Bagikeun ka Lapak Facebook

Sastra SundaCarita PondokKemis, 12 Juli 2012 19:41

Lalajo Bujal

Ku Dadan Sutisna

TARA-TARA ti sasari, poé éta mah (Kemis, 30 Januari 2003) maké jeung kalangsu ka Gedong Kesenian Sunan Ambu, STSI Bandung. Ki Dhipa nu hariweusweus téh, urang lalajo pintonan Suhunan Seni Urang, cénah. Bet panasaran, karah siga kumaha Suhunan Seni Urang téh?

Barang srog ka jero, ampir-ampiran kasima, da geuning nu lalajona téh abégé wungkul. Maraké saragam SLTP jeung SMU. Teu hayang tetelepék, kumaha gékgékanana pangna kaom abégé sasab ka dinya. Reueus wé nu aya, da cék haté, geuning seni urang ogé dipikaresep ku barudak sakola.

Mani pajejel nu lalajo téh. Kuring jeung Ki Dhipa henteu kabagéan korsi, ngajémprak wé panghareupna. Aya atohna diuk di hareup téh, da geuning bisa leuwih ésés nyidik-nyidik mahasiswi seni tari nu kasohor rancunitna. Tuh geuning, ujug-ujug disuguhan nu gareulis, maraké baju beureum. Terus ngawih silih téma jeung lalaki, asa nyeueung nu ngagondang, ngan henteu bari tutunggulan wungkul. Nu ngawih téh nyaritakeun salaki jeung pamajikan nu keur paséa. Ngan lantaran dikawihkeun bari jeung ditabeuhan, asa mawa betah nénjona ogé. Katambah sora nu ngawih halimpu naker, bubuhan asak latihan.

Ti dinya ditéma ku nu ngibing duaan, awéwé jeung lalaki. Diuk rada dibebenah, bisi kapalingan gitek. Enya, nepi ka poho ka balik nénjo nu ngaréngkénék mah; ti mimiti gideugna sirah, léorna awak, nepi ka géolna imbit, imeut ditengetan. Katémbongna mah ngalalakon nu keur ngibing téh, nepikeun runtuyan adegan ka nu lalajo. Ngan édas, maké jeung aya adegan nyumput ka tukangeun layar, nu ditémbongkeun téh ukur dampal leungeun awéwé jeung lalaki sina patumpang-tindih. Dampal leungeun nu luhur sina ngungked. Teuing naon pihartieunana. Untungna téh henteu kalalanjonan hookeun, da nu ngibing diselang heula ku rampak kendang.

Bérés tah babak kahiji. Layar ditutup. Nu lalajo dibébénjokeun heula ku panata carita nu ngabagikeun hadiah. Tina sasaungan hareupeun panggung, ronghéap Si Cépot, ngajak ngawangkong ka nu lalajo. Karcis diundi, barudak nu kaparengan meunang milik dibéré hadiah.

Maju ka babak saterusna, asa beuki haneuteun. Geus nu ngibing deui baé. Mojang-mojang lampanyat dicalana panjang (nu sari merecet téa geuning, nu nyitak "pangeusina"), dina buukna diselapan kembang. Terus dangsa jeung papada pasanganana, silih cekel leungeun, nepi ka dipangku sagala rupa. Teuing pédah umur geus ngagayuh ka saparapat abad, atawa pédah taya batur pakumaha (da diriung ku abégé téa), bet asa éra parada. Angot sabada bérés éta, torojol nu matak moho. Awéwé maraké erok pondok, baju ngatung saluhureun bujal, terus marijah, jeung papasanganana deui baé. Maké jeung aya nu ngajuralit sagala rupa, suku awéwé sina nyampay dina beuheung lalaki. Cék dina runtuyan acara mah, nu kitu téh ngaranna Modern Dance.

*

Tilu jam campleng pagelaran téh, ti jam tilu soré nepi ka méméh magrib. Sajeroning balik, bari huhujanan dina motor, bet terus nginget-nginget Suhunan Seni Urang téa. Cék kamus, cénah suhunan téh hartina hateup atawa bagéan imah nu pangluhurna. Ana kitu mah, anu bieu dilalajoan téh hateupna seni urang. Paingan atuh, nepi ka lumieuk inget baé kana bujal.

Ari pagelaranana mah sagala aya; nu kakawihan (maké basa Sunda), nu ngibing, rampak kendang, nu ngibing moderen, nepi ka nasyid ogé aya. Kumplit lah. Atuh nu lalajo, katémbong saruka bungahna, éak-éakan, kaleprok. Suksés sakitu mah. Ngan keur sakuringeun, ti babak ka babak téh asa gegejlokan. Nya disebut ngagejlok wé, ari tina pinton bujal diteruskeun kana nasyid mah.

Bet terus babalédogan dina haté, meureun éta mah pintonan anu dihususkeun keur barudak sakola, terus dibébénjokeun ku hadiah, minangka panyelang ti babak ka babak. Pormat acara nu siga kitu apan nu dipikiresep ku rumaja mah. Teu béda jeung acara Pésta dina televisi swasta. Ari barudak rumaja mah, boa geus teu ahéng deui nénjo Modern Dance téh. Tapi apan ka nu kakawihan ogé sidik resepeun, buktina dikaleprokan. Naha resep kana kawihna atawa nu ngawihna, naha resep kana ibingna atawa nu ngibing, tangtu éta mah boga rarasaan séwang-séwangan.

Palebah nu kakawihan mah, bet asa nguhudang panineungan. Baheula, keur SD, kuring kabagéan kénéh lalajo seni gondang. Pararantes apan, nu gareulis nu karasép ngawih sakitu halimpuna. Silih témpas, silih séklékkeun, bari dipirig ku tatabeuhan. Emh, reueus lah. Da mani asa pogot naker lalajo téh. Iwal ti resep ka nu rancunit, muji ongkoh kana kamotékaran barudak seni, bisa nyieun pakét acara nu sakitu apikna. Tapi kétang, naha anu disebut seni urang dina éta pagelaran téh seni Sunda téa kitu?

Rumasa, henteu kungsi boga tatapakan dina kasenian. Lalajo téh ukur semet resepna baé, palebah nyieun aprésiasi mah ngan ukur babalagonjangan. Meureun kitu, meureun kieu, jeung sajabana. Ngan ari pananya mah éta ogé aya, naha nu kakawihan, nu ngibing "nanahaon" jeung seni nasyid bet sina sasuhunan? Henteu diwilah-wilah, dibédakeun waktu pagelaranana. Palebah nénjo nu marijah bari maké calana merecet mah, teu ieuh nganaha-naha, bisa magar henteu ngahargaan kréasi batur. Bisa jadi ari barudak rumaja mah henteu nepi ka "sawan", sabalikna kalahka pogot.

Ari kuring, nepi ka basa ngahuleng hareupeun komputer bari nyieun ieu tulisan, bet nineung baé ka nu kakawihan. Inget deuih ka nu pinton bujal. Ah, boa éta mah ukur pangrasa lalaki nu boga pikiran cunihin!

Pangreureuhna, 30-01-03

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...