Bagikeun ka Lapak Facebook

Arsip MediaKemis, 12 Juli 2012 19:23

Arsitéktur Sunda Aya di Baduy?

Ku Dadan Sutisna

POÉ Kemis, 29 Maret 2001, langit geus ceudeum ku pihujaneun. Malah basa anjog ka imah nu pinuh ku kekembangan, cai hujan geus mimiti pras-pris. Sabudeureun Jl. Sultan Tirtayasa Bandung ngadadak poék. Padahal wanci mah can burit-burit teuing.Di rohangan gawéna, Ir. Roza ngabagéakeun. Katémbong loba barang-barang nu aya patula-patalina jeung arsitéktur. Saperti gambar rancangan wangunan, jeung miniatur imah panggung. Di sabudeureun rohangan, peretek ku buku-buku jeung hiasan dingding, nu réréana mah gedé patalina jeung kaayaan urang Sunda.

Ngawangkong téh rinéh pisan, sanajan di luar mah hujan mani ngagebrét. Padahal, basa méméhna ditélépon, Ir. Roza nyaritakeun rék kaluar kota bada isa. Ngobrol téh sabudeureun kagiatan Ir. Roza, nu geus welasan taun ngulik arsitéktur Sunda. Ceuk Ir. Roza, saméméhna mah tacan aya gambaran nu écés, kumaha ari wangunan Sunda nu saenyana téh. Lantaran arsitéktur kaayeunakeun mah geus loba robahna, réa nu diréka-réka. Sanajan di tatar Sunda loba kénéh imah panggung, tapi can bisa dipastikeun yén éta téh arsitéktur Sunda.

Kapanggih ti Baduy
Ir. Roza, nu kungsi ngayakeun panalungtikan ngeunaan awi, ti keur kuliah kénéh resep kana wangunan Sunda téh. Najan méméhna mah, basa keur kuliah, kungsi meunang pangalaman "pait" ti dosén, tugasna henteu dibéré peunteun. Naon sababna?

"Harita téh taun 1978, Akang keur kuliah di UNPAR," ceuk sarjana nu lahir di Bogor téh. Ceuk Ir. Roza, ku dosén téh dibéré tugas kudu nalungtik arsitéktur wangunan pasar. Babaturanana mah néangan gedong-gedong nu luhur, nu sababaraha tingkat. Tapi Ir. Roza mah sabalikna. Kalah milih pasar tradisional keur nyumponan tugasna téh.

Aya nu matak narik dina pasar tradisional téh. Basajan, jeung kagiatanana pangeusina karasa hirup. Katémbong kénéh nu hoghag adu tawar, récokna nu balanja, jeung tinggorowokna nu nawarkeun barang. Béda jeung di supermarkét atawa mal, harga barang téh geus dibandrol. Daék sakitu beuli, henteu kajeun. Sajaba ti éta, di pasar tradisonal mah, wangunanana téh bisa bongkar-pasang dina waktu nu sakeudeung.

Kaayaan di Baduy Jero dina Lukisan karya Yus Rusamsi

"Tapi basa diasongkeun ka dosén, henteu dibéré niléy. Ngan sabada hog-hag adu argumén, dosen téh kakara ngartieun," pokna. Tah, ti harita Ir. Rosa mimiti "kagémbang" ku arsitéktur Sunda téh. Malah terus kurah-koréh kana buku, susuganan aya katerangan ngeunaan arsitéktur Sunda. Ngan sabada lima taun ngoréhan buku, Ir. Roza boga kacindekan data ngeunaan arsitéktur Sunda téh samporét pisan. Malah beunang disebutkeun euweuh. Padahal Ir. Roza kungsi tatanya ka urang asing.

Dina pantun, atawa dina carita-carita baheula, sok aya nu husus nyaritakeun wawangunan. Tapi tacan bisa dicokot kacindekanana, lantaran euweuh bukti-buktina. Ngan henteu wé ari nepi ka peunggas harepan mah. Najan kitu, sakapeung sok ngagerendeng, meureun euweuh arsitéktur Sunda téh.

Anu diulik ku Ir. Roza téh, lain wangunan-wangunan Sunda nu geus kapangaruhan ku bentuk-bentuk ti luar. Tapi hayang manggihan prototipeu atawa bentuk dasarna. Lolobana, wangunan Sunda téh geus kapangaruhan ku modél-modél ti barat.

Taun 1999, Ir. Roza nganjang ka Baduy. Susuganan baé, di Baduy Jero mah anu ditéanganana téh kapanggih. Harita Ir. Roza saparakanca nalungtik kaayaan lembur Cikeusik, wewengkon Baduy anu pangjauhna. Malah apan di Cikeusik mah loba pisan pantranganana, di antarana henteu meunang motrét. Enya baé, di Cikeusik mah aya nu "anéh" dina wawangunan téh. Prinsip konstruksina fungsional. Sakabéh unak-anik dina wawangunan téh puguh kagunaanana. Anu matak hémeng mah, urang Cikeusik bisa ngawangun imah dina waktu anu sakeudeung. Sapoé langsung jadi. Lantaran bahan-bahan anu dipakéna geus "full knock down" ceuk légégna mah. Hartina, gampang dibongkar jeung dipasangkeunana.

Cék Ir. Roza nu kungsi ngarancang bentuk wangunan sakola sa-Jawa Barat, urang Baduy mah leuwih pinter, wawangunana ogé geus "modéren". Urang Barat ogé geus ngarancang konstruksi wangunan anu bisa bongkar-pasang téh, tapi hargana mahal pisan. Ari di Baduy mah, apan sakitu basajanna. Éta baé, kungsi hiji mangsa lembur Cikeusik kahuruan. Da henteu lila ngawangun deui téh. Eukeur mah bahan-bahanna geus sagala nyampak deuih. Geus kitu mah Ir. Roza boga kacindekan, prototip imah urang Sunda téh aya di Baduy.

Hiji mangsa, Ir. Roza kungsi meunang béja ti profésor urang Jepang, wangunan di Jepang gé baheulana mah niron kana wangunan di tatar Sunda. Tangtu baé Ir. Roza panasaran, terus baé mukaan reférénsi arsitéktur Jepang. Sanggeus ditalungtik, nu sarua téh palebah hateupna, sarimbag pisan jeung hateup imah di Nusantara. Éta baé, di Jepang gé aya suhunan cagak gunting téh.

Sanggeus manggihan prototip imah urang Sunda, Ir. Roza terus nalungtik konstruksi wangunan karaton jaman karajaan di tatar Sunda. Anu jadi pituduhna téh, nyaeta karaton Pakungwati di Cirebon. Ngan basa dipaluruh, bénténg jeung pondasi éta karaton bet siga di Bali. Atuh biur baé ka Bali. Enyaan aya nu mirip. Pédah baheula mah, Bali téh kaasupna kana Sunda kecil.

Perluna maluruh arsitéktur Sunda téh, lantaran geus jadi ciri sabumi cara sadésa. Iwal ti kasenian, hiji daérah bakal dipikawanoh tina wangunanana. Tah, di urang mah hésé pisan néanganana téh. Lantaran ceuk Ir. Rosa, urang Sunda mah leuwih mentingkeun fungsionalna. Nyieun imah téh, ukur sakadugana baé, bahan-bahanna oge henteu néangan jauh, éstuning ngamangpaatkeun naon anu aya di sakurilingeunana. Bentukna ogé henteu loba diréka-réka. Langka pisan nu maké ukiran atawa hiasan kawas di sélér séjén. Tina kituna, kahirupan urang Sunda mangsa bihari mah lir raket pisan jeung alam, malah katémbongna aya hubungan anu harmonis.

Ceuk Ir. Roza, dumasar kana pamanggih seniman Jerman, arsitéktur téh méh sarimbag jeung wirahma lagu. Malah ku Ir. Roza mah dipasing-pasing. Arsitéktur saung ranggon, némbongkeun kabasajanan, lamun dina wirahma mah taya bédana jeung ketuk tilu anu leuwih deukeut jeung masarakat kelas handap. Dijieunana gé sakahayangna, rék kitu rék kieu kumaha anu nyieunna. Tingkatan anu kadua nyaéta julang ngapak, babandinganana jeung kawih/tembang. Di dieu mah geus aya aturan-aturan. Tingkatan katilu, nyaéta galudra ngupuk, babandinganana jeung degung. Gagah jeung ngandung wibawa galudra ngupuk mah, biasana sok dipaké wangunan kapamaréntahan.***

Dumasar kana wawancara Ir. Roza R. Mintaredja jeung Dadan Sutisna, Kemis, 29 Maret 2001. Dimuat dina Majalah Manglé.

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...