Bagikeun ka Lapak Facebook

Arsip MediaKemis, 12 Juli 2012 07:03

Wa Kabul

Ku Maruta Bayu

TEPUNG jeung Wa Kabul téh basa keur shooting sinétron Wadal Buta Héjo (Lunar Jaya Film-TPI), di wewengkon Bojong Konci, Pameungpeuk, Kabupatén Bandung. Harita Wa Kabul kapapancénan pikeun merankeun tokoh Lurah Ukar.  Puguh baé Lurah Ukar téh, minangka tokoh utama dina éta sinétron, marengan  artis nasional,  Baron Hérmanto jeung Tasya. Perkara ékting hareupeun kaméra, lain hiji hal anu anyar pikeun ieu seniman anu kiwari kapeto jadi salasahiji Staf Ahli GKRS (Gedung Kesenian Rumentang Siang). Komo deui ékting dina panggung mah. Yu, geura, urang wawanohan jeung ieu seniman anu kungsi ngalaman neuleuman méh sakur widang kasenian.

*

SAMÉMÉH Wa Kabul icikibung dina dunya kasenian, Wa Kabul kungsi neuleuman widang montir jeung éléktronik. Tapi duka naon alesanana, pacabakan éta mah henteu pati luyu jeung keretegna. Buktina, ayeuna ogé apan geus tara pati dilakonan deui. Ari pangaresepna, unggah jeung turun gunung. Matak Wa Kabul kungsi ngagabung jeung hiji pakumpulan PA (Pecinta Alam). Duka sabaraha gunung jeung sabaraha leuweung anu kungsi diunggahanana. Nepi ka kiwari, sésa pangaresepna mah masih kénéh katara, nyatana Wa Kabul resep pisan ngukut atawa miara manuk, hayam, jeung lauk. Iwal ti éta, Wa Kabul ogé  kungsi neuleuman widang olahraga. Husus dina olahraga, Wa Kabul kungsi nepi ka jadi pelatih sagala. Bisi aya nu cangcaya, pék baé  pentés geura, Wa Kabul téh pamain sépak bola manten, badminton, ténis meja, catur, billiard, jeung sajabana. Hanjakalna Wa Kabul, teu kungsi ngagabung jeung kasawelasan Pérsib Bandung. Kawasna rada pabeulit jeung urusan ngoméan tivi atawa maraban lauk.

Ngaran lengkepna mah Kabul E Samsudin. Duka kumaha mimitina, bet jadi Wa Kabul.  Sasaha ogé, lomana téh sok nyebut Wa Kabul baé, sok sanajan lain suan-na. Malah anu umurna leuwih kolot ogé, da tetep nyebut Wa Kabul. Malah upama diganti jadi Pa Kabul atawa Kang Kabul téh, boa kalah matak sareukseuk. Atuh ku ayana trend siga kitu, Wa Kabul ogé katingalina téh, henteu ieuh jadi ngarasa rareged. Nu puguh mah, ngarasa sugema waé, diaku dulur ku saréréa.

Wa Kabul henteu lahir ti kulawarga praktisi kasenian, tapi ari bakat kasenian mah apan nerapna téh tara cueut ka nu hideung, tara ponténg ka nu konéng. Sok sanajan aya paribasa téng manuk téng, anak merak kukuncungan, tapi lain hartina hiji praktisi kasenian kudu lahir ti kulawarga praktisi kasenian. Kabuktian pisan, Wa Kabul, ti umurna masih rumaja kénéh,  geus loba neuleuman rupaning widang kasenian. Malah lain saukur jadi hobi atawa karesep wungkul, da puguh kagiatanana dina kasenian téh dijieun pakasaban pikeun nyumponan kabutuhanana sapopoé. Contona mah dina widang karawitan atawa musik,  ieu seniman alam nu lahir di Bandung, tanggal 18 Agustus 1952 téh, bisa ngawasa méh sakur alat musik ti mimiti  alat musik tradisional tug nepi ka alat musik modern.

“Uwa mah, rék diajak maén band ogé, da moal nepi ka nampik,” kitu cenah. Pang nyebutkeun maén band téh, alatan Wa Kabul leuwih dipikawanoh minangka praktisi musik tradisional Sunda. Wa Kabul lir anu hayang némbongkeun, mun yén para praktisi musik tradisional téh, lain hartina henteu bisa ngamaénkeun gitar, bas, drum, jeung sajabana. Pang Wa Kabul leuwih mitineung musik tradisional Sunda, lantaran Wa Kabul kacida ngajénan kana tutungkusan karuhun Sunda, anu geus kuduna dipiara, dimumulé, tug nepi ka dimekarkeun.

Basa keur mangsa sedeng rumaja maju ka déwasa, kira taun 1984 nepi ka taun 1988, Wa Kabul ogé  kungsi ngalaman jadi penyiar radio. Di antarana di Radio Arista, Garuda, Mutiara, Dahlia, jeung sajabana. Jadi wartawan ogé kungsi, nyatana di Mingguan Pelajar, Giwangkara, kira taun 1983 nepi ka 1988. Atuh teu tinggaleun, Wa Kabul ogé kungsi jadi aktor téater, tug nepi ka jadi dalang. Upama Wa Kabul ngadalang, pasti ngaranana jadi  Kabul Sutarman Surawisastra. Pang kitu, alesanna pikeun ngajénan anu jadi guruna. Dina dunya padalangan mah, mémang siga kitu. Saperti anu guguru ka Sunarya, pasti ngaranana téh sok diémbohan ku Sunarya. Pon pilalagi Wa Kabul, henteu mopohokeun kana jasa guruna anu geus nganteurkeun anjeunna  jadi dalang jeung ngaleubeutan pangaweruh dina widang nulis carita pawayangan. Upama Wa Kabul henteu diajar ka guruna, can tangtu Wa Kabul bisa nulis  puluhan naskah carita pawayangan. Malah di antara carita beunang Wa Kabul, kungsi dipaénkeun ku  dalang sohor, Asep Sunandar. Aya ogé anu ngajénggélék jadi carita sérial, kalayan dimuat dina KSM Giwangkara. Dina perkara ngadalang, Wa Kabul kungsi nyiptakeun karya wayang golék dina kréasi anyar anu katelah Wayang Babad. Mimiti digelarna kira taun 2001.

Ngawangkong perkara tulas-tulis, ieu putra Bapa E. Sukardi  (Alm)  sareng Ratnasih téh, henteu saukur nulis carita pawayangan. Wa Kabul kungsi  nulis puluhan judul naskah skenario sinetron, sandiwara sunda, longsér, tug nepi ka ngarang rumpaka lagu-lagu Sunda. Malah nurutkeun pangakuan Dhipa Galuh Purba (penulis skenario sinétron Wadal Buta Héjo), saméméh nulis éta skenario, Dhipa kungsi ménta bongbolongan heula ka Wa Kabul, ngeunaan skenario anu rék ditulisna. Pang kitu, lantaran Wa Kabul kungsi nulis carita sérial Buta Héjo, anu dimuat dina salasahiji surat kabar basa Sunda. Kilang kitu, lain hartina Dhipa néplak Buta Héjo karya Wa Kabul, da puguh caritana ogé kacida bédana. Atuh upama  téa mah aya sababara perkara Buta Héjo anu dipulungan ku Dhipa, nya kacida ilaharna, da puguh salila ieu Wa Kabul geus dianggap salasahiji guruna sorangan ku Dhipa. Nu écés, pangaweruh ngeunaan Buta Héjo mah, mémang Wa Kabul bisa dikatégorikeun kana senior. Tapi omat, lain hartina Wa Kabul osok atawa kungsi munjung ka  Buta Héjo. Apan ngaranna ogé carita lagénda mistéri. Najan kagolongkeun kana carita fiktip, tapi aya rupaning perkara anu jadi ciri has, kalawan teu bisa dileungitkeun kitu waé.

Kiwari Wa Kabul  leuwih daria ngokolakeun Sangar Seni Ringkang Gumiwang. Boh ngagelar Sandiwara Sunda, longsér atawa garapan tari. Malah dina perkara Sandiwara Sunda mah, Wa Kabul bisa disebutkeun manukna. Kabuktian Wa Kabul kungsi nyepeng kalungguhan minangka pupuhu Paguyuban Sandiwara Sunda Bandung (PSSB), kira taun 2000 nepi ka taun 2002. Puguh baé aktipna Wa Kabul, henteu bisa leupas tina pangrojong anu jadi bojona,  Ida Laela, hiji guru jebolan Jurusan Tari STSI Bandung. Sanggar Ringkang Gumiwang minangka lajuning laku tina Lingkung Seni  Jati Nugraha, anu makalangan salila kurang-leuwih sawelas tahun (ti taun 1989 nepi ka taun 2000). Demi ngaran Ringkang Gumiwang, nurutkeun pangakuan Wa Kabul, cenah mah kainspirasian ku  Thomas Alpha Edison, anu geus bisa nyaangan dunya. Atuh, basa Wa Kabul ditanya tokoh idolana, Wa Kabul mani giak ngajawab: Thomas Alpha Edison. Ari tokoh idola tingkat nasional? Wa Kabul kacida mitineung KH. AF Gojali.

Bati salila ngayonan rumah tangga, Wa Kabul geus dipaparin genep urang putra, di antarana Irwan E Suheri, Irna E Hastuti, Irma E Sutanti, Irman E Khadafi, Bayu E Suharta, jeung Angin E Suharti. Malah Wa Kabul ogé geus incuan sagala, nyatana  Néng Ayu. Nya, bisi aya nu panasaran kénéh ka Wa Kabul mah, mending tepungan baé langsung ka padumukanana di  Mekar Sari, RT.02, RW.09,   Desa Pasir Biru, Kecamatan Cibiru, Bandung. Moal burung diaku geura, sanajan henteu bari kuram-kirim ogé.***

  

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...