Bagikeun ka Lapak Facebook

Sastra SundaÉséyKemis, 12 Juli 2012 19:40

Mapay Tapak Lacak Ma Éroh

Ku Dadan Sutisna

Catetan Dadan Sutisna

TAUN 1988, basa Ma Éroh dilélér Kalpataru ku Kementrian Lingkungan Hidup, tatar Sunda sasatna geunjleung. Para gegedén ngaleut ka lemburna Ma Éroh di Pasirkadu, Desa Santana Mekar, Kacamatan Cisayong, Kabupaten Tasikmalaya. Papada kumecrék nyaksian kumaha bedasna éta wanoja, duméh geus hasil nyieun kamalir sangkan cai ti walungan Cilutung bisa ngocor ka lembur. Mangpaatna karasa pisan ku urang Pasirkadu mah, nepi ka sawah nu tadina ngahgar téh ngadadak ngémploh héjo.

Sabada dilélér Kalpataru, Ma Éroh mah angger wé jadi urang lembur, ngurus sawah nu teu sabaraha lega. Di lemburna teu kacaturkeun umangkeuh duméh kungsi sasalaman jeung persidén. Paling gé satuan sakali sok ka alun-alun, mun di dayeuh aya upacara miéling Poé Lingkungan Hidup. Da sok diondang ku bupati, diwanohkeun ka balaréa. Geus kitu mah balik deui wé, sakapeung kudu bari ngajingjing sendal mun pareng usum hujan, da apan jalan ka lemburna sakitu ruksakna.

Kakara ibur deui téh basa Ma Éroh maot, tilu taun ka tukang. Kétang ti keur geringna gé geus dibéwarakeun dina koran. Cék anakna mah, basa rék gering téh Ma Éroh labuh di tampian tukangeun imahna. Teu kungsi jagjag deui, nepi ka maotna 18 Oktober 2004.

Tah, kira-kira sababaraha bulan sanggeus Ma Éroh maot, nganjang ka Pasirkadu téh. Ti Bandung opatan, mondok heula di Kota Tasikmalaya sapeuting, isukna kakara miang ka Pasirkadu. Mokaha jalanna téh, taringgul jeung kacipta leueurna mun usum hujan. Ti Cisayong kudu nanjak tumpak ojég, kira-kira sajam lilana. Kurang-kurangna mah matak nyareri awak, da maké kakocapkeun meuntas walungan nu maké sasak kai ojég téh. Beuki lila jalan téh beuki leutik, nepi ka ukur asup samotoreun. Jog wéh ka lembur.

Kuring (tukang) jeung Lin RN (hareup) basa ngajugjug walungan Cilutung. Nu motrétna Apipudin.

Nepi ka lembur Pasirkadu téh wanci haneut moyan. Imah Ma Éroh deukeut sawah, nyanghareup ngidul. Ari makamna ukur sababaraha léngkah ti éta imah téh, ka beulah tonggoh. Ngaréndéng jeung makam salakina. Ti saprak maot, imah titinggal Ma Éroh dieusian ku anakna nu bungsu. Éta gé aya tiluna anakna téh, tur geus papada imah-imah.

Cék anakna, Maésaroh, najan kungsi dilélér Kalpataru, kahirupan Ma Éroh mah henteu kungsi robah. Éta gé henteu ari ripuh teuing siga baheula mah. Ngan beunang disebutkeun senang gé henteu deuih. Tanahna nu méméhna mah ukur dipelakan sampeu, bisa dipelakan paré, da cai geus ngocor. Tapi da teu lega, ukur kitu wé, dapon keur ngabanjel-banjel bubutuh sapopoé.

Budakna euweuh nu sakola luhur, rata-rata mah nepi ka SD. Karawin wéh. Da apan Kalpataru mah teu bisa ngajamin kahirupanana. Paling ngan semet jadi kareueus pamaréntah Tasikmalaya, milu kana béréndélan préstasi di éta kabupatén.

Di imah Ma Éroh mah ukur aya sababaraha potrét ngagawing dina témbok, minangka cicirén yén karancagéan éta awéwé téh kungsi aya nu ngajénan. Aya potrét Ma Éroh keur sasalaman jeung Soeharto, gigireunana sawatara potrét Ma Éroh dina sawatara acara pamaréntahan.

Henteu lila di imah titinggal Ma Éroh mah. Sanggeus pancakaki jeung nganjang ka makam, terus baé ngumaha ka Mardi, salakina Maésaroh, hayang di anteur ka walungan Cilutung. Maksud téh ulah ngan tina béja wungkul rohakana pagawéan Ma Éroh téh.

"Tebih, jalanna rarembet, ngasruk ka leuweung..." cék Mardi, can naon-can naon geus ngalelewang.

"Nya éta puguh gé, hayang terang sakumaha tebihna." pok téh. Teu kalékéd, rap Mardi maké pakéan paranti gawé. Reketek, nalikeun sarangka bedog kana cangkéng.

Henteu sorangan nganteurna téh. Duka keueung, duka bingung ngobrol-da mémang rada carang takol, méméh indit téh nyampeur Pa Érté jeung baturna hiji deui. Atuh ngabring téh jadi tujuhan.

Teu béda ti nu rék néang cai, leumpang téh mapay galengan solokon. Saparat jalan sawah paselang kebon, ngaléngkob ka lebakeun solokon. Jog kana dadatar, diamparan jukut garing kahalodoan. Jalan sorangeun geus mimiti katémbong rembet ku rungkun.

"Tuh, urang téh ka gunung nu itu!" cék Pa Érté, bari nunjuk ka gunung di jauhna. Karék semet tetempoan gé, geus kasawang sakumaha jauhna. Teu kadéngé aya nu ngarahuh. Meureun aringeteun kana lalampahan Ma Éroh baheula. Pan Ma Éroh mah nyorang éta gunung téh unggal poé, bari ridu ku babawaan, pacul, martil, jeung sabangsana.

Basa mimiti asup kana rungkun, mapay jalan satapak nu teu pati kapiara, panonpoé mah teuing aya di lebah mana. Luhureun sirah téh dangdaunan wungkul. Régangna malang ngahalangan jajalaneun. Atuh Mardi pakupis nigasan régang ku bedog.

Jalan téh angger mapay solokan. Sakapeung kudu kukucuprakan, mun pareng manggih solokan nu néwél pisan kana gawir nangtawing.

Sajeroning leumpang, Pa Érté nyaritakeun deui lalampahan Ma Éroh basa mimiti naratas kamalir cai téa. Teu pati géséh jeung béja dina koran, harita Ma Éroh nepikeun maksudna hayang mawa cai ti walungan Cilutung nu anggangna 4,5 KM ti lembur. Teu pati diwaro ku urang lembur téh, malah teu kurang-kurang nu nyenghél nyeungseurikan, da kahayang Ma Éroh téh dianggapna lahuta.

Keun cenah sual jauh mah, geus biasa ieuh arindit ka leuweung. Ngan éta, lebah nyieun jalan cai, apan kudu ngaliwatan gawir gurawés nu pinuh ku batu jeung cadas. Sasatna pamohalan mun ukur maké pakakas saayana mah.

Untungna téh Ma Éroh mah henteu gimir najan pada ngelelewang. Léos wé indit sorangan. Unggal isuk nikreuh ka walungan Cilutung. Balikna geus reupreupan. Isukna indit deui. Kitu jeung kitu wé.

Mimiti mah taya nu hayang nyaho naon nu dipigawé ku Ma Éroh. Ngan cenah nepi ka jual-jaar keur meuli papakas téh. Martil, linggis, balincong, pacul, nepi ka béak aya puluhna.

Sanggeus 45 poé ngadekul sorangan, Ma Éroh kakara "présentasi" ka urang lembur. Pokna, ari dikeureuyeuh mah teu burung jadi kamalir keur cai téh, najan kapaksa kudu ngagulawing kana areuy. Urang lembur panasaran. Bring wéh ka walungan Cilutung. Papada olohok geus kitu mah, saréréa mimiti singkil rék mantuan.

Solokon nu ditaratas ku Ma Éroh mah panjangna "ukur" 50 méter. Tapi da éta nu panghéséna. Ngarah cai kabawa ka lembur, kudu nyieun deui solokan kurang leuwih 2 KM, sina nyambung jeung solokan séjénna.

Digawé réréongan téh nepi ka dua taun lilana, ti 1986 nepi ka 1988. Basa cai ngocor ka lembur, saréréa ngucapkeun sukur. Éta béja téh nyebar, terus nepi ka Jakarta. Tim juri Kalpataru nu harita dipingpin ku Prof. Dr. Sumitro Djojohadikusumo netepkeun yén Ma Éroh payus pikeun dilélér éta hadiah.

Sanggeus dilélér Kalpataru téh Ma Éroh mah angger basajan, kumaha galibna urang lembur. Sakolana pan teu kungsi tamat SD-SD acan, tapi sumangetna kanyahoan ku balaréa. Komo deuih, perjoangan Ma Éroh téh lain keur dirina sorangan. Sawahna mah apan ngan sacangkéwok, tapi sawah tatanggana nu leuwih lega ngadadak jadi ngémploh deuih.

Lalampahan ka Cilutung téh mindeng ngarandeg beuki lila jajalaneun beuki rembet. Malah maké aya tangkal runtuh, malang sagedé beuteung lebah liliwatan. Anéhna téh henteu karasa capé. Ti Bandung mah nu harita milu téh Euis Balébat, Lin RN, jeung Apipudin. Euis Balébat sababaraha kali labuh. Sapatuna-nu seanyana mah setélan keur ulin ka mol-nepi ka bobolokot. Ari Lin RN mah da puguh purah tetelepék, sajajalan téh sagala ditanyakeun, pangpangna ngeunaan Ma Éroh. Apipudin kapapancénan nyekel handycam, kucang-kécéng ka ditu ka dieu.

Sanggeus mapay jalan nu sakitu rumpilna, teu burung anjog ka walungan Cilutung. Panonpoé asa luhureun pisan sirah, hartina geus tengah poé. Katémbong cai walungan ngagulidag, hérang ngagenyas. Ti lebah curug, "cai Ma Éroh" nguliwed mapay gawir batu.

Areuy jeung rembetna kakayon masih kénéh mapaésan gawir nangtawing. Batu mecenghul paselang jeung cadas. Nya di lebah dinya, 20 taun ka tukang, Ma Éroh gugurawilan téh. Asa kadéngé sora balincong ngabelentrang kana batu.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

tatang rc

tah eta sumanget ma eroh teh anu ku urang di pibanda teh,sanes sumanget ngan ukur mentingkeun diri pribadi,hapunten basana kurang tiasa,maklum ti daerah banten.hatur nuhun ka redaksi sunda news hususna kang dadan.

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...