Bagikeun ka Lapak Facebook

Basa SundaUnak-anikKemis, 12 Juli 2012 19:33

Nyukcruk Lembur Holisoh MÉ

Ku Dadan Sutisna
SN
Holisoh ME [Potret: Sundanews]

HIJI poé, dina paro taun 1998, kuring ngajanteng lebah alun-alun Tanjungsari. Sakumaha sasari, harita mah, megat mobil nu ka lembur téh sok di alun-alun. Keur anteng ngahuleng, reg aya angkot eureun hareupeun pisan. Aya nu turun singhoréng téh. Ibu-ibu, kira-kira 40-an, maké baju setélan guru, ditiung kayas, ngajingjing kantong hideung. Basa ngarérét ka kuring, bet terus melong:

"Dadan, nya!" pokna. Rada kerung mimitina mah. Ngan basa ditelek-telek, bet asa anu kungsi panggih di rédaksi Majalah MANGLÉ. Enya, inget, Holisoh ME.

"Tétéh ogé pindah ka Tanjungsari ayeuna mah!" pokna. "Hayu ulin heula, keun da beurang kénéh!"

Henteu baha, terus baé tumpak angkutan pedesaan, muru ka imahna. Teu pati inget, naon anu jadi bahan wangkongan harita. Ngan nu écés mah, nya harita pisan kuring mimiti wanoh jeung Holisoh ME téh. Malah ari karah ku geus loma mah, geus tara nyebut Ibu, sok nyebut Tétéh baé. Téh Olis.

Éta ogé, ari kana ngaranna mah geus wanoh ti béh ditu kénéh, ti keur jaman sakola di SD. Mimitina mah, sok macaan karanganana téh dina majalah Suara Daérah anu nyampak di pabukon sakola. Harita gé geus resep macaan karanganana téh. Malah majalah Suara Daérah téa, sok diinjeum, dibawa ka imah (asana mah nepi ka ayeuna gé can kungsi dipulangkeun). Ari nu dipikaresep ku kuring dina karangan-karangan Holisoh ME, tina hal téma anu ngangkat carita di pilemburan. Bubuhan kuring cicing di lembur --malah nepi ka ayeuna pisan-- naon nu ditulis ku Téh Olis téh asa némbrés pisan dina téténjoan. Nu keur mideur, nu dibuat, nu paséa alatan parebut cai, jeung sajaba ti éta. Najan kabéhdieunakeun mah, asa geus rada giung ku carita pilemburan Téh Olis téh.

Bisa kapegat ku poho, rék neruskeun heula carita, yén satutas panggih harita téh, kuring jeung Téh Olis jadi mindeng silih anjangan. Malah, sok remen ngajak ngasruk ka lembur. Kungsi hiji mangsa mah, ulin ka wewengkon Cimarias, désa nu kawilang mencil di kacamatan Tanjungsari. Boroning aya tutumpakan, da rék ngajugjug éta lembur téh, kudu gugurawilan dina gawir, mapay walungan, meuntas sasak, leumpang dina galeng. Ah, sangsara wé mun cék urang kota mah. Tapi ari kuring mah geus biasa ieuh, atuh Téh Olis ogé bangun nu taya kacapé. Kabéhdieunakeun, kakara katohyan, horéng asruk-asrukan ka lembur téh dina raraga ngumpulkeun bahan tulisan.

Geura wé, basa Téh Olis nganjang ka lembur kuring, apan saminggu sanggeusna ngajanggélék jadi carita nyambung Béntang Pasirloa (mun teu salah mah terus dimuat dina Giwangkara). Puguh gé henteu bina jeung wartawan, mun pareng nganjang ka lembur téh sok sagala ditanyakeun. Heuleut sababaraha ogé geus jadi carpon atawa carnyam.

Padahal upama rék paagul-agul lembur mah, meunang kénéh kuring. Apan aya listrik ogé kakara basa kuring nincak SMU. Saméméhna mah ku damar cempor wé. Ari Ceu Olis, sakanyaho kuring mah henteu kungsi cicing di lembur nu nyingkur. Lahirna di Cileunyi, tapi da geus deukeut ka jalan raya. Kungsi dumuk di Permata Biru, apan éta mah perumahan, lain lembur. Kitu deui ayeuna, di Griya Jatinangor, masarakatna geus ngahaeub kana gaya hirup di kota. Malah loba nu henteu biasaeun basa Sunda, wantuning pakumpulan jalma-jalma ti dayeuh jeung ti luar Tatar Sunda. Cindekna, mun nilik lingkunganana mah, Ceu Olis téh geus lain urang lembur deui.

Tapi apan ari pangarang mah tara béakeun akal. Henteu bisa nengetan lembur di sabudeureun imah, nya terus ngasruk ka jauhna. Bisa jadi, éta pisan marga-lantaranana, pangna carpon-carpon Téh Olis karasa réalistis téh. Da pamianganana tina obsérvasi.

Obsérvasi nu panglilana mah cénah basa rék nulis Kembang-Kembang Petingan (KKP), nu dilélér hadiah LBSS 2000 jeung Hadiah Rancagé 2003 téa. Béjana mah nepi ka welasan taun. Palebah kumaha prak-prakanana obsérvasi mah, asa kurang hadé mun dicaritakeun saujratna, bisi teu disaluyuan ku nu ngarangna. Ngan nu écés, pikeun Téh Olis, ngarang téh bangun nu mindah-mindahkeun potrét kahirupan kana tulisan. Henteu loba dipapaés atawa diréka-réka deuih, éstuning saujratna. Nu matak pantes mun karangan-karangan Téh Olis euyeub ku spontanitas.

*

Ari nu jadi jejer carita dina karangan-karangan Téh Olis, tangtuna gé lain pilemburan wungkul. malah apan KKP mah sétingna gé di kota pisan. Atuh jejer séjénna, di sabudeureun rumah tangga atawa sakola, bubuhan Ceu Olis téh guru.

Nu katangén ku kuring, Téh Olis asa can kacaturkeun nyieun sajak. Nu matak carpon-carponna arang anu puitis. Pon kitu deui judulna.

Taun 1996, Téh Olis dilélér Hadiah LBSS, minangka pangarang anu pangpropuktifna, babarengan jeung Akub Sumarna. Disebut produktif, bisa jadi enya, da kasaksian pisan. Kadangkala, saminggu téh bisa ngaréngsékeun tilu judul carpon. Atuh basa nulis roman Kembang-Kembang Petingan gé, ukur saminggu. Ongkoh harita mah dibebereg ku dead-line deuih, da rék diilukeun kana Pasanggiri Ngarang Novél Hadiah Sastra DK. Ardiwinata.

Padahal ari nilik kariweuhanana mah, asa teu kurang-kurang. Angot saprak jadi Kepala Sakola mah. Malah, basa keur jadi Kepala SD Cikudayasa, teu kasawang kumaha bisana nyieun carpon. Sasatna indit isuk balik soré, wantuning lalampahan ka sakola téh lain bantrak-bantrakkeun. Ongkosna ogé tara mahi sawelas rébu.

Ku produktip-produktipna, kawas geus henteu ingeteun, carpon-carpon naon baé anu kungsi dijieun téh. Da éta wé, basa Téh Olis meunang surat ti Ajip Rosidi (harita mah di Jepang kénéh), anu méré béréndélan carpon, Téh Olis ngan bati kerung.

"Geuning apal kénéh Kang Ajip!" pokna.

Nya éta, anu katémbongna mah Téh Olis téh henteu pati tarapti dina dokuméntasi. Atawa bisa jadi lantaran mindeng teuing ngarang, nepi ka henteu kasiwer nyieun péréléan carpon-carpon naon baé anu geus dimuat. Asana, kuring ogé geus aya kana tilu kalina manggihan carpon Téh Olis anu judulna Indung. Enya ari eusina mah béda, tapi naha judulna bet sarua, da sageuy ari béakkeun kecap onaman. Mana kitu gé, lantaran teu kungsi nginget-nginget atawa teu kungsi nyatetkeun judul-judul naon baé anu geus dijieun téh.

Bisa jadi, réréana mah ajén karangan-karangan Téh Olis téh jajar pasar baé. Ngan pikeun Téh Olis, sakumaha anu ditepikeun ka kuring, ngarang mah ngarang wé, moal deuk mikiran alus-goréngna. Urusan nu maca pikeun ngajénna mah. Papadaning kitu, upama téa mah poténsi nu aya di Téh Olis dimekarkeun, boa hasilna baris leuwih hadé. Téh Olis geus boga modal dina gaya nu réalistis, obsérvatif jeung spontanitas. Hanjakal éta modal téh, sabada nengetan karangan-karangan Téh Olis, henteu dibarengan ku babandingan, upamana baé ku cara macaan karangan-karangan nu jolna ti deungeun.

Ngan karancagéanana, pangpangna dina ngurus barudak sina diajar basa Sunda, geus meunang panghargaan. Taun 2008 Holisoh ME geus dilélér Hadiah Hardjapamekas, hadiah pikeun guru-guru basa Sunda nu rancagé.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...