Bagikeun ka Lapak Facebook

Basa SundaPangajaran Basa SundaKemis, 12 Juli 2012 06:18

Wawanohan Sareng Pupuh (1)

Ku Kania Pujasari

 

 

Naon ari pupuh téh? Aya sabaraha rupa? Kumaha cara ngajieunna? Sareng rupaning patarosan, tangtos bakal nyangkaruk ka sing saha baé nu teu acan kantos wawanohan sareng pupuh. Dina ieu rubrik, bakal diécéskeun kasangtukang, ditambih ku conto-contona, anu ngahaja nyandak conto tina hasil karya Mang Koko sareng P. Nataprawira. Ieu seratan ogé dieuyeuban tina sawatara sumber.

Pupuh nu baris didadarkeun téh, tangtosna ogé, pupuh 17 téa. Salami ieu, anu dipikawanoh téh sasarina ukur opat pupuh, Kinanti, Sinom, Asmarandana, Asmarandana, sareng Dangdanggula, anu sok disingket jadi KSAD. Ka mana atuh anu 13 deui? Dalah Paguyuban Pasundan ogé, basa ngayakeun pasanggiri ngarang pupuh téh, anu dipasanggirikeun téh, ukur pupuh KSAD. Keun heula, perkara éta mah. Nu penting, hayu urang sasarengan neuleuman sakur pupuh anu jumlahna 17.

Naon atuh anu dimaksud pupuh téh? Madungdengkeun perkara harti pupuh, kedah ngayakeun heula babandingan sareng istilah-istilah anu aya di sabudeureunana. Dina harti, aya sababaraha rupa harti pupuh. Di antarana:

 

Bait atawa Pada

Anu dimaksud bait atawa pada dina istilah karawitan Sunda mah, minangka babandinganna téh, sapupuh téh sarua jeung sabait atawa sapada.

 

Aturan

Ari anu dimaksud aturan téh misalna perang pupuh, sarua jeung perang anu puguh aturanana.

 

Lagu

Anu dimaksud lagu di dieu, sasaruanana pupuh kinanti, sok disebut ogé lagu kinanti. Pupuh dangdanggula, sok disebut ogé lagu dangdanggula, jeung sajabana.

 

Urutan bait anu mibanda pola sarua. Maksudna bisa diilikan dina conto pupuh anu aya dina Wawacan Rengganis. Nyatana diwengku ku 62 bait. Demi anu 62 bait téh bisa disebutkeun sapupuh.

 

Puisi Jawa Utama

Pangna disebut Puisi Jawa Utama, sabab nyoko tina kanyataan para pujangga Jawa, anu ngutamakeun pupuh minangka hasil kasusastraan kuna, pikeun ngasongkeun carita-carita dina wanda tembang-tembang Jawa.

 

Puisi Jawa Lama

Ari nu dimaksudkeun Puisi Jawa Lama téh, dumasar kana pamanggih mun yén puisi anu pangkolotna di Jawa téh nyatana pupuh.

 

Pola susunan rumpaka (syair)

Demi alesanana  dumasar kana kagunaan pupuh, nyatana minangka pola pikeun ngarang rumpaka anu baris digunakeun pikeun ngaracik tembang.

UPAMA nyoko kana konsép nyiptakeunana, nyatana Pujangga Jawa, Pupuh diwincik tur dibédakeun jadi opat rupa. Nyatana Sekar Kawi, Sekar Ageung, Sekar Tengahan, jeung Sekar Alit.

 

Sekar Kawi

Sekar Kawi sok disebut kakawén, minangka tarjamahan tina puisi India, anu satuluyna dialih bahasakeun kana basa Jawa Kawi ku para pujangga Jawa. Bisa ogé disebut Macasa Lagu, wawacan munggaran. Nurutkeun R. Ng. Ronggo Warsito, sekar kawi téh dijieun ku Empu Yogiswara, taun Hé 1004 Saka atawa 1082 Maséhi. Demi anu dikatagorikeun kana Sekar Kawi atawa Macasa, di antarana Candaka, Dandaka, Dreti, Nitrakiya, Nuktra, Nustupa, Patra, Pugarya, Sasti, Sastyata, Susyata, Tikwari, Trista, Wasista, jeung Wrekati.

 

Sekar Ageung

Luyu jeung ngaranana, Sekar Ageung téh sok disebut tembang gedé atawa macaro lagu. Disusun ku Prabu Daniswara dina taun 1088 Maséhi. Conto Pupuh Sekar Ageung nyatana Banjaran Sari, Candrawilasita, Citra Nemeng, Dadap Mantep, Hasta Kuswala, Irim-irim, Kila Yunedeng, Langen Asmara, Madu Ratna, Padma Wicitra, Retna Mulya, Sudira Retna, Sudira Wicitra, Suraretna, Tebu Kosol, Tepi Kawuri, jeung Wisati Kendeh.

 

Sekar Tengahan

Sekar Tengahan sok disebut Macatri Lagu atawa Sekar dagelan, anu disusun ku Prabu Daniswara di Medang Kamulyaan dina taun 1090 Maséhi. Ieu pupuh, diwengku ku 51 rupa. Di antarana: Balakbak, Bawa raga, Duduk Wuluk, Gambuh I sampai dengan Gambuh VII, Girikatang, Girisa. Halab-halab, Handul, Jayaraga, Juru Demttng, Kalayar, Kelingan, Kenya Kediri, Kulante, Kurnyen, Kuswarini, Kuswawirangrong. Lambang, Lambangsari Lelale, Lindur, Lon-tang, Lontang Kasmaran, Mahesa Jlaprang, Mahesa Ketawang, Mahesa Langit, Maskumambang, Magatru, Onang-bnang, Ontang-anting, Palu Gangsa, Palugon, Pamiwalkung, Pamungu, Parikaran-tan, Patralewo, Rangsang, Rangsang Tuban, Rara Denok, Serang, Sumedang, Sumekar, Sumayang. Jeung sajabana.

 

Sekar Alit

Lantaran aya Sekar Ageung, puguh baé Sekar Alit ogé kudu nyampak. Ari Sekar Alit mah sasarina disebut Macapat Lagu atawa Tembang Cilik, anu disusun ku Prabu Banjaran Sari di Srigaluh dina taun 1269 Masehi. Demi anu kaasup kana  Sekar Alit atawa Macapat, aya  8 pupuh. Nyatana: Asmarandana, Dangdanggttla, Durma, Kinanti, Mijil, Pangkur, Pucung, jeung Sinom.   Nurutkeun MA Salmun,  Kinanti, Sinom, Asmarandana, jeung  Dangdanggula minangka pupuh-pupuh anu loba digunakeun dina Tembang Sunda. Ku ayana kitu, éta opat pupuh anu sok disingket jadi KSAD téh  disebut Sekar Ageng.

Conto lagu-lagu Tembang Sunda anu ngagunakeun pupuh KSAD, di antarana:

Kinanti (Balaka, Degung, Kinanti, Layar, Putri, jeung sajabana). Sinom (Bantenan, Banjar Sinom,  Ciawian, Cirebonan, jeung sajabana), Asmarandana ( Bajigjag,   Balon   Ngapung,   Bangkong,   Candra Wulan, jeung sajabana). Dangdanggula (Adu   Manis,   Bayubud, Ceurik  Oma, Goyong, jeung sajabana)

pujasari85@yahoo.com 

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...