Bagikeun ka Lapak Facebook

Basa SundaUnak-anikKemis, 12 Juli 2012 02:13

Kaulinan Barudak Lembur (1)

Ku Dhipa Galuh PurbaTuti Wiartiningsih

 

 

BARUDAK jaman kiwari, utamana di pakotaan, geus leuwih raket jeung rupaning kaulinan anu jolna ti Barat sabangsaning PS (Play Station). Malah barudak di pilemburan ogé geus mimiti kapangaruhan, da puguh informasi ngaliwatan tivi gancang pisan nerekabna. Padahal karuhun Sunda titén pisan ka barudak leutik tug nepi ka matéakeun rupaning kaulinan anu ngahudang kréativitas, ngatik, sarta henteu ngabutuhkeun waragad anu mahal.

Barudak perelu sina ulin. Malah lamun henteu dibéré kasempetan pikeun ulin jeung papada batur saentraganana, hariwang bisa aya pangaruh kana kamekaran éta budak. Tapi ulin ogé hadéna mah ulah saulin-ulinna, tapi ulin bari diajar, bisa baé dibalikeun: diajar bari ulin. Keun baé barudak sina ulin dina taneuh, sakapeung ulin jeung cai. Saurang ustad kungsi nétélakeun yén barudak jaman kiwari (kaasup kolot) babarian katarajang panyakit, éta téh lantaran jauh tina taneuh. Sabab jasad manusa asalna tina taneuh, sarta tungtungna bakal dirurug ku taneuh. Ari ayeuna, utamana di pakotaan deui, dampal suku ogé sakitu arangna nincak taneuh. Nu raket jeung kahirupan sapopoé téh kalah témbok, aspal, téhel, jsté. Boa enya naon rupa anu ditétélakeun ku éta ustad téh.

Kilang kitu, ari mangsana hujan mah, teu pati hadé ulin bari huhujanan, bisi harééng. Barudak bisa ulin  di rohangan patengahan imah, tepas, atawa di mana baé anu kaiuhan. Tangtu baé seueur anu tos pada terang kana kaulinan anu baris dipedar, utamina para wargi kasepuhan anu langkung asak pangalaman ngambah lalakon di ieu kahirupan. Nanging ieu mah étang-étang ngawanohkeun ka barudak jaman kiwari, sarta ngémutan deui ka nu hilap, kalayan henteu aya maksad mapatahan ngojay ka meri. Sadaya anu baris didadarkeun ogé, éstuning ladang tina ‘rékaman’ panon sareng cepil salami simkuring ngawitan émut kulemendang di alam dunya, pangpangna di pilemburan.

Saméméh medar rupaning kaulinan barudak, aya hadéna upama ngawanohkeun heula hompimpah jeung suten. Méh dina saban kaulinan barudak, kudu ngayakeun heula hompimpah jeung suten, pikeun nangtukeun saha-sahana anu leuwih tiheula ngamimitian maén. Lamun jumlahna leuwih ti duaan, pasti ku hompimpah heula. Carana, anu rék hompimpah téh ngariung bari ngasongkeun dampal leungeun katuhu. Sanggeus kitu, rampak nyarita  semu ngahaleuang “Hompimpah alaikum gambréng!”. Sajeroning kitu, dampal leungeun dibulak-balik atawa bisa ogé cicing. Tapi palebah nyebut “gambréng!”, anu miluan hompimpah kudu babarengan nangtukeun sikep, naha dampal leungeunna rék ditangkubkeun atawa ditangkarakkeun.

Anu unggul dina hompimpah téh nyaéta anu dampal leungeunna béda jeung nu séjén. Misalna dampal leungeun anu séjén narangkub, tapi anu saurang nangkarak. Jadi, anu unggulna anu nangkarak. Bisa ogé  sabalikna, nu séjén nalangkarak, tapi nu saurang nangkub. Contona, anu hompimpah téh tilu urang, sebut baé namina Isma, Ahim, jeung Putri. Dampal leungeun Isma jeung Putri nangkarak. Demi dampal leungeun Ahim mah nangkub. Hartina anu unggul téh Ahim.  

Sanggeus Ahim unggul, saha anu kaduana? Putri jeung Isma pamohalan hompimpah, tapi ku cara suten (aya ogé nu nyebut suit). Suten ngagunakeun pakarang tilu ramo, nyaéta jempol (indung leungeun), curuk, jeung cingir. Jempol dipapandékeun kana gajah; curuk diibaratkeun jalma; cingir diibaratkeun sireum. Duka saha nu ngamimitian nyieun aturanana, nu écés mah ‘gajah’ éléhna ku ‘sireum’, ‘sireum’ éléhna ku ‘jalma’, sarta ‘jalma’ éléhna ku ‘gajah’. Biasana suten ngagunakeun leungeun leungeun katuhu.

Saméméh Putri jeung Isma nangtukeun sikepna pikeun ngaluarkeun ramo anu rék diasongkeun, duanana meureupkeun ramo-ramona. Satuluyna, Putri jeung Isma babarengan ngitung ti hiji nepi ka tilu. Dina itungan tilu, duanana babarengan ngaluarkeun ramo anu rék diadukeun. Putri ngasongkeun curuk, Isma ogé ngasongkeun curuk. Hartina gédég alias drow. Pokona mah lamun duanana ngasongkeun ramo anu sarua, hartina drow, sarta kudu diulang deui.

Kacaritakeun Putri ngasongkeun jempol, demi Isma ngasongkeun curuk. Hartina anu meunang téh Putri. Padahal, lamun Isma ngasongkeun cingir mah, tangtu baé Isma nu bakal meunang.

Sajabana ti cara anu didadarkeun di luhur, aya deui anu disebut suten jawa. Ramo anu digunakeun sarta watek-watekna ogé sarua jeung suten biasa. Bédana, dina suten jawa mah, tilu ramo téh diasongkeun sakaligus. Satuluyna silih singkirkeun piligenti, nepi ka nyésa hiji. Anu diadukeun téh sésana

Contona, Putri jeung Isma suten jawa. Mimitina Isma nyingkirkeun curuk Putri, kalayan dibales ku Putri anu nyingkirkeun jempol Isma. Satuluyna, Isma nyingkirkeun cingir Putri, kalayan dibales ku Putri anu nyingkirkeun cingir Isma. Lebah dieu, Putri pasti nyingkirkeun cingir Isma, sabab Putri mah apan boga jempol. Lamun cingir Isma disingkahkeun, hartina sésa ramo Isma téh nyaéta curuk. Ari jempol jeung curuk, tangtu nu meunangna jempol.

Cara séjénna deui bisa ku “cang kacang panjang” atawa “cang kacang pondok”. Téknisna barudak ngariung heula. Tuluy anu saurang kakawihan bari leungeun katuhu dimaju-mundurkeun. Ari kakawihanana kieu: “Cang kacang panjang anu panjang... guik!”. Atawa bisa baé: “Cang kacang panjang anu pancang... teu guik”. Sabalikna, kecap “panjang” ogé bisa diganti ku kecap “pondok”. Mémang saréréa kudu seukeut ka nu rék diucapkeun ku nu ngawih. Sabab, palebah nyebut “guik” atawa “teu guik” sasarina digancangkeun. Lamun kabelejog ku ucapan juru kawih, hartina bakal jadi “guik”. Demi “guik” téh babandinganana jadi “ucing” téa.***

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...