Bagikeun ka Lapak Facebook

Sastra SundaCarita PondokKemis, 12 Juli 2012 17:55

Potrét Pangantén - Bagian 3 (Tamat)

Ku Dadan Sutisna

Seratan sateuacanna:Potrét Pangantén - Bagian 1
Potrét Pangantén - Bagian 2

Cartibag Dadan Sutisna

Bagian Tilu (Tamat)

TAH kitu, Ningsih. Moal enya éta dongéng dicaritakeun ka anjeun anu sakitu galak timburuna. Keun, da anjeun jeung Lisa mah béda alam ieuh. Lisa cicing di dunya nu pinuh ku pamikiran, kawas mikiran naon sababna mojang lembur bet bisa ngajaga kasucian - kaasup anjeun, sugan. Anjeun mah apan ukur mikiran rasa timburu.

Sakapeung, Lisa téh sok matak kagét. Sok méré "kejutan", cék urang dayeuh mah. Kungsi apan, hiji peuting manéhna meredih, kumaha mun potrét nu ditaranjangan téh sina kawin jeung potrét kuring. Ngarah aya baturna, kitu pokna téh. Gancang baé potrét kuring diasupkeun kana komputer. Tapi basa rék dihijikeun jeung potrét manéhna, listrik ngadadak pareum. Teu tulus wéh.

"Kumaha mun éta potrét bogaeun budak, terus nanyakeun bapa, kamana néanganana. Matak mending sina kawin!" pokna, basa listrik keur pareum.

"Téangan baé alamatna, maké program search. Engké kapanggih!"

"Kumaha mun budakna dipiceun kana recycle bin?"

"Ulah, bisi doraka!"

Nepi ka sabulan campleng, Lisa nyusun skripsi téh. Ngahaja sina lila, ngarah kuring leuwih jongjon ngoprék komputer, ngoprék potrétna téa.

Teuing ku naon, Ningsih, ti harita kuring bet henteu betah cicing di kontrakan. Asa wegah mun kudu panggih jeung Lisa téh. Inggis manéhna meredih potrét kuring sina ngaréndéng jeung potrét manéhna dina komputer. Tungtungna mah kuring pindah kontrakan.

Anéh, Ningsih, pangaresep ngoprék potrét téh hésé leungitna. Si Samija nu kitu téa mah. Bet hayoh kuring sina wawuh jeung Si Susi, Si Linda, Si Marni ... ah, horéam nyebutanana, Ningsih.

Ti harita ngadadak hareudang-bayeungyang cicing di kota téh. Malah jadi remen balik ka lembur. Di lembur kuring mindeng tepung jeung anjeun. Ti méméh indit ka kota ogé, apan urang téh geus pakait pikir. Harita anjeun masih kénéh sakola di SMU. Ah, teu salempang ka anjeun mah, Ningsih. Enya ogé bisa sakola, da cicing di lembur ieuh. Sugan baé pamikiran anjeun mah moal kawas Lisa. Buktina, anjeun masih kénéh boga pamadegan, embung dicekelan leungeun upama can nikah mah. Ari keur kuring apan leuwih matak panasaran. Upama potrét Lisa bisa dioprék dina komputer, piraku nu anjeun henteu bisa. Apan sarua awéwé.

Basa hiji mangsa kuring nyobaan ngasupkeun potrét anjeun kana komputer, rék dioprék siga potrét Lisa, mani loba gangguanana. Komputer héng. Listrik pareum. Nepi ka bedona pisan. Ti dinya kuring boga kacindekan upama anjeun téh béda jeung Lisa.

"Engké ogé moal keur saha!" kitu cék anjeun.

"Naon bédana engké jeung ayeuna?"

"Engké mah jongjon, moal aya kasieun. Ayeuna mah teu jongjon jeung matak salempang!"

"Bakal jongjon mun di tempat sepi!"

"Angger da aya nu uninga. Naha Akang teu boga kasieun kitu?"

Palebah dieu mah, kuring kakara engeuh yén anjeun téh leuwih pinter. Bet terus hayang maluruh, naha sakabéh mojang di lembur boga pikiran kawas anjeun. Bagja kuring téh, Ning, lantaran bisa tepung jeung pamadegan anjeun.

Boa éta alesanana, pangna kuring hayang buru-buru kawin jeung anjeun téh. Katambah dirojong ku Bapa, anu geus teu kuat hayang boga minantu. Kolot anjeun ogé sarua, bakal jongjon cénah mun urang geus salamet. Terus baé dirarancang waktuna. Diitung palintanganana, iraha repokna.

Anjeun mah mani jigrah naker rék panganténan téh. Meureun pédah babaturan anjeun geus papada boga salaki. Boa anjeun ngarasa bungah, lantaran nepi ka waktuna kawin can kungsi dicekelan ku nu lain muhrim. Boa anjeun ogé boga pikiran cunihin kawas lumbrahna rumaja nu geus balég. Ngan anjeun yakin kénéh, éta pikiran cunihin téh ukur bisa dikedalkeun upama geus boga salaki.

Mun anjeun katémbong jigrah, kuring mah sabalikna. Ti béh ditu kénéh, Si Samija neleponan baé.

"Parman, Si Lisa bureuyeung!"

"Cik atuh akalan, loba alatna ieuh!"

"Moal daékeun, Si Éta mah apal étika kedokteran!"

"Terus naon kahayangna?"

"Silaing kudu tanggung jawab!"

"Lain silaing ogé milu ngasaan, Samija?"

"Sumpah, déwék mah henteu miluan. Apan jeung silaing mondok-moékna ogé!"

"Ari Si Susi kumaha?"

"Da Si Éta mah teu apaleun étika kedokteran!"

Geus kitu, kuring ngabiur ka kota nepungan Si Samija. Rada susulumputan, bisi aya nu nangénan.

"Silaing sanggup méréskeunana, Samija?"

"Kumaha?"

"Di lembur, déwék rék kawin. Waktuna geus paheut, moal bisa dirobah deui. Déwék nyérénkeun sagala rupana ka silaing. Tah ieu duit!"

"Ké heula, naha silaing mah kawas lain pemikir besar baé. Rusuh teuing tah, nyieun kasimpulan téh. Cék déwék mah béréskeun heula masalah di dieu, kakara mikiran kawin!"

"Enya, silaing nu méréskeunana. Déwék mah moal ngalanto deui ka kota. Kuliah geus bérés, rék naon deui?"

"Népakeun jurig pateuh atuh. Kieu cék déwék mah, mending tepungan Si Lisa, sok ngawangkong paduduaan, téangan solusina. Lain tukang diskusi silaing téh?"

"Sugan silaing boga pamanggih?"

"Heueuh kitu pamanggih déwék mah. Urang telepon, nya!"

"Enya, tapi ngobrolna baturan ku silaing!"

Sanggeus ditelepon, ngadagoan heula satengah jam, Lisa ngurunyung. Teu wudu maké jeung ratug jajantung. Barabat dicaritakeun sajalantrahna. Anéhna, Lisa mah henteu riuk-riuk sedih. Sumawonna timburuan siga anjeun.

"Iya, saya terima. Najan alesan di dinya, sieun ngawiwirang kolot, leuwih kliseu ti batan carita klasik. Terus, budak nu keur dikandung ku kuring kumaha?"

"Kumaha, nya?" ngarérét ka Si Samija.

"Déwék mah teu ngarti, para pemikir besar nepi ka baluweng ku masalah kieu. Piraku ari mikiran nagara bisa, nu kieu-kieu baé dipaké bingung,"

"Kuring mah moal wirang najan boga budak bari teu boga salaki ogé. Ka kolot jauh, tatangga geus cuék, naon deui. Digugurkeun? Jalan sesat éta mah. Pagawéan jelema nu geus henteu daék mikir,"

"Ari kahayang Lisa kumaha?"

"Kuring mah moal céngéng. Tapi di dinya ogé ulah milu céngéng!"

"Maksudna?"

"Di dinya kudu nyieun putusan nu imbang, ulah déngdék ka kuring, atawa sabalikna. Moal mungkir, peuting éta, basa kuring keur nyieun skripsi, kuring keur butuh ku di dinya. Mun ayeuna di dinya boga maksud mundur, pisah jeung kuring, teu nanaon. Ngan naha éta putusan geus imbang? Kuring kudu ngurus budak nepi ka gedé, tacan mikiran virginitas anu masih kénéh jadi tungtutan kaom lalaki. Ari resiko keur di dinya naon?"

"Enya, teu imbang ..." Si Samija mairan. "Anu imbang mah, lamun silaing kawin ka Lisa, budak diurus ku duaan,"

"Teu nanaon! Hayu ayeuna kénéh kuring kawin. Keun anu di lembur mah urang putuskeun!" rada nyeuneu ngomong téh.

"Sabar heula, Parman!"

Sajongjongan mah pahuleng-huleng.

"Oké, lah. Saya sudah tahu caranya!" Lisa ngajéngkat. Teu beunang digeroan, ngungkug wé siga nu pundung.

"Kumaha, euy?"

"Keun ku déwék dibéréskeun. Silaing mah jung balik deui ka lembur. Mun aya nanaon mah tangtu ditelepon deui!"

*

"Kang ..." aya sora halon ti kamar gigireun. "Ku naon jempling baé, bendu ka abdi?"

Kakara engeuh, horéng kuring téh keur aya di kamar pangantén. Bieu Ningsih geus dibéré dongéng ngeunaan éta potrét, tur sigana mah kahartieun.

"Capé Akang téh, Ning!"

"Hapunten abdi nya, tos lepat sangka. Janten éta potrét téh tilas kabogoh Akang, tapi teras pepegatan kumargi anjeunna tos nikah ka nu sanés. Enya kitu, Kang?"

"Enya ..."

"Di mana ayeuna?"

"Duka téh teuing. Keun lah, tong di émutan!"

Rét kana handphone. Inget ka Si Samija. Ti harita can aya nelepon. Nuhun, Samija.

"Kang ... tos tabuh sabaraha?"

Rét kana jam.

"Jam dalapan!"

"Abdi teu acan solat isa. Enya Akang téh henteu bendu?"

"Henteu ..."

Kadéngé di kamar gigireun aya sora risbang ngarekét. Sigana Ningsih cengkat tina pangsaréan. Tah, geuning, kadéngé gebligna nincak ubin.

"Keur naon, Ning?"

"Nuju nyisiran. Aéh, Kang, sada aya nu pupuntenan?"

Sirah didéngdékeun. Enya baé, aya nu keketrok. Si Adun kitu? Pédah tadi dititah nganteurkeun buku, keur bacaeun di dieu.

"Nining mah antosan di dinya, nya. Keun ku Akang urang buka!"

Rada asa-asa basa ngadeukeutan panto hareup téh. Bet tuluy boga sangkaan nu lain-lain. Méméh panto dibuka, noong heula tina sela-sela hordéng. Plong, mani asa longsong. Enya baé Si Adun.

Bray panto dibuka.

"Nganteurkeun buku téa, Dun?"

"Muhun, Jang. Anu ngagunduk caket komputer?"

"Enya. Naha atuh mun isuk deui. Sorangan?"

"Numawi, aya tamu ti kota, ku abdi dianteur da saurna peryogi tepang ayeuna. Cép, ka dieu atuh!"

Kurunyung ti lebah nu poék aya nu nyampeurkeun, duaan. Nu hiji mah katémbong ngais budak.

"Samija?"

"Enya, euy. Ti kamari rék ka dieu téh, ngan kalahka sasab ka lembur batur. Teu kudu dititah asup, da moal lila ieuh. Sok atuh Lis, geura ngomong ka dinyah!"

"Parman, ku kuring kakara kapikir, kumaha carana nyieun putusan nu imbang téh. Kahiji, kuring geus kawin jeung Samija. Manéhna mah henteu nungtut virginitas, tapi ieu budak wayahna kudu disérénkeun ka anjeun. Sok tarima, itung-itung kado ti kuring duaan!" cék Lisa, bari ngasongkeun budak nu keur saré mani ngageubra.

"Lisa, naha manéh henteu apal kuring keur panganténan?"

"Apal. Tapi sigana ayeuna pisan waktu anu mustari!"

"Manéh téh awéwé, Lisa. Piraku henteu boga parasaan jadi indung, piraku téga ninggalkeun budak nu leutik kénéh?"

"Apan di dinya ogé lalaki, Parman. Tangtu boga rasa hiji bapa. Ayeuna kuring keur nyiram. Tah, budak nu keur dikandung ayeuna mah lain tanggung jawab di dinya, tapi tanggung jawab kuring jeung Samija,"

"Maranéh mah rék ngawiwirang déwék. Naha euweuh cara séjén, euy?"

"Aya!" Si Samija semu muncereng. "Kumaha mun ieu budak urang podaran ku tiluan, ngarah adil. Rarasaan, déwék mah geus méré ombér ka silaing. Déwék daék kawin ka Lisa, keur nyalametkeun silaing. Ayeuna silaing masih kénéh hésé diajak badami. Geura ku déwék urang podaran ... ngarah silaing jongjon!"

"Ulah!" aya nu nyerenteng ti lawang panto. Budak direbut, di bawa ka jero. Hawar-hawar, ti jero imah, kadéngé aya nu ceurik. Neuteup beungeut Lisa, bet sarua geuning manéhna ogé boga cipanon.*** (Tamat)

)1 Majalah Gatra, 3 Januari 1998
)2 Koran Kompas, 6 Séptémber 2002

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...