Bagikeun ka Lapak Facebook

Arsip MediaKemis, 12 Juli 2012 06:23

Topéng Beber

Ku Nana Munajat

 

GENRE tari topéng Cirebon nu hirup di luar wewengkon Cirebon nyaéta “topéng Beber”. Éta kasenian tumuwuh kalawan mekar di kampung Beber, désa Beber, kacamatan Ligung, kabupatén Majalengka.

Nurutkeun katerangan Andet Suanda, tokoh topéng nu kiwari hirup di daérahna, asalna  ti daerah Gegesik lembur karuhunna. Nu boga yasa nyebarkeun seni topéng tug nepi ka mekar jadi gaya nu mandiri nyaéta Uyut Satian, dalang topéng ti Gegesik Cirebon. Nyebarkeunana ngaliwatan “Bebarang” atawa ngamén.  Geus mangrupa tradisi dina kasenian topéng Cirebon, pikeun ngalanggengkeun kahirupan grupna upama sepi manggung acara hajatan, sok ngamén atawa bebarang ka unggal lembur.

Ku ayana tradisi beberang topéng Cirebon sumebar ka wewengkon séjén, saperti Indramayu, Subang, katut Beber. Upama éta seniman tuluy tumetep saperti dalang topéng Satian di Beber, garapan topéngna dalit ngahiji jeung tradisi satempat, nepi ka mibanda wanda jeung gaya nu mandiri.

Gaya topéng satuluyna diwariskeun ka para putrana, buyut Surawacita, néma ka  Jasmi, Sujiman, Satinah Janah, tug nepi Ka Andet Suanda (76 taun) nu kiwari jadi tokoh Topéng Beber. Pikeun ngawadahan uyekna kabinangkitan seniman topéng, Andet Suanda ngadegkeun grup seni “Panca Bakti”. Grup seni nu dikokolakeun lain baé ngagarap topéng, tapi kaasup wayang kulit. Pangna kitu, lian ti parigel ngibing topéng, Andet ogé mahér dina ngulinkeun wayang kulit.

Struktur atawa wangun ibingan sarta leunjeuran koografina teu pati géséh jeung gaya topéng Cirebon lianna. Anapon struktur pintonanan dimimitian ku Topéng Panji, Samba, Rumyang, Tumenggung atawa Pati, Jinggaanom, kalawan dipungkas ku pintonan topéng Klana atawa Ruwana/Rahwana.

Panji kedokna bodas polos, karakterna lungguh. Ieu ibingan ngagambarkeun manusa nu kakara ngagubrag ka alam dunya, nu masih suci bersih. Pamindo kedokna aya nu konéng, bodas, coklat jeung héjo. Pameunteuna polos, tapi lebah tarangna maké pilis atawa hiasan nu mangrupa ukiran gambar rambut. Karakterna ladak; lanyap; lincah. Ngungkabkeun jiwa manusa nu keur mangkak rumaja.

Rumyang luyu jung hartina ramiyang-ramiyang, ngagambarkeun jiwa manusa nu kakara wanoh kana harti kahirupan. Rupa kedokna beureum jambu, maké pilis jeung godég kembang turi, karakterna ganjen.

Tumenggung atawa patih kedokna beureum jambu, maké kumis baplang. Karakterna gagah monggawa, eusi tarian ngagambarkeun manusa nu geus sawawa, panceg dina pamadegan.

Jinggaanom kedokna yaksa, karakterna gagah danawa, ngagambarkeun perang campuh antara nu bener jeung nu salah, kalawan nu unggul nu bener. Rahwana atawa Klana kedokna beureum euceuy, kumisna baplang, panona bolotot, karakterna gagah ngalana, ngagambarkeun kasarakahan manusa, nu ngahalalkeun sagala cara.

Sacara garis badag, pola ibingan topéng Beber mibanda tilu bagéan. Kahiji “dodoan” atawa ibing bubuka, wirahmana kendor atawa lalamba, kadua “munggah tengah” atawa ibingan bagian tengah. Pola wirahmana sedeng atawa rancag. Demi bagéan katilu “deder” nyaeta bagian ahir tarian nu wirahmana gancang atawa gurudugan.

Rupaning gerak nu aya dina tarian topéng Beber euyeub ku motif. Contona dina larap atawa kenyut anu mibanda pirang-pirang warna. Perkara ieu nandakeun beungharna ibingan topéng beber.

Juru ibing nu geus mahér, ilaharna disebut dalang topéng, mun penari geus aya dina tahap dalang topéng. Saréngkak saparipolahna éstu hirup. Dalang topéng mah upama keur ngibing tara dialas ku pirigan, atawa tara ngigelan kendang, tapi tukang kendang nu ngigelan kahayang dalang topéng.

Nepi ka danget ieu ibing Topéng Beber sok dijadikeun média upacara, boh inisiasi  atawa ngaruat. Masarakat sabundeureunana masih percaya kana mitos, saperti nu aya patali jeung tatanén. Mun teu diruat ku topéng, sawah garapanana moal kapetik hasilna. Atawa mun lmbur teu diruat, aya anggapan bakal aya mamala nu tangtu nyangsarakeun masarakat.

Kitu deui mun sangkan budak henteu ririwit, ti keur orok mula kudu dingaranan ku dalang topéng. Tradisi saperti kitu nepi ka kiwari masih lumangsung. Sasarina di tengah garapan topéng, ilaharna dina jam 12 peuting, warga kampung nu ngabogaan budak orok naék ka luhur panggung, ménta ngaran sarta dipangjiadkeun ku dalang topéng.

Puguh baé upama Dalang topéng aya paménta kitu, Dalang topéng kudu nedunan bari mikeun cai dina botol nu geus dijampéan. Salian ti éta, aya ogé nu hayang digampangkeun dina usaha atawa dina sual jodo. Ku kituna jalma nu jadi dalang topéng mémang lain jalma sabrongbrong, kudu geus eusi lahir jeung batin.

Sanajan teu mekar kawas baheula, Topéng Beber masih kénéh hirup. Pikeun ngajaga supaya teu tumpur, Andet Suanda ngawariskeun élmu pangaweruh katut kaparigelanana ka putra tunggalna, Iyat Suyati, nu  kiwari jadi pangbarep atawa béntang panggung grup topéng  Panca Bakti. Iwal ti ka Iyat, teu tinggaleun ogé ka incuna, Sri Indaningsih jeung Endang Rétnoningrum. Élmu ibinganana geus disadap ku sabagéan mahasiswa STSI, UPI, UNJ jeung siswa SMKI.

Salila ngokolakeun topéng, sababaraha kali Andet meunang ondangan manggung ka sawatara tempat, saperti Auditoium SMKI Bandung,  gedung kasenian Sunan Ambu STSI Bandung, Aula UPI Bandung, Aula Universitas Jakarta, panggung téater tertutup Taman Budaya Bandung, jsté.

Hanjakal nepi ka danget ieu Andet  tacan mibanda gamelan parungu jeung tempat pikeun latihan. Ku ayana kitu, kawilang hadéna upama Pemkab Majalengka ngarojong ieu pakumpulan. ***

 

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...