Bagikeun ka Lapak Facebook

PadaringanCahya SinanglingRebo, 11 Juli 2012 23:42

Mitembeyan Deui tina Pitrah

Ku Asep Syamsul M. Romli

Mitembeyan Deui tina Pitrah

 

SALAH sahiji juru serat Rasulullah Saw, Handzalah, ngalalampah: Abu Bakar kungsi mendakan anjeunna kalayan tumaros, “Kumaha kaayaan anjeun, Handzalah?”. Handzalah ngawaler, “Handzalah tos munapék!”.

Abu Bakar ngaraos kagét ku ayanana “pangakuan” Handzalah. “Subhanallah! Naon anu bieu diomongkeun téh?”. Handzalah ngécéskeun, “Kuring saréréa keur aya di sagédéngeun Rasulullah anu nuju ngingetan kuring saréréa ngeunaan surga jeung naraka. Duanana lir kokolébatan dina kongkolak panon. Hanjakal pisan, sabada kuring ka luar tur jauh ti mantenna, mulang ka riungan anak pamajikan, sarta dilingkung ku rupaning perkara, tétéla kuring loba mopohokeun”.

“Demi Allah,” saur Abu Bakar. “Satemenna urang manggihan kasus sarupa kitu”. Éta dua sahabat lajeng nepangan Rasulullah sarta ngadadarkeun perkara Handzalah anu tos munapék. “Naon maksad anjeun?” tanya Rasulullah. Handzalah ngawaler sakumaha anu didugikeun ka Abu Bakar.

 

Kisah anu dicaritakan Abu Rib’i Handzalah bin Ar-Rabi Al-Usaidi jeung diriwayatkeun Imam Muslim dina éta Shahih Muslim, ngandung pesen anu jero pikeun urang, sakaligus ngagambarkeun kaayaan sabagéan umat Islam mangsa kiwari.

Hadéna urang kudu salawasna inget kana kahirupan akhérat, ku jalan mayeng dzikir jeung ngajalankeun amal soléh, di mana baé urang ngancik. Handzalah sok inget kahirupan akhérat upama milu kagiatan “pangajian” jeung Rasulullah. Hanjakalna di luareun éta,  anjeunna loba poho, anu antukna ngarasa kaduhung kalayan nyebut munapék ka dirina.

Lalampahan Handzalah lir anu ngingetan urang. Kiwari loba di antara urang anu salawasna inget kahirupan akhérat, siksa jeung pahala, ukur samet dina mangsa milu  pangajian, caramah agama, khutbah juma’ah, atawa maca buku-buku ngeunaan éta perkara. Di luareun éta, dina mangsana urang paciweuh ku urusan nyiar nafkah, di luar majelis ta’lim atawa jauh ti masjid, perkara akhérat téh loba kapopohokeun. Akibatna, laku-lampah urang loba nu ngalanggar aturan Allah ku ayana paciweuh néangan kasenangan duniawi jeung mopohokeun bekel pikeun akhérat.

“Urang geus munapék!” kudu diaku ku urang, upama urang ukur éling ka Allah keur di masjid atawa majelis ta’lim, kalayan di saluareun éta loba mopohokeun Alloh SWT. Urang sok gampil ngalakukeun nifak, upama urang tacan hasil ngahadirkeun Allah dina diri urang.

Bisa dibayangkeun, kumaha parahna kondisi kaimanan urang, upama urang arang atawa tara kungsi milu pangajian, henteu ngahadiran majelis ta’lim, teu daék ngabandungan caramah, mumul ngaos Quran, jeung ukur riweuh nguruskeun kadunyaan? Kumaha balukarna iman urang upama henteu disiram ku cahaya Islam, ngaliwatan panggeuing para da’i, mubalig, atawa aosan Islami? Kumaha jadina iman urang upama urang ukur ngagugulukeun ningali, maca,  ngadéngékeun rupaning perkara anu ngalalikeun urang ka Allah? Cacak anu sok milu pangajian ogé, apan loba pohona.

***

 

JALAN ka luar sangkan kaimanan urang henteu paéh, dijauhkeun tina munapék, tangtuna ogé urang kedah salawasna dzikrullah jeung kahudang pikeun ngalakonan amal soléh pibekeleun jaga di akhérat, antarana:

Kahiji, ulah ninggalkeun solat. Upama urang ninggalkeunana, mangka tihang agama urang téh runtuh, iman urang lumpuh.

Solat téh minangka sarana dialog jeung Gusti Allah. Dina solat, urang ngadunga, nyaksi, malah ngadu rupaning pasoalan hirup urang ka Allah Anu Ngawasa ieu Alam. Ku jalan solat, urang ogé salawasna ngaberesihkeun diri tina najis, kotoran, jeung sifat-sifat takabur, hasad, jsté.

Kadua, ngabiasakeun ngaos Al-Quran. Di satengahing kasibukan urang sapopoé, kudu nyempetkeun nyiram batin urang ku tadarus Quran, unggal poé. Ku ngaosna wungkul ogé tos jadi ibadah, komo deui upama urang neuleuman leuwih jero. “Caangan haté anjeun ku cahaya (bebeneran) ku jalan ngaos Al-Quran!” kitu dawuhan Rasulullah. Nawwir qulubakum bitilawatil Quran.

Al-Quran nyatana kalamullah. Ngalangkungan Quran, Allah nétélakeun paréntah jeung larangan-Na. Jadi, rék kumaha urang bisa apal kana éta perkara upama urang mumul ngaos Al-Quran?

Katilu, hayu urang piara kaimanan urang ku mindeng ngahadiran majelis ta’lim, ngiring pangajian, ngabandungan caramah agama, neuleuman musik Islami (nasyid), atawa maca buku-buku kaislaman, sangkan haté urang dicaangan cahaya bebeneran Islam. Éta siraman rohani insya Allah baris nuwuhkwun dzikrullah dina diri urang.

Ku cara migawé rupaning perkara anu didadarkeun saméméhna, insya Allah, cahaya kaimanan baris hurung ngempur jeung kaayaan pitrah urang ogé baris kajaga. Kiwari minangka kasempetan hadé, dina mangsa amprok sareng dintenan ‘Idul Fitri, balik deui kana pitrah asasi anu hanief, salawasna ngahudang perkara bebeneran.

Sabada urang ngayonan “latihan” sakur pagawéan ukur miharep rido Allah ku jalan puasa, nyorang Ramadhan ku rupaning amal soléh. Upama urang enya-enya ngalakonan dibarung kaimanan jeung kaihlasan, Allah ngajangjian pikeun ngahampura sakur dosa urang, anu antukna urang “balik deui kana pitrah”.

***

 

BALIK deui kana pitrah ogé mibanda ma’na “balik deui kana jiwa tauhid”, sabab pitrah atawa bawaan manusa saprak gumelar miboga jiwa monoteisme atawa tauhid –ngaésakeun atawa ukur migusti Allah SWT. Saméméh diciptakeun dina wujud sampurna, manusa anu diwengku ku ruhani (jiwa) jeung jasmani (raga), sakur ruh manusa dikumpulkeun di hiji tempat ku Allah SWT—disebat “Alam Arwah”—sekaligus "ngabaiat" maranéhna pikeun migusti Anjeunna atanapi ngaku yén Allah SWT minangka Pangéran maranéhna.

Unggal manusa mibanda asal (pitrah) mukmin, iman ka Allah SWT minangka hiji-hijiba Pangéran (tauhid), atawa Muslim, pasrah diri anging mangrupa 'abid (hamba) Allah SWT. Dawuhan Gusti Alloh:

"Jeung (sing inget) basa Pangéran anjeun ngagelarkeun katurunan budak-budak Adam tina sulbi maranéhna jeung Allah nyokot kasaksian kana jiwa maranéhna (kalayan ngadawuh: ‘Apan Kaula téh Pangéran anjeun?’. Maranéhna ngajawab: Leres (Anjeun téh Pangéran kuring saréréa), kuring sakabéh nyaksi. (Kami ngalakukeun hal éta téh) sangkan anjeun dina poé kiamat henteu nyarita: Satemenna kuring sakabéh (badi Adam) nyatana jalma-jalma anu cileureun kana kaésaan Pangéran)” (Q.S. 7:172).

Manusa geus mibanda tauhid ti saprak hirup di alam arwah. Allah SWT nyiptakeun manusa ku kodrat anu hanief, mihak kana bebeneran, sakumaha Islam ogé diciptakeun ku ayana kodrat anu hanief atawa luyu jeung pitrah manusa, anu antukna taya alesan manusia pikeun nampik ngaimanan tur ngamalkeun ajaran Islam.

“Mangka sanghareupkeun beungeut anjeun sing lempeng kana agama anu hanief (Islam). Éta téh pitrah Allah anu geus nyiptakeun manusa dumasar kana éta pitrah. Moal aya parobahan kana pitrah Allah. Éta téh (Islam) agama anu lempeng, tapi kalolobaan manusa henteu apal” (Q.S. 30:30).

Tauhid nungtun manusa pikeun salawasna nempatkeun Allah SWT minangka hiji-hijina Pangéran. Ukur ka Anjeunna ngabdi. Taat kana sagala hukum-Na. Ngajauhan sagala Larangan-Na, pon pilalagi ngajalankeun sagala paréntah-Na. Jiwa tauhid baris ngalahirkeun amal pagawéan anu ukur karna Allah SWT (ihlas), ukur néangan keridoan-Na. Pikeun Muslim, ieu perkara téh bisa ngeunteung kana aosan iftitah solat: "Satemenna solat kuring, ibadah kuring, hirup kuring, jeung maot kuring ukur pikeun Allah Nu Nyiptakeun Alam " (inna solati wa nusuki wa mahyaya wa mamati lillahi rabbil 'alamin). Iwal ti éta, natrat ogé dina aosan Q.S. Al-Fatihah: iyaka na'budu wa iyaka nasta'in, ukur ka Anjeun (Ya Allah) kuring sakabéh nyembah jeung ukur ka Anjeun kuring saréréa muntang pitulung.

Upama urang sanggup istiqomah dina kaimanan, ngajaga pitrah, mangka urang téh insya Allah moal jiga anu digambarkeun dina rmpaka Tim Nasyid Raihan, anu judulna “Damba Cinta-Mu”: pagi kuingat Allah, petang kulupa, begitulah silih berganti, bilakah diri ini ‘kan kembali kepada pitrah sebenar?

Sabalikna, urang bakal salawasna aya dina “pitrah langgeng”, upama mibanda jiwa tauhid anu konsisten ngahadirkeun Allah dina diri urang.

Wilujeng Boboran Siam, Hapunten samudaya kalepatan lahir sinareng batin. Mugia Allah SWT nampi ibadah urang kalayan salawasna masihan rahmat ka urang sadaya. Amin! Wallohu a'lam.***

 

 

 

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...