Bagikeun ka Lapak Facebook

Arsip MediaKemis, 12 Juli 2012 06:46

Lain Sakadar musik jeung Rumpaka

 

TASIKmalaya, iwal ti katelah kota santri, kawasna moal bireuk deui upama Tasikmalaya minangka hiji kota anu geus ngalahirkeun seniman-seniman atawa artis-artis kakoncara. Dina widang seni karawitan Sunda, Mang Koko nguniang ti indihiang, padungdung nanjung di Bandung. Torobosanana dina karawitan Sunda, dina nyiptakeun karawitan Sunda wanda anyar, bisa nganteurkeun Mang Koko ngajénggélék jadi hiji seniman nyongcolang. Karya-karyana abadi nepi ka kiwari. Malah upama diimeutan kalawan daria, teu saeutik karya-karyana anu bisa dikatégorikeun karya réligius (Islam). Henteu sakadar hiburan, da puguh nilik kana rumpaka-rumpakana ogé euyeub ku pesen moral; nyegerkeun kalbu; mawa suasana ka nu pinuh katingtriman. Loba di antara karya-karya Mang Koko anu eusina nyoarakeun kaluhungan agama Islam; nuturkeun tapak lacak para wali, anu mangsa kapungkur nyebarkeun Islam ngaliwatan média seni.

Bras kana musik malayu. Saha nu bireuk ka Rhoma Irama? Musisi, pencipta lagu, aktor film, da’i, wakil rayat, jeung rupaning pacabakan séjénna anu dicangkem ku Rhoma Irama. Ieu ogé, lahirna di Tasikmalaya. Atuh perkara nyantri mah, teu kudu dicaritakeun deui, da puguh grupna ogé; Sonéta Group, boga susuluk: Sound Of Moslem. Dina buku Apa Siapa Orang Sunda (Kiblat Buku Utama, 2003), tangtuna ogé ngaran Rhoma Irama henteu kaliwat pikeun ditulis. Pang kitu, lantaran Rhoma Irama lahir di Tasikmalaya. Sok sanajan, ari dina kahirupan sapopoéna mah Rhoma Irama téh henteu kasebut nyunda. Apan namina ogé, leuwih dipikawanoh Bang Haji, atawa Bang Rhoma, batan Kang Rhoma, atawa Kang Haji. Kilang kitu, Rhoma Irama ogé sok ngasupkeun kosakecap Basa Sunda kana rumpaka lagu-laguna, saperti lagu anu judulna “Rambatérata”. Tapi anu perelu dicatetkeun, suksésna Rhoma Irama teu leupas tina bakat, kocoran getih ti ramana. Téng manuk téng anak merak kukuncungan. Apan ramana Rhoma Irama téh parigel ngamaénkeun gamelan Sunda, pangpangna niup suling. Malah wartosna mah ramana Rhoma Irama ogé ahli nembang Cianjuran.

Dina buku Apa Siapa Orang Sunda, disebutkeun yén sabenerna préstasi Rhoma Irama lain dina palebah aksi panggungna, tapi torobosanana ngawinkeun musik rock jeung dangdut. Rhoma Irama ngarasa hanjelu ku omongan Bénny Soebardja (gitaris rock), anu nyebut “kotoran” (kolombéran) kana musik dangdut. Saterusna Rhoma Irama ngabuktikeun yén musik dangdut lain musik “kolombéran”, ku cara ngalahirkeun karya-karya akbar nu ngagéhgérkeun dunya musik nasional. Najan Rhoma Irama ngadumaniskeun musik dangdut jeung musik rock, tapi angger baé Rhoma Irama dipikawanoh minangka penyanyi dangdut, tug nepi ka dilélér gelar Raja Dangdut. Ti jaman keur budak, asa mikawanoh kénéh Rhoma Irama, batan ka para menteri ogé. Pang kitu, da ngaran Rhoma Irama sok jadi rumpaka kaulinan barudak, “Papatungan” (api-api jadi patung). Kieu kekecapanna téh; “Oma Irama raja dangdut jadi patung…!” Jadi, duka naon alesanana pang dina buku Apa Siapa Orang Sunda, nyebutkeun Préstasi Rhoma Irama lain dina aksi panggungna. Puguh écés pisan, géhgérna dunya musik téh lantaran aksi panggung Rhoma Irama, anu --lain baé— ngadumaniskeun musik rock jeung dangdut, da rumpaka-rumpaka laguna euyeub ku pesen moral, gaya kostumna, gaya actingna, jeung gaya sorana mibanda ciri sorangan, jeung anu écés mah lagu-laguna ngareunah kadanguna. Naha perkara éta, henteu kaasup kana aksi panggung?

Faruk HT, kungsi nulis hiji artikel anu judulna “Kami Tak Berhenti Begadang”. Faruk nyaritakeun kalumangsungan musik dangdut dina jaman anjeunna keur budak, kira taun 1960-an. Faruk nyebutkeun yén kahirupan musik dangdut mangsa harita, matak pikaketireun. Nu mikaresepna ogé karéréanana téh sabangsaning kolot. Da puguh musik barudak ngora mah, musik Pop anu diramékeun ku Koes Plus, disusul ku The Mercy's, Pambers, jeung sajabana. Atawa musik rock, saperti Giant Step atawa Godbless jeung Achmad Albar-na, AKA jeung Ucok Harahap-na, atawa Rollies jeung Gito-na. Kakara taun 1970-an, musik dangdut bisa nguniang ku ayana gebragan Rhoma Irama jeung Sonéta-na.

Tapi anu matak jadi héran, naha Faruk HT nyebutkeun yén nguniangna Rhoma sama henteu ngajadikeun musik dangdut kaangkat status sosialna? Faruk ukur nyebutkeun yén kasuksésan Rhoma Irama mah dina nga-révitalisasi jeung ngaré-aktualisasi musik baheula ka musik jaman ayeuna. Jasa Rhoma Irama lain ngajait musik dangdut kana strata sosial nu leuwih luhur, tapi ngahirupkeun jeung nga-réaktualisasikeun musik Malayu jeung méré sarana éksprési sarta idéntifikasi pikeun masarakat tingkat handap. Padahal Faruk sorangan apal, yén Rhoma Irama kakoncara minangka vokalis jeung pangarang lagu dangdut anu suksés ngasupkeun pesen-pesen moral dina laguna. Hanjakalna Faruk tetep henteu boga pamadegan upama pajoangan Rhoma Irama téh geus ngajait musik dangdut kaluar tina “kolombéran”. Justru jasa Rhoma Irama téh, palebah dinya pisan. Sanajan Faruk tetep “bagadang”, tapi musik dangdut geus kajait tina “kolombéran”, nya salahsahijina ku ayana pajoangan Rhoma Irama. Dangdut henteu mutlak idéntik jeung ngagéol, sabab kuring mah masih bisa “bagadang” bari ngadéngékeun tur neuleuman lagu-lagu Rhoma Irama (sorana jeung rumpaka, teu perelu géolanana).

Pait peuheurna lalampahan Rhoma Irama mémang kaitung beurat. Anu sinis baé aya, saperti Remy Silado (kritikus) anu nyebut “tai ucing” kana karya-karya Rhoma Irama. Atawa Jack Lesmana (musikus) anu nyebutkeun "bistik jangan dibandingkan gado-gado". Maksudna mah bistik téh musik rock, demi gado-gado mah nya musik dangdut. Kilang kitu, ari keur kuring sakuringeun mah, sedep kénéh kana gado-gado, batan bistik.

Asa teu kaleuleuwihi upama Sonéta, minangka band musik, bisa disajajarkeun jeung band rock ti Inggris, Rolling Stone. Kacida loyogna Sonéta asup kana Museum Rekor Indonesia (MURI). Rhoma Irama mémang henteu perelu tihot-hat haying ngasupkeun Sonéta Group kana catetan MURI, da puguh kuduna ogé pihak MURI sorangan anu sacara obyéktif; ngotéktak, neuleuman, maca sajarah kalumangsungan Sonéta Group. Upama Rhoma Irama jeung Sonéta Group-na, henteu mibanda kaistiméwaan, kawasna moal aya pakar sosiologi dunya anu kataji pikeun ngimeutan lalampahan Rhoma Irama. Apan ieu mah sasatna sosiolog Amérika Serikat, ngahajakeun nyusun tésis, anu judulna Rhoma Irama and the Dangdut Style: Aspect of Contemporary Indonesia Popular Culture, 1985.

Upama nengetan deui tangtungan jeung pikiran Rhoma Irama kalawan leuwih daria, sabenerna Rhoma ogé geus wani ngayakeun révolusi ngeunaan sawangan para ménak kana dunya musik. Harita, Rhoma Irama ogé mun yén kulawargana resep kana musik, tapi tetep baé kulawargana boga anggapan yén icikibung dina dunya musik, lain hiji perkara anu bisa dipikareueus. Atuh puguh henteu pati nyaluyuan upama Rhoma mibanda profési dina dunya musik. Sakali mangsa, gitar Rhoma Irama kungsi dibalangkeun nepi ka rajét ku ibuna, lantaran Rhoma dititah ngasuh adina, kalah hayoh baé ngoprék gitar. Tapi lalakon Rhoma henteu pugag nepi ka dinya. Rhoma maju terus tug nepi ka ahirna jadi Raja Dangdut.

Inget deui kana kaulinan keur jaman budak; Rhoma Irama raja dangdut jadi patung! Duka ka lebah mana léokna, éta kekecapan téh.***

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...