Bagikeun ka Lapak Facebook

Arsip MediaKemis, 12 Juli 2012 06:26

"Panineungan Pahlawan Lingkungan"

Ku Dhipa Galuh Purba

 

  KELOMPOK Téater Tradisi (KTT) ngagelar kamonésan Longsér Multimédia anu judulna “Roh Ma Éroh”. Ieu pintonan téh digelar di Yayasan Pusat Kebudayaan (YPK), Jl. Naripan No. 7 Bandung (6/5), jeung di Gedong Kasenian Dadaha, Jl. Lingkar Dadaha, Tasikmalaya (7/5).

 

*

SAMÉMÉH ancrub kana pintonan KTT, aya hadéna upama urang “wawanohan” heula sareng Ma Éroh. Bilih aya nu hilap atanapi teu acan terang, saha ari Ma Éroh téh? Utamina keur adi-adi nu masih kénéh nyuprih pangarti di SD, SMP, atanapi SMA, kalintang peryogina mikawanoh Ma Éroh. Atuh anu utami mah, sajabana mikawanoh téh, muga baé sumanget Ma Éroh téh bisa diteraskeun ku adi-adi.

Nyaritakeun perkara Ma Éroh, tangtu urang bakal émut kana lingkungan tempat hirup kumbuh.  Ma Éroh téh hiji tangtungan wanoja nu mibanda sumanget ngagedur dina enggoning nyalametkeun lemburna tina kakurangan cai. Harita, taun 1980-an, mémang lembur Pasir Kadu téh keur meujeuhna halodo entak-entakkan nepi ka hésé cai. Dina kaayaan sarupa kitu, masarakat Cikadu ukur ngagugu kabingung tur kahariwang, bari taya tarékah pikeun ngungkulanana.

Ma Éroh, anu sakolana ukur nepi ka kelas 3 SD, minangka warga masarakat Cikadu nu boga ideu pikeun nyieun  saluran irigasi ku cara nugar jungkrang lungkawing, di wewengkon Gunung Galunggung.  Puguh baé mimitina mah masarakat téh ngarasa cangcaya, malah aya ogé nu manghariwangkeun kondisi psikologis Ma  Éroh. Pangna kitu, Ma Éroh ukur ngagunakeun pakarang pacul, linggis jeung balincong pikeun  nugar taneuh cadas nu sakitu teuasna. Naon rupa tarékah Ma Éroh, dianggap hiji perkara nu pamohalan tinekanan.

Tapi dina emprona mah bet matak ngajenghok saréréa. Ma Éroh ahirna bisa nugar cadas 45 Méter, gugurawilan dina gawir salila 47 poé. Ma Éroh tinekanan nyieun saluran irigasi ti walungan Cilutung, ngurilingan pasir lungkawing anu condongna kurang-leuwih 60 - 90 darajat. Panjangna saluran cai téh kurang-leuwih 5 KM. Puguh baé nu ngabantuan ogé aya, kurang leuwih 19 kulawarga. Cai ngagolontor nyumponan halabhabna masarakat Kampung Pasir Kadu, Désa Santana Mekar, Kacamatan Cisayong, Kabupatén Tasik.  Lembur nu saméméhna garing téh, jadi ngémploh héjo, subur.

Ku ayana jasa Ma Éroh, dina taun 1988, Ma Éroh dilélér pangajén Kalpataru ku Présidén—harita—Soeharto. Puguh baé masarakat ngarasa bungah tur reueus. Sabada nampi hadiah Kalpataru, Ma Éroh diabring-abring ngurilingan Tasik. Sataun ti harita, Ma Éroh ogé dilélér pangajén lingkungan ti  Perserikatan Bangsa-Bangsa (PBB).

Kiwari Ma Éroh tos dipundut ku Nu Kagungan. Écésna  dinten Senén, ping 18 Oktober 2004, tabuh 21.12 WIB dina  yuswa 60 tahun. Ma Éroh mungkas rénghapna di Rumah Sakit Jasakartini Tasik, rohangan 304.A, sabada dirawat heula salila genep poé. Satuluyna, Ma Éroh dikurebkeun tanggal 19 Oktober. Luyu sareng wasiatna, Ma Éroh  dikurebkeun di gédéngeun makam carogéna nu kahiji, anu tos mayunan pupus taun 1990-an, dina yuswa 70 taun. 

Ma Éroh ngantunkeun carogé kaduana, Emuh, sarta  tilu urang putra sareng salapan incu. Tilu urang putra Ma Éroh  sareng carogéna anu kahiji (Encu), sadayana istri, nyaéta Euis Tohariah (31), Adé Rohanah (29) jeung Maésaroh (27). 

Jasa-jasa Ma Éroh, kalintang ageungna. Mugia arwah almarhumah ditampi iman-islamna, dihapunten sagala rupi kalepatanana, kalayan kénging tempat mulya mungguhing Alloh SWT.

*

ROH Ma Éroh, minangka judul pintonan Longsér Multimédia nu dipintonkeun ku KTT. Puguh baé nu dimaksud “Roh” di dieu, sanés “Ruh” dina hartos sabalikna tina raga badag. “Roh” nu dimaksud dina ieu lalakon, hartina leuwih deukeut kana sumanget. Sebut baé sumanget Ma Éroh mah, masih kénéh kudu dipiara, sanajan Ma Éroh tos taya di kieuna.

Dina lalakon “Roh Ma Éroh”, kawasna tokoh anu nyatana mah ukur Ma Éroh. Demi nu séjénna mah minangka tokoh fiktip pikeun ngahirupkeun carita. Éta mah kamotékaran penulis, dina enggoning ngudag réalitas carita. Sanajan masih kénéh karasa henteu imbang, antara Ma Éroh jeung tokoh-tokoh séjénna, semu anu dipaksakeun.

Longsér Multimédia. Inovasi anyar kasenian longsér, nu katelah hiji kasenian warisan Aténg Japar—béh dituna Bang Tilil. Bisa disebut anyar, sanajan lain nu panganyarna. Pangna kitu, saméméhna kungsi aya inovasi séjén, saperti Long-lén (Longsér Lénong) jeung Longsér Gaul.

Malah ku ayana gaya Longsér Gaul, kungsi jadi padungdengan para praktisi longsér, lantaran dianggap ngaruksak pakem longsér. Harita, Séptémber 2001, di STSI Bandung digelar Parade Longsér, kalayan mintonkeun dalapan  grup longsér; Pancawarna, Ringkang Gumiwang, Antar Pulau, Caraka Sundanologi, Citraresmi, B’Mo Téater Club, Damar Bumi Citraloka, jeung Gaul.

Basa Longsér Gaul mintonkeun musik band di tengah adegan, méh sakur nu lalajo curinghak. Aya nu protés, aya nu  haré-haré, aya ogé nu ngarojong. Kilang kitu, ieu grup longsér nu anggotana didominasi ku barudak rumaja téh henteu pati kapangaruhan ku nu “ngajejeléh”. Kabuktian kuantitas produksina malah beuki ningkat. Kaasup nu mikaresepna ogé, katingalina beuki nambahan.

Antukna publik longsér geus henteu anéh deui nyaksian “kaminculakan” Longsér Gaul. Pangpangna mah mémang aya hadéna upama salawasna husnudzon kana rupaning inovasi kasenian tradisional. Boh Longsér Gaul, atawa longsér naon baé, satungtung didasaran ku rasa cinta kana seni Sunda mah, piraku maké jeung dianggap rék ngaruksak sagala. Sakurang-kurangna, Longsér Gaul bisa jadi jembatan nu lalajo pikeun “ngajajapkeun” ka wangunan longsér Pancawarna.

Ku ayana geus biasa nyaksian rupaning inovasi longsér téa, antukna nyaksian Longsér Multimédia ogé jadi henteu pati ahéng. Komo deui, saméméhna kungsi aya pintonan Sandiwara Munaran di Gedong Kasenian Rumentang Siang, garapan Arthur S Nalan. Sandiwara Munaran ogé bisa disebut sandiwara multimédia, ngagunakeun layar multimépdia minangka latar/séting tempat.

Upama dina Sandiwara Munaran mah, antara pamaén jeung gambar dina layar téh ngahiji, kalayan henteu bisa dipisahkeun. Béda deui jeung pintonan layar dina Longsér Multimédia. Antara pamaén jeung pintonan dina layar téh lir anu leumpang séwang-séwangan. Malah upama henteu maké layar ogé, kawasna moal pati mangaruhan kana kalumangsungan adegan atawa dialog pamaén. Lebah dieu, perelu aya tarékah nu leuwih daria pikeun nyekrupkeun pamaén jeung layar multimédia. Kitu ogé upama ieu longsér téh masih “keukeuh” rék dingaranan longsér multimédia, kalayan henteu sakadar némbong-némbong pakakas multimédia.

Bras kana adeg-adeg penokohan. Sakumaha geus disabit saméméhna, yuén karakter tokoh kurtang imbang, antukna bet asa ningnang. Boh penulis, boh sutradara, kajebak  ku wanda longsér nu idéntik jeung sabangsaning pintonan sempal-guyon. Kajebak ku bobodoran. Antukna tangtungan Ma Éroh téh karasa nenggang jeung aya kesan emosinal, neugtreug. Mémang ari neugtreugna mah masih réalis. Neugtreug dina harti mibanda sumanget ngagedur, kalayan moal pupulur saméméh mantun. Hamo mundur sasiku, hamo ngejat satunjang béas, pikeun ngahontal cita-citana.

Kilang kitu, nilik kana sikep tokoh Ma Éroh dina nyanghareupan Kadés atawa Juru Tulis, bet henteu némbongkeun yén Ma Éroh téh salaku hiji warga ti “kelas handap”. Hal ieu ku lantaran tokoh Kadés atawa Juru Tulis téh,  karakterna “konyol” teuing.

Puguh baé perkara kahéngkéran multimédia jeung penokohan mah henteu sakadar “cacat kecil” dina hiji pintonan. Justru lamun kalah dianggap leutik, pangaruhna bakal ngagedéan tur mangaruhan kana unsur séjénna.

Aya nu matak kataji dina perkara milih pamaén. Pangpangna anu merankeun Ma Éroh, nyaéta Popon Tembem. Nilik kana rupa jeung tangtunganana, Popon mémang kaitung pantes dipapancénan merankeun Ma Éroh—ditambah ku kaparigelan nu ngarias jeung panata kostum.

Properti dangdaunan dina panggung ogé, ngarojong kakuatan pikeun nuduhkeun suasana pilemburan. Kaasup pangrawit, geus karasa parigelna  ngatur atawa ngadumaniskeun jeung pamaén. Atuh puguh guyonan atawa banyolan ogé, bisa langsung dipapag ku suka-seuri nu lalajo. Katingalina sakur pamaén geus weruh dina perkara ékting. Cacak lamun lalakonna lain Ma Éroh jeung wanda pagelaranana lain Longsér Multimédia, tangtu moal loba teuing nu dicawadna.

Perkara kahéngkéran hiji pintonan—naon baé wandana, geus jadi hiji perkara anu kacida ilaharna. Malah ku ayana kahéngkéran nu ditataan téh, pagelaran sacara umum bisa disebutkeun suksés. Iwal ti racikan guluyurna lalakon nu apik, katambah pangbagéa ti nu lalajo ogé kaitung hadé. Ka hareupna, pikeun ngahontal pintonan nu leuwih nyugemakeun téh, apan merelukeun prosés.

KTT geus némbongkeun katineungna ka hiji tokoh nu gedé jasana dina raraga nyalametkeun  lingkungan hirup kumbuh. Muga baé pintonan KTT téh enyaan bisa ngahudang “Roh” Ma Éroh.

Produksi            : Komunitas Téater Tradisi

Wanda : Longsér Multimnédia

Judul                 : Roh Ma Éroh

Naskah              : Dadan Sutisna

Sutradara          : Euis Balébat & Agus Injuk.

Pamaén : Popon Temben, Dodi Éka Pratama, Ima Rachmawati, Dadang Usman, Zénal Tonton, Rudi Raga, Mélliana, Apip Catrix.

Pangrawit          : Acép Samba Sunda, Endi AMD, Budi Popoy, Aziz Réntal, Rudi Rodék, Uép Dayax, Agus.

Multimédia         : Ayie S Bukhary

Artistik  : Ayie S Bukhary

Pimpro              : Éllin RN

 

 

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...