Bagikeun ka Lapak Facebook

Sastra SundaCarita BarudakKemis, 12 Juli 2012 19:25

Mistéri Haur Geulis (4): Haur Geulis

Ku Dadan Sutisna

Panonpoé geus lingsir ngulon. Barudak ngagimbung di buruan Pa Kuwu, ngagandong kantong. Sanggeus sagala rupana tarapti, bring arindit. Apung, badéga Pa Kuwu, leumpang panghareupna. Dituturkeun ku Bu Éni jeung barudak. Pangtukangna, Pa Oding jeung Pa Kuwu. Ari Mang Amir mah henteu milu, sina nungguan mobil di imah Pa Kuwu.

"Akang mah rék nganteurkeun nepi ka sasak wé. Boga uruskeuneun di balé désa!" cék Pa Kuwu.

"Sawios dugi ka sasak ogé, da aya Apung ieuh!"

"Tong lila teuing di ditu téh, geus nyarahoeun mah barudak, buru-buru wé balik!"

"Muhun, Kang!"

Barudak galécok nyaritakeun téténjoanana. Emod anu sok kateumbleuhan téh, pada nanya. Sanggeus nyorang pilemburan, jog ka walungan. Rada gedé walungan téh, da sasakna ogé mani panjang. Sasak tina awi, ditihangan ku tangkal surian. Cai walungan hérang ngagenyas. Batu rentul, aya nu gedé ngajungkiring, aya ogé nu leutik.

"Mun mandi di dinya, ngareunah meureun, nya. Sakieu keur hareudang téh!" cék Diran.

"Isin atuh, da teu dipindingan!" walon Rina.

"Ituh geuning, batur ogé aya nu ngadon mandi!"

"Da urang dieu mah tos biasa atuh, Dir!" cék Bu Éni.

Méméh meuntas, saréréa ngarandeg heula. Pa Kuwu terus amitan.

"Kadé nya, Yi!" cénah, ngaharéwos ka Pa Oding.

"Mangga, diéstokeun pisan. Nam barudak, meuntas hiji-hiji. Anu paur, muntang ka Apung!"

Emod mah da geus biasa, mani ngan sakilat leumpang dina sasak téh. Béda jeung nu séjénna papada kakarayapan. Komo Rina mah, nepi ka ngadégdég. Kakara meureun saumur-umur meuntas walungan.

Beuki lila beuki nanjak. Henteu manggih deui lembur. Anu kaliwatan téh ukur sawah jeung kebon. Teu wudu barudak resepeunana téh. Ngan lila-lila mah loba nu ngahégak. Ukur Emod anu katémbong jagjag waé téh.

"Reureuh heula barudak, tuh kabeneran aya tangkal caringin!" cék Pa Oding.

"Muhun, Pa, teu kiat capé!" Rina mani rénghap ranjug.

Gék dariuk. Aya nu dina batu, aya nu dina jukut garing. Angin ngahiliwir ti lebak, matak seger kana awak. Matak tuus késang. Ari Emod mah kawas taya kacapé, kalah ka mapay-mapay galeng. Néangan belut magar téh. Goworok maca sajak. Baturna mah boro-boro bisa gogorowokan, ngarénghap ogé bangun nu seuseut. Ari sajakna téh kieu :

Tuh aya gunung
Ngajungkiring sagedé munding
Handapna aya walungan
Arula-arileu kawas oray kapanasan
Ituh geuning aya sawah
Paréna sumedeng konéng
Ituh geuning ...

 

Jep jempé, kagareuwahkeun ku nu seuseurian. Bu Éni nepi ka cirambay. Rina nyikikik. Ari Diran, sakumaha sasari, seurina téh sok bari kukusekan.

"Tong bari ambek-ambekan atuh, Mod, maca sajak téh!" Pa Oding mésem.

"Siga keur nawarkeun cau!" Diran nyelengkeung.

"Moal enya, Mod, aya gunung sagedé munding?" cék Rina.

"Tuh, jeung peureup ogé gedé kénéh peureup!" Emod ngantelkeun leungeunna kana juru panon.

"Nya enya atuh, da gunung mah jauh. Jung téang ka ditu!"

"Teruskeun anggursi maca sajak téh. Karangan saha, Mod?" cék Bu Éni.

"Kénging abdi, Bu!"

"Paingan atuh, sawah sakitu héjona disebut sumedeng konéng!"

Emod balaham-béléhém. Gék diuk dina galeng. Sukuna nyampay dina gawir sawah.

"Abdi ogé badé maca sajak, Bu!" cék Rina. Jung nangtung. Galantang maca sajak :

Langit lénglang tiada awan
Éndah pisan, ciptaan Tuhan
Sawah-sawah ngampar sepanjang penglihatan
Lihatlah, aya ...

Jep jempé, kalah ka ngahuleng.

"Mod, ari itu anu siga imah naon. Tuh di tengah sawah!"

"Di lembur uing mah saung ranggon ngaranna!"

"Enya. Lihatlah, ada sebuah ..."

"Enggeus Rina, ulah babacaan baé!" cék Rudi. "Teu puguh sajak téh. Maké basa Sunda atawa Indonésia?"

"Dicampur wé, da Rina mah teu bisa!"

"Nanyakeun atuh ka Emod!"

"Rin! Hayang nénjo keuyeup? Tuh, rék ngaliang!" cék Emod.

Rob barudak ngadeukeutan Emod. Tinggal Pa Oding jeung Bu Éni nu keur dariuk téh. Ari Apung mah, ti tatadi diukna téh mencil, siga anu éraeun.

"Katingalna mah, barudak téh resepeun!" cék Bu Éni.

"Enya. Ngan asa kaduhung Bapa mah!"

"Har, naha bet kaduhung?"

"Budak batur dibawa asruk-asrukan. Boa kolotna mah henteu ngidinan."

"Apan sateuacanna ogé tos diwartoskeun, urang téh sanés badé piknik ka kota!"

"Sieun barudak ngadoni ka kolotna. Cénah meureun, ku Pa Guru téh dibawa sangsara. Mangkaning Rina mah apan budak diogo pisan. Keun ari Emod mah, da katémbongna geus henteu anéheun deui. Ngan anu séjénna ..."

"Teu kedah janten émutan sanggem abdi mah. Malah urang kedah bingah, parantos tiasa ngatik budi pekerti. Ku bapa ogé panginten katingali, barudak téh lalayeut pisan. Sanajan jolna tina kahirupan nu béda-béda. Rina jeung Diran budak jelema beunghar, Emod mah sabalikna. Tapi akur wé geuning."

"Aéh, kamalinaan geuning reureuh téh. Hayu Bu Éni, bisi kaburu burit!"

Bring deui nikreuh katonggohkeun. Henteu panas teuing ayeuna mah, da panonpoé beuki condong ka kulon. Sajajalan Emod ngabodor, dihaminan ku baturna.

Bras ka jalan satapak, ngaliwatan kebon awi. Mani canéom matak keueung.

"Siga rék ka leuweung ieu téh?" cék Anis.

"Lain leuweung ieu mah, kebon awi!" témpas Emod.

"Embung Anis mah, mun kudu cicing di dieu. Euweuh mobil geuning. Rék tumpak naon mun indit sakola?"

"Tumpak sapi atuh?"

"Kutan? Sapi ogé sok ditumpakan!"

"Heureuy ieu mah."

"Teu lucu!"

"Anu lucu mah Diran. Tuh ténjo, awak sakitu budayutna, leumpang di nu nanjak. Uyuhan bisa kénéh ngaléngkah ogé!"

"Enya, nya. Ituh deui Si Rudi, mani siga kakarayapan. Eukeur mah pendék deuih. Beuki hideung wé di kebon awi mah!"

"Rina mah teu kuat, Mod!"

"Urang gandong atuh!"

"Yéy, aralim teuing, sieun labuh. Naha nya, henteu nepi baé. Jauh kénéh kitu?"

"Ararateul Mod, loba reungit!" cék Imas bari gégétrét.

"Lain mawa obat nyamuk atuh!"

"Mawa ieu ogé. Ngan piraku nyeungeut obat nyamuk bari leumpang!"

"Mod, naha awak manéh mah leutik baé, tara barangdahar?" Rina muntang kana taktak Emod.

"Tong ngenyang baju atuh. Nanya naon bieu téh?"

"Enya, awak Emod leutik waé. Béda jeung Si Diran!"

"Si Diran mah unggal poé ngadahar roti jeung susu. Uing mah isuk-isuk téh ukur ngadahar bubur hayam teu maké daging hayam!"

"Bubur wé atuh, ari teu maké hayam mah. Tuh, jeung Rina ogé jangkung kénéh Rina!"

"Pan Rina ogé sarua sok ngadahar roti jeung susu, jadi jangkung. Ari uing mah, matak pendék jeung belet ogé, tara ngadahar nu réa gijina."

"Cék saha éta téh?"

"Cék Ema!"

Kebon awi geus kaliwat. Suhunan imah mimiti katémbong.

"Alhamdulillah, geuning geus nepi!" cék Pa Oding. Beuki jauh leumpang, téténjoan téh beuki araranéh baé. Rina palahak-polohok, kitu deui nu séjénna. Atuda imah di éta lembur mah kabéh panggung. Dedeganana sarua, kawas ngahaja sina saragam. Di unggal imah aya balong jeung tampian. Buruan pinuh ku kekembangan. Peuntaseun balong, ampir paadek jeung sawah, pelak jaat jeung kacang panjang mani ngajajar.

Saban panggih jeung urang lembur, kabéh ogé taya nu teu manggut. Bangun ajrih naker ka Pa Guru téh. Rupa-rupa paripolahna. Aya nu keur maraban domba, aya nu keur ngampihkeun hayam, aya ogé nu nyaitan popoéan di buruan. Méh kabéh lalaki di dinya henteu maké baju. Aki-aki nu keur maraban domba ogé, ukur maké calana komprang.

"Naha nya Mod, di dieu mah teu dibaraju, henteu éra ku urang?" Rina ngaharéwos.

"Teu kabeuli baju sugan!" cék Imas.

"Lain kitu. Aki uing ogé, ari keur digawé mah tara dibaju. Ngarah henteu hareudang wé. Kajaba upama digawé di sawah atawa di kebon!"

"Yey, geuning marandina téh di balong. Tuh, Si Étéh ogé ukur maké samping. Teu éraeun kitu?"

"Da urang lembur mah langka nu boga kamar mandi. Beberesih téh cukup di tampian baé"

Basa aya nu keur ngarariung, Pa Oding ngarandeg.

"Punten, Jang, ari bumi Aki Minta téh palih mana?" cék Pa Oding, ka budak ngora anu keur diriung ku baturna.

"Teras baé heula. Engké upami mendak tangkal caringin, méngkol ka kénca. Dupi Bapa anu ti mana téa, geuning nyandak murangkalih. Tuang putra?" pokna bari nelek-nelek ka nu anyar datang. Dipapay hiji-hiji. Puguh atuh barudak mah bangun éraeun pisan, dipencrong ku jelema teu wawuh.

"Euh, Bapa téh baraya Aki Minta.

"Pa Guru téa kitu?"

"Étah geuning émut. Saha kitu ieu téh?"

"Abdi mah pun Wardi. Kapungkur kantos nganteur Bapa ka Leuwi Sééng!"

"Euh, enya, inget Bapa ogé. Kumaha cageur?"

"Aya pangésto. Mangga atuh ku abdi dijajapkeun!" cék Wardi. Terus ngarérét ka baturna, "Jang, kuring nganteurkeun heula sémah. Ngumpul deui wé di dieu, kadé poho mawa obor!"

Nu keur ngariung tibang unggeuk.

Bring laleumpang deui. Geus mimiti reupreupan. Panonpoé geus tunggang gunung. Pa Oding leumpang ti heula, ngaréndéng jeung Wardi. Bu Éni, Apung jeung barudak, ngiclik tukangeun.

"Aya naon kitu Jang, mani asa rariweuh?"

"Puguh ogé nuju harénghéng. Si Umar, budak Mang Oji, minggat tos aya tilu dintenna. Dipilarian teu kapendak raratanana."

"Karunya teuing. Kumaha mimitina?"

"Engké baé taroskeun ka Aki Minta!"

Lebah tangkal caringin méngkol ka kénca. Henteu jauh ti dinya mah. Jog ka hiji imah. Buruanana lega. Kawas di imah séjénna, gigireunana aya balong jeung tampian. Nya éta pisan imah Aki Minta téh.

Kasampak nu rék ditepungan keur ngagiringkeun hayam, sina asup kana paranjé. Geus kolot pisan katémbongna mah. Ngan siga jagjag kénéh. Awakna jangkung begang. Maké iket, dicalana sontog, ka luhurna maké kamprét. Nyoléndang sarung wéh.

Basa terangeun aya nu datang, Aki Minta tanggah. Terus gigisik, siga hayang écés.

"Sampurasun, kumaha Aki damang?" Pa Oding nyolongkrong ngajak sasalaman. Kitu deui nu séjénna.

"Rampés. Ké, ké, saha téa nya?"

"Pa Guru, Aki. Réréhan Kuwu Omad, urang Pasir Eurih téa!" Wardi anu ngajawab téh.

"Pa Guru?" Aki Minta kerung.

"Aki émut kénéh ka Bah Wirya almarhum?"

"Inget, ari kitu?"

"Abdi téh anakna!"

"Euleuh, geuning ilaing Sujang. Paingan ti tatadi loba kukupu, da rék aya sémah ti dayeuh. Naha atuh mani burit?"

"Nyimpang heula ka Kang Kuwu!"

"Geuning mani ngabring. Ké, ké, teu salah téténjoan kitu? Geus boga genep budak téh?"

"Ieu mah murid abdi, Aki. Tah, nu ieu Bu Éni, réréncangan di sakola. Ari ka Apung mah panginten uninga!"

"Euh, sukur atuh. Wardi, lain kalah ka ngahuleng, éta barudak sina ka imah. Pamali wanci sareupna cicing di buruan, bisi aya sandékala!"

"Sandékala téh naon?" Rina ngaharéwos ka Emod.

"Sigana mah sabangsaning jurig!"

"Ih, sieun atuh!"

Kabéh arasup ka jero imah. Kasampak Nini Minta keur andéprok bari nyagigirkeun seupaheun.

"Aya ku bagja urang téh Nini, kasumpingan tamu ti dayeuh!" cék Aki Minta.

"Euleuh! Yap atuh ka dieu, kabeneran Nini boga kénéh seupan hui!"

"Ké heula, ulah waka nguruskeun seupan hui. Anggursi nitah Si Wardi, sina masang obor di tampian. Bisi urang dayeuh harayang mandi. Bébérés deuih di pangkéng keur kulemna. Si Éméh téang, sina kaprak-keprek di dapur. Molah naon wé saaya-aya."

"Meuncit hayam?"

"Aéh enya, hayam téh can dipeutingkeun!"

Gidig deui ka buruan. Teu kungsi lila geus ngurunyung, tapi bari babawaan. Brak dibuka di tengah imah. Nangka singhoréng téh.

"Kabeneran tadi Aki ka kebon, aya nangka asak. Pék dalahar ka dinyah. Bisi hayang cau raja, ké atuh urang ngaludang heula!"

"Sawios Aki, tong ngarépotkeun!" cék Pa Oding.

Barudak dariuk dina palupuh. Capé tayohna téh, tas leumpang sakitu jauhna. Tapi kabéh ogé euweuh nu henteu bari rarat-rérét. Lega geuning imah Aki Minta téh. Patengahanana ogé mani ublung-ablang. Pangkéngna aya opat.

"Naha nya, mani euweuh korsi?" Imas ngaharéwos.

"Teu tuman maké korsi urang lembur mah. Cukup diamparan samak baé!" cék Emod.

"Euweuh lampu listrik deuih!"

"Télévisi ogé euweuh!" cék Rina.

"Ari itu naon, Mod?" Anis nunjuk ka nu ngagawing dina bilik. "Siga parabola geuning!"

"Jodang nu kitu mah, paranti moé opak!"

"Geuning manéh nyaho?"

"Aki uing ogé bogaeun!"

"Ari itu?"

"Enggeus ah, éra. Ti tatadi tutunjuk baé!"

Sanggeus tuus késang, bring arindit ka cai. Ngadadak haneuteun di imah Aki Minta téh, teu béda jeung di nu hajat. Nini Minta mirun seuneu, dibantuan ku tatanggana.

Balik ti cai, barudak terus disalin. Cong solat magrib babarengan.[hanca]

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...