu kudu ngulangkeun halu. Kari ngagandong ka héleran. Sakarung bisa dipaké dahar satengah bulaneun. Moal tuksel kudu ka saung lisung, cara Ema baheula. Paling ogé bujang di lembur nu leungiteun téh, henteu bisa nénjo nu eundeur.

Maké jeung boga kacindekan, boa nginget-nginget barang nu euweuh mah ukur panineungan nu taya gunana. Saung lisung, anu nepi ka ayeuna nampeu kénéh dina ingetan kuring, apan lain barang nu matak tibelat jalma réa. Boa aya nu teu apaleun bungkeuleukanana ogé. Urang lembur, kiwari, kakara inget ka lisung téh upama aya acara tutunggulan di nu kariaan. Kitu ogé lain keur kapentingan nutu paré.

Meureun saung lisung téh salasahiji kotrétan kahirupan di lembur kuring mangsa bihari. Sabada kagunasika ku pajamanan, nya nungtutan leungit. Saha nu rék mileuleuyankeunana, da puguh taya nu melang taya nu nineung. Dalah kolot kuring sorangan, anu baheula sok pulang-anting ka saung lisung, tara kungsi nyaritakeun panineunganana.

Palebah maluruh nu kumaha ari lisung, loba ieuh bukuna. Dina buku pangajaran sakola nyampak, dina énsiklopédi ogé aya. Turta lamun téa mah urang hayang nyieun saung lisung, naon héséna. Bahan-bahanna loba, malah najan sina agréng ogé piraku teu bisa, asal aya waragadna.

Nya éta, keur sakuringeun mah, anu ngait baé téh suasana di saung lisungna. Sora nu ngelentrung, nu napikeun, nu ngebahkeun hayam, nu ngomongkeun salaki, nepi ka nu paséana pisan. Bet kaimpleng baé nu keur maké kabaya, ditiung ku karémbong. Nepi ka sakapeung mah teu engeuh, upama suasana saperti kitu téh geus jadi bagéan nu leungit.

Tah, geuning, kadéngé deui kentrungna sora lisung!

Pangreureuhan, 01-2003

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...