Bagikeun ka Lapak Facebook

PadaringanCahya SinanglingRebo, 11 Juli 2012 23:44

Hikmah Halal Bihalal

Ku Rifqu Fawaj Fauzi

 

 

Sasih Romadon anu agung, sasih anu pinuh rohmah, barokah sareng magfiroh, kiwari parantos ngantunkeun urang sadaya. Sasasih campleng urang dilatih ngalakukeun rupa-rupa ibadah, boh ibadah badaniyah, maliyah, boh ibadah ijtima’iyah. Kitu deui ibadah urang teh sanes wae ku tanaga sareng pikiran, tapi ku harta banda ngalangkungan nyumponan zakat sareng sodakoh. Alhamdulillah kanggo urang, eta ajang latihan teh lulus banglus, teu aya halangan harunganana. Amin. Ti beurang urang ngosongkeun beuteung sareng nahan napsu syahwat, kitu deui ti peuting urang sadaya ngirangan sare lantaran dianggo taraweh sareng sahur, ngahadiran pangaosan, tadarusan, malah i’tikaf oge teu kaliwat, ditema ku kalimah takbir, tahlil sareng tasbih, muji Gusti Alloh nu Maha Suci pangeran sadaya alam. Mudah-mudahan sagala usaha sareng amal soleh urang, tiasa sukses dina prungna kanggo 11 sasih ti mimiti Syawal dugi ka Romadon taun payun.

Ngamimitian sasih Syawal atanapi poe-poe sanggeus lebaran biasana umat Islam sok disibukkeun ku rupa-rupa pasamoan anu dipatalikeun sareng idul fitri, nu di urang mah katelahna acara halal bihalal tea. Kitu deui Halal bihalal oge dina kanyataanana mah taya lian ti silaturrahmi sakumaha dianjurkeun dina agama Islam. Dina Halal bihalal oge silih lubarkeun dosa, tiasa ngaraketkeun deui duduluran anu pernah renggang. Silih lubarkeun dosa antara sasama muslim dicirian ku cara-cara patarema leungeun. Ku patarema, sasalaman minangka hiji bukti pikeun ngaberesihan diri tina rupa-rupa dosa sareng kasalahan anu kungsi kalaksanakeun. Kangjeng Rosululloh SAW ngadawuhan : Maa min muslimaeni yaltaqiyaani fayatasoo fahaa ni illa gufiro lahumaa qobla ayyatafarroqo. Nu pihartoseunana : Dua jalma muslim anu papanggih bari sasalaman baris dihampura dosana samemeh duanana papisah deui. (HR. Abu Daud, Turmudzi, Ibnu Majjah)

Ku margi kitu, sangkan dosa papada urang tiasa kapupus, kacida hadena upami dina kasempetan ‘Idul Fitri teh diayakeun nu namina Halal bihalal atanapi silaturrahmi, silih anjangan, silih hampura tina dosa perdosa. Sabalikna kacida rugina jeung kirang hadena upami dina kasempetan nu berharga ieu, teu digunakeun ku urang sadayana. Sabab jalma nu tara ngulurkeun leungeunna pikeun ngahampura kana kasalahan batur atawa menta pangampura ka baturna, eta teh lain ciri jalmi takwa. Dina Al-Qur’an, Alloh Swt. parantos nuduhkeun, Wal’aafiina ‘aninnas, wallohu yuhibbul muhsiniin. Nu hartosna : Jeung anu ngahampura ka jalma-jalma, jeung Alloh micinta jalma-jalma anu ngalampahkeun kahadean. (QS. Al-Imron : 134).

Anapon kitu mah, manusa teh kudu daek ngahampura kana kasalahan batur sabab Alloh Swt. oge Maha Ngahampura kana kasalahan manusa. Jalma nu tara daek ngahampura kana kasalahan batur, siga manehna sorangan teu pernah ngalakukeun dosa sareng khilaf. Padahal kakawasaan Alloh nu taya watesna oge teu matak ngurangan kamurahan Mantenna pikeun ngahampura hamba-Na, tapi naha ari manusa anu kakawasaanana terbatas, umurna ditangtoskeun ku Alloh, kacida sombongna nepi ka teu daek ngahampura kana kasalahan baturna. Dawuhan Alloh dina surat Al-Maidah : 13 ditetelakeun : “Fa’fu ‘anhum wasfah, innalloha yuhibbul muhsiniin, mangka hampura maranehna jeung lubarkeun dosana saenyana Alloh mikacinta ka jalma-jalma anu nyieun kahadean.” 

Ceuk sasaha oge, manusa mah tempatna hilap, moal aya saurang oge nu teu pernah salah atanapi teu gaduh dosa dina raraga hubungan papada manusa. Ku kituna mentana dihampura teh hiji bukti, manusa teh hayang bebas jeung beresih tina dosa perdosa. Malahan numutkeun saurang ahli filsafat mah, nyaurkeun : Jalma anu hade teh lain jalma anu tara pernah salah, tapi jalma hade teh nyaeta jalma anu sanggup ngomean dirina tina kasalahan-kasalahan anu pernah dilakukeun ku manehna. Ku kituna hayu ku Halal Bihalal, urang silih lubarkeun dosa. Pentingna urang silih lubarkeun dosa papada manusa, sabab Alloh moal ngahampura kasalahan papada manusa, salila jalma eta henteu silih ngahampura.

Ku margi kitu, hayu urang nyandak hikmah halal bihalal ku silih beresihkeun manah. Urang beurang peuting ngalakonan ibadah ka Alloh, teu acan sampurna ibadah urang teh upama teu acan hade sareng papada manusa. Kamari, sasih Romadon, dosa ka Gusti Alloh geus diberesihan, ari ka papada manusa, kumaha?  Naha parantos silih hampura? Dicarioskeun dina salahsahiji hadits nu diriwayatkeun ku Imam Muslim, yen Rosululloh SAW kantos tumaros ka para sohabat : “Saha sabenerna ari jalma nu bangkrut teh?” para Sohabat ngawaler : jalma nu teu gaduh artos sareng teu gaduh harta. Teras Rosululloh SAW negeskeun : “Saenyana jalma anu bangkrut teh nyaeta jalma nu balik ka aherat mawa ganjaran solat anu loba, ganjaran puasa, ganjaran zakat anu lain saeutik, tapi hanjakal anu sakitu lobana beak dipake mayaran hutang lantaran keur hirupna di dunya sok nganyeurikeun hate batur, ngadoliman ka nu sejen nepi ka ganjaran anu sakitu lobana teu mahi dipake mayaran hutang, anu antukna jadi tibalik dosa batur anu didoliman dipindahkeun ka manehna, tuluy dialungkeun kana naraka. Jalma bangkrut teh kitu, loba ibadahna ka Alloh tapi loba dosa ka papada manusa.”

Kumaha ari urang? urang mah lain bangkrut deui tapi hirup salilana hirup tikokoseh. Ka manusa loba dosa, ka Alloh Swt. mah komo deui. Ieu nu pangrugi-rugi, teu aya untungna.

Ayeuna saparantosna ‘Idul Fitri, hate urang diseuseuh, hayu gunakeun waktu nu berharga ieu ku silih hampura, silih lubarkeun tina dosa perdosa, hapunten lahir tumakening batin tea. Mangga urang munajat ka Gusti Alloh, mudah-mudahan lebet sasih Syawal ieu, urang tiasa mertahankeun amal kasolehan sakumaha dina sasih Romadon sareng mudah-mudahan salamina kenging rido sareng magfiroh-Na. Allohumagfirlana dunubana waliwalidina warhamhuma kama robayyani shogiro. Amin ya robbal ‘alamin. ***

 

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Koméntar (1)

rudi

sae. insya Allah abdi bade ngiring ngeusian

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...