Bagikeun ka Lapak Facebook

Sastra SundaÉséyKemis, 12 Juli 2012 06:48

Bray Balébat Pangharepan

Ku Dhipa Galuh Purba

 

Bray…

Balébat pangharepan

Hayam raong patémbalan

Ngadigdig nyungsi laratan

Néangan, sugan jeung sugan

Ka mana atuh panutan?

Basa lembur kahuruan

Duh… kahuruan

Jol ka lamping suku gunung

Ditempo, sugan dikedung

Didongdon sugan ka lisung

Ka sawah, sugan ka saung

Panutan geuning bet suwung

Piraku rék niat pundung

Harita téh geus bray-brayan

Basa datang ka sempalan

Kembang eurih pareng neba

Barodas, baseuh cimata

Harita téh geus enyay-nyayan

Aya wirasat nu datang

Reumis beureum dina eurih

Bareureum baseuh ku… getih

Gok amprok reujeung manéhna

Keur saré, bangun nu tibra

Imut, mapag langit jingga

Kembang eurih sasarapna

Aduh, geuning bareureum rupana

Aduh… nu saré dewang dadana

*

RUMPAKA sajak anu ditulis téh, taya lian: Reumis Beureum dina Eurih. Ditulis ku Wahyu Wibisana, kalayan disanggi jadi hiji kawih nu matak tingsariak kana rarasaan, ku yasana Mang Koko (alm). Nu matak, teu salah upama musikalisasi puisi téh, keur urang Sunda mah, mémang geus teu anéh deui. Kabuktian, ti jaman baheula kénéh, Mang Koko geus ngalalanyahan. Lain baé karya Wahyu Wibisana, tapi ogé karya sastrawan séjénna, saperti Ading Affandi (RAF), Dédy Windyagiri, Winarya Artadinata, Agus Suriamiharja, jeung sajabana. Anu ceuk Yayat Héndayana, diolah jadi rumpaka, disanggi mangrupa kawih, nu abadi tug nepi ka kiwari.

Palebah nyebutkeun abadi, tangtu lain hiji kecap métafora atawa komo deui hiperbola mah. Pang kitu, da kabuktian pisan, kuring nu hirup dina jaman ayeuna, masih kénéh bisa ngararasakeun nikmatna kawih Reumis Beureum dina Eurih. Malah upama téa mah sajak Reumis Beureum dina Eurih, henteu disanggi jadi kawih, can karuhan kuring bakal wanoh. Papadaning kitu, lain hartina ngaleutikeun hiji pa-ngarang, da puguh duanana gé mibanda jasa nu sarua. Sabalikna, upama rumpaka laguna henteu jiga kitu, can tangtu ogé ku-ring ngarasa kataji.

Reumis Beureum dina Eurih, ti jaman keur SD kénéh, kuring sok mindeng nga-reungeukeun. Malah nu ngawihna ogé, lain si itu-si ieu, da indung kuring pisan. Enya, kakara eungeuh kuring ogé, Si Ema téh sindén. Upama hayang nguji paribasa téng manuk téng, anak merak kukuncungan mah, kuring ogé pantesna mah jadi wira-swara. Tapi ku lantaran, rada ngedul latihan téa, anu antukna babasaan pari-basa téh henteu bisa diandelkeun. Minangka pangalaman nu rada nyongcolang dina widang tarik sora téh, kungsi jadi juru alok jeung juru senggak. Hanjakal kurang diajénan ku alo kuring mah, da manéhna teu apaleun kana harti-hartina acan. Nya harita téh diterangkeun wé, ari juru alok téh nyaéta tukang ngeusian lolongkrang-lolongkrang lagu, anu henteu dieusian ku sindén atawa wira-swara. Demi juru senggak mah, taya lian tukang mairan lagu nu dipidangkeun ku sindén atawa ku wira-swara, anu tujuanana mah pikeun méré mamanis kana éta lagu. Iwal ti éta, juru senggak ogé, sok mirig atawa méré mamanis ka nu ngibing. Lumayan pan, batan henteu.

Masih dina lagu nu sarua, Reumis Beureum dina Eurih, mimiti kataji pikeun ngalenyepanna téh nya dina acara Konsér Rangrang Panyawangan Karya Mang Koko. Anu ngahaleuangkeunana taya lian Ida Rosida. Ari sapopoé mah, sok nyebat Bu Ida. Tapi lantaran dina basa tulisan, sebat baé Ida Rosida, kalayan teu pisan-pisan gaduh maksad campelak. Nepi ka mulangna ka kontrakan, lagu Reumis Beureum dina Eurih téh, bet nganteng waé dina ingetan. Malah isukna, kuring kokotéténgan maluruh kasét asli Reumis Beureum dina Eurih. Anu ngawihna ogé Ida Rosida, tapi dibarengan ku wira-swara.

Ku lantaran wandana dina MP3, nya di-setél-na ogé dina komputer, maké program winamp. Mémang leuwih praktis, nyetél dina lagu dina wanda MP3 mah. Contona, upama urang hayang balikan deui, teu kudu muterkeun heula cara dina kasét. Atuh puguh, sapanjang majuna wanci peuting, parat nepi ka wanci subuh, kuring teu eureun-eureun ngadédéngékeun Reumis Beureum dina Eurih, salila tujuh peuting noron. Tangtuna ogé, lain ngan saukur ngalenyepan éta kawih, tapi bari kutak-ketik. Lebah dieu, sacara pribadi, kuring kacida nganuhunkeun nuhun, ka sakur nu boga jasa dina ngolah ieu kawih. Tangtuna ogé ka Wahyu Wibisana, Mang Koko saparakanca, tug nepi ka Ida Rosida. Husus keur kuring, ieu kawih téh geus bisa ngahudang sumanget kuring, dina raraga prosés kréatip kutrat-kotrét rupaning tutulisan.

Salila tujuh peuting noron, kuring teu nyetél lagu séjén, iwal ti Reumis Beureum dina Eurih. Duka aya kakuatan naon dina éta rumpaka, atawa di juru sekar-na. Pangpangna palebah Ida Rosida mimiti ngahaleuangkeun: Bray…Balébat Pang-harepan. Upama Ida Rosida dikatégori-keun kana juru sekar nu sorana halimpu jeung hégar, keur kuring mah geus asup kana katégori sora emas. Tangtu di antarana, bakal aya nu tumanya, na anu kumaha ari nu disebut sora emas? Puguh baé sora emas mah, aya leuwihna ti nu hégar jeung halimpu. Nyatana sora anu mibanda kakuatan pangirut nu anteb ka nu ngadangukeun, di antarana ku ayana kakuatan komara éta sora, anu dilantarankeun ku rasa jeung warna, anu ngajadikeun suasana matak pogot ka nu ngadangukeun. Warna di dieu, ngandung harti cara ngajiwaan eusining rumpaka, nu némbréskeun rupaning sawangan. Malah lagu-lagu anu basajan ogé, upama dihaleuangkeun ku nu mibanda sora emas mah, sok matak gantung déngé. Upama ngabandingkeun jeung lagu malayu mah, contona lagu Gubahanku, bet asa jadi leuwih gantung déngéeun basa diha-leuangkeun ku Siti Nurhaliza.

Henteu unggal juru sekar, mibanda sora pi-emaseun. Tapi ogé, henteu sakur juru sekar nu boga sora pi-emaseun, dijamin bakal mibanda sora emas. Tangtuna ogé kudu dibarung ku latihan anu sistematis jeung daria. Upama dipapandékeun kana tatabeuhan mah, saperti alat musik gambang; kaina kudu nu hadé, ukuran wilahanana kudu luyu jeung kabutuhan sora, ukuran résonatorna kudu bener, dilaras jeung disurupkeunana kudu ku pangrawit nu seukeut pangrunguna, tug nepi ka panakolna ogé ulah sambarangan. Upama gambang kudu dilaraskeun jeung disurupkeun, nya sora jalmi ogé kudu dibebenah heula selang-surupna.

Bras kana rumpaka Reumis Beureum dina Eurih. Upama ditengetan, runtuyan caritana méh sarimbag jeung Kembang Tanjung Panineungan (sami hasil karya Wahyu Wibisana). Geura, pikeun babandinganana, urang ilikan rumpaka kawih Kembang Tanjung Panineungan:

Anaking jimat awaking

Basa ema mulung tanjung rebun-rebun

Di pakarangan nu reumis kénéh

Harita keur kakandungan ku hidep

Geus opat taun ka tukang,

Ema nyipta mulung béntang

Nu marurag peuting tadi

Béntang seungit ditiiran, pangangguran

Anaking jimat awaking

Basa ema mulung tanjung rebun-rebun

Bet henteu sangka,

aya nu datang ti gunung,

Rék ngabéjakeun bapa hidep

Nu opat poé teu mulang,

ngepung gunung pager bitis

Cenah tiwas peuting tadi

Layonna keur kadieukeun, Dipulangkeun

Harita, waktu layonna geus datang

Ema ceurik balilihan

Ras ka hidep na kandungan

Utun inji budak yatim

Deudeuh teuing

Harita, waktu layon geus digotong

Ema inget kana tanjung

Dikalungkeun na pasaran

Kembang asih panganggeusan ti duaan

Anaking Jimat Awaking

Lamun ema mulung tanjung

reujeung hidep

Kasuat-kasuat nya pipikiran

Tapina kedalna téh ku hariring

Hariring éling ku éling

kana tanjung Nu dipulung

Kembang tanjung

nu nyeungitan pakarangan.

nu nyeungitan haté urang, Panineungan

Katara, lagu Reumis Beureum Dina Eurih jeung Kembang Tanjung Panineungan, jejer caritana sarimbag; di-tinggalkeun maot ku salaki. Atuh mangsana ogé sarua, dina wanci isuk-isuk. Dina Reumis Beureum Dina Eurih, tangtu baé langsung kabadé, da ti mimitina ogé geus aya kalimah Bray… Balébat Pangharepan. Sok sanajan, balébat di dinya, bisa ogé ngandung harti métafor, lantaran disambung ku kecap pangharepan téa. Tapi anu leuwih ngantebkeun panuduh wanci mah, nya ku ayana kalimah Harita téh geus bray-brayan, atawa ku ayana kecap reumis. Teu pati béda jeung dina Kembang Tanjung Panineungan, aya kalimah Basa ema mulung tanjung rebun-rebun, di pakarangan nu reumis kénéh. Nya tangtu, kajadianana isuk-isuk. Sok sanajan, Kembang Tanjung Panineungan mah mangrupa carita flash back, ngumbar kajadian opat taun nu geus kasorang, saméméh budakna ngagubrag ka alam dunya, dipatalikeun jeung kaayaan mangsa budakna geus lahir, malah geus bisa maturan mulung tanjung. Mémang ditilik tina judulna ogé, apan aya kecap Panineungan.

Boh dina Reumis Beureum dina Eurih, atawa Kembang Tanjung Panineungan, kuring bisa ngabayangkeun kaayaan mangsa harita, anu keur mangsana loba bancang pakéwuh, huru-hara di mana-mendi. Wahyu Wibisana lir anu hayang ngagambarkeun kaayaan sarupa kitu, ngaliwatan panon hiji awéwé, hiji indung, anu mibanda sipat jamaliyyah. Saperti dina Kembang Tanjung Panineungan, salakina jadi salah sahiji korban, dina mangsana usum pager bitis: Nu opat poé teu mulang, ngepung gunung pager bitis, cenah tiwas peuting tadi. Demi dina Reumis Beureum dina Eurih, salakina ogé jadi salah sahiji korban tina kajadian huru-hara mangsa harita. Sok sanajan, kacaritakeun lemburna kahuruan, tapi salakina lain korban tina kahuruan biasa, da puguh kahuruan di dinya, lain kahuruan biasa. Bisa diilikan tina rumpaka pamungkasna: nu saré dewang dadana. Henteu disebutkeun, mi-salna: nu saré géhéng awakna.

Dina Reumis Beureum dina Eurih, kuring ogé bisa ngarasakeun sumanget kaom wanoja mangsa harita, anu satékah polah ngarojong kana pajoangan salakina. Minangka hiji wanoja nu babakti ka lemah cai, ihlas jeung rido ngajurungkeun salakina pikeun bajoang di médan perang. Geura, urang ilikan rumpaka: Panutan geuning bet suwung, Piraku rék niat pundung?

Cindekna, dua lagu anu dicaritakeun téh, kawasna bakal tetep nembres kana haté, lantaran cara nyanggi jeung anu ngawihna parigel dina nyurahan eusining rumpakana. Demi rumpakana téa, lain baé geus bisa motrét kajadian sawatara taun ka tukang (saksi jaman), tapi minangka gambaran kakuatan kaom wanoja dina ngabéla lemah cai, tug nepi ka gambaran kadeudeuh hiji awéwé, boh salaku pamajikan, pon kitu deui salaku hiji indung. Tah, kitu pisan, wanoja Sunda mah.***

Ranggon Panyileukan, 1425 H

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

Mang Asep (Asep Suhaya Permana)

Sim kuring mah upami ngupingkeun atanapi ngahariringkeun dua kawih nu tadi, sok ngadadak nyurucud cisoca, margi rumpaka na anteb ngagambarkeun kajantenan anu kaalaman ku sepuh-sepuh sim Kuring waktos jaman Pager Betis.

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Kemis, 17 April 2014 17:01

Ratusan Mahasiswa Nampik Jokowi Asup ka ITB

(SundaNews, Bandung) Poé Kemis (17/4/2014), Gupernur DKI Jakarta Joko Widodo (Jokowi) datang ka kampus Institut...
SN

Kemis, 17 April 2014 16:35

Urang Sunda Jadi Présidén

(SundaNews, Bandung) Aya karep ti sawatara urang Sunda geusan ngadorong putra daérah terbaikna pikeun jadi pamingpin di...
SN

Kemis, 17 April 2014 04:25

Néangan Calon Présidén Urang Sunda

(SundaNews, Bandung) Rusiah calon Présidén téh natrat dina Sastra Jéndra Kalapeteng, kalayan ukur...
SN

Kemis, 17 April 2014 04:08

Féstival Angklung di SMA BPI 1 Bandung

(SundaNews, Bandung) SMA BPI 1 Bandung bakal ngagelar tilu féstival dina bulan Méi 2014, kalayan marebutkeun...
SN

Rebo, 16 April 2014 16:27

Pulisi Bisa Midanakeun TP Kahatéx

(SundaNews, Bandung) Mun sikep Gupernur Jawa Barat, Ahmad Héryawan, rék maréntahkeun PT Kahatéx...