Bagikeun ka Lapak Facebook

PadaringanHutbah Basa SundaRebo, 11 Juli 2012 23:41

Khutbah Idul Fitri 1426 H: Merenahkeun Laku Lampah Dina Pitrah

Ku Asep Alma

Para ‘Aidin Rawuh ‘Aidat Rohimakumulloh!

Poé ayeuna, ping 1 Syawal, anu katelah poé ‘Idul Fitri, minangka poé kaunggulan keur hamba-hamba Alloh anu ngalakonan ibadah saum dina bulan Ramadan. Saum dina bulan Ramadan, nganteurkeun urang kana dihampurana dosa-dosa ku Alloh SWT. Pantes upama poé “‘Idul Fitri” ieu, ku urang direuah-reuah kalawan pinuh ku kabungahan, kasenangan jeung katingtriman, bari teu leupas tina nga-Maha Suci-keun jeung nga-Maha Agung-keun Alloh, ngaliwatan aosan Takbir, Tahmid jeung Tahlil.

 

Allohu Akbar, Allohu Akbar, Wa Lillaahil Hamd!

 

Saréngséna ngalaksanakeun ibadah saum, dina bulan Ramadan, aya kaistiméwaan anu ku urang kudu dipiara sapanjang jaman. Taya sanés balikna diri urang kana pitrahna. Di sagédéngeun éta, dina sajeroning bulan Ramadan ogé, nalika urang keur ngalakonan ibadah saum, kakuatan iman urang pohara ngaronjatna, nepi ka urang sadayana bisa ngungkulan sétan. Padahal dina bulan-bulan séjén mah, urang sorangan anu mindeng serah bongkokan ku sétan. Bukti ayana kaunggulan urang dina nyanghareupan sétan di bulan Ramadan, amal-amal hadé dina bulan Ramadan éstu enyaan ngaronjat. Sawangsulna amal-amal goréng ku urang bisa disinglar jeung dijauhan.

 

Para ‘Aidin Rawuh ‘Aidat Rohimakumulloh!

Ma’na ‘Idul Fitri lain sakadar balik kana kabiasaan dahar dina mangsa beurang wungkul, tapi anu langkung utamana mah balikna tur merenahna diri urang dina pitrahna. Teu aya deui anu pantes pikeun disukuran ku urang, saréngséna ngalaksanakeun ibadah saum, kajaba urang sadaya aya dina pitrah urang. Hartina urang manggihan deui jati diri urang minangka hamba Alloh anu sabenerna. Lantaran urang aya dina pitrah, mangka urang bébas tina sagala dosa. Merenahkeun diri jeung kahirupan mémang diparéntahkeun ku Alloh SWT. Sakumaha anu kaunggel dina surat ar-Ruum ayat 30;

 

 

 

 

“Prak perenahkeun ku anjeun jiwa raga anjeun dina agama, kalawan condong kana bener. Éta téh minangka pitrah Alloh, anu Alloh parantos nyiptakeun manusa aya dina éta pitrah. Saeutik ogé moal aya parobahan kana ciptaan Alloh. Tah éta agama anu lempeng. Tapi kalolobaan manusa teu nyaraho”.

 

Allohu Akbar, Allohu Akbar, Wa Lillahil Hamd!

Kamurahan jeung kaasih Alloh bisa dikanyahokeun ku urang tina paréntah Alloh ka urang, sangkan urang merenahkeun diri dina agama, nyaéta Islam. Éta téh minangka jaminan ti Alloh, yén kahirupan manusa bakal tinemu jeung kasalametan tur karaharjaan, asal Islam tetep jadi cecekelan jeung papagon dina kahirupan. Sawangsulna, mun sakadar dijadikeun papaés carita jeung rarangkén biwir, tegesna ngan diaku jeung diomongkeun, teu aya karep pikeun ngalarapkeun jeung ngajadikeun papagon dina kahirupan, mangka kahirupan urang baris pinuh ku pirang-pirang rereged jeung kasangsaraan batin, bakal karasa jeung katara dina kahirupan.

Saperti jaman kiwari, bangsa urang tacan bisa menyat jeung jauh tina kasangsaraan, kakacowan jeung ruksakna sagala widang, pasti alatan agama geus teu aya buktina dina kahirupan anu nyata. Bangsa jeung nagara teu diatur ku aturan ti Nu Maha Kawasa.

 

‘Aidin Rawuh ‘Aidat Rohimakumulloh!

Dina mungkas ayat tadi, Alloh nguningakeun, yén kalolobaan manusa teu ngarti kana ajaran agama Islam. Tegesna, di kalangan ummat Islam ogé masih loba anu bodo kana ajaranana. Leuheung teu ngalaksanakeun ajaran Islam téh alatan kabodoanana kana ajaran, tapi aya di antarana anu teu sapagodos, malah nampik kana ajaran Islam, lantaran kanyahona anu kaliru ngeunaan Islam.

Kiwari aya golongan anu katelah Jaringan Islam Liberal (JIL) anu hayang ngoréksi kana ajaran Islam, cendekiawan anu ngahalang-halang nanjeurna ajaran Islam tur ngahalangan anu bajoang pikeun nanjeurkeun ajaran Islam. Meujeuhna, di Indonesia mah kuduna mungpang-meungpeung, presidénna muslim, ketua MPR-na ulama jeung cendekiawan muslim, pantesna mah ngamangpaatkeun jabatanana pikeun ngabuktikeun benerna ajaran Islam, minangka ajaran ti Nu Maha Kawasa. Puguh baé sangkan dilarapkeun jadi aturan hirup dina kahirupan “berbangsa” jeung “bernegara”.

 

Allohu Akbar, Allohu Akbar, Allohu Akbar!

Lamun ajaran Islam geus teu dipaké pikeun ngaréngsékeun rupaning pasualan jeung karuksakan bangsa, nasib bangsa urang palangsiang bakal sarua jeung nasib bangsa-bangsa jaman baheula. Dina jaman para Nabi-nabi Alloh, saperti kaom Tsamud, kaom ‘Ad, Ashabul ‘Aikah jeung sabangsana. Malah sabangsaning Fir’aun, Haman jeung Qorun.

Teu kurang majuna bangsa Tsamud dina widang téknologi pangwangunan, tatanén jeung sajabana. Teu kurang majuna kaom ‘Ad din widang industri. Malah teu kurang gagah jeung kuatna Fir’aun, Hamman jeung Qorun. kumaha ahir kahirupan maranéhna? Teu aya saurang ogé anu jamuga. Kabéh diludeskeun ku Alloh alatan teu maké ajaran Alloh.

Sakurang-kurangna mun teu diludeskeun ku Alloh saperti kaom-kaom baheula, mangka pasualan hirup anu disebut krisis téa, tangtu bakal dilanggengkeun ku Alloh. Bonganna ngabalieur tina al-Quran. Jiga anu disaurkeun ku Alloh SWT dina surat Thoha, ayat 124.

 

 

“Sing saha jalma anu ngabalieur tina pépéling Kaula, mangka pikeun maranéhna bakal ngalaman kahirupan anu heureut”.

 

‘Aidin Rawuh ‘Aidat Rohimakumulloh!

Wangsul deui kana ma’na Idul Fitri. Saban jalma anu ngalaksanakeun ibadah saum, dina éta poé, utamana ping 1 Syawal, manéhna aya dina pitrah. Bébasna dosa manusa anu iman, anu ngalaksanakeun saum dina bulan Ramadan. Teu béda lir nalika dilahirkeun ku indungna nepi ka dina unggal réngsé ngalaksanakeun saum Ramadan dina tanggal 1 Sawal, manusa anu iman ka Alloh ngamimitian deui nyorang kahirupan anu anyar, anu beresih tina rupa-rupa dosa.

Jalaran kitu, diibaratkeun jeung orok anu kakara lahir tina kandungan. Saban orok anu masih kénéh ngancik di alam rahim, Alloh ngayakeun perjanjian ngeunaan katauhidan Alloh minangka Robb. Teu aya saurang manusa anu teu kungsi jangji jeung ngikrarkeun katauhidan Alloh. Nepi ka saban manusa, nalika dibabarkeun aya dina kaayaan katauhidan ka Alloh—sanajan anu jadi indung bapana téh Yahudi, Nasroni atawa Majusi jeung anu ngagem agama séjéna. Geus puguh anu indung bapana muslim anu taat mah. Dina surat al-‘Arof ayat 172, Alloh ngadawuh ngeunaan éta perkara, anu unina;

 

 

 

 

Jeung sing inget nalika Robb anjeun ngaluarkeun katurunan Adam tina sulbi aranjeunna, tuluy Alloh ngayakeun persaksian jeung maranéhna. Alloh naros; “Naha Kaula téh lain Robb aranjeun? Maranéhanana ngajawab: “Leres pisan Anjeun téh Rob abdi sadaya, jeung kami sanggup jadi saksi. Tah kitu Kami ngayakeun perjangjian kitu téh sangkan aranjeun engké dina poé kiamah teu ngaromong, “Kami mah jalma-jalma anu lali kana ieu kanyataan”.

 

Allohu Akbar, Allohu Akbar, Allohu Akbar!

Alloh ngabéjakeun ka urang sadaya, yén urang téh kungsi nyaksian Alloh minangka Robb anu teu dua teu tilu, éstu ngan hiji-hijina. Lain saukur nyaksian, tapi urang ogé ngikrarkeun kana éta persaksian. Tapi teu aya saurang ogé anu inget kana perjangjian jeung persaksian tadi. Alloh ngingetan deui ka urang, yén urang téh kungsi ngikrarkeun tauhid di alam rahim, ngaliwatan para nabi  katut para Rosul-Na. Saban Rosul jeung nabi, sakabéhna ngajak ka manusa, sangkan ibadah ka Alloh, nyarék ibadah ka salian ti Alloh. Éta téh mangrupakeun pépéling susulan sangkan urang ngabuktikeun kana sagala anu kungsi ku urang diikrarkeun. Nyaeta tauhidulloh.

Jalaran kitu, ‘Idul Fitri hartina balik kana pitrah, anu dimaksud nyaéta balik kana tauhidulloh. Minangka lambang jeung bukti ayana paréntah kudu balik kana tauhid, mangka dina ping 1 Sawal, saréngséna solat subuh, nepi ka dilaksanakeunana solat ‘’Idul Fitri, disunnahkeun ku Rosululloh SAW maca Tahlil, Takbir,Tahmid  jeung Tasbih.

 

‘Aidin Rawuh ‘Aidat Rohimakumulloh!

Naha tauhid nu kungsi diikrarkeun di alam rahim téh bakal lana dipibanda ku manusa? Gumantung kana lingkungan manusa hirup. Mun urang hirup di lingkungan anu bisa ngamumulé tauhid, mangka tauhid urang bakal lana kapiara salila hirup di alam dunya. Tapi lamun hirupna di lingkung ku nu pamohalan tauhidna bakal kapiara, malah anu puguh mah bakal ngaruksak, mangka tauhidna ogé bakal leungit tina dirina.

Jalaran kitu, Rosululloh SAW maparin tungtunan ngaliwatan hadisna, anu diriwayatkeun ku imam Bukhori katut Imam Muslim, katampi ti sahabat Abu Huraéroh, Rosul ngadawuh, unggelna;

 

 

 

“Sakabéh anu dilahirkeun, mangka dilahirkeunana aya dina pitrah, gumantung indung bapana, naha rék di Yahudikeun, di Nashronikeun jeung di Majusikeun”.

 

Allohu Akbar, Allohu Akbar, Wa Lillahil Hamd!

Katahudian urang ka Alloh, naha bakal kapiara ku ruang dina bulan-bulan saterusna? Gumantung kana lingkungan hirup anu ku urang dilakonan. Mun lingkungan urang, masih kénéh pinuh ku pirang-pirang kamusrikan, kama’siatan jeung kalakuan anu jauh tina papagon agama, mangka pitrah urang anu geus dipibanda dina poé ieu tinangtu bakal leungit deui.

Jalaran kitu, sangkan pitrah urang tetep kapulasara, tur urang ogé aya dina lingkungan anu bébas tina dosa, tangtu urang kudu nyiptakeun lingkungan anu hadé, anu bisa miara tauhid jeung salila hirup teu leupas tina pitrah. Anu boga tanggung jawab pikeun nyiptakeun lingkungan beresih tina sagala rupa kamusrikan jeung kakapiran, taya lian urang sorangan. Ku ayana kitu kitu, dimimitian dina poé ayeuna, hayu urang singkil saréréa ngaberesihkeun lingkungan urang tina kokotor aqidah jeung ibadah, jauhan kamusrikan jeung pabid’ahan.

 

‘Aidin Rawuh ‘Aidat Rohimakumulloh!

Dina hadits tadi, Rosululoh SAW nyebat tilu rupa agama anu geus méngpar tina katauhidan. Nyaéta Yahudi, Nasroni jeung Majusi. Yahudi langkung ti payun ku Rosul disebatna. Ieu nuduhkeun yén Yahudi téh bibitna kamusrikan. Yahudi geus kumawani ngarobah ajaran agama para nabi Alloh tina ajaran tauhid jadi ajaran syirik. Nya kitu deu Rosululloh SAW nempatkeun Yahudi dina nomor hiji minangka musuh Alloh, Rosul jeung ummatna. Yahudi kiwari geus lain bangsa, tapi geus jadi ajaran anu boga pangaruh kuat. Dina widang aqidah, Yahudi ngayakeun tarékah sangkan ummat Muhammad méngpar tina tauhid. Yahudi anu nyiptakeun ajaran yén barang paéh, atawa manusa anu geus maot bisa méré mangpaat jeung madlorot. Yahudi ogé miara jeung ngagedékeun  padukunan, élmu sihir jeung pirang-pirang khuropat séjénna. Dina widang ibadah, Yahudi nyiptakeun cara ibadah ka Alloh anu rupa-rupa. Sakurang-kurangna Yahudi anu melak karaguan ummat kana bener jeung kuduna nuturkeun Rosul dina urusan ibadah.

Balukarna tina pirang-pirang upacara jeung cara bid’ah leuwih mahabu di kalangan umat Islam. Dina widang kabudayaan, Yahudi mintonkeun pirang-pirang modél pakéan jeung dahareun, sangkan dituturkeun jeung ditarurutan ku umat Islam. Utamana kaom ibu. Balukarna loba pisan cara hirup umat Islam anu jauh tina tungtunan sunnah Rosul.

Dina cara dahar, nginum, papakéan, cara jeung upacara perkawinan, resepsi, gaya di rumah tangga, di masyarakat, malah kaasup basa anu dipaké teu leupas tina pangaruh Yahudi. Jalaran kitu, ti mimiti ping 1 Sawal, hayu urang ngamimitian merangan pangaruh Yahudi anu baris ngaruksak kana pitrah urang.

 

Allohu Akbar, Allohu Akbar, Wa Lillahilhamd!

Demi Yahudi kiwari geus lain mangrupa bangsa, tapi geus jadi ajaran. Mangka teu pamohalan di nagara urang ogé geus loba umat Islam, boh kiaina, ustadna, santrina jeung cendekiawanna anu geus kapangaruhan ku Yahudi. Jalma anu teu boga kawani pikeun ngutuk Yahudi, tapi cukup ku nyieun jarak nétral ka Yahudi bisa disakompét daunkeun jeung bisa dituding anték-anték Yahudi. Sabab pikeun ummat Islam anu tulén, dina sikepna ka Yahudi, tangtu bakal nuturkeun sikep Rosululloh SAW. Teu aya kaom anu ditibanan la’nat jeung bebendon ku Alloh iwal ti Yahudi. Jalaran kitu, geus sapantesna pikeun urang ngala’nat kana sagala kalakuan Yahudi anu telenges.

 

‘Aidin Rawuh ‘Adiat Rohimakumulloh!

sangkan pitrah urang kapiara, teu aya deui carana kajaba urang kudu wani ngajauhan sagala rupa ajaran Yahudi. Di antarana babad sagala rupa jeung wanda kamusrikan, pabid’ahan jeung pirang-pirang kamungkaran séjénna. Mugia Alloh, maparin kakuatan ka urang pikeun miara pitrah urang sadaya.***

 

 

Dimuat dina Majalah Bina Da’wah No. 308

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...