Bagikeun ka Lapak Facebook

Sastra SundaÉséyKemis, 12 Juli 2012 19:36

Pindah Cai Pindah Tampian

Ku Dadan Sutisna

KEUR budak mah, nu panghoréam-horéamna téh ari dititah mandi. Réa kacaturkeunana, barudak harita mah rada nyatru jeung cai téh. Teu saeutik nu kakara indit ka tampian téh mun kolotna geus ngamang-ngamang nyéré.

Horéamna téh ku dua ku tilu. Geus karuhan ari tiris mah-komo mun mandina disedekkeun ka burit-da puguh lembur téh di suku gunung. Éta pangpangna mah, ku jauhna. Geura wé, ti imah téh kudu ngasruk heula, ngaliwatan pudunan jeung kebon awi. Terus mapay solokan, mun hayang téréh kudu ngagurawil kana gawir. Leumpangna gé aya kana sapuluh menitna.

Ari balik ti tampian, apan kudu nyorang tanjakan netek, matak rénghap ranjug. Leuheung mun léngoh, da ieu mah ku kolot téh kudu wé dibahanan lodong atawa émbér keur mawa cai. Puguh atuh datang ka imah ngoprot késang deui. Halodo onaman teu matak wegah teuing. Ninggang di usum ngijih, sok aya wé nu tiseureuleu téh.

Tampian lebakeun imah téh kajojo pisan ku urang lembur mah. Bubuhan éta nu pangdeukeutna. Éta gé aya cinyusu, caina hérang ngagenyas. Ngan... weuh, lalampahanana lain bantrak-bantrakeun. Maké kacaturkeun meuntas walungan sagala rupa. Nu arindit ka cinyusu mah biasana nu ngala cai keur inumeun.

Di tampian téa, asana ti isuk-isuk nepi ka sareupna gé tara towong. Rebun-rebun geus ramé ku barudak marandi, da rék indit sakola. Ka beurangnakeun kolot awéwé, nu ngumbah wadah, ngisikan, atawa nyeuseuh. Wanci lingsir ngulon bereyek barudak awéwé balég tampélé. Tah, golongan ieu nu sok panglilana mah. Kadangkala nguseyna téh ti lohor nepi ka asar. Ka buritnakeun kakara kolot lalaki nu balik ti sawah atawa ti kebon. Parat nepi ka sareupna.

Ku lantaran kajojo téa, pancuranana gé aya opatna. Malah ku bapa mah-da kabeneran tampian téh dina lelemah bapa-maké dipilah-pilah sagala rupa. Ieu keur barudak, ieu keur awéwé, ieu husus nu ngumbah wadah, hiji deui keur kolot lalaki. Ngan dina emprona mah pacaruk wé, mana nu kosong nya éta nu dieusian.

Pancuran téh perenah luhur balong. Nu hiji mah deukeut sawah, nyanghareup ka kebon awi. Rada harieum, da tonggoheunana aya tangkal nangka gedé naker. Antara tangkal nangka jeung pancuran dipegatan ku gawir nu pinuh ku jukut eurih, lebakeun gawir solokan nu caina ngocor ka pancuran.

Minangka pipindingna, tampian téh digedég ku awi. Dapon wé, tamba teu katutupan teuing. Komo mun gedégna geus bobo mah, nungtut lalocotan, nu aya di tampian téh atra pisan.

Awéwé biasana nu sok réwél ku urusan gedég téh. Pokna téh, mun keur ngumbah wadah atawa ngisikan mah, paduli teuing najan dipoconghok gé. Ari keur mandi? Lapur meureun katénjo sabeuleugeunjeur. Ngan ari bangsaning nini-nini mah tara ieuh "ambil pusing" baragadal wé. Lalaki nu naragog dina tambakan balong atawa dina galeng téh boa dianggap tunggul. Nya aréraeun wé nénjona gé. Kajaba mun nu mandi awéwé ngora, teu kurang lalaki nu meungpeun carang. Iwal ti mun nu mandi nyi mojang, sok aya wé akalna téh. Sakapeung tampian téh dikulibeng ku samping kebat. Atawa mandina bari dibaju.

Mimindengna, indit ka tampian téh pabuburit, bada asar. Da tara kurang ti lima welas urang nu ngantay nungguan tampian kosong téh. Sok silih bereg. Réa nu dapon lantis, mandi kadal.

Sajeroning nungguan tampian kosong téh, gandéngna moal aya dua. Nu hoghag urusan tatanén, nu nyaritakeun kagoréngan salaki, rupa-rupa dongéng aya di tampian mah. Ari barudak, méméh mandi téh sok kokojayan heula di solokan.

"Montong di dinya atuh ngojayna, kiruh ka dieu!" cék nu di tampian. Ku barudak mah tara diwaro. Haré-haré wé.

Nu bengal mah barudak lalaki nu keur mangkat begér. Inditna ka cai téh rerencepan, mapay kebon, kajeun ngasruk jukut garut. Lebah tangkal nangka ngadarepong, teu bina ti nu rék perang, ngawaskeun musuh. Nu dikécéngna, naon deui atuh ari lain nu keur mandi. Moal katémbong ti lebah tampian mah, da kahalangan ku rungkun kirinyuh. Kajaba mun disidik-sidik, bakal katémbong rungkun téh oyag-oyagan.

Handapeun tangkal nangka, tonggoheun tampian, mani geus ledug. Da geus arapal jadwal maranéhna mah, geus katalar yén Nyi Anu téh mandina jam saanu. Teu cukup ku kitu, maranéhna mah geus nyaho saha sok panglilana mandi, saha nu sok bari luak-lieuk, saha nu sok diangir unggal poé Jumaah.

Nya lila-lila mah kapanggih. Da éta meureun, mun keur mandi téh sok bari garandéng. Silih sedek papada hayang meunang tempat nu merenah. Kanyahoan wéh ku Mang Uju. Na da éta mah, dibuburakna gé méh nepi ka astana. Lalumpatan satengah notog-notogkeun manéhna. Saréréa gé nyahoeun kana adat Mang Uju.

Untungna téh, basa geus mangkat gedé, henteu kabagéan ngadepong handapeun tangkal nangka. Éta gé kungsi panasaran, hayang nyobaan, ngan naon nu rék ditoong da tampianana gé geus euweuh. Nu aya ukur tangkal kalapa jeung kebon awi ngagegedeg.

Éta sababna mah, ka lembur geus aya cai. Érté kungsi ngeprak urang lembur masangkeun paralon, mawa cinyusu ti Cisumengka. Nu mandi mimiti pindah ka pipir imah. Nyieun tampian wawayagon. Nu ngadepong pindah lapak, aya nu dina dapuran cai, aya nu di saung lisung. Ka dieunakeun, tampian téh pindah ka jero imah.

Singhoréng pindah cai pindah tampian téh lain ukur paribasa. Da jeung enyana, urang lembur geus parindah mandina, ti tampian deukeut dapuran awi ka tampian di jero imah.***(Dadan Sutisna)

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...