Bagikeun ka Lapak Facebook

Basa SundaUnak-anikKemis, 12 Juli 2012 02:43

Sabulan di Lembur Bako

Ku Dhipa Galuh Purba

TONG wani-wani ngahéroan mojang Sukasari (Kabupatén Sumedang), lamun tacan weruh ngeureut bako. Pikeun wanoja ogé, ulah luluasan hayang jadi minantu urang Sukasari, lamun tacan bisa ngicisan. Kitu ogé kétang, pikeun anu kabeneran sapopoéna ngokolakeun lahan tatanén bako, bari henteu kabéhanana kudu kitu, pléksibel baé urusan duriat mah. Tapi, mémang ampir 85 % warga Sukasari, pacabakanana jadi tani bako, dumasar kana katerangan ti Suryana, patani bako, anu nyepeng kalungguhan salaku pupuhu Asosiasi Petani Tembakau Jabar.

Sabulan campleng, kukulintingan di Sukasari (Maret ‘06), nohonan kawajiban salaku mahasiswa, nyatana KKN (Kuliah Kerja Nyata). Puguh baé lain ngayakeun panalungtikan ngeunaan bako. Kilang kitu, ari sapopoé pagilinggisik jeung tani bako mah, teu wudu matak ngahudang kapanasaran, hayang wawanohan jeung dunya bako. Paralun, sanés alatan budakna bandar bako anu rancunit (teu aya patalina éta mah).

 “Leres, lamun hoyong ka urang Sukasari, kedah tiasa ngeureut bako?” nyacapkeun kapanasaran, tumaros deui ka Suryana.

 “His, ari geus boga pagawéan séjén mah, nya teu jadi masalah. Ieu mah keur anu nganggur, apan bakal éra kabina-bina, lamun henteu ngabantuan mitoha téh…” waler Sutyana.

 “Pilakadar ngeureut bako, naon sesahna?” cekéng téh, asa nguntup ngeureut-ngeureut baé mah, da sangkaan téh moal jauh ti ngeuretan kuku.

 “Aéh, aéh, ulah nyapirakeun, Kasép. Ngeureut bako mah bangga kabina-bina, lain bantrak-bantrakeuun anu kakara nyabak. Éta téh diajarna ogé sakurang-kurangna genep bulan,”

 “Genep bulan? Naha mani lami?”

 “Puguh baé, da saméméh bisa ngeureut téh, kudu bisa ngasah heula…”

 “Pilakadar ngasah…”

 “His, ngasah péso rajang mah béda! Batu asahanna ogé aya tilu.”

Ti harita, beuki panasaran hayang apal unak-anik matéakeun bako. Ngawangkong ogé henteu cukup jeung Sunarya, tapi nepungan patani bako séjén, kaasup Pa Olot Cibogo. Sajabana ti meunang pangaweruh ngeunaan bako, sakaligus ngurangan résiko keur ngaroko. Apan unggal nganjang ka patani bako, pasti disuguhan tur dibekelan… bako. Mémang kabayang pisenangeun lebah dinyana mah, upama jadi minantu patani bako téh. Tapi lamun ras inget kana ngokolakeunana, kurang-kurangna mah matak nyeri awak méméh prak. Geura wé, hayu urang tataan ti mimiti melakna.

“Saméméh melak bako di kebon, tangtuna ogé urang kudu nyieun heula ipukan…” Ki Gumbira, salah sahiji patani bako mimiti medar tata cara ngokolakeun bako.  Ipukan téh pabinihan, anu binihna tina siki bako. Ari siki bako, asalna tina kembang bako. Apan lamun bako geus kolot, sok bijil kembang. Tah, kembangna antepkeun dugi ka garing, terus diala.

“Saageung kumaha, siki bako téh, Ki?”

“Mimitina mah sagedé kaleci. Tah, engké lamun diancurkeun bakal murudul. Jumlahna réa naker sagedé-gedé katuncar, ngan tacan kungsi ngitung ari jumlahna mah, aya meureun saratus limapuluh baé mah. Tapi tina ratusan téh, henteu kabéhanna hadé keur binih, da kudu dipilih deui ku cara diayak,”

 “Ké, sakedap, dupi melak pabinihan téh anu dipanggungan téa?”

 “His, lain panggung atuh, tapi ngaranana paranggong. Dijieunna tina awi, siga sasaungan. Lébar jeung panjangna gumantung kana lobana nyieun binih. Nya, aki mah sok nyieun 1X2 M. Jangkungna sadada kolot,”

 “Naha mani kedah dina paranggong sagala?”

 “Nya… ari di tempatna aman mah, di handap ogé taya halanganana,”

 “Aman kumaha, maksadna, Ki?”

 “Apan  ari di lembur, iwal ti loba hayam téh, katambah barudak anu langlayangan, sok tara ningali titincakeun…”

 “Jadi, dina paranggong téh, urang kedah ngamparkeun taneuh?”

 “Nya puguh, da piraku diwaurkeun kana awi mah. Malah,  taneuh téh campuran  ku gemuk tai kandang, daun awi, jeung sajabana…”

 “Daun awi?”

 “Enya, daun awi téh disingraykeun daunna, diala kira-kira 2,5 cm. Éta téh hadé pisan keur gemuk mah…”. Kitu saur Ki Gumbira bari nyaritakeun yén pibiniheun téh kudu dipiara kalawan daria, sing rajin nyéboran, terus tutupan, ulah nepi ka kapentrang ku panon poé. Dina waktu 3 nepi ka 7 poé ogé, binih bako bakal rarenung . Jangkungna 15-20 cm, ari rubak daunna kira-kira sagedé daun téh.

Sajeroning ngadagoan binih, para patani henteu cicingeun, da geus mimiti nataharkeun kebon anu rék dipelakan bako. Dibabadan jukutna, dipacul, nyieun logak keur melakeun binih, nyiapkeun gemuk (anu hadé mah gemuk tai hayam atawa tai domba). Gemuk ditempahkeun kana logak. Kadé baé sing iatna, sabab dina gemuk tai hayam téh sok rapang kutu anjingna, ararateul baé mah geus pasti.

Kacaritakeun, usum hujan geus datang, manjing mangsana melak bako. Sasarina mah lamun bagéan melak bako téh, dikerid saimah katut ka budak leutik, ngarah téréh réngsé.

 “Ki, lamun binih bako tos siap, tapi tacan datang hujan, kumaha? Naha tetep kedah ngantosan hujan?” tanya téh, megat dadaranana.

 “His, lamun binih henteu buru-buru dipelakeun, sok goréng éta téh. Malah aya kalana kalah buruk,”

 “Jadi, kumaha atuh solusina?”

 “Nya wayahna, kudu nyieun hujan buatan. Kacida ripuhna éta téh. Aki ogé kungsi melak bako di lamping, nu jauh ka cai. Unggal isuk, kudu ngakutan cai ti walungan, nepi ka nyeri taktak…”

Cindekna, rék aya hujang atawa henteu, binih kudu buru-buru dipelakkeun. Dina salogak, si akar téh henteu meunang langsung keuna kana gemuk. Sabab m]mang ari gemuk mah ngandung gas panas, bisa maéhan binih. Si gemuk tutupan heula ku taneuh saeutik mah, laju binih dipelakeun.

Sabada réngsé melak bako, lain hartina para patani bisa nyalsé. Sabab, pepelakan bako kudu dirawat, saperti digemuk jeung dicébor (pangpangna mah lamun teu aya baé hujan). Ari kasuburanana, gumantung kana kaayaan taneuh. Upami taneuhna hadé, nya bakona ogé bakal hadé.

 “Ari taneuh nu saé téh, nu kumaha, Ki?”

 “Bako mah alusna dina lahan anu luhur, di pagununhgan,”

Dina ngarawat pelak bako, aya mangsana naruk, mapas pucukna. Pangna pucukna kedah ditaruk, da mémang pucukna mah kurang éféktif. Ari ditaruk mah tangtu bakal nyuburkeun daun anu handapna. Apan bako mah anu diarah téh daunna. Jadi, kaayaan daun kudu rubak jeung séhat. Urang kudu ngitung daun dina satangkal, cukup 20 atawa 25 umpak ogé. Lamun leuwih ti 25 umpak, sok jadi laleutik. 

 “Ki, sabaraha lami bako téh dugi ka tiasa dipann?”

 “Nya antara 3 nepi ka 5 bulan. Rupa-rupa éta ogé, gumantung kana kaayaan taneuh,”

Ringkesna mah, bako geus mangsana diala. Para patani kudu nataharkeun heula panagan (paranggong awi paranti moé bako); péso rajang kudu geus sayagi (péso husus,  keur ngeureut bako); nataharkeun rimbagan (paranti ngeureut bako); nyiapkeun sasag (wadah bako meunang ngureut).

Ngala daun bako mah henteu disakalikeun, ditungtut ti nu panghandapna heula, sabab daun anu panghandapna pasti anu pangkolotna. Perenahna bako, mangaruhan kana kualitas rasa. Ari rasa, tangtu patalina jeung harga. Daun bako anu panghandapna hargana murah, da teu pati hadé, sok disebut obrég. Ari bako anu panghadéna mah sasarina daun anu perenahna di tengah.

 “Sakedap, Ki, ari kana pelakan bako, sok aya hama?”

 “His, puguh baé, sajabana ti hama wereng téh apan aya hama kokod!”

 “Hama kokod?”

 “Enya,  apan aya anu sok pirajeunan manén bako batur, pangpangna pelak bako nu jauh ti lembur. Malah hama kokod mah tara kapalang…”

 “Tara kapalang kumaha?”

 “Enya, ari anu bogana mah mani sakitu apikna ngala daun téh, disaliksik ti handap heula. Ari ku hama kokod mah apan dituar jeung tangkalna…”

Teu béda jeung mangsana melak bako, da waktuna manén ogé sasarina mah matak riweuh saimah-imah.  Bako meunang ngala téh digulungkeun, sarta diéntépkeun bari diberesihan. Biasana bako tara langkung bisa dikeureut, sabab kudu sina asak heula. Jadi, kudu dipeuyeum nepi ka ray-rayan semu konéng, kira waktu sapoé-sapeuting (ari anu geus asak mah, teu kudu dipeuyeum heula). Dipeuyeum téh diéntépkeun di tengah imah sina nyarandé kana bilik, terus dituruban ku karung.

Sanggeus bako dianggap siap dikeureut, mangka disebétan heula ( dipisahkeun tina tulangna). Tuluy, daun bako digéléngkeun atawa dilipetkeun (ngagéléngkeun bako téh téhnik husus, henteu pararadu). Dina sagéléng téh kira-kira 10 nepi ka  20 lambar, kumaha kandelna bako baé. Lamun geus digéléngkeun, kari dikeureut.

Biasana ngeureut bako téh wanci peuting atawa janari. Pangna kitu, sangkan isukna bisa langsung dipoé. Ana kitu mah tinggal dikira-kira baé, dumasar kana lobana bako anu rék dikeureut. Sagéléng téh bisa méakeun waktu saparapat jam. Lamun aya ratusan géléng, tangtuna ogé henteu bisa digawéan ku sorangan. Pa tani kudu nyiar anu rék ngojég. Omat, ngojég lebah dieu mah, taya patali jeung motor, maksudna pikeun saha baé anu sok buburuh ngeureut.

Si géléngan bako téh, digéléngkeun deui nepi ka sagedé leungeun sangkan padet jeung sangkan asup kana liang rimbagan. Géléngan bako téh disurungkeun ku leungeun kénca, dikeureut ku leungeun katuhu (disiksik) ngagunakeun péso rajang téa, jadi hasilna ogé aripis.

Sanggeus dikeureut, aya anu bagéan ngicis. Sasarina anu ngicis mah awéwé. Ari ngicisan téh ngadaraykeun bako meunang ngeureut dina pangicisan.  Si bako didaraykeun nepi ka rapih. Sanggeus kitu, dipindahkeun kana sasag, paranti moé bako. Rata-rata sasasag téh ngamuat dua géléng. Jadi, lamun rék ngeureut 100 géléng, kudu nataharkeun 50 sasag.

 “Ki, upami sapeuting jeput tos ngeureut bako, tapi énjingna kalah hujang, kumaha?”

 “Tah, bancang pakéwuh keur patani bako mah. Tapi da itungan urang lembur mah jarang anu méncog, wani ngadukeun jeung ramalan cuaca dina télévisi,”

 “Jadi, saréngséna dipoé, bako téh tos siap diudud?”

 “His, ulah waka hadéna mah, sabab pikeun nambahan rasa bako, kudu diibun heula. Bako anu geus kapoé téh kudu diibunkeun, tuluy dipoékeun deui. Apan ari harga téh patalina jeung rasa.”

Bulan Maret, di Sukasari téh mareng jeung usum panén bako. Sabab dina sataun téh, sasarina aya nu melak bako bulan Novémber (dipanén Maret); anu melak bulan Pébuari (dipanén April); anu melak April (dipanén Agustus). Dina lahan anu legana 100 bata, biasana ngahasilkeun bako nepi ka 40 bantal. Ari sabantalna kurang-leuwih 4,8 kg. Hargana sabantalna antara Rp 150.000,- nepi ka Rp 200.000,-. Bako obrég mah paling ogé Rp 25.000,-.

Numutkeun Suryana, nepi ka kiwari, patani mah teu bisa nangtukeun harga. Sabab harga ditangtukeun ku bandar. Jadi, anu boga bati pangmucekilna mah lain patani, tapi bandar. Kajaba anu jadi patani sakaligus jadi bandar. Dina urusan jeung bandar, kurang-kurangna mah matak karoroncodan. Aki Gumbira kungsi ditipu ku bandar, nepi ka rugi jutaan rupia. Ari bandar mah arang anu crung-créng mayarna. Sakali mangsa, bandar kungsi kabur, nepi ka bako ladang hésé capé Ki Gumbira sakulawarga téh henteu kungsi dibayar.

Sakitu wangkongan jeung sawatara patani bako di lembur Sukasari. Kacindekan séjén, sing saha anu nganjang ka Sukasari, omat ulah nyoba-nyoba pangangguran ngayakeun kampanye anti roko.***

 

Ranggon Panyileukan, 1427 H

 

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...