Bagikeun ka Lapak Facebook

Sastra SundaCarita PondokKemis, 12 Juli 2012 17:55

Potrét Pangantén - Bagian 2

Ku Dadan Sutisna

Cartibag Dadan Sutisna

Bagian Dua

RADA lila ngahuleng téh. Bingung kumaha nerangkeun gékgékanana éta potrét. Ari Ningsih, apan ti barang wanoh ogé, geus katangén resep ngingu timburu. Tong boro ayeuna nangénan potrét nu keur patangkeup-tangkep, upama apaleun kuring nganjang ka imah Pa Kuwu ogé, baeudna sok aya tilu poéna. Lain timburu ka Pa Kuwu, tapi ka budakna anu cék béja mah neundeun haté ka kuring.

"Ning, sanés badé murak kado?" cék kuring, nyobaan ngajak ngawangkong. Sugan manéhna geus palér. Tah, geuning, sada rék ngajawab. Maké dédéhéman sagala rupa.

"Akang mah bangor!" sorana ti kamar gigireun, semu sisimekeun. Ogoan budak téh. Kituna mah pantés, da umurna kakara manjing 19 taun. Tamat ti SMU henteu neruskeun sakola, terus baé diajak kawin.

"Bangor lebah manana? Sakieu bageurna!"

"Bohong! Éta geuning aya potrét sareng istri. Akang bobogohan di kota, nya? Boa Akang geus nikah di ditu. Teungteuingeun Akang mah!"

"Henteu, Ning. Akang mah teu acan nikah sajaba ti ka Nining ..."

"Ari Si Éta saha atuh?" palebah nyebut "Si Éta", kadéngé mani bangun nu keuheul naker.

"Nining moal ngambek, upama ku Akang dibéjakeun sajalantrahna?"

"Moal, asal Akangna wé jujur. Apan ti payun mah, cénah Akang teu kungsi boga kabogoh, iwal ti ka abdi,"

"Rumasa harita mah Akang bohong. Inggis Nining ambek. Yap atuh ka dieu ari moal ambek mah, urang murak téa kado!"

"Si Éta, saha Si Éta téh?"

"Emh, na mani keukeuh. Di dieu geura ngobrolna, ku Akang didongéngkeun!"

"Alim. Ti dieu ogé kakuping!"

"Si Éta téh babaturan kuliah. Kungsi hahadéan jeung Akang, tapi teu lana. Ayeuna mah geus enggeusan," pok téh, bari barabat ngadongéng sabisa-bisa, dipilihan nu alusna. Puguh baé, sakur anu dicaritakeun téh, bet béda jeung nu ngolébat dina pikiran.

Mun Ningsih bisa ngobét ingetan kuring, boa terus kabur nepungan kolotna. Teu pamohalan nepi ka ménta diserahkeun peuting ieu kénéh ogé. Ngan naon kasebutna, peuting pangantén ujug-ujug gor-gar paséa, bari ukur masualkeun potrét.

Anjeun mah moal apal, Ningsih, awéwé anu aya dina potrét téh ngaranna Lisa, Lisa Sanitri. Tangtunganana jiga anjeun, jangkung lenjang. Ngan bédana téh, itu mah urang kota anu idek-liher dina rupaning kahirupan kota, anjeun mah urang lembur nu hirup dina tiisna pagunungan. Itu mah capétang pinter nyarita, remen ngajak padungdengan, anjeun mah éraan. Loba nu béda antara itu jeung anjeun téh.

Anjeun hayang apal lalakonna? Heug ku kuring dicaritakeun, tapi ukur dina gerentes haté baé, nya.

Nyaritakeun kota, kota Bandung, bet inget ka kolot anu cénah kasohor lega sawah lega tanah. Cacak lamun kuring jadi Si Adun mah, meureun paling ogé dititah ngarit, ngala suluh, atawa naon baé anu geus ilahar dipigawé di lembur. Ku Bapa mah apan kuring téh dititah sakola, Ningsih. Sanggeus tamat SMU di kacamatan, terus baé sina indit ka kota, neruskeun ka paguron luhur. Aya untungna kétang Bapa nitah sakola téh, lantaran kuring bisa tepung jeung Lisa anu ku anjeun ditimburuan téa.

Sigana mah tuturut-munding ka urang kota, da sanggeus ngontrak kamar téh, bet terus hayang meuli komputer, handphone, jeung barang-barang séjénna anu boa keur anjeun mah moal aya gunana. Bapa mah tara itungan, Ningsih, asal kuring nyebut butuh duit, tangtu dibahanan, najan kudu ngajual heula sawah ogé. Di kota kuring bisa hirup senang, indit kuliah maké motor, terus ruang-riung di kamar kontrakan. Ari nu diobrolkeun jeung babaturan, apan pasualan-pasualan badag; kumaha ngahirupkeun budaya daérah, ngaronjatkeun ékonomi masarakat, jeung sajabana. Sabada kuring tilem dina pamikiran-pamikiran kawas kitu, bet ngadadak poho yén kuring téh urang lembur. Bisa jadi Si Adun mah, panyawah Bapa téa, ukur mikiran kumaha carana sangkan poé ieu meunang jukut. Atawa kumaha carana sangkan domba kukutanana lalintuh.

Ari haben ngebulkeun sirah ku rupa-rupa pamikiran mah, sok rajeun bosen. Da éta wé, anu pabuis dina sirah téh pamikiran urang deungeun, tina buku anu ku kuring dibaca. Ngarah henteu bosen teuing, terus wawanohan jeung Lisa. Manéhna téh batur sakampus, ngan béda jurusan. Sarua manéhna ogé sok ngajak diskusi, tapi apan aya bédana ngadu-catur jeung awéwé mah. Béda geregetna. Ari anu diobrolkeun jeung Lisa, mimindengna mah sual panalungtikan. Lisa resep pisan nganjang ka hiji tempat, nengetan kahirupan masarakatna, terus ditulis jadi laporan. Rada anéh, da apan kuliahna mah di Fakultas Kedokteran.

Perkara nyukcruk hiji tempat mah, Lisa téh ahlina. Kungsi indit sosoranganana ka kampung adat Baduy, ka kampung Naga, jeung tempat-tempat séjénna. Geus kitu, lamun manéhna balik ti panyabaan, sok terus ngajak ngawangkong. Sapeuting jeput éta téh, Ningsih. Si Samija, babaturan kuring nu kungsi dititipan saruapaning rusiah téa, sok rajeun maturan.

"Urang téh perlu néangan tarékah, pikeun nepungkeun pamikiran jeung urang lembur," cék Si Samija, dina hiji peuting, bari ngelun udud roko kéréték. "Penting cék kuring mah, sangkan urang bisa hirup dina réalitas. Cék Lisa, dumasar kana palungtikanana, kiwari katémbong pisan ganjorna pamikiran urang kota jeung urang pasisian téh. Bisa jadi éta téh alatan pendidikanana, atawa pangaresep maca. Lisa nyebutkeun, karéréaan parawan di lembur bisa ngajaga kahormatanana sangkan angger suci dina peuting pangantén, lantaran nyekel kénéh tradisi ti karuhunna. Lain saukur tradisi kétang, bisa jadi diémbohan ongkoh ku pangaweruh agamana. Tapi apan bakal leuwih hadé, lamun diémbohan ogé ku pangaweruh maranéhna kana sex education, sakumaha anu jadi kasalempang kolot rumaja di kota,"

"Kungsi aya panalungtikan ngeunaan sex di kalangan rumaja," cék Lisa, nyaritakeun deui panalungtikan. "Méh 90 persén réspondén nyebutkeun, silih cekelan leungeun jeung kabogoh téh wajar, boléh-boléh saja.)1 Hanjakalna, éta panalungtikan téh ukur di kota wungkul, duka téh teuing kumaha pamanggih rumaja di lembur. Ngan cék kuring mah, tina sawatara panalungtikan séks di kalangan rumaja di kota, séks bébas téh geus nampeu pisan,"

"Ari di lembur kumaha?" Si Samija kerung.

"Cék kuring ogé duka téh teuing. Sigana hiji mangsa mah perlu ogé ditalungtik!"

"Kumaha atuh ngungkulanana?"

"Pananya anu geus kliseu. Kadangkala urang sok neumbleuhkeun datangna budaya deungeun jeung canggihna téknologi. Séks bébas di kalangan rumaja, cénah alatan visidi téa, internét téa, buku-buku téa, jeung sajabana. Séks mah apan urusan pribadi, Samija, anu bisa dirusiahkeun jeung disumputkeun. Ngungkulanana ogé, jigna téh kana pribadi séwang-séwangan!"

Tah kitu, Ningsih, obrolan kuring sabatur-batur téh. Pasualan anu boa dina ingetan anjeun mah can kungsi ngolébat. Tapi apan boh kuring, boh Lisa, teu béda jeung rumaja séjén. Dina sela-sela diskusi téh, sok rajeun melentis sacangkrung rasa, mun pareng neuteup beungeut manéhna. Teu ieuh digebahkeun éta rasa téh, najan kuring inget di lembur anjeun keur ngadagoan.

Upama keur diskusi, maké sok boga anggapan kuring sabatur-batur téh mahluk nu sarwa bisa; bisa nembrakkeun pasualan badag, bisa ngedalkeun sawangan, bisa mikiran tangtungan nagara nu jadi panyileukan balaréa. Tapi upama geus balik deui jadi "manusa" saayana, kakara sadar horéng kuring ogé boga pangabutuh nu leuwih pribadi. Sebut baé, salasahijina, pangabutuh pikeun neuteup beungeut Lisa kalawan anteb.

Lisa pon kitu deui, sajaba ti nalungtik masarakat adat téh, boga kahayang pikeun nalungtik diri sorangan. Henteu kudu dibéjér-béaskeun, Ningsih, bisi anjeun beuki timburu. Cindekna mah kuring geus bisa nepungkeun pamikiran sorangan jeung pamikiran Lisa, bari jeung henteu diréwong ku Si Samija.

Sataun katukang, Ningsih, manéhna téh keur nyusun skripsi. Mani langka nepungan ari keur riweuh mah. Puguh baé, asa cuang-cieung, tuman ngawangkong ngalér-ngidul, ari harita tiiseun pisan. Ah, da Si Samija mah teu bisa diajak nepungkeun pikiran atuh.

Hiji poé, isuk-isuk, manéhna ngurunyung. Bangun rurusuhan, da mani henteu diuk-diuk acan. Padahal apan kuring téh sono - bisa jadi manéhna ogé - ngan lantaran riweuh henteu bisa lila ngawangkong.

"Pangmenerkeun komputer!" pokna.

"Ku naon kitu?"

"Teuing, da henteu hurung pisan. Mangkaning keur dipaké nyieun skripsi, kudu bérés minggu ieu!"

Gancang baé ditéang ka kamar kontrakanana, henteu jauh ti kontrakan kuring mah. Saenyana, kuring bisa ngoméan komputer Lisa harita kénéh. Ukur salah nyolokeun kabel pira ogé. Tapi naha atuh, ku kuring kalahka dioprék sina leuwih ruksak.

"Kumaha?"

"Sigana mah kudu disérpis. Aya nu kudu dibeuli, hargana 500 rébu!"

"Aya duit mah. Panguruskeun wé, tapi kudu bérés poé ieu!"

"Sigana mah aya masalah dina hardisk, Lis!"

"Atuh data skripsi bakal leungit?"

"Bisa jadi ..." kuring melong, nungguan réaksina. Enya baé geus mimiti lewa-lewé.

"Kumaha atuh?"

"Kieu ayeuna mah. Kumaha lamun hardisk-na ku kuring dibawa, urang cék dina komputer kuring. Sugan baé data skripsi bisa disalametkeun!"

"Nyaan?"

"Tapi sigana mah, Lisa ngetikna kudu di ditu. Ambéh aya nu maturan wé deuih!"

"Siap. Hayu urang bébérés!"

Peuting éta, Lisa mimiti ngetik di kamar kuring. Teu kudu héran, Ningsih, najan cicing di kamar paduduaan ogé, moal aya nu ngaharu-biru. Bébas di kamar kontrakan kuring mah. Moal cara di lembur anjeun.

Saméméh ngetik, biasa wé sok diskusi heula. Dumasar kana panalungtikanana, Lisa nyebutkeun yén séks bébas di kalangan mahasiswa téh geus matak hariwang. Di kota Y, cék Lisa, 97,05 persén mahasiswi geus henteu virgin deui.)2 Masalah éta pisan anu ku Lisa dijieun skripsi téh. Malah engké-engkéna mah rék dibukukeun sagala rupa. Judul skripsina téh Séks di Kalangan Mahasiswi : Sebuah Tinjauan Keséhatan.

Mun manéhna geus capé, sok ngagolér sadaékna. Kuring boga kasempetan pikeun mukaan file skripsina. Dibaca imeut naker. Nya kitu, mun manéhna geus saré, kuring sok terus ngoprék komputer. Ari pangaresep téh apan ngolah grafis, ngaropéa gambar. Mimitina mah kuring ngasupkeun potrét Lisa nu satangtung kana komputer. Terus dipapantes, tukangeunana dipapaés ku kekembangan. Bet terus kamalinaan. Lalaunan potrét Lisa téh ditaranjangan. Ah, Ningsih, anjeun mah moal apal, apan komputer téh sagala bisa. Peuting kahiji, kuring mukaan bajuna. Mani hararésé, da puguh kudu bisa ngolah warna, ngarah katénjo "enya". Kakara ogé nepi kana dada, magol mantén. Mouse-na ngadat, siga nu embung dipaké teu uni. Gancang baé file-na disimpen, téang-téangeun poé isuk.

Peuting isukna, naranjangan potrét téh geus nepi kana cangkéng. Teu kebat, kagareuwahkeun ku Lisa anu lilir. Rét ka kuring nu keur neuteup layar komputer. Bet terus ngadeukeutan.

"Saé geuning, cik teraskeun!" pokna.

"Latarna palay warna kumaha?"

"Beureum lah,"

"Palih dieu warna konéng, nya!"

"Enya. Cik ka palih handapna!"*** (Hanca)

Nyambung ka:
Potrét Pangantén - Bagian 3 (Tamat)

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...