Bagikeun ka Lapak Facebook

Sastra SundaDongéngKemis, 12 Juli 2012 19:34

Dongéng Si Uya jeung Si Onyét: Nagara Héwan

Ku Dadan Sutisna

Tah, ieu sambungan tina Dongéng Si Uya jeung Si Onyét: Sasab ka Kota

Urang teruskeun, nya, dongéng téh.Sajeroning dina beus, Si Uya jeung Si Onyét hookeun. Kakara meureun umur-umuran nénjo kota. Gedong jangkung patingjung­kiring di sisi jalan. Lampu-lampu ting­baranyay warna-warni. Cacak­an peuting mah, mani ramé pisan.

Nu tumpak beus narungtutan turun. Tungtungna mah tinggal opatan: Mang Mencek, Si Uya, Si Onyét jeung Pa Maung, nu keur nyupiran téa. Pa Maung maké baju loréng, kumis jeung godégna di­ingu, atuh beuki pikasieuneun wé.

"Rék naraon cenah mangkeluk téh, Encek?" cék Pa Maung, sorana mani ngagerem. Panonna mah an­teng neuteup ka jalan.

"Harayang ulin wé meureun, Pa," omong Mang Mencek. Terus ngarérét ka nu duaan, "Mondok di imah Emang wé, nya!"

Nu duaan tibang unggeuk, teu wani ngomong awahing ku hélok.

Lebah parapatan, nu tiluan ta­ru­run. Ari Pa Maung mah terus nga­dius, cenah rék ngampihkeun beus ka imah dununganana.

Nu tiluan terus laleumpang ka ki­dulkeun. Ngaliwat ka alun-alun, te­rus méng­kol ka jalan leutik, anjog wéh ka imah Mang Mencek.

"Uing mah asa ngimpi ieu téh, Mang!" cék Si Onyét bari gagaro. "Asa loba nu aranéh di dieu mah!"

"Engké ngadongéngna mah. Urang reureuh heula, capé meu­reun tas nyorang lalampahan jauh. Keun Embina sina kaprak-kep­rek," cék Mang Mencek bari terus ngajak asup.

"Dagoan di dieu!"

Nu duaan diperenahkeun di ro­hang tamu, dariuk dina korsi em­puk. Si Onyét nepi ka lalage­dayan atuh, kakara umur-umur diuk dina korsi, da biasana ogé di­na batu sisi walungan.

"Cik atuh euy, ulah ngeunah sorangan waé!" Si Uya muncereng. Da puguh manéhna mah henteu bisa­eun naék kana korsi, nga­da­ngong wé dina ubin.

"Aéh, Uya hayang ngasaan di­uk?" pokna, bari regeyeng mang­ku sobatna, sina diuk dina korsi nu hiji deui.

Keur kitu Mang Mencek jeung Bi Mencek norojol, dituturkeun ku budakna. Sung-song sasalaman. Silih tanya kumaha damang. Geus kitu bar ngampar samak di pa­tengah­an. Dahareun geus sadia. Terus baé patingcaleuhak. Rérés dalahar, diteruskeun kana nga­wang­kong.

"Kumaha lalakonna Mang, sasa­toan bet parindah ka dieu. Naha uing teu diajak?" Si Uya nu pang­heulana nanya téh. Si Onyét mah runyah-renyoh kénéh, leu­ngeun­na ranggém ku cau muli.

"Euh, kieu. Baheula, teuing sabaraha puluh taun ka tukang, sasatoan di leuweung kungsi gem­pungan, dipingpin ku Pa Maung. Lantaran leuweung dibukbak ku manusa, nya terus barempug, ku­maha lamun pindah. Geus cindek mah, bring baé ngalalana. Ari Uya jeung Onyét, teuing keur ka mara­na harita téh."

"Sigana mah keur maling cabé patani!" Si Onyét némpas bari ngo­som.

"Enya, meureun. Meunang sa­babaraha poé mah terus baé leum­pang. Malah nepi ka saming­gu asana. Na atuh... ari bras téh ka Na­gara Héwan."

"Nagara Héwan? Di mana éta téh?"

"Di dieu pisan. Emang gé kakara nya­­ho, horéng ti baheula kénéh geus aya nagara sasatoan nu leuwih maju. Pangeusina palalinter, da puguh sarakola. Réa barang-ba­rang anéh deuih; ti mimiti mobil, hélikopter, télépon, molsat, malah kom­puter gé aya."

"Heup, heup!" cék Si Onyét. "Uing mah teu nyaho nu kararitu, Mang. Naon bédana jeung wa­lungan, tatangkalan, leuwi, ata­wa..."

"Engké gé bakal nyaho. Regepkeun heula taktagé. Di dieu mah mun rék indit-inditan téh teu kudu leumpang, da aya tutum­pakan saperti angkot, beus, béca, atawa ojég. Mun perelu ka baba­turan, teu kudu ngingkig da geus aya télépon. Mun rék balanja, indit wé ka molsat, tempat balanja nu sa­ga­la aya. Ari komputer mah Emang gé teu nyaho, ukur sadéngé-dé­ngéna. Si Sujang mah kétang, enya budak Emang, bisaeun maké komputer téh da diajar di sakolana. Tah, ku lantaran ngarasa betah, tung­tungna mah nu ti leuweung téh caricing di dieu."

Si Uya unggut-unggutan. Teu­ing ngarti henteuna mah.

"Uya, urang gé cicing di dieu wé atuh!"

"Pék baé ari sakirana baretah mah," Mang Mencek nu ngawalon téh. "Di Nagara Héwan téa, tadi gé disebutkeun, pangeusina geus pa­linter. Ieu nagara dipingpin ku pre­sidén katut menteri-menteri. Tah, éta mah, ti golongan sasatoan nu ngawasa di leuweung saperti ma­ung jeung singa. Terus aya deui pulisi, ti golongan gajah. Aya deui bangsaning guru, supir, tukang dagang, ah, riweuh mun disebutan kabéh mah."

"Enya, enya. Tah, ari ti bangsa monyét bisa henteu mun jadi presidén? Da ari ti bangsa kuya mah, geus puguh moal bisa," cék Si Onyet. Si Uya mani mureleng.

"Ayeuna mah geus euweuh aturan gedé leutikna awak. Saha anu pinter jeung mampuh tur kap­ilih ku rahayat, éta nu bakal ming­pin nagara. Sireum gé teu pamo­halan..."

"Wah, Emang mah, heureuy téh sok kaleuleuwihi..." Si Onyét mani ngehkey. "Moal enya sireum bisa mingpin nagara. Ari henteu nga­belél­keun panon mah, apan awakna gé biheung kaciri."

Mang Mencek mah haré-haré.

"Tah, ari urang mah, kasebutna rahayat. Hésé hayang bisa tepung jeung menteri téh, komo jeung presidén. Rahayat di ieu nagara, dibagi jadi sababaraha kota; aya Kota Mencek, Kota Hayam, Kota Monyét, cindekna mah sakabéh sasatoan boga kota séwang-sé­wang­an. Di unggal kota aya nu ming­pinna, nu disebut walikota. Tah kitu, Uya, Onyét!"

"Beu, éstuning matak hé­meng..." Si Uya gogodeg. "Ari Kota Kuya di beulah mana?"

"Tah, ari sasatoan nu bisa hirup di cai mah, saperti lauk, buhaya, ku­ya jeung sabangsana, cicingna téh di béh sisi, rada jauh ti dieu mah."

"Puas siah, cicing di sisi!" Si Onyét ngancunan. "Kota Monyét di mana, Mang?"

"Leuwih sisi, da apan monyét mah resep tataékan, kudu aya tatangkalan."

"Tuh, pan?" Si Uya mani asa meu­nang. "Ké, Mang, apan maung téh sok jadi menteri, geuning tadi mah nyupiran beus?"

"Henteu kabéh sato bisa jadi nu ka­wasa. Di kota mah, aya nu beung­har, aya nu malarat. Kumaha milik­na baé. Emang gé apan ukur jadi kenék. Tapi aya deui bangsa E­mang nu jadi walikota."

"Enya, Onyét, kumaha milik geu­ning. Sugan wé uing gé jadi pa­mingpin di Kota Kuya!"

"Nya sing baretah wé di dieu. Saheulanan mah bisa cicing di imah Emang," cék Mang Mencek bari ngadeukeutan méja, nyetél télé­visi. Nu duaan puguh baé beuki hélok.

"Geus naon deui waé?" Si Onyét kerung.

"Télévisi. Teu perelu réa ta­tanya, engké gé ku Emang dite­rang­keun sakur nu aya di kota mah. Engké hidep duaan kudu diajar ma­ca jeung nulis, ngarah palinter."

Sajongjongan mah jempling. Mang Mencek anteng ngaban­dungan berita.

"Beu, geus aya deui nu leungit. Beuki kacow ieu mah..."

"Naon téa, Mang?" Si Uya tang­gah.

"Puguh keur harénghéng naga­ra téh. Ti bulan kamari, réa budak sakola nu leungit, aya nu ngiwat. Can kapaluruh saha ulon-ulonna, na­on deuih maksudna."

"Har, geuning réa kajadian di kota mah, " Si Uya olohok.

"Bisi capé mah ngaraso heula wé. Tuh, di kamar nu itu!" cék Mang Mencek.

Tayohna mah enya carapé, teu kudu dititah dua kali, duanana muru ka kamar. Si Onyét terus ngajleng kana pangsaréan.

"Hipu euy!" pokna, maké jeung jujungkiran sagala rupa. "Ieu mah teu béda ti pajuaran déwa."

Si Uya tanggah, da puguh manéh­na mah teu bisaeun naék.

"Uing hanjatkeun atuh!"

"Aéh, poho. Yap sobat, urang ngim­pi di dieu!" regeyeng Si Uya dipang­ku. Golédag wéh geus kitu mah, mani dugsek.

Kira wanci janari, Si Uya ngu­lisik. Di luar mani gandéng. Malah kadéngé aya nu ceurik. Si Onyét diguguyah.

"Hudang euy!"

Si Onyét ngoréjat bari gigisik. "Ambuing, na ngimpi téh mani asa enya. Ngimpi dibeulitan oray di pajuaran déwa. Uing tulung-tu­lungan, reuwas kabina-bina."

"Meugeus montong ngalindur waé. Tah déngékeun di luar!"

Si Onyét mani déngdék-déng­dék awahing ku hayang écés.*** (Dadan Sutisna)

Aya kénéh sambunganana, antosan wé nya...

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...