Bagikeun ka Lapak Facebook

Sastra SundaCarita BarudakKemis, 12 Juli 2012 19:25

Mistéri Haur Geulis (5): Leuweung Tutupan

Ku Dadan Sutisna

Emod dikungkuyung sarung, nyempod di juru bari nyarandé kana bilik. Diran jeung Rudi dadapangan, bari galécok nyaritakeun lalampahan bieu. Ari barudak awéwé, kalah ka galuntreng di tepas hareup. Teuing keur ngawangkong naon, ngan kadéngé sorana patingcikikik.

"Emod, ka dieu geura!" kadéngé sora Rina.

Emod nyampeurkeun. Kasampak baturna keur dariuk dina amparan samak. Rina maké jékét kandel, tiris tayohna. Imas jeung Anis pagégéyé bari nyarandé kana tihang.

"Pasti aya nu rék ditanyakeun, nya!"

"Enya. Ari éta sora naon, Mod?"

"Mana?"

"Déngékeun atuh. Tah, krik-krik-krik, cénah. Terus aya nu ngahéang. Ari éta nu kueuk-kueukan naon. Mani loba dédéngéan nya di dieu mah. Tapi resep haneuteun. Ituh deuih bulan mani ngempray. Tuh, buruan ogé mani caang!"

Emod mani teu kaur rék éngab, da Rina mani néngtéréwéléng.

"Cik atuh ngomong téh, mani teu ngagéhan batur!"

"Si Rina mah kawas jogjog rék mondok!" Anis nyelengkeung.

"Naon ari jogjog téh?"

"Teuing. Ngan cék Bu Éni, anu sok galécok ti peuting mah kawas jogjog!"

"Geulis meureun nya jogjog mah!"

"Huuuh!" Anis jeung Imas ngancunan.

"Rupa-rupa sato peuting téh. Aya jangkrik, aya gaang, aya caricangkas. Nu kueuk-kueukan ngaranna bueuk, nu éak-éakan ngaranna koréak!"

"Euleuh, mani apal kitu. Sabaraha poé ngapalkeunana?"

"Da uing mah urang lembur. Baréto, méméh ka Bandung, sok tatanya ka kolot. Da hayang nyaho!"

"Paingan atuh, peunteun basa Sunda Emod mah alus waé!"

Irung Emod ngadadak rebéh.

"Kumaha Rin, betah di lembur téh?"

"Betah, betah pisan. Ngan inget ka Mamih Rina mah!" Rina terus ngahuleng.

"Anak Mamih atuh!" cék Imas.

"Ongkoh betah?"

"Enya, tapi kakara ayeuna Rina mah tebih ti Mamih. Keur naon nya ayeuna?"

"Teuing atuh, bet nanyakeun ka uing. Tuh tanyakeun ka bulan!"

"Kumaha nanyakeunana?"

"Kieu. Bulan, pangbéjakeun ka Mamih, Rina sono!"

"Bakal kadangueun moal ku Mamih?"

"Teu nyaho ari kadéngéeun henteuna mah!"

"Teu puguh, ah!"

Keur kitu Aki Minta gegeroan.

"Barudak, ulah guntreng di luar, pamali. Gancang ka jero, urang dalahar!"

Barudak arasup ka jero. Kasampak di patengahan geus ngabarak. Teu béda jeung di imah Pa Kuwu, daharna téh mani paronyo pisan.

Bérés dahar, terus ngawangkong ngalér-ngidul. Pa Oding nepikeun maksudna.

"Barudak téh rék ngadon pakanci di dieu, Aki. Tah, ari Bu Éni, hayangeun terang kaayaan di dieu, rék ngadon tulas-tulis cénah. Sanés di dieu téh sok aya hajat lembur?"

"Leuir atuh datangna, geus bérés minggu kamari hajat lembur mah!"

"Ngadongéng wé atuh, Ki!" cék Diran.

"Ngadongéng naon?"

"Sumuhun, hajat lembur téa!"

"Heug. Ngan Aki hayang terang heula ka maranéh,"

"Sok atuh barudak, geura wawanohan jeung Aki!" cék Pa Oding. Barudak silih rérét. Anu pangmindengna dirérét téh Emod. Pédah capétang nyarita ku basa Sunda meureun. Emod surti kana maksud babaturanana. Sanggeus ngabebenah diukna, pok nyarita :

"Wasta abdi Emod. Abdi mah urang lembur, ngan ku margi pun bapa ngalih ka Bandung, abdi ngiring. Di sakolana henteu pinter, tapi peunteun basa Sunda mah sok saé waé!" eureun heula nyaritana téh, sabab babaturanana kadéngé akey-akeyan.

"Ulah diganggu atuh. Sok teruskeun, Mod!" cék Pa Oding.

"Tah, nu ieu, nu awakna sagedé munding, Diran katelahna. Resep maca cénah mah, pangpangna buku Hélikopter!"

"Héri Puter kituh!"

"Sumuhun. Padamelanana ukur barangtuang. Di sakolana pinter, ngan rada bang ..."

"Ulah dicaritakeun bangorna mah!" Diran ngaharéwos bari nyigeung.

"Ulah, nya?"

"Puguh atuh,"

"Sumuhun. Diran téh saleresna mah bangor, ngan cénah ulah dicarioskeun!"

"Belet! Atuh sarua jeung dibéjakeun éta mah!" Diran nyigeung deui.

"Henteu kétang, henteu bangor. Bapana padamel nagri, ibuna gaduh salon. Tah, upami nu ..." teu kebat deui baé, sabab Rudi kaburu ngaharéwos.

"Pangbéjakeun, cita-cita uing hayang jadi pulisi!"

"Awak pécékrék kitu hayang jadi pulisi?"

"Meunang ari kahayang mah. Éta deuih, palebah uing sok niron lamun ulangan, ulah dibéja-béja. Bisi kadangueun ku Pa Guru!"

"Heug. Tapi éta leungeun sina cicing, ti tatadi nyigeungan baé!"

"Aéh ... Hampura, Mod!"

"Tah, nu ieu mah wastana Rudi. Najan awakna leutik, tapi nedana mah gembul. Bieu ogé apan séép tilu alas. Cita-citana hoyong janten pulisi. Rudi mah langka nyarios. Ngan sok sisigeung baé ... Cék uing ogé sina cicing leungeun téh!" Emod ngaharéwos.

"Terus kumaha, Jang?" Aki Minta mésem. Pa Oding jeung Bu Éni mengkek piseurieun.

"Ayeuna malik ka istri. Nu itu, wastana Rina. Budak pinter, di sakolana réngking hiji. Da puguh unggal dinten nedana roti jeung susu. Nu itu pun Imas, putra Pa Lurah. Nu hiji deui pun Anis, nu gaduh toko Sawargi di Lémbang. Abdi sadaya sakola di SD Tujuh, nembé kelas genep!"

"Har, ari di SD nepi ka kelas sabaraha kitu?"

"Euh, dugi ka kelas genep!" Emod ngabéléhém.

"Ari pangna ulin ka dieu, rék naon?"

"Abdi mah hoyong ningal sawah!" cék Rina.

"Abdi mah hoyong ningal walungan!" cék Imas. Nu séjénna nyebutan pangaresepna.

"Sukur atuh. Isukan ku Aki dibawa ka Leuwi Sééng!"

"Di mana Leuwi Sééng téh?"

"Isuk wé dicaritakeun. Ayeuna Aki rék ngadongéng hajat lembur téa. Tah, ari hajat lembur téh, sukuran ka Nu Kawasa, pédah urang lembur geus bérés panén. Baheula mah aya kapercayaan, hajat lembur téh nyuguh ka Nyai Sri, anu nyepeng dapuran paré. Ari prak-prakanana, dina poé nu geus ditangtukeun, urang lembur ngariung di sawah. Biasana sok dipasihan heula piwejang ku sesepuh lembur. Geus kitu pésta dimimitian. Rupa-rupa kasenian nu aya di lembur dipintonkeun. Tah kitu dongéng mah!"

"Geuning pondok, Ki?" cék Rina.

"Hayang panjang mah, urang ngadongéngkeun Leuweung Tutupan."

"Tah, ramé sigana mah!"

"Kieu dongéngna téh. Jaman baheula, ieu lembur masih kénéh leuweung geledegan. Tatangkalanana sagedé beuteung munding, geueumeun jeung pikakeueungeun. Hiji mangsa, aya jelema anu ngadon muka huma di dieu. Ngaranna téh Ki Jarambah,"

"Sorangan?"

"Henteu, jeung pamajikanana!"

"Ludeungan nya!" cék Emod.

"Ngaranna ogé Ki Jarambah atuh. Lima taun ti harita, sabubuhan jelema datang, sarua rék ngadon ngahuma, maturan Ki Jarambah. Atuh beuki ramé, nepi ka jlegna jadi lembur. Ari Ki Jarambah téh boga budak awéwé, ngaranna Eulis. Geulis béjana mah, nepi ka loba urang lembur anu barogoheun. Ari karesepna téh pepelakan. Melak kembang, melak paré, nepi ka melak awi haur ogé kungsi.

Hiji mangsa, urang lembur gujrud. Eulis minggat ti lembur. Ditaréangan, tapi euweuh raratanana. Nepi ka opat taun euweuh béja-béjana acan. Puguh baé Ki Jarambah asa leungiteun. Anakna geus dianggap lapur. Keur pangéling-ngéling, nya ieu lembur dingaranan Haur Geulis, pédah di beulah kulon aya haur pelakna téa. Ayeuna ogé aya kénéh!"

"Naha bet minggat, Ki?" cék Diran.

"Cék béja mah, pédah rék dirérémokeun ku kolotna. Tapi teuing kétang, da ukur dongéng. Cénah mah Eulis téh kasarung di Leuweung Tutupan. Dicandak ku nu ngageugeuh éta tempat. Nu matak, Ki Jarambah mah cadu tujuh turunan ngalanto ka Leuweung Tutupan. Nepi ka ayeuna, urang Haur Geulis mah tara aya nu wani ulin ka dinya!"

"Di palih mana Leuweung Tutupan téh?"

"Rada jauh. Ti imah Aki mah kari lempeng baé ka kulon."

"Aki kantos ameng ka ditu?"

"Can kungsi ari ngasruk ka jero mah. Rék naon barina ogé. Aéh, bisi geus tarunduh mah, geura sararé atuh. Isukan dongéngna urang teruskeun deui. Barudak awéwé di pangkéng nu itu, barudak lalaki di pangkéng nu ieu!" Aki Minta tutunjuk.

Sigana mah enya barudak téh tunduheun. Henteu kudu dititah dua kali, terus baé arasup ka pangkéng anu dituduhkeun ku Aki Minta. Di patengahan kari Pa Oding, Mang Minta jeung Bu Éni. Malah Bu Éni mah siga nu kabawakeun ku barudak, da terus sasadu rék ngadon reureuh.

"Sanés, Ki, abdi téh aya taroskeuneun!" cék Pa Oding.

"Sok atuh!"

"Tadi téh nguping wartos ti Kang Kuwu, cénah di dieu aya budak leungit. Malah cék Wardi ogé kitu. Leres éta téh Aki?"

"Puguh Aki ogé rék nepikeun perkara éta. Tadi mah kurang hadé, aya barudak. Kieu dongéngna mah. Mangkukna, Si Umar, budak Mang Oji, rék ngala suluh. Ti lembur téh mawa bedog jeung carangka. Tapi nepi ka peuting euweuh balik. Kolotna hariwang, terus baé ditaréangan. Teu kapanggih, teu puguh ka mana léosna. Nepi ka ayeuna lebeng euweuh béja-béjana,"

"Ari cék Aki ka mana?"

"Ieu mah ukur babalédogan. Sigana Si Umar kamalinaan, sasab ka Leuweung Tutupan. Teu ngadéngé papagah kolot tayohna téh, ngarempak pantrangan karuhun. Ari geus sasab ka Leuweung Tutupan téa, hésé deui kapanggihna. Boa terus kalaparan di jero leuweung!"

"Kungsi dipilarian ka ditu?"

"Ka ditu ka mana?"

"Muhun, ka Leuweung Tutupan téa."

"Puguh ogé acan, nungguan waktu nu hadé. Kudu utang-itung heula rék asup ka éta leuweung mah, henteu bisa sagawayah. Baheula ogé sarua kungsi aya budak leungit. Nya ditéangan ku bapana ka jero leuweung. Kumaha balukarna? Nu ditéangan teu kapanggih, nu néangan euweuh balik!"

"Karunya teuing. Sagedé saha Si Umar téh?"

"Ised saeutik ti Jang Emod. Ayeuna ogé Aki téh rék ka ditu."

"Ka Leuweung Tutupan?"

"Lain. Ka imah Mang Oji, apan peuting ieu téh aya gempungan."

"Abdi ngiring atuh, Ki. Kaleresan teu acan tunduh!"

"Ari barudak kumaha?"

"Wios da aya Bu Éni!"

Jrut duanana turun ka buruan. Léos ka beulah kidul. Di langit bulan keur meujeuhna mabra. [hanca]

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...