Bagikeun ka Lapak Facebook

Sastra SundaÉséyKemis, 12 Juli 2012 19:28

Kabandang ku Kuda Lumping: Teu Siga Mapatahan

Ku Dadan Sutisna

JANG Udin nutur-nutur kuda lumping tepi ka poho balik. Duit titipan keur indungna leungit di panglalajoan. Ukur bisa ngahinghing ceurik. Rék balik sieun dicarékan. Komo apan cék bapana, budak bangor mah rék dikirim ka Tangerang, dikerem di jero bui. Bakating baluweng, basa aya jalma ngajak indit, milu waéh. Teu apal ka mana nu rék dijugjug. Tungtungna kadungsang-dungsang di lembur batur.

Kitu ku kira-kira mah ringkesan buku Kabandang ku Kuda Lumping (KKL) beunang Ahmad Bakri téh. Bisi pondok teuing, nya urang caritakeun wé saeutik mah kahirupan Jang Udin anu kabandang ku kuda lumping téh. Cenah, cék nu ngarangna, Jang Udin téh budak bangor. Lamun ulin sok kamalinaan, tara inget ka waktuna balik. Atuh ku Jurutulis, bapana, mindeng pisan diseukseukan. Malah hiji mangsa mah disingsieunan: upama bangor waé, rék dikirim ka Tangerang.

Dasar budak atuh. Papagah kolot téh ukur sakeudeung napelna. Basa hiji mangsa ku indungna dititah nyokot duit ka Mang Mita, kalah élodan. Pareng aya raraméan, kuda lumping téa. Terus baé lalajo.

Tah, ari kadungsang-dungsang di lembur baturna mah henteu lila, ukur sababaraha poé baé. Sigana mah pangarangna gé karunyaeun ka Jang Udin, anu ngadon gering di imah deungeun-deungeun. Jol Mang Emod, batur salembur Jang Udin. Atuh salamet Jang Udin téh, bisa balik deui ka lemburna.

Basajan pisan KKL téh. Komo apan, anu dicaritakeunana gé kahirupan barudak di pilemburan. Katémbong pangarangna imeut pisan lebah nyaritakeun kahirupan barudak lembur mah. Sakumaha dina karangan séjénna, Ahmad Bakri bisa pisan ngahirupkeun carita ku dialoh-dialoh anu spontan. Asli bogana urang lembur. Henteu dirautan ku kecap-kecap nu puitis, sumawonna diémbohan ku nu liris ngagalindeng mah. Éstuning saujratna, saayana, luyu kana réalitasna. Malah sakapeung mah, blég baé wangkongan urang lembur anu direkam, terus dipindahkeun kana tulisan.

Parandéné kitu, lain hartina Ahmad Bakri samakbruk dina merenahkeun kekecapan. Keukeuh wé ari palanggeran basa Sunda mah dicekel pageuh. Angot aya kasebutna, Ahmad Bakri téh tapis pisan dina ngulinkeun basa Sunda mah, sahanteuna atuh da guru basa Sunda.

Asana teu salah-salah teuing mun aya nu nyarita, "Upama hayang mulangkeun panineungan ka pilemburan, baca atuh karangan Ahmad Bakri!"

Terus ayeuna mah diémbohan deui, "Mun hayang nginget-nginget deui mangsa budak (pangpangna palebah bangorna), baca atuh Kabandang ku Kuda Lumping!"

Ahmad Bakri téh pangarang populér. Réréana mah nulis carita pondok jeung novél. Ari KKL mah carita anu dihususkeun keur barudak (ngan cék nu medalkeunana, "keur kolot gé hadé"). Duka tah, naha aya deui buku bacaeun barudak karangan Ahmad Bakri nu séjénna, sajaba ti KKL, da kuring mah henteu kungsi manggihan.

Balik deui kana kuda lumping. Ceuk Hawé Setiawan, KKL téh bagian tina panineungan mangsa budak anu hésé dipopohokeunana. Ngan palebah Kang Hawé ngaharib-harib kana tokoh Jang Udin mah, kuring teu apal. Nu écés, KKL mangrupa gambaran kabangoran barudak lembur. Ari nu bangor téa, apan sok aya mamalana. Cara Jang Udin. Teu nurut ka kolot, béhna kadungsang-dungsang.

Ngajugjugan KKL ditilik tina élmuning sastra nu leuwih jembar, komo mun diajén maké téori-téori sastra kontemporér, asana kamalinaan teuing. Atuh dina ieu tulisan, kuring teu boga niat ngajén KKL maké élmuning sastra (da tuna kénéh élmuna ogé). Ampun paralun, sieun terus sasab kawas Jang Udin. Nya urang padungdengan papada urang baé. Ongkoh apan Ahmad Bakrina ku anjeun, ceuk Abdullah Mustappa basa ngariung di Panglawungan Girimukti sawatara waktu ka tukang, teu kersaeun upami karya-karyana disebut sastra.

Cék pangrasa, ieu buku anu ditulis taun 1967 téh henteu laas pikaresepeunana. Éta wé, sajeroning maca téh, bet asa ngabandungan nu keur ngawangkong. Basa kuring maca éta buku di tengah imah, naha da rarasaan téh aya Aki Uda keur ngadongéng di dapur.

Éta sigana mah kaunggulan Ahmad Bakri téh, bisa mincut nu maca sangkan ulah eureun maca bukuna. Ahmad Bakri henteu mentingkeun teuing leunjeuran carita, ngan kumaha carana sangkan carita téh bisa hirup jeung komunikatif. Da lamun ditulisna dina basa Indonésia mah can tangtu aya "sarian" karya-karya Ahmad Bakri téh.

Sajaba ti ngandung "peupeujeuh" ka barudak, sangkan ulah bangor kawas Jang Udin, KKL ogé méré gambaran kahirupan barudak mangsa harita. Boa ayeuna mah kari waasna ngala piit di sampalan teh. Boa ayeuna mah piitna oge geus areuweuh.

Karakter Jang Udin anu dicaritakeun dina KKL apan ukur injeuman pangarang, da dina enas-enasna mah mapagahan barudak sangkan ulah bangor. Ahmad Bakri pinter pisan ngatur komposisi carita, nepi ka nu maca téh henteu ngarasa keur dipapagahan. Umumna, dina buku-buku bacaeun barudak béh ditunakeun, aya kalana urang sok kerung. Remen pahili antara buku nu ngandung leunjeureun carita jeung buku panungtun budi pekerti.

Unggal nu maca, bisa jadi béda-béda pamanggihna sanggeusna maca buku téh. Ngan keur kuring sakuringeun, aya nu matak gereget dina KKL téh. Éta, Jang Udin diwarahna ku pangarang mani sakeudeung pisan, ukur méakeun sababaraha kaca. Mun Jang Udin téh ulah waka aya nu nulungan. Da éta wé, basa Jang Udin keur leumpang di nu poék bari diguyur hujan, hég aya mobil ngarandeg, maké jeung rada hanjelu. Aéh, kétang, da apan anu rék macana ogé barudak, tangtu karunyaeun maca Jang Udin "disangsarakeun" ku pangarang téh.

Ngan cék kitu cék kieu ogé, kuring milu muji kana katapisan Ahmad Bakri.***(Dadan Sutisna)

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...