Bagikeun ka Lapak Facebook

Sastra SundaDrama SundaRebo, 11 Juli 2012 22:32

Panganteur Longser DURIAT BEJAD

Ku Dhipa Galuh Purba

 

 

 

 

 

TEU pati loba, grup atawa kelompok Téater nu konsistén ngagarap naskah-naskah basa Sunda, boh dina winangun Téater Modern, Longsér, Sandiwara Sunda, jeung séjén-séjén deui. Komo deui anu ngalibetkeun generasi ngora mah, kawasna masih kaitung langka. Ku ayana kitu, kacida perelu diajénan tarékah Téater Sunda Kiwari (TSK) anu nepi ka kiwari masih rutin ngayakeun Féstival Drama Sunda (FDBS), unggal dua taun sakali. Saperti anu digelar taun 2008, Féstival Drama Sunda  diiluan ku 71 patandang. Puguh baé leuwih undak batan FDBS taun 2006 (diiluan ku 53 patandang) atawa atun 2004 (diiluan ku 40 patandang).

 

Tina 71 kelompok téh, leuwih ti satengahna diwengku ku para rumaja anu masih kénéh diuk dina bangku SMP jeung SMA. Para rumaja beuki réa nu kahudang sumangetna pikeun milu ngamumulé basa Sunda, nya salahsahijina ku cara aub ngagarap téater anu ngagunakeun basa Sunda. Tétéla basa Sunda ogé bisa dijieun basa gaul anu henteu dianggap tinggaleun jaman. Kalayan “PD”, para rumaja ngasongkeun ngaran-ngaran kelompokna, kayaning “Wawanén”, “Téroris”, “Gémbél Élite”, “Patih”, “Senapati”, jsté.

 

Lain baé jumlah patandangna anu undak téh, da kualitas pagelaranana ogé milu undak. Hartina, lain saukur hayang méjéng dina panggung, da kaciri ladang tina prosés anu daria, inopatip, reumbeuy ku kréativitas, tur réa impropisasi anu calakan. Sajabana ti kitu téh, dibarengan ku ngagedurna sumanget “getih ngora”. Kalintang loyogna Téater Sunda Kiwari dilélér sertifikat ti MURI (Musieum Rékor Indonésia) anu ka 3070, minangka pangajen kana kagiatan Festival Drama Basa Sunda (FDBS) nu diayakeun 20 poé noron, ti tanggal 11 Februari-1 Maret 2008. Nurutkeun Paulus Pangka, Manajer MURI, kagiatan FDBS minangka festival drama basa daerah sa-Indonesia panglilana, malah saalam dunya.

 

Nilik kana antusias generasi ngora kana Pintonan nu ngagunakeun Basa Sunda, aya saenyay harepan pikeun kalumangsungan pintonan Basa Sunda sacara umum. Teu perelu madungdengkeun wanda pintonanna dingaranan naon jeung bungkeuleukanana siga kumaha. Nu penting mah naon rupa nu pintonan nu ngagunakeun Basa Sunda, sakurang-kurangna geus bisa némbongkeun mun yén lalampahan Basa Sunda téh katingalina panjang kénéh.

 

Rupaning rarancang  pikeun ngamumulé Seni Sunda atawa ngalahirkeun ré-generasi dina seni Sunda, mémang mindeng pisan diayakeun. Didiskusikeun, diseminarkeun, diupadungdengkeun, méh taya anggeusna. Hanjakalna, kalolobaanna mah tara dibarengan jeung prak-na. Barang diskusi atawa seminar bubar, nya programna ogé miluan bubar. Padahal nyéboran sirung-sirung anyar téh kalintang pentingna. Komo deui dina mangsa globalisasi cara kiwari, jati kasilih ku junti téh teu pamohalan bakal kajadian, upama taya tarékah nu nyata.

 

Teu kudu lahuta heula saheulaanan mah, nu penting mah kumaha carana  ngahudang rasa kataji atawa kareueus para nonoman Sunda kana kabudayaan sorangan. Nya diantarana ngawanohkeun pintonan ku Basa Sunda di sakola-sakola atawa di paguron luhur. Sugan jeung sugan, ku jalan mindeng nga-afrésiasi pintonan Basa Sunda, antukna jadi kataji tur reueus (deui) ngagunakeun basa Sunda dina pakumbuhan hirup sapopoé.

 

Para  nonoman ogé kudu dibéré kalaluasaan pikeun ngagunakeun basa Sunda anu demokratis, henteu diusengker ku aturan itu-ieu, henteu dibeungbeuratan ku tumpukan undak-usuk. Keun baé ngagunakeun basa Sunda saayana, sanajan henteu "nyunda", batan henteu pisan. Mémang jalma-jalma  nu arogan jeung nganggap basa Sunda maranéhna pangbenerna, bakal nganggap ieu tarékah minangka awal tina ruksakna basa Sunda. Tapi ngarah generasi ngora kataji ku basa Sunda, diperlukeun hiji proses, jeung tangtuna kudu leuwih ngarti kana dunya para nonoman.

 

Mémang ngahirupkeun deui sumanget seni tradisi mah henteu cukup ku ngayakeun seminar atawa wangkongan séjénna, sanajan ngawangkong ogé puguh baé penting. Héabna budaya deungeun anu ngakar di Pasundan, geus ngalantarankeun ajén seni tradisi Sunda méh kasingkirkeun. Padahal kacanggihan teknologi, lain hiji alesan pikeun leungitna jati diri Ki Sunda. Malah ku ayana hal éta, ajén seni tradisi Sunda bisa leuwih weweg tur nanjeur kalayan mekar dina ngolah wanda kréasina. Sabab kasenian rayat Sunda bisa makalangan saluyu jeung kamajuan jaman. Nya  contona mah kasenian longsér nepi ka kiwari, tétéla masih kénéh dipikaresep.

 

Saulas “Duriat Bejad”

Dunya beuki kolot. Globalisasi, emansipasi, Modernisasi geus mawa kahirupan ka nu leuwih maju. Hanjakalna sagala rupa anu datangna ti barat kurang disaring kalayan daria. Budaya anu teu cocog jeung adat katimuran geus nerekab tur ngakar ka masarakat Sunda. Jati Kasilih Ku Junti bisa baé lain saukur babasan. Tapi bisa kanyataan. Lamun geus kitu, tinangtu bakal kaleungitan ajén jati diri anu sayakti. Moal boga tatapakan pikeun ngalengkah. Bangsa anu rohaka, nyaéta bangsa anu miara tur ngalestarikeun budayana sorangan.

 

 “Duriat Bejad” ukur nginjeum judul anu realis, da eusina mah henteu béak dipaké nyaritakeun 'duriat'. Kuwu Éon kabungbulengan ku Néng Susi. Hanjakalna Néng Susi kakara kawin ka Jang Isud. Tapi sanajan kitu, kuwu Éon tetep merekedeweng, malah ngucurkeun dana ka tilu urang usung-ésangna (Sarmud, Ukro, jeung Sarkowi) pikeun nyulik Néng Susi. Salian ti éta, Kuwu Éon ogé nitah nyéwa pasukan démontrasi sangkan pamaksudanana bisa tinekanan, bisi aya nu ngahalang-halang.

 

Sanggeus Néng Susi diculik, sobat-sobat salakina ngumpulkeun massa pikeun nyieun ngadémo Kuwu Eon. Dina paméntana, sajabana ménta dibébaskeun Néng Susi, nu démo téh nitah Kuwu Éon turun tina jabatan kuwu. Kuwu Éon sabenerna keur nyanghareupan hiji perkara anu kacida beuratna. Sabab pamajikanana boga kahayang nu lain-lain tur kalintang bejadna. Tapi kangaranan longsér, tangtu baé tara leupas tina banyol jeung gogonjakan.

 

Pamungkasna, ieu naskah longsér anu dipidangkeun dina buku, mugia baé aya mangpaatna. Sabab salila ieu, lain sakali-dua kali para nonoman anu ngarasa bingung maluruh naskah longsér. Aya éta ogé anu ngahajakeun sumping ku rorompok, rék ménta naskah longsér pikeun digarap tur dipagelarkeun. Aya ogé anu ngaliwatan e-mail. Ku kituna, ieu naskah longsér téh geus kungsi dipagelarkeun ku sababaraha grup téater. Anu masih kénéh émut téh diantarana kungsi dipidangkeun ku Sanggar Seni Damar Bumi Citraloka di Landmark Convention Hall, Jl. Braga 129 Bandung jeung di STSI (Sekolah Tinggi Seni Indonésia) Bandung, dina acara Parade Longsér 2001 jeung di Landmark Convention Hall, Jl. Braga 129, Bandung, dina acara Pameran Buku Bandung 2001. Jadi, Kanggo pakumpulan kasenian atawa sanggar seni anu badé ngagarap ieu naskah, sumangga diwidian, kalebet ngawidian bilih badé dirévisi atanapi diluyukeun ku sutradarana. Simkuring moal nuhunkeun honor, nanging panuhun henteu ngicalkeun nami pangarangna. Hatur nuhun.

 

Pamungkasna, moal weléh kapopohokeun, hatur nuhun pisan ka sobat-sobat kuring nu sacara iklas kungsi ngarojong pagelaran ieu longsér. Daria nyorang prosés tug nepi ka digelarna ieu longsér DURIAT BEJAD. Moal, moal poho… kalayan dina kaayaan “koréh-koréh cok”, urang tetep sumanget ngagarap longsér, hayang milu ngamumulé kasenian Sunda. Tong boro ngahasilkeun, apan saréréa ogé kalah boborot ngaluarkeun duit séwang-séwangan, papatungan, pikeun ngawujudna ieu pagelaran. Kuring sorangan, harita, nepi ka ngagadékeun motor awahing ku hayang ngawaragadan ieu pagelaran. Mangsa latihan, cikopi sagelas ku limaan, udud sabungkus ku sapuluh urang, jeung réa-réa deui pait peuheur nu kaalaman ku urang. Tong hariwang, perjuangan jeung pangorbanan urang, pasti bakal kapetik hasilna dina hiji mangsa.

Anu jadi pamaén dina longsér DURIAT BEJAD harita téh, diantarana: Sanny Ferryanny (l. Bandung, 19 September 1984), Dody Otong (l. Bandung, 7 Juli 1978), Mia Ocktavia  (l. Bandung, 23 Oktober 1982), Yunar Festovik (l. Bandung, 11 Maret 1981), Hendrayana Sumpena (l. Bandung, 5 Maret 1983), Bambang H (l. Bandung,  5 Mei 1981),  Riyanti Rachmat (l. Sumedang, 10 Januari 1983), Intan Riesna Yuswana (l. Ciamis), Adji Pandji  (l.Bandung, 22 November 1980), Kurnia Akew, Syaeful Rahman  (l. Jakarta, 4 Januari 1979), Winda Windiana, Ela, Hanny, Mega, Ade Gelar, Novi Legistina, Adin Windiana, Den Frank, Didin-Deden, Novi, Andi RS, emh… saha deui nya? Duh… hampura bisi aya nu henteu katulis.

 

Sajabana ti pamaén, kuring ogé kacida nganuhunkeunana ka nu geus ngagarap musikna, nyaéta Kang Dodi Satya Ekagustdiman, Iwa Pranawa, jeung réngrénganana. Pon kitu deui ka nu nyumbang tari, nyaéta Melly Marwaty (l. Ciamis, 10 Februari 1981),  jeung Dian Kharismasary. Anu teu kurang pentingna ngarojong, Dadan Sutisna, kungsi ngebon pamaen jeung kungsi milu latihan di lemburna, jaba sok ngaliput pagelaranana kalayan dimuat dina Majalah Manglé. Kalebet Ceu Holisoh ME, nu kantos ngaresensi pagelaran DURIAT BEJAD di Koran Mandiri. Atuh teu kakantun, ka Mamah (Ibu Juju Tatang Suryana), anu bumina sok dianggo latihan, tangtos kagandéngan. Kuring saparakanca sering pisan ngaririweuh mamah, di Kompleks Bumi Panyileukan, Blok. A.2 No. 14, Bandung. Husus kuring, sajabana ti sok ngaririweuh ngiring latihan téh, sok sakantenan ngiring… neda deuih. Harita, kuring mémang sok idek-liher di bumi mamah, geus dianggap bagéan ti kulawarga mamah.

 

Kamarana atuh ayeuna sobat-sobat téh? Nu kasusud laratanna ukur sababaraha urang. Aji Panji (ayeuna geus kawin ka Hanny, kalayan digawé di PT. Inti, tur jadi Juragan Kost di Cipadung), Iwa Pranawa jeung Yunar Festovik (ayeuna ngaguruan di Cianjur), Dody Otong (ayeuna jadi praktisi kabarét), Kurnia Akew (ayeuna keur nganggeuskeun kuliah di Jurusan Jurnalistik UIN SGD), Adin Windiana (Ayeuna jadi pulisi kriminal, mancén di Cianjur), Mia Ocktavia (ayeuna jadi penyiar di Radio Dahlia FM), Didin atawa Dédén (ayeuna jadi presenter di Bandung TV), Andi RS (ayeuna jadi crew film di Jakarta), Intan Riesna Yuswana (kungsi kontak dina telepon sawatara waktu kaliwat. Cenah mah ayeuna digawé di Jakarta), Syaeful, Sanny, Mega, Bambang, Novi Leigistina, (masih sok manggihan di Panyileukan). Nu séjénna mah duka, asa geus heubeul pisan teu aya laratanna.

 

Pokona mah hatur nuhun ka sadayana. Mugia Alloh SWT ngaganjar ku kasaéan anu langkung munel. Dimana waé ayeuna ngarancik, mugia salawasna aya dina panangtayungan Alloh SWT, Amiiin. Atuh anu tos tipayun ngantunkeun urang, sobat urang nu dipicinta, nu suksés merankeun tokoh Mang Amanta dina longsér NASKAH PROKLAMASI, nyatana IMAN ARI FEBRUARY (14 Februari 1976- 6 September 2001), mugia sing diperenahkeun di tempat mulya mungguhing Alloh SWT, Amiiin.

 

 

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Senén, 03 Fébruari 2014 19:50

    fathan

    ya allah meni seer pisan kajahatan...
  • Senén, 27 Januari 2014 16:44

    agus sofyan

    Simkuring mani hoyong maca carios sunda ti ngawitan Gumilar , Wijana, sibuntung jago tutugan tug dugi ka Jaka santang..mani...
  • Jumaah, 24 Januari 2014 19:20

    yudha

    Tumaros, dimana tiasa mendakan buku Si Buntung Jago Tutugan? hatur nuhun pisan....
  • Jumaah, 24 Januari 2014 11:05

    Nandan Kusmanagiri

    Wilujeng makalangan, langkung pogot sigana upami tos aya aplikasi dina android...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 19:18

    Erwin Kusumah

    Kang dupi wawaran perkawis FDBS teu ditayangkeun di...
  • Jumaah, 03 Januari 2014 11:06

    Ai Karlinawati

    Hoyong milarian conto wawacan kanggo murangkalih hanjakal teu aya..hatur nuhun ..Mugia website ieu lana...
  • Saptu, 21 Désémber 2013 14:14

    iklanzoom.com

    Asalamualaiakum dari iklanzoom.com semoga pendidikan Indonesia tambah maju wasalamuaalaikum fresh...
  • Saptu, 02 Novémber 2013 18:31

    Sukinah Boiman

    Alhamdulillah upami di kota Bandung gaduh sakola favorit ngiring bingah, kumargi lami-lami upami basa sunda pada ninggalkeun bisa punah...

Badé ngomén? Mangga klik di ieu.

SN

Jumaah, 05 Désémber 2014 02:44

Parobahan Raperda No 15, Baris Mancegkeun PDAM Tirtawening

(SundaNews, Bandung) Sabada Raperda Parobahan Perda No 15/2009 disahkeun Pansus II DPRD Kota Bandung ahir Agustus 2014, ...
SN

Kemis, 04 Séptémber 2014 09:19

Pansus V DPRD Nargétkeun Bandung Meunang WTP Taun 2015

Sundanew.com, Ketua...
SN

Jumaah, 18 Juli 2014 02:37

Chace jeung Media Nu Sologoto

(SundaNews) Salah sahiji nu penting di Google téh nyaeta fungsi cache. Hiji kontén dina wéb, sanajan geus...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:32

Prabowo Cangcaya Surya Dharma Ali Kalibet Korupsi

(SundaNews, Jakarta) Naon anu diucapkeun ku Capres Prabowo Subianto ngeunaan ditéwakna Suryadharma Alie ku KPK dina...
SN

Rebo, 28 Méi 2014 01:09

Din: “Amien Rais Kuduna Némbongkeun Sikep Negarawan”

(SundaNews) Ketua Umum Pimpinan Pusat Muhammadiyah Muhammad Din Syamsuddin manghanjakalkeun kana sikep Amien Rais anu...