Bagikeun ka Lapak Facebook

Arsip MediaKemis, 12 Juli 2012 06:59

Iyar Wiarsih

Ku Nana Munajat

 

 

DI ANTARA sindén nu kungsi béntang manggung, makalangan méh saentragan jeung Titim Fatimah, taya lian Iyar Wiarsih. Dugi ka kiwari, Iyar masih jumeneng. Sumangetna ogé masih ngagedur, pikeun ngangkat pamor sindén anu jaman kiwari beuki katara leuwih beurat ngayonan tangtangan pajamanan dina arus transformasi jeung globalisasi. Iwal ti parigel nyindén, Iyar ogé parigel nyiptakeun lagu. Karya-karyana kungsi ngageunjleungkeun dunya musik, saperti Metik Kembang (1954), Wanita Jaya (1955), Kalakay Murag (1957), Dikantun Tugas (1959), Mojang Priangan (1960), jeung sajabana. Puguh baé Iyar ogé kungsi dilélér pangajén ku Gubernur Jawa Barat (1985), jeung Bupati Daérah Tingkat II Kabupatén Bandung (1993). Ku ayana kitu, kacida loyogna upama Iyar Wiarsih diwanohkeun ka sakumna Mitra SB. Nana Munajat, Wartawan SB, ngahajakeun nepungan Iyar Wiarsih.  Hayu geura, urang barandungan sareng lenyepan lalampahan hasil wangkongan sareng sindén bekén téh.

 

*

 

Angkat ngagandeuang

Bangun taya karingrang

Nganggo sinjang dilamban

Mojang Priangan

 

Mun disanggul ayu

Mun disinjang lenjang

Mun dierok dénok

Mojang Priangan

 

Diraksukan kabaya

Nambahan cahayana

Dangdosan sederhana

Mojang Priangan

 

RUNTUYAN rumpaka anu kapidangkeun téh taya sanés lagu anu judulna Mojang Priangan téa. Hiji lagu nu dijieun sawatara puluh taun katukang ku yasana Iyar Wiarsih. Nepi ka kiwari, éta lagu masih dipikawanoh ku balaréa. Malah bisa dikatégorikeun kana lagu abadi. Nurutkeun katerangan ti sawatara sumber, lagu Mojang Priangan geus kungsi dirékam ulang, leuwih ti 30 kali. Puguh baé jumlah éta téh tacan kaasup jeung anu ngabajak.

Tepung jeung SB téh dina acara Pasanggiri Jeung féstival Sindén Piala Titim Fatimah di Subang, bulan Désémber nu anyar kaliwat. Sabada ngobrol ngeunaan dunya kapasindénan, SB tetelepek nanyakeun alamatna, sarta jangji rék nganjang ka bumina. Nya teu lami ti harita, SB ngajugjug palinggihan Iyar, anu perenahna di Gang Empang, Kampung Ranca Bali No.16 RT o2, RW 02, Désa Kertamulya, Kacamatan Padalarang, Kabupatén Bandung. Teu hésé néangan alamat anjeunna téh, da basa di parapatan Ranca Bali ogé, ukur  sakali nanyakeun ka nu kabeneran keur aya di dinya, “Lebet baé ka Gang Empang, payuneun Pasar Domba aya sasampayan, tah éta bumina.” Kitu témbal anu ditaros téh, kawasna geus wanoh pisan ka nu rék dituju ku kuring téh. 

Bras ka buruan bumina, kasambak Iyar  nuju ngobrol sareng para putrana. SB dipapag kalawan daréhdéh naker. Anu pangheulana ditaroskeun téh perkara lagu Mojang Priangan jeung Dikantun Tugas. Nurutkeun Iyar, lagu Mojang Priangan diciptakeun ku anjeunna taun 1960, demi lagu Dikantun Tugas mah kirang langkung taun 1959. Basa nyanggi éta lagu, dibantosan ku carogena, A. Warsa Muharam, anu waktos harita janten pingpinan Grup kliningan Sundayana. Iwal ti éta, Iyar ogé kenging pangrojong ti Djudju Sain, seniman karawitan, sarta Anang Sutisna, seniman ti Cicadas Bandung.

Manahoréng nu jadi kasangtukang lagu Mojang Priangan téh, nyatana impian katut angen-angen Iyar ngeunaan jengléngan atawa tangtungan Mojang Sunda anu idéal. Tangtuna ogé luyu sareng lagu manu diciptakeunana, yén wanoja Sunda téh kewes jeung pantes, kewes dina hartos geulis lahir jeung batinna, luhung élmuna, jembar panalarna, lungguh timpuh handap asor, parigel jeung percéka. Demi nu disebat pantes, nyaéta merenah dina dangdosan sarta tiasa nempatkeun diri katut tiasa nyaluyukeun diri jeung kaayaan jaman. Atuh anu jadi kasangtukang lagu Dikantun Tugas nyaéta ngiring sungkawa ka istri para pajuang anu dikantun tugas ka médan laga. Iwal ti éta lagu, réa nyiptakeun lagu séjénna, saperti Metik Kembang (1954), Wayahna (1956), Pangalitan (1965), Kalangkay Murag (1957). Lagu ciptaanana dirékam ku SM record jeung PT.Yukawi. Nu ngahaleuangkeun lagu-lagu Iyar téh, lain baé dirina ku anjeun, tapi nu séjén ogé kaitung seueur, kaasup artis nu geus kawéntar saperti Mansyur. S, Endang.S. Taurina, Hédy Yunus, Hétty Koes Éndang jeung Nining Méida. Malah lagu Mojang Priangan tos dijanteunkeun ilustrasi film Keluarga Berencana, Produksi BKKBN pusat. Atuh minangka hasil kuru cileuh, kentel peujit téh henteu gaplah, rejeki dina lagu nepi ka kiwari teu weléh ngocor, utamina tina royalty lagu Mojang Priangan. Kitu saur Iyar Wiarsih.

 

Tina Nembang kana Nyindén

 

NAMI lengkepna Iyar Wiarsih, dibabarkeun di Pameungpeuk, Banjaran, Kabupaten Bandung, ping 21 September taun 1932,. Ti aalit kénéh geus katémbong anléhna kana ngahaleuang. Ku ayana kitu,  Enduy Karta Atmadja, ramana Iyar kacida ngarojong kana karesep Iyar. Mémang Enduy Kartaatmadja ogé kaasup urang Sunda anu  mikaresep kasenian Sunda, pangpangna mah ngacapi sareng nembang wawacan. Atuh Ibuna ogé, Iting Sahati ngajujurkeun sarta ngajurung laku pikeun ngulik élmu tembang ka Ua-na, Nyi Mas Sumpenah. Sanajan masih budak, ari kana ngawasa lagu mah, Iyar méh satata jeung nu geus sawawa, da di sakolana geus mahir nembang rupa-rupa pupuh. Ti mimiti sekar ageung nepi ka sekar alit. Nya ku ua-na diwirid lagu-lagu ageung, saperti Toya Mijil, Sebrakan, jeung Pamuradan katut lagu-lagu ageung lianna. Padahal éta lagu téh, tong boro ku pantar barudak, dalah ku nu geus sawawa ogé kaitung hésé. Demi Iyar mah mémang  lagu nu diwurukeun téh méh katalar kabéhanana. Ti dinya Iyar sering diogan ka unggal masamoan tembang. Dina yuswa 10 taun, Iyar tos diajak ngeusi siaran di NIROM (salasahiji radio nu kakoncara dina mangsa harita, perenahna di Ciumbeuleuit). Atuh RRI Jakarta ogé kungsi ngondang Iyar (1947).

 

Maju ka mangsa rumaja, Iyar kagémbang ku kawih kapasindénan. Mimitina mah basa  kataji ku haleuangna sindén dina siaran RRI Bandung jeung Jakarta. Nya ti dinya pisan, Iyar boga kereteg pikeun diajar nyindén. Karep pikeun ngulik kapasindénan di rojong pisan ku ramana. Basa ramana dines di PSM Kiaracondong, Iyar dititipkeun ka bapa Sastra, tokoh karawitan, pikeun diajar nyindén kalawan daria. Saterusna Iyar ngagabung jeung rombongan tayub Wirahmasari.

Harita, basa nuju meujeuhna resep di ajar nyindén, bet ku aya-aya baé gangguan téh, nyatana kapegat ku datangna bala tentara Jepang. Kilang kitu, henteu ngajadikeun Iyar peunggas harepan, da tetep latihan ngawih, najan bari susulumputan. Sabada Jepang ninggalkeun lemah cai, Iyar nuluykeun deui hanca garapanana. Beuki soson baé. Komo deui  jaman harita mah, éstuning nu aktif téh calon sinden, nu diajarkeun ku guru karéréanana ukur gurat badag. Nu kudu tetelepék jeung aktif téh nya calon sindénna, da puguh harita mah tacan aya serat kanayagan atawa notasi.

Numutkeun Iyar, anu pangpayunna diwanohkeun ku guru téh nyatana rupaning laras jeung surupan, néma kana balungan gending. Nya ti dieu juru kawih kudu apal kana panginditan, cohagna juru kawih kudu apal kana pangkat lagu jeung kudu apal dina ketukan ka sabaraha mimiti indit ngalagu, sarta rubuhna dina laras naon, jeung iraha kudu nyabet katut kumaha merenahna dina madakeun. Di sagigireun éta, kudu bisa ngawasa wirahma. Dina hal ieu, juru kawih kudu tapis ngulinkeun sarta napak dina wirahma. Salian ti éta ogé kudu bisa ngawasa teknik vokal, artikulasi jeung bisa ngajiwaan kana lagu. Kitu cenah. Pikeun ngahantol kana ugeran sindén utama, anjeunna ngasah diri ngaliwatan nungtut élmu ti para inohong, diantarana: Eutik Muhtar, Djudju Sain, jeung Nandang Barmaya.

Iyar kungsi boga cita-cita; hayang manggung jeung dalang kawéntar. Ku ayana keyeng, puguh baé pareng. Cita-citana tinekanan, Iyar kungsi jadi sindén sababaraha dalang kawéntar, di antarana;  Apék Gunawidjaja, Aming Gunawidajaja, Atmadja, Suhaya Atmadja, Elan Sastrawisatra, Takrim, Adjat Sudrajat, Abah Sunarya, Amung, Safaat Suanda, Jeung Adi Wijaya. “Kapungkur mah sesah. upami hoyong manggung sareng dalang moyan téh. Rata-rata nu dicandak ku dalang téh,  sinden petingan wungkul. Sedengkeun mangsa harita, saingan kacida seueur.” Kitu saur Iyar. Puguh baé pantes ana kituna mah, da sindén saentraganana nu geus boga ngaran mangsa harita téh taya lian; Imik Suarsih, Dedeh Kurniasih, Enok Maryamah, Atjih, Mamah Suryamah, Titim Fatimah jeung Upit sarimanah. Kilang kitu, tinggurilapna béntang di panggung, teu ngajadikeun Iyar rumengkog. Malah sumangetna pikeun jadi pangbarep (Béntang panggung) beuki ngagedur. Iyar leuwih soson-soson ngulik kapaindénan, tug nepi ka élmuning nyindén loba nu kacangking. Atuh tina hasil ngulik diri téa, Iyar leuwih siap pikeun padungdung di luhur panggung. Malah aya anu jadi leuwihna kamahiran Iyar téh, pangpangna  dina senggol, improvisasi jeung kréatif. Inyana ogé, salian ngahaleuangkeun lagu ciptaan nu lian, bisa nyiptakeun lagu. Lagu ciptaanana dipikaresep ku masyarakat. Upama Iyar nuju ngawih, sok diwuwuh ku ceta atawa ngarigig. Sakapeung mah sok bari ngadeg. Kaparigelan Iyar saperti kitu ngondang pangirut, tug nepi ka loba nu lalajo  kataji ku Sindén Iyar.

Karir Iyar beuki maju. Iyar kungsi jadi juru kawih Gamelan Sekar Arum, pingpinan Moh. Raida (1947), Juru awih Gamelan “Satia Manah”, pingpinan Oman Suganda (1950), Juru kawih Gamelan “Budi Daya” pingpinan Idi (1958), satuluyna jadi sindén di Gamelan “Sundayana”, pingpinan A Warsa Muharam (1960), Juru Kawih Gamelan “Gilang Kencana” pingpinan R.M Yunus (1965). Iyar ogé kungsi dicatet minangka guru di Konservatori Karawitan (1966-1970).

Aya hiji pangalaman nu hésé dipopohokeun basa keur jaman manggung kénéh. Pangalaman Iyar téh kajadianana di wewengkon Cikampék. Aya nu lalajo mamawa anggel (bantal) bari naék kana panggung. Tuluy éta bantal dibikeun ka dalang bari pok nyarita, “Geus dalang mah mending leleson. Kuring hayang laluasa ngabandungan sindén…!” kitu pokna téh. Puguh baé Iyar ngarasa bingung, isin ku dalang, anjeunna banget ngajénan kana garapan  wayang golék. Katambah deui,  nu boga hajat ngadon mawa korsi ka luhur panggung, mopoyankeun sangkan Iyar ngawihna calik dina korsi. Ku ayana kajadian sarupa kitu, Iyar beuki éra parada. Harita, Iyar sadar yén manggung téh lain dina acara kliningan, tapi dina acara pintonan wayang golék. Atuh ana kitu mah anu kudu ka hareup téh garapan wayangna, lain sindénna.

Puguh baé Iyar teu bisa nolak kana kahayang nu boga hajat jeung nu lalajo. Dina hal sarupa kitu mah, nu boga hajat jeung nu lalajo téh minangka raja nu kudu diladénan. Upama heunteu ditedunan, alamat panggung rugrug. Pangna kudu diuk dina korsi, taya lian hayang katangen tangtungan sinden sabeuleugeunjeur. Kabuktian, barang galantang ngawih téh, ana ger nu sarurak mungguh matak eundeur. Keur kitu,  aya nu ngalayang, kakapalan ngabelesat kana panggung. Teu kudu anéh, da mangsa harita mah (taun 1960-an nepi ka 1970-an), di panggung  sok disayagikeun kakapalan. Demi éta kakapalan dipanteng ku kawat ti balandongan paranti lalajo nepi ka panggung. Di handapeun kakapalan aya panyapit, paranti nyapit duit sawéran atawa pamasak/jaban. Mun duit geus dicapitkeun, kakapalan nyorolok ka hareup. Ana tepi ka panggung, pas luhureun sindén, cacapitna muka da ngagedrug kana sambungan kawat, duitna murag tingkalayang, nya rag-rag pas ka tempatna sinden. Jumlahna matak pikauruyeun.

Beuki lila, nu lalajo beuki pogot nepi ka lali kana garapan wayang golék. Nya ti harita, saban manggung ka daérah kalér Subang, Karawang, Purwakarta jeung Bekasi kudu nyinden diuk dina korsi. “Jujur baé, seunggah diuk dina korsi téh. Kahiji asa calutak ka dalang, kaduana sagala réngkak paripolah salawasna dititénan. Apan sindén téh sok hanaang, piraku kudu ngalekik nginum kabandungan ku nu lalajo mah. Asa teu pararantes. Katilu, pan tetep kudu ngindung kana garapan dalang, sedengkeun beuki peuting jurig tunduh teu bisa disinglar, atuh mun teu kawawa nundutan matak wiring ku panongton.” Kitu saur Iyar, bari imut ngagelenyu, nineung ka mangsa nu harita.

Ngaran Iyar beuki lila, mingkin nyambuang, malah jadi kacapangan balaréa. Di Kiara Condong katelah aya Béntang Panggung. Atuh tangtos  daftar panggungan unggal bulan pinuh. Upama sadayana diladangan mah dijamin matak mopo. Iyar teu ngagunakeun aji mumpung atawa mangpang-meungpeung téa. Tetep baé panggungan diautur, heuleut sapoé, sangkan tanaga tetep jagjag.

Naon palakiahna pang Iyar bisa malangmulintang dina dunya kapasindénan? Saur Iyar, jampéna hayang maju mah taya lian; Kahiji jejem: Sinden kudu leukeun, rajin ngalap élmu, ulah ceehan, salawasna sumanget. Sanajan éta élmu téh hésé dipetikna, tong matak peunggas di jalan. Ngalap élmu teu bisa instan, da tina hal sarupa kieu mah kudu kuat méntal jeung salawasna kudu hanaang ku élmu. Lain ieu mah, lolobana kakara ogé apal dua lagu geus wani manggung. Matak tong anéh upami dalang kiwari, hésé néangan sindén nu mampuh ngagalindeungkeun lagu-lagu ageung. Kadua kudu hatam dina neuleuman wirahma, balungan gending, rumpaka lagu, jiwa lagu jeung mampu ngahirupkeun suasana. Nu katilu ulah piduit, ulik heula elmu kapasindénan sing hatam. Geus alus mah, duit nuturkeun.

Kiwari ieu Sindén nu kungsi ngaguratkeun mangsi emas dina dunya kapasindén geus teu aktif deui manggung. Tapi masih ageung katineungna kana seni kapasindénan. Upama aya pasamoan atanapi pasanggiri,  teu weléh datang, sarta teu weléh ngarojong sarta ngabantu upama aya sindén nu hayang ngaronjatkeun kaparigelan dina bag-bagan nyindén. Hanjakal pisan tapak lacak Iyar Wiarsih teu diteruskeunn ku para putrana. Salami rumah tangga jeung A. Warsa Muharam (alm) gaduh jimat dua istri wungkul, nyaéta Eti Suryati (52 taun) kungsi nyuprih élmu kasenian ka konservatori karawitan (Kokar), saentragan sareng Yedi Kusmayadi, Putra Djudju Sain sareng Riskonda. Demi putrana anu kadua nyaéta Cucu Suwarsih (51 taun). Éta dua putrana teu aya minat janten Sindén. Kil;ang kitu, apan henteu putrana, mamanawian  ka payunna tujuh incu sareng opat buyutna aya nu janten sindén bekén. Apan cita-citana ogé, Iyar téh hayang nyitak sindén nu professional jeung intelék. Pikeun ngahontal éta cita-cita, Iyar mibanda konsép pikeun ngadegkeun  Padepokan Kapasindenan. Minangka tempat nu dianggap merenah téh  nyaéta Situ Ciburuy. Naon pangna milih Ciburuy? Saur Iyar,  hal éta pikeun  ngahirupkeun kawasan wisata nu kiwari karasa kurang dangiangna; Ciburuy. Naha tiasa Iyar ngadegkeun éta padépokan? Tangtosna ogé meryogikeun rojongan ti para inohong nu kiwari jadi nyepeng kalungguhan dina widang nu aya patali sareng seni, budaya, ogé wisata.***

 

 

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...