Bagikeun ka Lapak Facebook

Sastra SundaCarita PondokKemis, 12 Juli 2012 17:55

Potrét Pangantén - Bagian 1

Ku Dadan Sutisna

Cartibag Dadan Sutisna

Bagian Hiji

RADA nyenghél basa maca tulisan deukeut panto téh. Teuing saha nu nulisna, da bangun dapon baé, diterapkeunana ogé siga nu rusuh, nyéngsol-nyéngsol acan. Bet babalagonjangan dina haté, sugan Pa Sukri - anu mimiti poé ieu jeneng jadi mitoha kuring - anu ngagawéanana téh. Éta wé, tadi bada asar, Pa Sukri nanyakeun keretas ka Si Adun. Tayohna téh dipaké nulis kekecapan nu matak réhé. Bet hayoh deuih diterapkeunana di deukeut panto, nepi ka saha baé ogé bisa maca.

"Upami badé nepangan pangantén, harap sabelum magrib!" kitu cénah.

Da jeung enyana, rada matih tah tulisan téh. Méméh magrib, kaayaan nu tadina ramé dadak-sakala jadi tiiseun. Tatangga anu tas babantu nungtutan baralik, sanggeus dibahanan berekat saayana. Anu matak kerung, lain ukur tatangga anu baralik téh, Pa Sukri sapiri-umpi ogé milu amitan.

"Imah ieu mah husus keur Ujang jeung Nyai. Keun baé panggung ogé, nya. Bapa mah rék ka imah nu itu, nu deukeut sawah téa. Pék masing jarongjon duaan. Masing awét rumah tangga téh. Isuk ku Bapa dilongok deui, sakalian urang bébérés urut hajat. Hayu, Ambu!" bari ngarérét ka pamajikanana nu ti tatadi kéom baé.

"Di dieu wé atuh, Pa, sawengi mah!" cékéng téh.

"Muhun, Pa. Asa teu puguh, tas raraméan, ayeuna tiiseun!" cék Ningsih - pamajikan kuring téa.

"Pék baé duaan, da geus galedé ieuh!" pokna, bari ngalaléos. Kuring jeung Ningsih ukur silih rérét.

Ari kulawarga kuring mah, ti tatadi ogé geus marulang. Sabada seserahan, dirapalan, disawér jeung buka pintu, terus baé aramitan. Pokna ogé, kolot mah ukur nganteur, milu ngareugreugkeun. Geus salamet mah, nya wayahna ditinggalkeun. Matak geus hayang kawin ogé, meureun geus siap hirup bari teu gumantung ka kolot. Kitu pokna téh.

Palebah kuring ditinggalkeun paduduaan, teu ieuh dipikiran. Cék Si Adun, panyawah kolot kuring, geus biasa cénah di ieu lembur mah pangantén téh sok diantep paduduaan. Kolot mah kajeun nyingkur heula ka mana, nu penting barudak nu tadi beurang dirapalan jongjon, henteu kaganggu, euweuh nu dipikaragab.

"Da euweuh dina sajarohna aya pangantén dikemitan!" cék Si Adun. Nya ari keur kuring mah, atoh wé nu aya. Boa Ningsih ogé sarua. Ngan ari awéwé mah apan bisa nyumputkeun semu, henteu ngatarakeun.

Geus euweuh sasaha mah, gék dariuk di patengahan. Asa lalungsé, bubuhan poé bieu mah satengah dialung-boyongkeun. Kudu itu, kudu ieu. Nincak endog téa, meuleum harupat téa, nepi ka pabetot-betot bakakak sagala rupa.

"Mending bébérés heula, Ning. Ngarah jongjon!" cék kuring, bari panon mah miheulaan ngarérét ka kamar pangantén. Manéhna tibang imut.

"Bébérés di kamar? Parantos bérés da. Apan kénging ngahias Ceu Emin. Baruni deuih. Cénah éta seueur kado numpuk di juru, ah da pantes cék abdi mah. Sakantenan baé urang bukaan,"

"Keun baé ari di kamar geus bérés mah. Ieu wé di patengahan, sakieu matak sareukseukna. Sigana mah nu babantu téh henteu kaburu mérésan tengah imah, da éta Bapa Nining maké nyieun pamplét sagala rupa!"

"Mangga atuh. Tapi abdi mah badé ibak heula!"

"Enya, mangga!"

Ningsih ngaléos. Kuring ngojéngkang ka luar. Ngajanteng di buruan. Balatak ku runtah, can kaburu disapukeun. Balandongan nangtung kénéh. Sigana isukan dirakrakna téh. Ari korsi séwaan mah geus dibérésan, malah geus diringkid ku nu bogana.

Layung ngempur di beulah kulon. Boa hurungna téh lebah kota Bandung, nu geus lawas ditinggalkeun. Rét kana tulisan deukeut panto. Henteu pantes, cék pikir, gancang baé dilaan, digundukkeun jeung runtah séjénna. Gur diduruk.

"Mani rajin pangantén téh!" cék nu ngaliwat, disamping sarung, tayohna mah rék indit ka tajug.

"Barala atuda, Pa. Angkat kamanten?" pok téh. Palebah nyebut "kamanten" bari rada rengkuh, nurutan kabiasaan di éta lembur.

"Ka imah Pa Érté, Jang. Kamana atuh Si Éneng? Geuning nyorangan baé?"

"Nyondong di lebet, Pa!"

"Sing betah di dieu téh, Jang. Komo Ujang mah wedalan kota, maksud téh kungsi sakola di kota, tangtu dipikabutuh ku urang dieu. Boa engké mah dijenengkeun jadi kuwu. Aéh, hayu, Jang!"

"Mangga!"

Dekul deui sasapu. Wanci geus reupreupan. Sakeudeung deui ogé poék.

"Atos, Kang. Énjing deui wéh!" aya nu ngagero ti tepas. Basa dirérét, Ningsih mani geus luis. Maké erok bulao, ka luhurna kaos warna konéng sahéab. Buuk dibeungkeut ku pita héjo. Biwirna dibeureuman saeutik. Maké ngaranjug sagala rupa nénjo nu kitu mah. Gancang sapu dialungkeun.

"Enya, mending énjing deui. Akang mandi heula atuh!"

"Andukna tos disadiakeun. Ari baju Akang di mana, ku abdi urang siapkeun?"

"Di mana, nya. Dina koper mun teu salah mah. Tah, ngan koperna di mana?"

"Koper anu dicandak ku Kang Adun téa?"

"Enya!"

"Ku abdi disimpen caket kado. Teu nanaon dibuka? Urang bérésan bajuna!"

"Naha maké nanaon, da euweuh nu perlu dirusiahkeun. Barang nu Akang, nya nu Nining kénéh!"

Manéhna imut deui. Buru-buru asup ka imah, ngarawél anduk, terus ka cai bari héhéotan. Teu pati jongjon mandi téh, da éta, inget baé ka nu maké erok bulao. Pikiran cunihin pabuis dina sirah. Moal teu matak panasaran, cék pikiran cunihin téh, da apan Ningsih mah béda jeung awéwé séjén. Sok nampik upama diambung damis, narah mun dicekelan, kalawan maké alesan klasik nu kaharti jeung kasurti : apan urang téh teu acan kakurung ku tikah. Tah, ayeuna, Ningsih, tikah geus dikurungkeun ka urang duaan, sageuy lamun masih kénéh nampik téh. Apan rindat anjeun bieu, geus matak béda kana rarasaan. Rindat nu sumerah téa.

Awahing kaweur ku pikiran cunihin, nepi ka teu engeuh, odol ogé kalahka dipaké kuramas.

Geus ngarasa lantis mah, asup deui ka imah ngaliwatan dapur. Di patengahan, amprok jeung nu maké erok bulao. Kuring seuri, tapi manéhna kalahka baeud.

"Nining, ku naon?" rada reuwas nénjo kitu mah. Ningsih teu ngajawab. Bus ka kamar nu hiji deui, pagigir-gigir jeung kamar pangantén. Kadéngé panto kamar dikonci ti jero. Kadéngé nu meubeutkeun awak kana kasur. Mimiti inghak-inghakan.

Gebeg téh, mani ngaranjug, bareng jeung ngilesna pikiran cunihin nu ngukuntit ti cai kénéh. Panto diketrokan.

"Ning, buka. Teu ngarti Akang mah, asa teu gugur teu angin. Sok buka geulis, urang ngobrol di dieu!" pok téh, ngahaja sina rada romantis, sugan manéhna léah daék muka panto. Tapi batan dibuka mah kalahka ceurik beuki tarik. Beu, aya-aya baé.

Da puguh ukur disamping anduk, bus baé ka kamar pangantén nu beunang ngahias téa, rék disalin. Mani ngajenghok basa nénjo koper dina kasur. Eusina acak-acakan. Nu matak reuwas, dina kasur, aya potrét beunang nyoéhkeun. Basa sesebitanana ditepung-tepungkeun, sina ngahiji deui, bréh potrét kuring keur patangkeup-tangkeup jeung awéwé - nu sidik mah lain jeung Ningsih.

Sanggeus dibaju mah, eusi koper dibérésan, bari teu wéléh kerung. Aya handphone, diskét sababaraha hiji, visidi, jeung buku "Bercinta dengan Komputer". Kabéh ogé barang-barang nu kuring, euweuh nu anéh. Ngan naha bet aya di dieu, di kamar pangantén pisan.

Kakara kaharti, tangtu pahili sakadang koper téh. Basa rék indit seserahan, Si Adun dititah nyokot koper di kamar kuring. Aya dua apan koper di kamar téh, nu hiji bawa ti kota, nu hiji deui bawaeun panganténan. Si Sadun nanya :

"Koper nu mana?"

"Nu héjo!"

Henteu salah Si Sadun mah, da jeung enyana nu dibawa téh koper héjo. Kuring ogé henteu kaburu nalitian eusina, da kaweur téa. Apan acara seserahan mah sakitu riweuhna. Loba nu kudu diuruskeun, ti mimiti mas kawin, babawaan, nepi ka milang jelema anu rék nganteurkeun. Saha atuh anu baris inget kana eusi koper.

Kakara inget ayeuna, koper nu keur panganténan mah warnana hideung, ngan gedéna sarua. Bubuhan ari ka kota sok mawa baé koper héjo, nya éta anu ngolébat dina pikiran, basa ditanya ku Si Adun téh. Keun ari barang-barang séjénna mah, babari nerangkeunana nepi ka kahartieun ku Ningsih. Handphone apan paranti nelepon, moal ngahudang timburu. Ngan édas, maké aya potrét sagala rupa. Hésé néangan alesanana, kumaha sangkan Ningsih ngarti yén awéwé anu keur nangkeup kuring téh, teu perlu dipaké timburu. Nyel téh jadi ambek ka koper. Leuwih keuheul deui, naha potrét kitu patut bet mimilu ka lembur. Apan sarupaning rusiah nu matak riweuh upama geus rumah tangga mah dititipkeun ka Si Samija, babaturan di Bandung. Surat, potrét, catetan poéan, euweuh nu karingkid ka lembur rarasaan mah.

Golédag kana kasur. Di kamar gigireun, tangtu Ningsih ogé keur ngagolér. Tah, kadéngé kénéh sorana inghak-inghakan. Écés pisan, da puguh ukur kahalangan ku bilik. Cacak lamun kamar pangantén henteu dikulibeng ku lawon mah, tangtu kuring bisa noong ka kamar gigireun.

Tungtungna mah ukur bisa neuteup lalangit. Ngarahuh. Pikiran cunihin nu ngolébat di cai téh horéng biheung bisa kakedalkeun peuting ieu. ***(Hanca)
Nyambung ka:
Potrét Pangantén - Bagian 2

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...