Bagikeun ka Lapak Facebook

Arsip MediaKemis, 12 Juli 2012 06:24

Runtuhna Aléngkadirja

Ku Dhipa Galuh Purba

 

CINTA mibanda kakuatan anu kawilang rohaka. Ku motahna galura cinta Rama-Shinta, bisa ngaruntuhkeun Aléngkadirja. Rahwana ngemasing pati, ajal tumekaning perlaya, teu wasa ngayonan Rama. Nguntabna hawa birahi Rahwana pikeun ngapimilik Shinta, henteu bisa tinekanan, sabab Rahwana teu bisa ngalawan kakuatan cinta Shinta ka Rama. Ieu carita téh bisa kapaluruh dina carita Ramayana, kalayan geus kawéntar. Papadaning kitu, aya rupaning éksprési tur cara neuleuman ieu carita, ku sawatara widang seni. IKASISTA (Ikatan Alumni dan Siswa Tari SMKI/SMKN 10 Bandung), mintonkeun éta carita dina wanda drama tari, lumangsung di Gedong Téater Tertutup Taman Budaya Jawa Barat, sawatara waktu kaliwat.

 

IMBANG antara pamén jeung nu ngalalajoanan. Pintonan drama tari Runtuhna Aléngkadirja anu dirojong ku puluhan pamaén téh lumangsung kalayan suksés, boh ditilik tina garapanana, pon pilalagi nyawang anu ngalalajoanana. Rohangan Téater Tertutup Taman Budaya Jawa Barat méh teu bisa ngawadahan para penongton nu peuting harita hayang nyaksian pintonan. Lain baé ti kalangan alumnus tawa siswa SMKI anu harita nyarakasian téh, da puguh réa mahasiswa, siswa, katut masarakat nu taya patalina jeung almamater SMKI.

Kangaranan hasil garapan para seniman petingan jebolan SMKI, tangtu baé geus bisa kasawang kumaha émprona. Ieu pintonan anu ngadumaniskeun tari, drama, karawitan katut seni rupa téh, diracik kalawan gemet tur henteu wawayagon. Kaseukeutan dina nata tari jeung ngatur irama dramatik, bisa lumangsung ti mimiti tug nepi ka ahir, kurang-leuwih sajam. Dimimitian ku adegan leungitna Déwi Shinta  kalayan dipungkas ku adegan gugurna Rahwama, anu didempét ku gunung kembar, Sondara-Sondari.

Aya lima adegan anu dipidangkeun dina pintonan Runtuhna Aléngkadirja. Di antarana, adegan kahiji nyaritakeun kaayaan di leuweung luwang-liwung, kalayan mintonkeun tokoh Sri Rama jeung Lesmana, anu keur nandangan kabingung. Tangtuna ogé duanana keur maluruh lantaran Dewi Sinta. Dina kaayaan sarupa kitu,  Rama manggihan saléndang anu sok dianggo ku Sinta. Rama, minangka ksatria titisan Wisnu, antukna sadar yén anjeunna keur nyorang kahirupan anu pinuh cocoba, utamana dina ngayonan Prabu Rahwana raja Alengkadirja. Hanjakalna dina ina degan ieu, henteu kacaturkeun aya manuk raksasa Jatayu, anu nuduhkeun yén Déwi Sinta diiwat ku Rahwana.

Adegan kadua; nyaritakeun Sugriwa, raja Kiskenda jeung istrina, Déwi Tara. Teu sawatara lila, Subali, lanceukna Sugriwa, ujug-ujug datang tur ngancam pikeun ngarebut Déwi Tara jeung tahta Karajaan Kiskenda. Puguh baé Sugriwa kasigeung, anu antukna tarung adu bégalan pati. Subali bisa ngéléhkeun Sugriwa. Ku ayana kitu, Sugriwa kapaksa ninggalkeun Karajaan Kiskenda katut Déwi Tara. Satuluyna di tapel wates wilayah Kiskenda, Sugriwa anu dibarengan ku Anoman patepung jeung Sri Rama ogé Lesmana.

Rama ngarojong Sugriwa pikeun ngarebut deui tahta karajaan Kiskenda. Satuluyna Sugriwa ngajorag deui Kinkenda sarta nangtang Subali. Tarung anu ngadua kalian, teu bisa disingkahan deui. Basa Sugriwa mimiti kadéséh, Rama mungkas kasarakahan Subali ngagunakeun panah sakti.

Adegan katilu (Anoman Duta); nyaritakeun Prabu Rahwana anu aya di Keraton Aléngkadirja, jeung di taman Argasoka (tempat Dewi Sinta dibérok). Rahwana maksa sangkan Déwi Sinta daék dijadikeun permaisurina. Tapi Déwi Sinta keukeuh nampik. Dina ieu adegan ogé henteu kacaturkeun tokoh Kijang Kencana, minangka jelmaan patihna Rahwana, minangka tarékah Rahwana pikeun ngawisaya Déwi Sinta, sangkan ka luar tina sengkeran élmu Sri Rama,

Basa Rahwana ninggalkeun taman Argasoka, Anoman sasalingkeran asup, kalayan nepungan Déwi Sinta. Anoman ngajelaskeun yén manéhna minangka utusan Sri Rama. Sabenerna mah dina mangsa harita ogé, Anoman téh bisa nyalametkeun Déwi Sinta. Tapi Déwi Sinta hayang disalametkeun langsung ku Rama.

Adegan kaopat (Rama Tambak);nyaritakeun Rama anu meulah laut, pikeun jalan para prajurit Kiskenda anu ngabantu sangkan bisa anjog ka wewengkon Karajaan Aléngkadirja. Dina adegan ieu, teu aya  Anoman Obong; Wibisana jeung Anggada

Adegan kalima; nyaritakeun perang campuh di Aléngkadirja antara pasukan Rama anu dibantu ku jurit ti Kiskenda ngalawan jurit Rahwana ti Aléngkadirja. Sajeroning kitu, teu kapaluruh munculna tokoh Kumbakarna. Palagan téh ahirna réngsé kalayan pasukan wadya jurit Sri Rama anu unggul. Klimaks carita, Rahwana datang dibarung marah nu ngabebela. Rahwana nangtang Sri Rama. Antukna Rahwana teu bisa nyingkahan jamparing sakti, anu ngabelesat tina gondéwa Rama. Ahirna Rahwana didempét ku gunung kembar Sondara-Sondari.

Sanajan suwungna sawatara tokoh, tapi henteu pati mangaruhan kana kalumangsungan carita. Para pamaén geus némbongkeun pangaweruhna dina rupaning tari wayang, sakaligus nyangkem dialogna. Aya sawatara penongton nu mimitina nyangka di-dubing, tapi lila-lila mah kawasna percaya, yén anu dialog téh pamaénna langsung. Ku ayana kitu, upama hayang jadi pamaén drama tari, teu cukup bisa nari wungkul, tapi sakaligus kudu hatam ngolah vokal.***

 

 

Pintonan            : Drama Tari

Judul                 : Runtuhna Aléngkadirja

Pamaén : Tatang Taryana, Lina Hérlina, Dévi, Tédi, Taufik Hidayat, Agus Kandiawan, Rinawati, Ahmad Parmis, Dwi Ginulur, Rani Nuraéni, Kustiana, Méiga Fristya, Susi Héndaryani, Dina Sopita, Sriwina, Alék, Bibin, Usman, Dhéndi, Cécép Éka, Agus Badéng, Alam, Novi, Asép, Tovan, Ujang Setiadi, Cécép Wandrik, Héry, Déndén, Dodi, Agus Omo.

Pangrawit          : Yaya Suryadi, Dédi Suryana, Riki Oktriadi, Atang Suryaman, Tjutju Hadiat, Yuharno, Cahyana, Jaja DM, Apép Sobandi, Maman Suryaman, Wawa, Iwan, Masyuning.

Panata Karawitan           : Lili Suparli.

Penata Tari                    : Taufik Hidayat, Dwi Ginulur, Gugum Gumbira, N. Tresna Wijaya, M. Nana Munajat, Datam, Ahmad Farmis.

 

 

 

 

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...