Bagikeun ka Lapak Facebook

PadaringanCahya SinanglingKemis, 12 Juli 2012 17:49

Puasa nyaéta nahan dahar, nginum, jeung saresmi ti beurang (ti mimiti bijil fajar nepi ka surupna panonpoé). Puasa téh paréntah Pangéran ka sakabéh jelema mu'min.

Mangka éling hé jelema nu ariman, geus diwajibkeun ka aranjeun puasa sakumaha anu geus diwajibkeun ka jelema-jelema saméméh aranjeun! Sangkan aranjeun tarakwa. (QS Al-Baqoroh 183)

Puasa téh aya dua rupa, nyaéta puasa wajib jeung puasa sunat. Puasa wajib mah ngan dina bulan Romadhon wungkul salila sabulan; ari sabulan téh 29 atawa 30 poé.

Sing saha anu henteu saged niat puasa saméméhna fajar, puasana teu sampurna. (HR Abu Daud)

Niat puasa téh kudu saged ti peutingna kénéh, tapi teu halangan lamun poho mah niatna ti beurang (isuk-isuk) ogé.

Saur ‘Aisyah r.a., "Lamun Nabi saw sumping ka kuring, mantenna sok naroskeun, 'Naha anjeun boga dahareun?' Lamun simkuring ngajawab henteu, mantenna nyarios, 'Ah kami rék puasa atuh!'" (HR Abu Daud)

Peutingna urang kudu hudang pikeun sahur, nyaéta barang­dahar saméméh bijil fajar, hukumna sunat.

Aranjeun kudu salahur, sabab dina sahur téh aya berekahna. (HR Bukhori)

Ari batalna puasa téh nyaéta lamun urang dahar, nginum, jeung saresmi ti beurang.

Anjeun mah (peuting) prak baé geura saresmi jeung bojo-bojo aranjeun, sarta harepkeun katurunan anu ku Alloh geus ditangtu­keun pikeun aranjeun, jeung prak geura dalahar jeung ngarinum. (QS Al-Baqoroh 187)

Ari ngosok huntu mah teu matak batal puasa.

Ti Abdullah bin ‘Amr bin Robi‘ah ti ramana, "Kuring kantos ningal Rosululloh saw ngosok waos, padahal mantenna nuju saum." (HR Abu Daud)

Nya kitu deui diala getih, nyium, kekemu, utah, ngimpi saresmi, hudang saré boga hadas gedé.

Rosululloh saw kantos diala getih, padahal mantenna nuju saum. (HR Abu Daud ti Ibn ‘Abbas)

Saur ‘Aisyah r.a., "Kangjeng Nabi ngarongkong rék nyium kuring. Ceuk kuring, 'Apan abdi téh nuju puasa.' Waler mantenna, 'Kami ogé keur puasa.' Lajeng mantenna nyium kuring." (HR An-Nasaa'i)

Saur Rosululloh saw (ka ‘Umar), "Kumaha pamanggih anjeun lamun seug kekemu dina sajero puasa?" Ceuk kuring (‘Umar), "Teu sawios-wios (teu batal)." (HR Abu Daud ti ‘Umar)

Henteu batal puasana, jelema anu utah jeung nu ngimpi saresmi ....(HR Abu Daud)

Éta kabéh teu matak batal puasa. Ringkesna mah naon-naon anu teu kaasup kana tilu rupa (dahar, nginum, jeung saresmi), éta teu matak batal puasa. Tapi sanajan dahar, nginum jeung saresmi ogé, ari lain ngahaja mah, tegesna poho, teu matak batal puasa.

Dawuhan Rosululloh saw, "Kami hudang subuh-subuh dina kaayaan junub (boga hadas gedé), turta kami arék puasa. Tuluy baé kami mandi, terus puasa." (HR Abu Daud)

Sing saha anu poho sedengkeun manéhna keur puasa tuluy dahar sarta nginum, manéhna téh kudu nuluykeun puasana. Saéstuna Alloh anu parantos maparinan dahar jeung nginum ka éta jelema. (HR Bukhori-Muslim)

Tapi lamun seug ngahaja mah, batal puasana, komo lamun seug bari teu aya alesan naon-naon, teu sabab widi (rukh­soh) ti Alloh jeung ti Rosululloh saw, mangka anu kitu mah teu bisa diqodoan (dibayar) sanajan ku puasa sataun.

Sing saha anu batal sapoé dina puasa Romadhon kalawan taya rukhsoh (widi) nu di-rukhsoh-keun ka manéhna, mangka manéhna hamo bisa ngodoan éta puasa, sanajan ku puasa sataun. (HR Abu Daud)

Komo deui lamun ngahaja batal puasana téh ku saresmi, éta mah tobatna ogé kudu dibarengan ku kiparat atawa didenda.

Ti Abu Hurairoh, "Kungsi ngadeuheus hiji lalaki ka Nabi saw sarta nyarita, 'Cilaka abdi!'"
Dawuh Rosululloh saw, "Naha ku naon anjeun téh?" Jawabna, "Abdi parantos sapatemon (saresmi) sareng pun bojo dina sasih Romadhon (ti beurang)." Dawuhan Rosululloh saw, "Naha anjeun boga bekel (duit) pikeun ngamerdékakeun budak beulian?" Jawabna, "Henteu." Dawuh Rosululloh saw, "Naha anjeun kuat ngalakonan saum dua sasih terus-terusan?" Jawabna, "Henteu." Dawuhan Rosululloh saw, "Naha anjeun kuat méré dahar ka 60 jelema miskin?" Jawabna, "Henteu!" Dawuhan Rosululloh saw, "Diuk (heula anjeun)!" Lajeng Rosululloh nyandak sakaranjang korma, saurna, "Pék geura sidekahkeun ku anjeun ieu korma téh." (HR Abu Daud)

Ari awéwé anu keur héd jeung nifas mah, malah haram (dilarang) puasa, ngan kudu diqodoan dina bulan-bulan séjén­na.

"Lain ari awéwé keur héd mah teu meunang solat jeung teu meunang puasa?" (HR Bukhori-Muslim)

Aya deui golongan jelema anu dibéré kalaluasaan (rukh­soh) pikeun ninggalkeun puasa, ngan kudu diqodo dina waktu-waktu séjénna, nyaéta anu gering jeung anu keur nyaba.

Sing saha ti antara aranjeun gering atawa keur aya di tengahing perjalanan, (teu halangan ninggalkeun puasa) ngan kudu dipuasaan (diqodoan) dina poé-poé séjénna. (QS Al-Baqoroh 184)

Ogé aya deui anu dibéré kalaluasaan ninggalkeun puasa, ngan kudu mayar fidyah, nyaéta jelema-jelema anu teu kaduga puasa, tegesna bisa ngajalankeun puasa ngan kacida ripuhna, upamana baé aki-aki jeung nini-nini geus jompo, nu keur nyusuan atawa nu keur kakandungan.

Jeung pikeun nu kuat puasa tapi kacida ripuhna (teu halangan ninggalkeun puasana), ngan kudu mayar fidyah, nyaéta méré dahar ka nu miskin. (QS Al-Baqoroh 184)

Fidyah téh nyaéta méré kadaharan ka jelema nu miskin saban teu puasa. Tegesna lamun teu puasana téh 29 poé, mangka jelema miskin anu kudu dibéré dahar téh saloba 29 urangeun masing-masing sapoéeun, atawa hiji nu miskin 29 poéeun.

Saur Ibnu ‘Abbas, "Fidyah téh nyaéta pikeun aki-aki jeung nini-nini nu geus jompo nu geus teu kaduga puasa. Maranéhanana diwajibkeun méré dahar, tiap sapoéna saurang anu miskin." (HR Bukhori)

Dina waktu migawé puasa, urang dilarang ngalampah­keun atawa ngucapkeun anu kalalotor, upamana baé ngomong jorang jeung sajabana; sarta lamun geus datang waktuna buka, urang kudu gura-giru buka, tur saméméh prak buka téh, urang kudu maca du‘a buka puasa heula.

Sing saha anu teu ngajauhan omongan-omongan nu teu merenah (kotor jeung jorang) reujeung kalakuan anu curang (teu hadé), Alloh henteu perlu (ngahargaan) kana laparna jeung halabhabna éta jelema. (HR Bukhori)

Manusa tetep aya dina kahadéan, satungtung manéhna sok gura-giru buka puasa. (HR Bukhori-Muslim)

(Dicutat tina Fiqih Ibadah karangan Muh. Syarief Sukandi)

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...