Bagikeun ka Lapak Facebook

PadaringanCahya SinanglingRebo, 11 Juli 2012 23:45

Marhaban Ya Romadon; Ngadidik Diri Ma'rifat Ka Gusti

Ku Muhammad Yajid Kalam

 Dina hiji hikayat kacarioskan aya hiji lalaki ngaranna Muhammad. Ieu lalaki teh boga ngaran nu sami sareng Kangjeng Rosul Muhammad SAW, tapi kalakuanana patojaiyah pisan sareng Nabi. Ieu lalaki tara pisan ngalaksanakeun solat. Ngan, dimana datang bulan Romadon mah manehna pasti ngaginding, make pakean anu aralus terus solat tur ngodoan naon nu kaliwat.

Ka manehna ditanyakeun, "Ku naon kalakuan siga kitu?" Manehna ngajawab, "Ieu teh bulan tobat, rohmat jeung barokah. Muga-muga Alloh ngahampura kuring kalawan ya dina rido-Na".

Terus jalmi eta maot, kaimpikeun ku hiji jalmi deui. Dina impian ditanya, "Naon anu ku Alloh ditibankeun ka anjeun?" Ieu jalma ngajawab, "Pangeran ngahampura kuring sababiyyah ngagungkeunana kuring ka bulan Romadon.

Aya hiji deui hikayat, kacaturkeun saurang majusi dina bulan Romadon ningali putrana barangtuang di pasar payuneun balarea. Ningali kitu, eta budak dicepret tur diseukseukan, "Ku naon maneh teu ngajaga kahormatan kaom muslimin dina bulan Romadon?"

Nalika ieu majusi maot, kaimpikeun ku saurang ulama. Ieu majusi aya dina amparan kamulyaan di surga. Dina eta impian, ulama naros, "Naha anjeun teh lain Majusi?" Majusi teh ngawaler, " Sumuhun. Mung, basa caket sakaratul maut kuring nguping aya sora nu ngagero ti luhur, "Yeuh Malaikat Kaula aranjeun ulah ninggalkeun ieu jalma tetep majusi. Mulyakeun kalawan kaislaman berkahna ngahormat bulan Romadon."

Dua hikayat anu ngebrehkeun mulyana bulan romadon tur kautamaan pikeun sing saha wae jalma anu ngamulyakeun Romadon. Sanajan eta hikayat teh impian, tapi teu aya lepatna kanggo janten conto amal. Kahiji eta impian metukan kana dawuhan kangjeng Rosul SAW; "Sing saha anu bungah ku datangna bulan Romadon, maka Alloh ngaharamkeun jasadna keuna seuneu naraka". Kadua impian dina ajaran Islam sanes mung saukur kembang kulem, tapi ngandung makna totonden tur pituduh ti Pangeran. Geuning Nabi Ibrohim a.s. oge nampi parentah meuncit Nabi Ismail a.s. teh dina impian. Kitu deui Nabi Yusuf kaunggel dina Al-Quran nampi totonden kamulyaanna ku ngimpen ningal sabelas bintang tur panonpoe sarta bulan sujud ka anjeunna.

Lamun jalma nu teu iman saperti Majusi tadi tur jalma nu doraka meunang kamulyaan sabab ngahormat tur ngamulyakeun bulan Romadon, atuh jalma-jalma nu ariman jeung saroleh ulah nepi ka eleh. Ti anggalna keneh nu ariman tur saroleh geus kudu tatan-tanan mapag Romadon kalawan daria. Para ulama sufi mah apan dugi ka nyaurkeun, "Tatan-tatan mapag Romadon teh kudu ti Rajab keneh". Kangjeng Nabi SAW ngadawuh deui, "Rajab bulan Alloh, Sya'ban (rewah) bulan kaula, Romadon bulan umat kaula". Syaikh Hisyam Kabbani q.s. nguningakeun, "Teu aya nu terang ganjaran naon anu dikucurkeun ku Alloh ka hamba-hamba-Na di bulan Rajab. Padamelan Rosul sareng Malaikat liren di bulan Rajab. Aranjeunna henteu dipasihan terang naon anu ku Alloh dikucurkeun ka umatna. Sadaya dina kakawasaan Alloh. Di bulan Sya'ban, henteu aya anu uninga kana ganjaran anu dikucurkeun anging Alloh sareng Rosul-Na. Nu kumpul di Rojab sareng Sya'ban dituliskeun pikeun tiap jalma bakal kauninga dina bulan Romadon".

Ieu hartosna kaum muslimin kedah tatahar ti bulan Sya'ban oge, luyu sareng kamulyaan bulan Sya'ban. Kangjeng Rosululloh ngadawuh nu sanadna ti Mu'az bin Jabal nu kieu hartosna : Alloh mapagkeun ka sakumna mahlukNa dina peutingan Nisfu Sya'ban, mangka dihampura dosa sakabeh mahluk iwal jalma-jalma nu nyarekatan Alloh sareng jalma-jalma nu silih musuhan. (H.R Ibnu Majah, at-Thabaroni dan Ibnu Hibban). Kitu deui Rosululloh SAW ngadawuh nu rowina Imam Bukhari Muslim ti Aisyah : lam yakunin Nabiyi sha mim yashumu aksara min sya'baana finnahu kaana yashumuhu kulluhu kaana yashumuhu illa qalilan. Maksad Aisyah dina riwayat ieu, yen Kangjeng Nabi Muhammad SAW teh paling seueur puasana dina bulan Sya'ban.

 

Marhaban Ya Romadon

Numutkeun para ulama, ngebrehkeun kabungah mapag Romadon teh sanes ku curak-curak. Namung, mapag Romadon ku tatahar nyiapkeun diri pikeun ngalaksanakeun kawajiban bulan Romadon, nyaeta kawajiban puasa.

Naon ari puasa? Puasa ceuk umum mah nahan diri tina dahar, nginum sarta sapatemon ti nalika meletek fajar nepi ka surupna panon poe. Ngan semet makna ieu aya pepeling ti kangjeng Nabi SAW; "Seueur nu paruasa tapi ngan saukur meunang lapar jeung halabhab wungkul". Ku kituna atuh kedah rada di pesek ka lebetna naon ari puasa teh.

Kacaturkeun dina hiji riwayat, nalika Alloh SWT nyiptakeun akal, Anjeunna nyaur ka akal, "Madep!" teu talangke akal langsung madep. Diparentahkeun deui, "Mundur!" teu talangke akal langsung mundur. Teras akal ditaros ku Alloh, "Man anta wa man ana (saha ari anjeun jeung saha ari Kaula) ?" Akal ngawaler, "Anta robbi wa ana 'abdukadh dho'if (Gusti teh Pangeran kuring, ari kuring hamba Gusti anu lemah)". Sababiyyah waleran akal tea, Alloh ngadawuh ka akal, "Yeuh akal, Kaula henteu nyiptakeun makhluk anu lewih mulya tibatan hidep".

Mangsa Alloh SWT nyiptakeun nafsu, Anjeunna nyaur ka nafsu, "Madep!" Nafsu henteu mirosea kana panyaurna Alloh. Tongboro madep, henteu kulan-kulan acan. Alloh naros kana nafsu, "Man anta wa man Ana (saha ari anjeun jeung saha ari Kaula)?" Nafsu ngajawab, "Ana ana wa anta anta (aing aing, anjeun anjeun". Sababiyyah kitu kalakuan, nafsu diasupkeun kana seuneu Jahannam saratus taun. Satamatna saratus taun, dikaluarkeun teras ditaros deui ku Alloh, "Man anta wa man Ana (saha ari anjeun jeung saha ari Kaula) ?" Nafsu ngajawab, "Ana ana  wa anta anta (aing aing, anjeun anjeun)". Sababbiyyah can euih euih tur can elingna nafsu, ku Alloh dilebetkeun kana seuneu naraka saratus taun. Satamatna saratus tahun, nafsu dikaluarkeun teras ditaros deui, "Man anta wa man ana (saha ari anjeun jeung saha ari Kaula) ?" Nafsu ngajwab, "Anta robbi wa ana 'abdukadh do'if (Gusti teh Pangeran kuring, ari kuring hamba Gusti anu lemah)."

Numutkeun sapalihna ulama, ieu kisahna sajarah disyareatkeunna puasa. Ku kituna, puasa teh ngadidik sangkan apal kana diri tur ma'rifat ka Alloh. Puasa mangrupikeun praktek proses pembelajaran anu metukan kana katerangan "man 'arofa nafsahu faqod 'arofa robbahu (saha nu apal ka dirina yakni ma'rifat ka Pangeranana).

 

Apal kana Diri Ma'rifat ka Gusti

Jalma anu ngarti (arif) nyaeta jalma anu apal kana diri tur ma'rifat ka Gusti. Ari diri teh hambana Gusti. Ari Gusti anu Mangeranan diri. Hamba nu ngarti nyaeta anu tetap aya dina kahambaanana henteu nempatkeun dirina jadi Gusti.

Ari Gusti nyaeta Dzat Anu Agung, sifatna Al-Kibriya (Maha, Pangna). Ari hamba nyaeta makhluk anu lemah anu kudu tumut kana parentahna Gusti (tawado'). Hamba nu sajati teu boga rasa kumagung (takabur), sabab kaagungan mah sifatna  Gusti.

Di mana hiji hamba geus kumagung (takabur), dirina geus ngarebut kana sifat Gusti, nempatkeun dirina jadi Gusti. Pikeun jalma anu samodel kieu didawuhkeun ku Alloh dina hadis qudsi, "Ari Kaagungan eta salendang Kaula, ari kamulyaan eta pakean Kaula, sing saha nu ngarebut salah sahijina, ku Kaula di alungkeun kana Jahanam tur ku Kaula moal dipalire." Kangjeng Nabi SAW ngadawuh, "Moal asup ka sawarga jalma nu dina hatena aya ras kumagung (takabur) sanajan segede bubuk siki sasiwi".

Imam Al-Gozali q.s. nguningakeun dina Ihya 'Ulumuddin, yen rasa kumagung (takabur) di hiji jalma ku sabab aya tilu panyakit hate nu napel dina dirina. Kahiji 'ujub (asa aing pangna). Kadua, riya (pupujieun). Katilu hasud jeung hiqdu (sirik pidik).

Jalma bisa boga rasa ujub sabab pangkatna, turunanana, elmuna, amalna (asa pangsolehna), hartana, murid jeung pangikutna tur ku dedeganana. Ujub ngait langsung kana riya. Saha jalma anu 'ujub hirupna bakal pupujieun. Bakal teu kaop ku kritik, teu kaop ku panyawad. Pupujieun ngait kana hasud jeung hiqdu. Jalma nu hirup pupujieun moal rido mun nempo batur meunang pamuji. Hate jeung rengkak paripolahna pinuh ku sirik pidik, ijid ka batur nu meunang kani'matan.

Puasa bulan Romadon ngadidik sangkan apal kana diri ma'rifat ka Gusti, hartina satungtung bulan Romadon kudu biasa ngarasakeun katunaan diri jeung kaagungan Pengeran. Bulan Romadon kudu dipake bebersih tina tilu panyakit hate anu jadi lantaran kumagungna diri, poho kana katunaan diri jeung poho kana kaagungan Gusti. Anapon kitu dina ahir Romadon, urang kedah ngagungkeun ku kalimah takbir, tahlil sareng tahmid dina 'idul fitri. Hiji bukti rasa nu nyaliara dina diri hamba Alloh anu sukses dina puasa Romadonna. Karasa agungna Alloh jeung tunana diri.

Ku margi kitu, mugi-mugi urang kalebet golongan nu tatahar dina mayunan Romadon kalawan lempeng dina rido sareng maghfiroh Alloh Swt. Allohu a'lamu bis sowab.***

 

Muhammad Yajid Kalam, Ketua Lembaga Pendidikan jeung Pengabdian Masyarakat Wening Galih tur Ketua Pingpinan Cabang Gerakan Pemuda Ansor Kota Bandung

 

 

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...