Bagikeun ka Lapak Facebook

PadaringanHutbah Basa SundaRebo, 11 Juli 2012 23:40

Khutbah ‘Idul Fitri: Ngaraksa Kasucian Aqidah, Ibadah, Jeung Akhlak

Ku Asep Alma

Dina ieu poé urang mibanda kabagjaan tur miharep mudah-mudahan tinemu jeung kabagjaan di akherat engke saperti kabagjaanana jalma-jalma anu buka shaum. Rosululloh SAW ngadawuh: “Pikeun jalma anu shaum bakal meunang dua kabagjaan. Bagja nalika manehna rengsena tina ibadah shaum jeung bagja nalika manehna paamprok jeung Robbna engke (ku ganjaran shaum anu taya babandinganana)”.

 

Allohu Akbar, Allohu Akbar Wa Lillahil Hamdu!

Runtuyan kalimat-kalimat luhung tur suci kasebut minangka ciri tina sucina jiwa-jiwa manusa nu geus balik kana fitrohna, saba’da sabulan campleng ngalaksanakeun ibadah shaum nu rojong ku sumanget iman tur saukur miharep balesan ti Alloh SWT., saterusna nalika asup kana poenan anu sucina, Idul Fitri anu hartina balik kana kasucian. Rosululloh SAW ngadawuh: “Sing saha anu shaum di bulan Romadlon bari ditatapakan ku iman jeung miharep balesan ti Alloh mangka bakal dihampura sakabeh dosana nu geus kaliwat (jiwana jadi suci beresih deui saperti anak anu kakarek dibabarkeun)".

 

‘Aidin Rawuh ‘Aidat Rohimakumulloh!

Dina waktu haneut moyan nu bagja ieu, urang oge syukuran ka Alloh nu parantos ngalungsurkeun pirang-pirang kani’matan, taufik katut hidayah-Na. Urang oge syukuran ka Mantenna nu parantos ngamulyakeun urang minangka makhluk-Na. Sok sanajan kiwari loba hak-hak asasi kaum muslimin nu dibakutet jeung dirurucah. Padahal Alloh SWT parantos ngadawuh: “Satemenna Kami parantos ngamulyakeun bani Adam”. (QS Al-Isro: 77).

Urang oge teu kendat-kendat syukuran ka Mantenna anu parantos ngamulyakeun urang ku kaimanan, sok sanajan dina danget ieu hate nurani urang nalangsa ningali dulur-dulur urang sasama muslim nu nandangan kasusah jeung kanalangsa. Alloh ngadawuh: “Poma aranjeun ulah leutik burih bari ulah prihatin, sabab maraneh téh anu pangpunjulna, lamun tea mah maraneh (bener-bener) ariman mah”. (Ali Imron: 139).

Urang oge syukuran ka Alloh nu parantos ngamulyakeun urang ku kataqwaan nu kuu rang geus dihontal ngaliwatan ibadah Romadlon. Alloh ngadawuh: “Yeuh jalma-jalma anu ariman! Geus diwajibkeun ka maraneh shaum saperti geus diwajibkeunana ka jalma-jalma anu samemeh maraneh sangkan maraneh jadi jalma-jalma anu taraqwa (ngaraksa diri tinapirang-pirang kajahatan)”. (QS. Al-Baqoroh: 183).

Teu kendat-kendat urang oge syukuran ka Mantenna anu parantos maparin karunia ka urang nu mangrupa Islam minangka agama anu mawa kadamean pikeun sakumna ummat manusa. Teu saperti anu dituduhkeun ku manusa-manusa sombong nu netelakeun yen Islam eta agama teror, barbar, sadis jeung kejem. Lamun Islam jiga kitu, landian naon anu pantes jeung pas pikeun Amerika nu geus mateni rayat sipil Afghanistan, Irak, nu teu tua teu dosa? Landian naon anu pantes jeung payus pikeun bangsa Yahudi nu geus ngabuburak jeung nandasa rayat Palestina jeung Libanon kaasup barudak-barudakna nu teu dosa? Jigana maranehna nu pantes tur payus pikeun disebut manusa biadab, barbar tur kejem mah.

Dina ajaran Islam memang aya syareat pikeun jihad malahan saban pangagemna diwajibkeun pikeun ngalaksanakeun jihad minangka konsekwensi tina iman nu ngancik dina diri urang. Pidawuh Alloh: “Saestuna taya lian ari mu-min téh nyaeta jalma-jalma anu iman ka Alloh katut ka Rosul-Na, tuluy maranehna henteu mangmang, jeung jihad ku harta bandana katut jiwa ragana dina jalan Alloh. Nya maranehna jalma-jalma anu bener téh”. (QS. al-Hujurot: 15).

Malahan Rosululloh SAW ngancam ka jalma-jalma nu teu kungsi jihad atawa teu mibanda karep jeung niat pikeun jihad. Rosululloh SAW ngadawuh: “Sing saha jalma anu maot bari manehna teu kungsi jihad atawa teu mibanda niat pikeun jihad mangka maotna téh kaasup maot jahiliyyah”.

 

Allohu Akbar Allohu Akbar Walillahil Hamdu!

Tujuan jihad dina Islam eta pikeun bela diri, nanjeurkeun kaadilan jeung bebeneran. Jihad dina Islam mibanda adab-adab jeung kasantunan nu estu manusiawi. Saperti teu mateni manusa sakarep ingsun atawa mateni jalma-jalma anu teu dosa, oge teu ngaduruk lemah caina golongan anu eleh.

Salahuddin al-Ayyubi kungsi nampik perang ngalawan Richard manusa bengis tur kejem ka kaum muslimin ku sabab Richard keur gering. Malahan Shalahuddin kungsi ngubaran kasakitna Richard. Naon anu dilakukeun ku Shalahuddin eta ngarupakeun ajaran nu dicontokeun ku Rosululloh SAW nalika futuh Makkah, anjeuna ngahampura kana sakabeh kajahatan penduduk Quraisy nu kungsi nganyenyeri anjeuna.

Jalaran kitu, dina poenan anu euyeub ku kabagjaan ieu, dina poe nu suci ieu, urang salaku kaum muslimin mibanda tekad pikeun ngamumule kasucian jiwa jeung agama urang, saba’da sabulan campleng urang shaum jeung ngalakukeun rupa-rupa kagiatan ibadah.

Allohu Akbar-Allohu Akbar Wa Lillahil Hamdu!

Pameredih urang ulah deui-deui ngotoran  jiwa nu geus duci ku tindakan-tindakan kazholiman, kamusyrikan, kanistaan, kateuadilan, kahianatan jeung laku lampah jahat jeung ma’siat sejenna. Sabab saban dosa anu dilakukeun ku urang bakal ngabentuk noda hideung dina hatena. Rosululloh SAW ngadawuh: “Nalika manusa milampah hiji dosa mangka dina hatena bakal aya kokotor hideung. Lamun tea mah manehna tobat tur istighfar mangka bakal beresih deui, sabalikna lamun teu tobat jeung istighfar mangka kokotor hideung tadi bakal nambahan tur ngalobaan, antukna nutupan hatena, nepika ngagebleg tai hiangan”.

Bangsa Indonesia nu masih keneh nandangan krisis ieu ngabutuhkeun pamingpin jeung pangokola nagara anu mibanda jiwa-jiwa suci tur beresih tina pirang-pirang panyakit, saperti ambisi, korupsi, jeung laku lampah teu uni sejenna. Lamun ieu perkara teu diwangun mangka urang ulah miharep ieu bangsa bakal ngejat tina kaayaan saperti kiwari? Alloh ngadawuh: “Jeung upama Kami seja ngabinasakeun hiji nagri, nya Kami nimbalan jalma-jalma nu hirupna mewah sangkan taat tapi maranehna kalah ka parasek di dinya. Ku kituna geus sawadina ka maranehna tumiba pidawuh (papasten Kami) tuluy Kami ngabinasakeun eta nagri nepi ka ancur”. (Al-Isro’ : 16).

Jalaran Alloh baris maparin jalan kaluar tina pirang-pirang rereged nu disangharepan manusa, kaasup krisis nu tumiba ka ieu nagri, ku kataqwaan minangka eunteung tina kasucian jeung kaberesihan jiwa manusa. Pidawuh Alloh: “Upama tea mah pangeusi eta nagri ariman tur taraqwa, tanwande Kami maparin pirang-pirang barokah ka maranehna ti langit jeung ti bumi, tapi maranehna nganggap bohong. Nya Kami nibankeun ka maranehna siksaan lantaran saniskara olah maranehna sorangan”. (Al-‘Arof: 96).

Sahanteuna aya tilu perkara anu kudu dilakukeun ku urang pikeun ngaraksa kasucian jeung kayakinan urang.

Kahiji, Alloh SWT ku urang kudu dijadikeun minangka tujuan, orientasi jeung pangdorong dina rupa-rupa kagiatan, gerak jeung peran urang, saba’da urang iman kana kalungguhanana tur nyaho kana hak-hak-Na. Sabab urang dina saban sholat sok ikrar ka Mantenna; “Satemenna sholat abdi, ibadah abdi, hirup jeungmaot abdi, ieu sakabehna ngan wungkul pikeun Alloh Robbul ‘alamin, teu aya sarekat pikeun Mantenna”.

Urang kudu bener-bener yakin kana bebeneran ajaran Alloh anu dibawa ku Nabi Muhammad SAW jeung minangka hiji-hijina ajaran anu ditampi tur dipikaridlo ku Mantenna, sabab agama-agama sejenna luareun Islam geus ngalaman parobahan, panyelewengan jeung pangoprek manusa. Alloh ngadawuh: “Sing saha jalma anu nyuprih agama salian ti agama Islam, eta moal ditarima ti manehna jeung manehna di aherat kaasup golongan anu rugi”. (Ali Imron: 85).

Ku nuturkeun ajaran Alloh nu dilungsurkeun ngaliwatan wahyu-wahyu-Na, urang baris bisa nyorang ieu kahirupan kalawan hade, bener jeung salamet dunya atawa aherat. Nalika Alloh ngalungsurkeun Adam kana kahirupan dunya, Alloh maparin hiji bongbolongan: “Dimana datang ka aranjeun pituduh ti Kami (tuturkeun!), sing saha nu nurut kana eta pituduh, mangka moal sasar jeung moal lara balangsak. Jeung sing saha jalma anu ngabalieur tina panggeuing Kami, nya manehna bakal pinanggih jeung kahirupan nu rupek, jeung Kami bakal ngumpulkeun maranehna dina poe kiamah dina kaayaan lolong”. (QS. Thoha: 123-124).

 

Allohu Akbar  Allohu Akbar Wa Lillahil Hamdu!

Kadua, kasucian nu ku urang kudu diraksa ku sumanget Romadlon jeung Idul Fitri ieu nyaeta ngaraksa kasucian ibadah jeung sakabeh pangabdian urang ka Alloh SWT. Aqidah  jeung kayakinan anu beresih, suci bener-bener sacara otomatis bakal ngalahirkeun kasadaran jeung sumanget pikeun babakti jeung ibadah ka Alloh. Dina kelimah sejen mibanda harti yen ibadah jeung babakti urang ka Alloh eta ngarupakeun bentuk “aktualisasi” tina kamurnian jeung kasucian aqidah jeung kayakinan nu ngancik dina diri.

Dina raraga ngaraksa kasucian ibadah ieu aya dua hambalan nu kudu diperhatikeun:

kahiji, Kaikhlasan urang dina ibadah jeung babakti ka Alloh, sabab sakumaha sahebatna hiji ibadah anu dilakukeun ku urang moal aya ajenna lamun teu ditatapakan ku kaikhlasan jeung karidloan ka Alloh SWT. Jalaran kitu, ibadah shaum nu ku urang dilakonan eta oge kudu ditatapakan ngan wungkul miharep ridlo Alloh SWT.

kadua, pengkuh dina aturan-aturan nalika ibadah saperti anu dicontokeun ku Rosululloh SAW. Sabab dina ibadah eta mibanda prinsip ittiba’ la ibtida nuturkeun lain nyieun bid’ah.

kasucian ibadah ieu bisa diwujudkeun kalawan weuteuh tur hade dina sakabeh kahirupan urang luyu jeung ma’na ibadah nu lega, sabab ibadah eta lain saukur sholat lima waktu atawa shaum Romadlon jeung zakat wungkul tapi sakabeh kahirupan urang eta ibadah sabab urang diciptakeun pikeun ibadah. Alloh ngadawuh: "Satemenna Kami teu nyiptakeun jin jeung manusa kajaba pikeun ibadah ka Kami” (QS az-Dzariat: 56).

Lamun tea mah ibadah tadi bener-bener bisa ngawujud, mangka Alloh bakal ngalapangkeun ekonomi ieu bangsa oge bakal dipaparin rasa aman. Lenyepan pidawuh Alloh SWT: “Sakuduna mah maraneh ibadah ka Pangeran ieu imah (ieu Ka’bah). Anu maparin dahareun ka maraneh keur ngaleungitkeun lapar (kalapangan dina widang ekonomi) tur ngaraksa maranehna tina kasieun”. (QS. Quraisy: 3-4).

 

Allohu Akbar  Allohu Akbar Wa Lillahil Hamdu!

‘Aidin Rawuh ‘Aidat Rohimakumulloh!

Katilu, kasucian akhlaq, moral jeung laku lampah. Saba’da ngalaksanakeun ibadah shaum Romadlon sabulan campleng jeung saba’da urang mibanda kaberesihan jiwa nu dicirian ku Idul Fitri nu hartina balik kana kasucian, urang oge kudu mampuh ngaraksa kaberesihan jeung kasucian akhlaq, moral jeung laku lampah urang. Sabab ibadah anu loba eta moal aya hartina lamun teu bisa ngabentuk prilaku, akhlaq jeung moral nu hade jeung pinuji.

Rosululloh SAW kantos kengeng iber ti para sahabat ngeunaan hiji awewe nu getol sholat, shaum tur shodaqoh bari dilakukeun kalawan hade, hade dina hartian lain bae anu wajib nu sunnah oge dilakukeun, tapi manehna masih resep nganyenyeri tatangga, Rosululloh SAW ngadawuh: “Eta awewe téh bakal jadi pangeusi naraka”.

Sabalikna nalika aya awewe anu lain ahli sholat, shaum jeugn shodaqohna oge saukur nu wajib-wajib wungkul, tapi manehna daria jeung bear manah ka tatangga, Rosululloh ngadawuh: “Eta awewe bakal jadi pangeusi sawarga”.

Disagedengeun kasampurnaan iman hiji jalma eta minton dina akhlaqna. Pidawuh Rosululloh; “Satemenna jalma anu iman nu sampurna imanna nyaeta anu hade akhlaqna jeung laku lampahna”.

Ibadah shaum Romadlon nu ku urang dilakonan sabulan campleng, salah sahiji tujuanana nyaeta ngabentuk akhlaq, moral jeung laku lampah pinuji minangka eunteung tina kataqwaan.

Diantara akhlaq nu luhur tur mulya nyaeta adil, nempatkeun manusa dina kalungguhan anu sajajar, utamana dina pasualan hukum. Alloh ngadawuh: “Yeuh jalma-jalma anu ariman! Maranehn kudu jadi jalma-jalma anu nanjeurkeun bebeneran karana Alloh, jadi saksi anu adil, jeung poma lamun aya kaheuheul maraneh ka hiji kaom, ulah ngalantarankeun maraneh teu adil. Maraneh kudu ngalampahkeun kaadilan, karana kaadilan leuwih deukeut kana taqwa. Jeung sing taqwa maraneh ka Alloh. Saestuna Alloh Maha Uninga kana saniskara nu ku maraneh dipilampah”. (Al-Maidah: 8).

Mudah-mudahan urang kaasup golongan jalma anu nyaho kana bebeneran tur bisa ngalaksanakeunana, jeung nyaho kana kabatilan sangkan bisa nyinglarkeunana. Nepika cita-cita urang dina nanjeurkeun agama Alloh di ieu bumi bisa buru-buru kahontal. Amin.

 

 

Dimuat di Majalah Bina Da’wah No. 319

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...