Bagikeun ka Lapak Facebook

Arsip MediaKemis, 12 Juli 2012 06:50

Maluruh Kiliningan Bajidoran; ti mangsa ka mangsa

Ku Nana Munajat

 

 

SALAH sahiji kasenian nu kawilang eksis di tatar Kalér Pasundan (Subang jeung Karawang), nyaéta Kasenian Kiliningan Bajidoran, nu kiwari leuwih populer disebut Kiliningan Jaipongan. Demi istilah Bajidoran nepi ka kiwari ogé tacan kapaluruh kalawan jinek. Dina sababaraha hasil panalungtikan aya nu nyebutkeun yén kecap Bajidoran téh asalna tina waditra “Jidor”; alat waditra saperti kendang nu ukurana leuwih badag. Éta waditra dipaké pikeun ngantebkeun tepak kendang. Salian ti éta, aya ogé nu nyebutkeun yén kecap Bajiodoran wancahan tina Banjet, Tanji Jeung Bodor. Pédah éta kawasna mah lagu jeung ibinganana sok maké tina kasenian Banjet jeung Tanji sarta sok diselapan bobodoran, wallahu’alam.

Anu écés, kasenian kiliningan Bajidoran nyaéta kasenian nu diwangun ku Sekar, Gending Jeung Ibingan, méh sarupa jeung kasenian Kelenengan di Jawa Tengah; Uyon-Uyon di Yogyakartatawa; Pategakan di daerah Bali. Tapi aya nu ngabédakeunana, da di Jawa Tengah , Yogyakarta jeung Bali mah henteu maké ibingan.

Kasenian Kiliningan Bajidoran mimiti dipikawanoh dina taun 1960-an. Demi nu jadi kasang tukangna nyaéta ku mindeng aya pakaulan jeung loba nu ménta lagu ka Sindén tur beuki meuweuhna Pamogoran (Jawara nu sok makalangan dina pakalangan kasenian Ketuk Tilu) ngigel dina acara pintonan Wayang Golék (aya kalana ngaganggu kana garapan poko dalang Wayang Golek).

Ku ayana galagat sarupa kitu, nu ngalantarankeun matak “sebér” para Dalang, tug nepi ka pamustungan para tokoh Dalang waktu harita sapuk mun aya nu nanggap téh kudu papaitan heula; naha rék nanggap Sindén atawa Wayang Golek? Nya ku sabab masarakat réa nu mikaresep Kiliningan Bajidoran, antukna éta kasenian téh jadi mandiri, henteu ngan sakadar bagéan tina kasenian séjén.

Nu jadi garapan poko kasenian Kiliningan Bajidoran nyaéta pintonan sekar jeung Gending. Cohagna nu mancén gawé téh nayaga jeung Sinden; nayaga mancén gawé mirig kawih kapasindénan, ari Sindén mah tangtuna ogé pancénna téh ngahaleuang. Nu dijadikeun pirigan dina garapan seni Kiliningan bajidoran nyaeta gamelan laras saléndro.

Prak-prakanana mimiti para wiyaga tatalu, sabada tatalu néma kana lagu bubuka nu diajangkeun pikeun para karuhun. Lagu nu geus maneuh atawa baku nyaéta lagu Kembang Gadung jeung Kidung. Baheula mah mun sindén keur ngahaleuang lagu Kembang Gadung atawa Kidung piriganana téh melem, karasa tingsariak kana manah, tembus kana jajantung, da puguh éta lagu ku seniman Subang jeung Karawang mah disakralkeun pisan. Bisa disebutkeun ritual nu teu meunang ditinggalkeun. Hal ieu raket patalina jeung mitos nu dipercaya ku masarakat Subang; lagu Kembang Gadung ditujukeun ka Ayah Lapidzin, hiji tokoh Ulama nu bajoang ngalawan tuan kawasa pikeun ngabéla rahayat Subang nu katiderasa. Éta tokoh, bajuangna sok nyamuni dina pintonan kasenian Ketuk Tilu, amanat juangna ditepikeun ngaliwatan lagu ciptaanana nyaeta Kembang Gadung téa. Malah Gugurna ogé di pakalangan Ketuk Tilu. Nurutkeun béja, gugurna téh ku alatan aya nu hianat, waktu Ki Lapidzin ngawur-ngawurkeun duit ka rahayat di pakalangan Ketuk tilu hasil rampasan ti Kompeni, dirempug ku puluhan jawara séwaan Tuan Kawasa, Ki lapidzin teu walakaya, anu antukna tuluy di hukum gantung. Waktu rék ngalepaskeun napas pamungkas Ki Lapidzin dijajap ku lagu Kembang gadung. Ti harita sakur seniman urang Subang mun manggung salawasna dimimitian ku Kembang Gadung.

Sabada mintonkeun lagu bubuka, néma kana mundut lagu. Kawih nu sok dihaleuangkeun jaman harita nyaéta lagu-lagu nu sok dipaké dina Wayang Golek, kayaning Kulu-Kulu Sadunya, Kulu-kulu Bem, Rénggong Anglé, Macan Ucul Jeung Banja Sinom). Aya ogé  Ketuk tilu (Gaplék, Sulanjana, Bardin, Erang, Kangsreng, Gondang,Polos Jeung Gudril), katut Tayuban (Sonteng, Samarangan, Sentrong Maja jeung Wani-wani).

Waktu Sinden mawakeun lagu, Bajidor asup ka pakalangan. Bajidor di dieu, maksudna sebutan pikeun lalaki nu resep ngigel dina pakalangan Kiliningan Bajidoran, kecap Bajiodor wancahan tina kecap “Barisan Jiwa Doraka”, dumasar  tina kabiasaan heureuy di antara kaum Bajidor, alatan sok ngaheureuyan Sindén. Malah nu sok mindeng ngabajidor sok dilandi golék beureum, pédah kalakuanana teu béda jeung Rahwana, tokoh pawangan nu dohot ka awéwé. Tangtu baé éta mah ukur heureuy wungkul. Demi anu dimaksud makalangan mah nyaéta paranti ngigel nu kaul di hareupeun jeung handapeun panggung, mundut lagu (malah sok mundut supaya Sindén ngibing pikeun marengan salila manéhna kaul. Sasarina nu pangheula asup ka pakalangan ti pihak nu boga hajat, Bajidor nu dikahareupkeun pangheulana umumna nu alus ngigelna jeung bisa ngahirupkeun suasana, salian ti rengkakna kewes, mun bisa nu lueus jeung pantes tur komikal atawa pikaserieun. Satutasna némbongkeun kamonésanana, éta Bajidor nyokot saléndang atawa soder ti Sindén, anu satuluyna nyoder ka tatamu atawa bajidor Liana. Nu pangheulana dikalungan soder nyaéta tamu nu dianggap boga kalungguhan. Sanggeus kitu, kakara néma ka bajidor anu lianna.

Pola igelna luyu jeung kamampuhna; nu biasana ngigel dina acara Tayuban, maké pola Nayub, pon kitu deui nu sok makalangan dina Ketuk Tilu, rigigna téh maké gaya ketuk tiluan. Rengse ngigel, para Bajiodor méré Jaban (Sawéran) ka Sindén jeung tukang Kendang.

Luyu jeung kamekaran jaman, kira taun 1980-an, kiliningan Bajidoran téh boh pola iringanana, laguna pon kitu deui pola ibingna ngindung kana garapan Jaipongan tur kapangaruhan ku “sihir” seni dangdut. Iwal ti éta, jumlah Sindén nu asalna paling loba tilu urang, jadi nambahan nepi ka aya 10 urangna ngajajar di luhur panggung. Ti mimiti harita aya nu ngagésér sebutan keur Sinden téh, saméméhna nu disebut Sindén téh nyaéta pikeun juru kawih nu bisa ngawih atawa nu bisa ngawih jeung ngigel. Ti harita nepi ka kiwari nu bisa ngigel wungkul ogé disebut Sindén.

Dina hal Jaban ogé ngagentak pisan obahna. Béh ditu mah sawéran atawa nawur duit ka Sinden éstu mangrupa pangajén ka sinden. Ceuk cohagna mah kahidengan Bajidor atawa nu lalajo, sanggeus aya lagu Banondari nu rumpakana diwuwuhan ku nyebutan ngaran Bajidor atawa nu lalajo, méré jaban téh asa kapaksa. Tapi husus nu pupujieun asa beuki rebéh pangambungna, upama mindeng disebutan ku Sindén. Keur manéhna mah demi kahormatan, ucul duit ratusan réwu ogé, da henteu jadi pasualan. Salian ti lagu Banondari anu dicap “lagu tilang”, tukang kendang ogé bisa ngodok pésak Bajidor ku jalan ngagulinggemkeun tepak kendang; mun aya sora gulinggem nu keur jongjon ngigel wayahna kudu mayar jaban, mun henteu, tukang kendang eureun mirig ngibingna.

Ka dieunakeun, kurang-leuwih mimiti taun 1990-an, jaban ngagolontor ka panggung saban usik, sabab ampir kabéh lagu direumbeuy ku nyebutan nu lalajo. Atuh sabataé mun rék ngabajidor téh wayahna kudu nyakuan duit nu loba. Atuh dina méré ka Sindén ogé, aya modél anyar anu sok disebut “Egot”; méré sawér ku jalan ngeukeuweuk leungeun sinden bari diayun-ayun.

Dina hal tepakan kendang, kiwari mah geus henteu pati mola atawa maké patokan, da  geus umum tepak bukaan téh paling loba dua goong. Ari lolobana mah tepak minced, malah anu keur ngetrend kiwari nyaéta minced édég. Pola ibing Bajidor “saka” pisan, langka maké pola jurus, jeung abrulan deuih, daék ngigel mun lobaan, gerak mincidna ogé sakarepna, karéréanana minced bari gédég siga “weureu gadung”. Ku gerak atawa réngkak saperti kitu kawasna mah matak  disebut minced gédég ogé. Papading kitu, kasenian kliningan bajidoran nu kiwari prah disebut kiliningan jaipongan tetep éksis. Demi nu  mibanda peran gedé dina ngahirupkeunana, nya taya lian ti Bajidor.

Bajidor bisa disebutkeun papayungna Bajidoran, Bajidor nu ngahirup-huripkeun Bajidoran. Pang kitu, upama manggung henteu dihadiran ku Bajidor, pasti kana réhé comrékna tur “moal beubeunangan” téa. Écés pisan, aya patula-patali nu moal bisa “dileungitkeun” salah sahijina, da puguh mun “leungit”, aya bahan “leungit” duanana.***

 

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...