Bagikeun ka Lapak Facebook

Sastra SundaÉséyKemis, 12 Juli 2012 19:34

Nu Goréng Patut teu Alus Milik

Ku Hawe Setiawan

 DINA sastra Sunda kungsi aya jalma goréng patut anu kacida populérna. Saeutikna aya tiluan: Karnadi, Madraji jeung Carmad. Karnadi ngalalakon dina Rasiah Nu Goréng Patut yasana Sukria jeung Yuhana, Madraji midang dina "carita pantun modern" Madraji beunang nganggit Sayudi, ari Carmad manggung dina novél Carmad  karangan Candrahayat (R.H. Uton Muchtar Syaféi). Enyaan goréng patutna téh. Lain kajajadén.

Teu cara Lutung Kasarung jeung Purbasari basa nandangan cocoba di leuweung. Da nu duaan éta mah sanggeusna mandi di leuwi kapan balik deui ka rupana nu asli. Kasép tur geulis. Ari nu tiluan téa mah goréng patut bawana ngajadi. Geus goréng patut di dituna wé. Karnadi digambarkeun "pendék gedé, dédépé, kulitna hideung kuleuheu, beungeutna garicu, ... panonna bolotot, cukang irungna demés, tungtung irungna nambru, halisna pitak sabeulah, sungutna rubak, biwirna karandel, huntuna baradag, tarangna rubak méh satengah sirahna, turug-turug ana leumpang sok képoh jeung rada déog deuih..." Kitu deui Madraji.

Cék Sayudi nu tapis muisi, Madraji téh "pangadeg dédépé pendék/kumis sésa jurig kuris/berengut kakurung tangtung/buraong karongkong dangong." Teu béda ti Carmad. Carék nu ngarangna Carmad téh "irungna rebéh, sungutna cewaw, biwir luhur kandel lénang teu kumisan. Huntuna baradag carang, ngohngor, ari seuri kaluar kabéh, ari balem siga nu jontowor. Biwir handap jebléh, kandel jeung belang corob. Panonna bolotot... Beungeut garok..." Satipeu wé nu tiluan téh, babakuna lebah kahayangna.

Tiluanana pada-pada mikasono awéwé geulis. Karnadi bogoh ka Eulis Awang, Madraji sono ka Nyi Ipah, ari Carmad aya pikir kadua leutik ka Nyi Sutirah. Ari ku kitu téa mah lain di lembur urang baé aya lalaki goréng patut hayang ka awéwé geulis. Di lembur batur gé aya. Contona baé, dina roman klasik Si Bongkok dari Notre Dame yasana Victor Hugo, apan aya Quasimodo nu mikanyaah La Esmeralda. Atuh dina télévisi kungsi kapidangkeun film séri Beauty and the Beast deuih. Ngan baé aya bédana. Lalaki goréng patut dina sastra Sunda mah semet bogoh ka nu geulis, da ari nu geulisna mah teu pisan-pisan neundeun duriat ka manéhna. Hanas éta dina Rasiah Nu Goréng Patut jeung Madraji nu geulis téh tepi ka beunang ku nu goréng patut, pédah wé kabelejog bin katipu.

***

 Bisa jadi prototipeuna mah Karnadi. Sahenteuna gé nya Karnadi nu datang pangheulana. Kapan Rasiah Nu Goréng Patut téh mimiti medal taun 1926, jauh saméméh medalna Madraji jeung Carmad. Cara nu disabit-sabit dina Ensiklopedi Sunda, lebah éntri "Madraji", lalakon Madraji tétéla mangrupa adaptasi tina lalakon Karnadi, sok sanajan ku Sayudina mah teu ditétélakeun kitu. Urang bisa niténan boh témana boh galuring dongéngna kitu deui karakterna beunang disebutkeun sarua.

Ngan baé, karangan Sayudi karasana leuwih nyastra. Cék pangrasa, ajén sastrana leuwih luhung batan beubeunangan Sukria jeung Yuhana. Bari napak kana carita pantun titilar karuhun, Sayudi geus hasil nyiptakeun karya sastra nu luar biasa. Ku Rukasah SW mah kapan medalna Madraji  téh disebutna gé "révolusi dina karya sastra Sunda, anu émbriona geus katangen dina ‘Lalaki di Tegal Pati'."

Mun téa mah Sayudi deuk diajénan minangka panyajak nu kalayan tapis geus hasil ngolah tradisi, tradisi nu diropéana téh henteu ngan saukur diwatesanan ku tradisi sastra buhun tapi ogé tradisi sastra "modern" deuih anu salah sahiji monuménna téh nya Rasiah Nu Goréng Patut. Malah, cék pangrasa deui baé, Sayudi mah lain ngan saukur ngolah tradisi tapi ogé milu nyiptakeun tradisi. Maksud téh, naratas jalan anyar dina enggoning makayakeun basa katut sastra Sunda. Carmad gé karakterna mah asa ngaharib-harib kana karakter Karnadi. Kawas adi lanceuk.

Ngan baé lebah status sosialna Carmad mah béda jeung Karnadi atawa Madraji. Karnadi mah anémer bangkong, kitu deui Madraji nu "gedéna di pamaénan/asakna di pakalangan" téa ngancik dina posisi sosial anu handap. Duanana kasebut jalma murba. Ari Carmad mah kapan resep pisan diagan-agan, da puguh bru di dapur bro di enggon. Kasebut jalma aya goréng patut gé Carmad mah. Malah basa lalakonna dipidangkeun dina TVRI mah disebutna gé "Juragan Carmad". Lebah préténsina, Carmad mah karasana leuwih deukeut kana carita panglipur. Teu cara Rasiah Nu Goréng Patut jeung Madraji anu cék pangrasa ngandung ajén "kritik sosial".  

***

Ras ka Utuy Tatang Sontani. Béjana, dina taun 1964, kungsi Utuy méré ceramah tina perkara "Sastra Sunda sebagai Djurubitjara Dari Dua Kebudajaan", anu dina Dur Pandjak! (1966) pamadeganana ku Ajip Rosidi diruntuhkeun tepi ka pondasina. Sigana mun urang nuturkeun logikana Utuy mah lalakon nu garoréng patut cara Rasiah Nu Goréng Patut atawa Madraji téh mangrupa réprésentasi "kebudayaan bawah" anu cenah dirojong ku rayat murba, minangka éksprési diri "pemberontak kemasyarakatan" téa meureun. Dina Madraji gé aya adegan Si Madraji ngajejeléh Ki Haji anu beunghar téa.

Ngan baé, mun urang nilik kana Carmad mah, geuning nu goréng patut téh kawas leuwih deukeut kana "kebudayaan atas" anu cenah dirojong ku nu baleunghar, féodal tur ngawasa téa. Kapan Carmad mah, sakali deui, resep diagan-agan. Tah, cék pangrasa, lebah nu goréng patut, nu resep ngalajur napsu bari sok tupa-tipu mah sigana teu di luhur teu di handap. Sok aya baé jalma kawas kitu mah di unggal-unggal kabudayan gé. Nu sidik, dina sastra Sunda mah karakter nu goréng patut téh kawas geus jadi tipologi nu mandiri. Karnadi, Madraji jeung Carmad siga nu sacitakan. Siga geus ditangtukeun di dituna yén lalakon maranéhna téh kudu kitu kudu kitu sok sanajan pajamananana geus béda.

Geura wé bandungan deui lalakonna. Tiluanana tragis pisan. Karnadi "malidkeun manéh ka Citarum". Madraji batan unggah ka balé nyungcung mah, kalah unggah ka baléwatangan. Atuh Carmad antukna mah jadi jalma miskin, rudin, gering panas katutuluyan, lumpuh tur kapatil panyakit kotor. Cindekna, geus goréng patut téh goréng milik deuih. Tapi boa enya nu garoréng patut téh geus kabawa palid ka Citarum. Da geuning kabéhdieunakeun mah nu garoréng patut téh geus teu katénjo ringkang-ringkangna acan di padumukan sastra Sunda téh. Siga geus teu kapaké ku para pangarang sastra Sunda kiwari mah. Nu gareulis mah aya kéneh. Contona baé dina Galuring Gending beunang Tatang Sumarsono aya Néng Sarah nu pinter ngibing téa.

Dina kumpulan carpon Lalakon Bingbang yasana Héndrayana aya kénéh Citraresmi jeung Dewi Sinta. Kitu deui dina carita nyambung "Saéni" karangan Hadi AKS nu dipidangkeun dina Manglé aya Saéni. Nu garoréng patut mah kawasna geus tara dihiap-hiap deui wé. Ari ku kitu téa mah da geus béda deui jamanna meureun nya. Kapan ayeuna mah béjana jaman Pasanggiri Moka. Jaman pakasép-kasép jeung pageulis-geulis. Saréréa hayang didama-dama, tur diawuran hadiah mangpuluh-puluh yuta rupiah.

Hanjakal taya nu pirajeunan nyacah jiwa ngécéskeun mana nu leuwih réa: naha nu goréng patut atawa nu hadé rupa. Mun téa mah leuwih réa nu goréng patut, sigana sakali-kali mah taya salahna milihan mojang jeung jajaka nu panggoréng patutna sa-Tatar Sunda. Madraji! Na los ka mana atuh ari Ki Madraji. Ieu kuring leungiteun eunteung geusan nilik diri. ***

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

Nunu

Halah, cape macana Gan, teu aya paragrapan mah...

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...