Bagikeun ka Lapak Facebook

Sastra SundaDrama SundaKemis, 12 Juli 2012 02:05

Naskah Proklamasi (Babak II)

Ku Dhipa Galuh Purba

Naskah Proklamasi

 

 

 

BABAK II

 

Mang Amanta dan istrinya (Bi Popon) masuk ke arena. Nampak keduanya berjalan dengan perlahan, seperti yang sangat kelelahan.

 

Hadirin

Marulih ti mana éta téh, mani siga anu lalungsé naker?

 

Mang Amanta

Biasa baé, Jang. Pekerjaan sehari-hari.

 

Hadirin

Naon téa pekerjaan sehari-hari téh?

 

Bi Popon

Alah, sok api-api teu apal baé. Apan Ibi téh kakara balik ti sawah.

 

Hadirin

Oh, kitu. Gaduh sabaraha héktar sawah téh, Ibi?

 

Bi Popon

Gandéng siah! Maké jeung nanya nu lain-lain. Lamun Ibi boga sawah ngahéktar mah, moal ogé buburuh di sawah Mang Jena, urang Simpar.

 

Mang Amanta

Enya, ari taeun téh sok ka mana-mendi baé. Lamun déwék boga sawah ngahéktar, meureun kuring téh kabeuli babi banén.

 

Hadirin

Na kanggo naon kitu Mang, babi banén téh?

 

Mang Amanta

Itu geura, aya ku kampungan pisan. Harianeun, nepi ka teu apal fungsi babi banén-babi banén acan mah.

 

Hadirin

Sumuhun, na kanggo naon kitu, Emang?

 

Mang Amanta

Ari babi banén téh nyaéta mobil méwah, nyaho.

 

Hadirin

Oh, sanés babi banén atuh, Emang. Bébibén kituh…!

 

Mang Amanta

Cik atuh, pilakadar salah saeutik, kawas lain jeung dulur baé. Da maksud déwék ogé ka dinya ieuh.

 

Bi Popon

Geus gandéng atuh, manéhna, tong loba teuing ngocoblak. Ieu waktu geus nyedek ka wanci tunggang gunung, na ari Si Buruy can balik baé? Ka mana heula atuh budak téh nya?

 

Mang Amanta

Nyao teuing lah. Paling ogé ngablu heula. Geus jangar mikiranna ogé, déwék mah. Budak téh nya kebluk, nya odob. Ari karesepna ngan abur-aburan teu puguh. Ngahéroan deui Néng Lina sigana mah.

 

Hadirin

Kutan kitu, budak téh Emang?

 

Mang Amanta

Enya puguh. Tapi da piraku ari kudu ditalian cokorna mah.  Éta mimitina mah basa keur usum kompanyeu. Teu sirikna unggal aya partai anu kompanyeu, pasti wéh bebenyit téh miluan pawai. Tapi kétang aya alusna ogé, ngarah déwék teu kudu mangmeulikeun baju. Malah kamari ieu mah déwék ogé nginjeum kaos nu gambarna manuk.  Hanjakal tidak bisa terbang.

 

Bi Popon

Sok ngaco baé ari nyarita téh. Warah atuh sakali-kali mah bebenyit téh, manéhna!

 

Mang Amanta

Enya bener. Wang sina eureun baé sakolana sakalian. Kahambur-hambur biaya pangpangna mah, bari jeung éra deuih, geus lima kali teu naék kelas.

 

Hadirin

Éh, ari Emang. Lepat pisan tah pamadegan téh. Geus puguh Si Buruy téh bodo, hayoh kalah rék sina eureun sakola. Atuh kalah jadi beuki belegug. Karunya, Mang, budak téh moal boga keur bekel masa depan.

 

Mang Amanta

Alaaah… Si Écé ogé teu disakolakeun, geuning angger bisa hirup tina buburuh ngangon munding. Malah ladang ngangon munding téh, béjana geus kabeuli domba jeung télévisi dua in satengah. Komo Ajip Rosidi mah, teu sakola ogé, geuning angger wéh pinter. Kapaké ku urang Jepang ogé.

 

Hadirin

Da éta mah diajarna ogé rajin atuh, Mang. Loba maca buku!

 

Mang Amanta

Enya, naon héséna atuh sina macaan buku wéh, budak déwék ogé. Tuh dina lomari, loba pisan jangjawokan warisan ti karuhun. Bener teu, manéhna?

 

Bi Popon

Bener pisan éta téh. Tapi ari ibi mah mémang geus over dosis ngabandungan waragad sakola jaman ayeuna. Ongkoh dikudukeun sakola téh, tapi bayaranna teu kireum-kireum pisan. Matak sakalor jalma pantar ibi. Matak aya alusna deuih, tara naék kelas téh.

 

Hadirin

Naha bet kitu, Ibi?

 

Bi Popon

Apan sakola leuwih luhur mah, biayana ogé kudu jéngké. Ayeuna baé, anu kudu dibayar téh rupa-rupa pisan. Geus puguheun ari sabangsaning duit SPP mah, sataun téh mani kudu duapuluh opat kali mayar.

 

Hadirin

Ké, ké, naha bisa duapuluh opat kali, Ibi? Apan sataun téh ngan duabelas bulan.

 

Bi Popon

Belet silaing mah. Ceuk Si Buruy ogé, sataun téh aya duapuluh opat bulan.

 

Hadirin

Sakanyaho kuring mah, bayaran téh ti mimiti januari nepi ka désémber. Duabelas bulan, Ibi!

 

Bi Popon

Enya, ari bulan muharam, sapar, mulud, apan can kaitung éta téh?

 

Hadirin

Gusti! Ieu mah kudu ditalungtik yeuh. Cik, Ibi, aya bayaran naon deui di sakola téh?

 

Bi Popon

Loba pokona mah. Ti mimiti uang good morning, uang becrol nepi kauang  pokrol. Katambah deui, aya uang I love you, anu kudu dibayar unggal poé.  

 

Hadirin

Yeuh, Ibi, budak Ibi téh ana kitu mah uniko atuh, alias usaha nipu kolot. Di sakola mamana ogé, da euweuh ari bayaran anu kararitu mah. Naha ibi teu apal, hartina good morning? Naha Emang teu yaho, hartina pokrol jeung becrol?

 

Mang Amanta

Nyao teuing. Teu apal jeung teu hayang apal. Tapi ari kajadianna nipéng mah, bebenyit téh geus leuwih ti culanggung.

 

Bi Popon

Gusti, kutan budak téh geus wani nipu ka kolot? Paingan atuh dititah eureun sakola téh embungeun, pajarkeun téh Bu Guruna nyaaheun kacida, deukeut-deukeut kana katarik ati, kapentang asrama. Awas siah lamun balik, rék digélang ceulina sakalian.

 

Mang Amanta

Nyaan budak téh, leutik-leutik geus wani nipu. Padahal ari cita-citana mah luhur da, hayang jadi pangarang sunda. Goréng-goréngna ogé jadi persidén cenah. Jadi melang tungtungna mah, lamun jadi persidén téh kuang pagawéanna nipu jeung nipu rahayat wéh. Lah, mending kénéh ulah ari kitu mah. Dulur, dulur! Geura béwarakeun na koran, Si Buruy mah ulah aya nu milih kituh!

 

Bi Popon

Na ari manéhna, sok saengangna baé ari ngomong téh.

 

Mang Amanta

Aéh heueuh, rarasaan téh geus nyalonkeun. Keuheul atuda. Padahal lamun hayang duit mah, teu kudu nipéng ka kolot, da loba piusahaeun téh. Buburuh-buburuh démo kadinyah.

 

Hadirin

Buburuh démo kumaha, Mang?

 

Mang Amanta

Sok télmi pisan silaing mah. Tara maca meureun, nya? Maca atuh, maca! Tuh, loba para inohong nu kalibet kasusu pidana, tapi aya ku anéh bet loba nu ngabéla. Malah nu ngabélana téh tarurun ka jalan, marawa spanduk: Halalkan Korupsi!

 

Hadirin

Teu sangka Si Emang téh, geuning mani nyari-nyari politikus baé.

 

Mang Amanta

Is, puguh baé. Tikus-tikus gé, da berpolitik.

 

Bi Popon

Geus gandéng, montong disada baé, manéhna. Bisi aya cak-cak bodas geura. Mangkaning jaman ayeuna mah, lamun inohong geus ambek, nepi ka liang kubur ogé baris udag!

 

Juragan Kepala dan pa Guru muncul. Mang amanta dan Bi Popon kaget, tetapi menerimanya dengan penuh kesopanan.

 

Mang Amanta

Alah, gening aya ménak ieu téh. Mangga ka lebet, Juragan. Kumaha dEmang?

 

Juragan Kepala

Pangésto, Emang. Sabalikna, kumaha di dieu calageur?

 

Mang Amanta

Ah, sadamang-damangna wéh, Juragan.

 

Juragan Kepala

Sukur lamun kitu, bagja lamun enya.

 

Mang Amanta

Aéh, Juragan. To the pointer waé Emang mah, maklum da sok kagét setelah beristirahat, ari kasumpingan ménak téh. Tangtosna ogé, Juragan téh aya kaperyogian, numawi ayeuna kersa rurumpaheun ka saung butut.

 

Juragan Kepala

Enya puguh, kuring jeung Pa Guru ka dieu téh, rék ngabadamikeun perkara budak Emang, nya Si Buruy téa.

 

Mang Amanta

Moal naék kelas deui kitu, pun anak téh?

 

Juragan Kepala

Justru dina taun ayeuna mah, budak emang téh bakal ditaékeun. Ngan, aya hiji sarat anu kudu dicumponan.

 

Mang Amanta

Perkawis artos kitu? Aduuuh, Juragan, pamugi sing aya tinimbangan. Dina waktos ayeuna mah Emang téh nuju paceklik pisan. Sing karunya ka Emang, Juragan. Tos tilu dinten ogé, mun ngabubur wéh, ngarah irit béas.

 

Juragan Kepala

His, lain kudu ngaluarkeun duit, Emang. Atuhéta mah ngaranna nyuap. Paralun, amit-amit jabangbayi, ka sebrang ka palémbang. Teu meunang pisan nyuap téh. Haram hukumna ogé.

 

Mang Amanta

Naon atuh saratna, manawi?

 

Juragan Kepala

Kieu, Mang, kuring téh ukur hayang ngadéngé walonan ti budak Emang. Ari pertanyaanna téh da teu pira; saha anu nandatangan naskah proklamasi?

 

Mang Amanta

Teras?

 

Juragan Kepala

Enggeus, ngan sakitu. Sakali deui; Saha anu néken naskah proklamasi?

 

Mang Amanta

Alaaah, cinél atuh nu kitu mah. Cileuh, Juragan. Keun engké dilereskeun perkawis nu kitu mah. Céték pisan, Juragan, tidak akan harus huhutanan.

 

Juragan Kepala

Nya sukur ari gampil mah. Ayeuna kuring jeung Pa Guru rék amitan waé, bisi kahujanan di jalan.

 

Tiba-tiba muncul Bi Ucu (tetangga Mang Amanta) dengan raut wajah yang penuh emosi.

 

 

Bi Ucu

Punten! Bener di dieu aya Juragan Kepala?

 

Juragan Kepala

(Kaget) aéh, geuning bet apalan, aya kuring di dieu…

 

Mang Amanta

Is, tos biasa juragan di kampung mah,  upami kasumpingan ménak téh sok ibur salembur, éar sa…

 

Bi Ucu

(Menukas) Ménak-ménak tujuh puluh, siah! Kuring mah datang ka dieu téh rék ngabudalkeun kapeurih ati jeung katunggara rasa. Haté nu diwewejét. Nepi ka cucuk jeung peurah ogé moal neurak kana sakujur awak, sabab kamerkaan ku tunggara nu taya hinggana.

 

Juragan Kepala

Haar, na boga salah naon kitu kuring téh?

 

Bi Ucu

Gandéng, tong sok seuneu-seuneu. Kéna-kéna jadi inohong Juragan téh. Sing inget keur harita ngedalkeun jangji-jangji anu salangit. Bulsit, Juragan! Kiwari Juragan téh kabuktian, henteu boga tanggung jawab!

 

Mang Amanta

Ibi, ieu téh Juragan kepala!

 

Bi Ucu

Enya apal, kuring ogé. Na ceuk saha Juragan Suku? Tapi da kuring mah moal keueung ngayonan sagara motah, atawa maung ngamuk gajah meta. Pokona mah kuring ukur sieun ku Gusti Nu Maha Suci. Allohuakbar!

 

Mang Amanta

Kélanan, Ibi, ulah sok ngalajur napsu jeung ngumbar amarah. Kudu tarapti sagala rupana ogé, supaya airnya bening dan ikannya didapatkan. Cik, sok écéskeun heula atuh, aya naon Si Ibi téh, sampai tidak ada petir, tidak ada angin, ojol-ojol ngambek ka Juragan Kepala.

 

Bi Ucu

Kurang jelas kumaha, Emang? Apan saréréa ogé apal, Si Kunéng, anak kuring, hahadéan jeung Juragan Kepala. Malah hahadéanna ogé geus kaleuleuwihi ieuh. Teu kudu dijelaskeun proséséna mah, da saréréa ogé geus kolot. Nu penting, ayeuna Si Kunéng keur bureuyeung, geus lima bulan. Ari anu gaduh vokalna, kalah raos-raos wéh gulumbrang-gélémbréng ka ditu- ka dieu.

 

Pa Guru

Astaghfirullohal'adzim! (Kepada Juragan Kepala) Hawatos ana kitu mah, Juragan. Saéna mah mending ditikah baé, batan Nyi Kunéng kawiwirangan mah. Perkawis Bu Guru Alis, sawios abdi rido janten gentosna.

 

Juragan Kepala

Emh, kahayangna éta mah…

 

Bi Ucu

Ayeuna mah, wayahna Juragan Kepala kudu milu jeung Ibi ka KUA. Kabeneran Ibi boga kawawuhan di ditu; Dédi Ahimsa Riyadi. Manéhna kakara ditarima gawé jadi tukang ngawinkeun.

 

Juragan Kepala

Sabar heula, ibi. Perkara ka KUA mah, gampil. Tapi ulah ngajak kuring, da kuring mah teu wawuh-wawuh acan ka budak Ibi téh. Sumpah, saksina ogé langit jeung bumi.

 

Bi Ucu

Itu geura. Kalah mungkir deuih! Na teu apal adi kuring téh sosobatan jeung tatanggana  gubernur?

 

Juragan Kepala

Kieu baé atuh, Ibi. Ari Ibi iraha jeung di mana kungsi panggih jeung kuring? Da mun teu salah mah kakara ayeuna, pan.

 

Bi Ucu

Ari kuring mah, mémang rumasa can kungsi panggih. Tapi salaki kuring mah harita téh mindeng pisan, lamun sakalieun keur dagang ulén di setatsion.

 

Pa Guru

Ké, ké, naha jug-jug ka setatsion deuih?

 

Bi Ucu

Itu geura, aya ku télmi. Apan Juragan Kapala téh sok di Statsion. Nya manéhna téh kepalana Statsion. Sanajan ayeuna mah karék sadar, meureunan Juragan Kepala téh, kepala copét atawa kepala buaya di Statsion.

 

Juragan Kepala

Aéh, aéh. Yeuh, Ibi, kuring mah lain Kepala Statsion. Kuring mah Kepala Sakola!

 

Mang Amanta

Tuh, pan, bener teu? Matak ulah sok parardu téh. Akhirnya Juragan Kepala ketiban harus mengganti ekor harimau.

 

Bi Ucu

Naon makudna, éta téh?

 

Mang Amanta

Heueuh, katempuhan buntut maung! Nu aya di hareupeun irung Ibi mah, Kepala Sakola di Cigorowék.

 

Bi Ucu

(Tersipu-sipu) Kutan? Atuh ari kitu mah Ibi téh lepat. Neda agung jembar pangapunten tina samudaya kalepatan. Mugia balungbang timur, caang bulan opatwelas, jalan gedé sasapuan.

 

Mang Amanta

Muhun, Juragan. Sakumaha saur Bi Ucu, Juragan harus makan besar selebarnya permaapan, dari segala kesalahan. Semoga balungbang timur, terang bulan empat belas, jalan besar sudah dibersihkan.

 

Juragan Kepala

Teu nanaon, ibi.

 

Bi Ucu

Hatur nuhun ari kitu mah. Maklum atuh, Juragan, Ibi téh nuju baluweng pisan. Sok wéh bayangkeun ku Juragan, budak Ibi hiji-hijina meunang musibah anu sasatna wiwirang di kolong catang.  Asa tungkeb bumi alam, Ibi téh. Numawi, sakali deui, punten Ibi tos kapoékan…

 

Mang Amanta

Leres Juragan, Bi Ucu téh sudah kegelapan memarahi Juragan, semoga jangan ada ekorna.

 

Bi Ucu

Aéh, pami Bapa ieu parantos kagungan garwa?

 

Pa Guru

Ari sabenerna mah kuring téh enggeus, Ibi. Malah kuring téh kacida resep jeung nyaah ka pamajikan téh, pangpangna mah resep ménta jeung nyaah méré. Awahing ku nyaahna ka pamajikan, batan hayang miceun mah, kalah hayang nambahan kuring téh, Ibi.

 

Bi Ucu

Tah, tah…! Sugan wéh atuh asem di gunung, uyah di laut…

 

Pa Guru

Kieu wéh atuh Ibi, kuring mah seja niat ibadah

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...